Pindah kana eusi

PANANYA BUDAK NGORA

Kumaha Supaya Urang Bisa Teger?

Kumaha Supaya Urang Bisa Teger?

 Anjeun téh jalma nu cukup teger? Anjeun . . .

  •   pernah ditinggal maot ku jalma nu dipikanyaah?

  •   boga panyakit nu teu cageur-cageur?

  •   pernah keuna musibat alam?

 Ceuk para ahli, urang butuh kategeran téh lain waktu keur boga masalah nu gedé wungkul. Masalah sapopoé ogé bisa nyieun urang jadi strés jeung gering. Jadi, teu sual masalah urang leutik atawa gedé, urang kudu diajar supaya bisa jadi jalma nu teger.

 Naon kategeran téh?

 Kategeran téh kamampuh pikeun nyanghareupan parobahan jeung kasukeran dina kahirupan. Jalma nu teger gé pasti boga waé masalah. Bisa waé pas nyanghareupanana mah beurat, tapi manéhna tetep pengkuh jeung ayeuna jadi leuwih teger.

Siga tangkal nu bisa tanjeur deui sanggeus katarajang topan, urang gé bisa pulih deui tina kaayaan nu susah

 Ku naon urang perlu diajar jadi teger?

  •   Sabab unggal jalma pasti boga masalah. Ceuk Alkitab, ”Nu tarik lumpatna ge tara salawasna meunang balap . . . anu boga kamampuh tara salawasna meunang pangkat luhur, kawantu aya apesna masing-masing.” (Pandita 9:11) Naon palajaranana? Jalma nu bener gé bisa keuna masalah sanajan lain ku kasalahan sorangan.

  •   Sabab lamun urang teger, éta bisa ngalindungan urang. Ceuk saurang guru, ”Ayeuna beuki loba murid nu datang ka kantor. Maranéhna ceurik bari ambek-ambekan, ngan ku lantaran nilaina goréng atawa aya nu ngagogoréng manéhna di média sosial.” Guru éta gé ngomong sabenerna masalahna asa teu pira, tapi mun ieu waé teu bisa disanghareupan, engkéna maranéhna bisa ”keuna rupa-rupa panyakit mental jeung émosi.” a

  •   Sabab lamun urang teger, mangpaatna keur ayeuna jeung pas engké déwasa. Dr. Richard Lerner nulis ngeunaan parasaan kuciwa. Ceuk manéhna, ”Jelema déwasa nu suksés téh moal ulukutek dina masalah jeung kasedih, tapi bisa néangan cara séjén atawa nyieun tujuan anyar.” b

 Kumaha supaya urang bisa jadi jalma nu teger?

  •   Pisahkeun masalah-masalah urang. Urang kudu diajar ngabédakeun mana masalah nu leutik jeung nu gedé. Ceuk Alkitab, ”Lamun jalma palung pundung, sok terus nangarkeun maneh. Ari nu lantip mah tahan ku pangweweleh.” (Siloka 12:16) Ulah jadi strés ku unggal masalah nu aya.

     ”Di sakola babaturan abdi sok ngagedé-gedékeun masalah. Geus kitu maranéhna dipapanas ku babaturanana dina média sosial, éta nyieun kaayaan jadi beuki parah. Maranéhna jadi teu bisa ngabédakeun mana masalah nu leutik jeung nu gedé.”—Joanne.

  •   Diajar tina pangalaman batur. Alkitab nyebutkeun, ”Budi akal datangna ti pada jalma, cara waja silih asah jeung waja.” (Siloka 27:17) Urang bisa diajar ti jalma-jalma nu pernah nyanghareupan masalah nu beurat.

     ”Sok cobaan ngobrol jeung batur. Engké bakal nyaho geura, aya gé jelema-jelema nu pernah boga masalah nu beurat. Tapi ayeuna maranéhna teu kumaha-kumaha. Tanyakeun cara nyanghareupanana, naon nu dilakukeun jeung nu henteu.”—Julia.

  •   Sing sabar. Ceuk Alkitab, ”Jalma jujur mah sakumaha seringna tibeubeut oge moal weleh menyat deui.” (Siloka 24:16) Teu kabéh kaayaan bakal mulus, bisa waé teu sarua jeung nu dipiharep. Jadi, mun sedih gara-gara éta, éta mah wajar. Urang perlu diajar pikeun narima kaayaan siga kitu. Anu penting mah urang ”menyat deui” atawa hudang deui.

     ”Lamun urang sedih, tenang wé haté jeung émosi urang bisa pulih deui. Tapi éta butuh waktu. Abdi geus ngalaman, ku waktu mah, lila-lila gé parasaan abdi bisa bungah deui.”—Andrea.

  •   Ulah poho muji sukur. Ceuk Alkitab, ”Aranjeun kudu muji sukur.” (Kolosa 3:15) Teu sual sakumaha gedé masalah urang, pasti aya waé alesan pikeun muji sukur. Cik pikirkeun tilu hal alus nu aya dina hirup urang.

     ”Biasana mun keur susah, urang sok ngomong, ’Ku naon nya abdi téh kieu?’ Tapi, lamun jalma nu teger mah moal terus ulukutek dina éta masalah. Urang bakal muji sukur kana hal-hal alus nu dipiboga jeung mikirkeun naon nu bisa dilakukeun.”—Samantha.

  •   Kudu ngarasa puas. Rasul Paulus ngomong, ”Geus biasa sim kuring mah hirup ku saaya-aya, geus diajar.” (Pilipi 4:11) Paulus teu bisa ngadalikeun hal-hal goréng nu kaalaman ku manéhna. Tapi, manéhna bisa ngadalikeun réaksina. Paulus boga tékad pikeun terus ngarasa puas.

     ”Mun keur aya masalah, abdi sok jadi négatif. Jadi abdi ayeuna hayang bisa leuwih positif dina sagala kaayaan. Pasti engké aya mangpaatna keur abdi jeung jalma-jalma di sakurilingeun abdi.”—Matthew.

  •   Ngadoa. Ceuk Alkitab, ”Pasrahkeun kasusah maneh ka Allah, Mantenna tangtu ngaraksa; Mantenna moal ngantep jelema bener eleh.” (Jabur 55:23) Ngadoa téh lain saukur ”obat penenang”. Ieu téh komunikasi enyaan jeung Gusti nu nyiptakeun jeung ”anu ngurus” urang.—1 Petrus 5:7.

     ”Abdi teu sorangan. Abdi bisa nyaritakeun sakabéh masalah abdi ka Gusti. Abdi ogé bisa nganuhunkeun berkah nu geus ditarima. Jadi, abdi bisa positif deui, da mikiran berkah-berkah ti Yéhuwa. Doa téh ngabantu pisan!”—Carlos.

a Tina buku Disconnected, tulisan Thomas Kersting.

b Tina buku The Good Teen—Rescuing Adolescence From the Myths of the Storm and Stress Years.