Pindah kana eusi

PANANYA BUDAK NGORA

Bobogohan—Bagian 1: Abdi Geus Siap Can pikeun Bobogohan?

Bobogohan—Bagian 1: Abdi Geus Siap Can pikeun Bobogohan?

Naon bobogohan téh?

  Sababaraha jalma nganggap bobogohan téh ngan keur senang-senang hungkul. Tapi dina ieu artikel, ”bobogohan” téh ngamaksudkeun waktu nu digunakeun ku saurang lalaki jeung saurang awéwé pikeun ningali naha enya maranéhna duaan téh cocog pikeun jadi salaki pamajikan atawa henteu. Jadi bobogohan téh aya tujuanana, lain ngan saukur ngarah aya kabogoh nu merhatikeun urang.

 Dina waktuna engké, anjeun kudu mutuskeun rék kawin atawa rék enggeusan. Jadi mun anjeun rék mulai bobogohan, anjeun geus kudu nyiapkeun diri lamun engkéna kudu nyieun salah sahiji putusan éta.

 Kasimpulan: Mun anjeun geus ngarasa siap pikeun bobogohan, hartina anjeun gé geus kudu siap pikeun perkawinan.

Bobogohan bari jeung teu aya niat pikeun kawin téh sarua siga miluan wawancara pagawéan tapi bari teu aya niat pikeun digawé

Anjeun geus siap can pikeun bobogohan?

  Jalma nu bobogohan téh tujuanana pikeun nikah, jadi pikirkeun sipat anjeun mana nu bakal mawa pangaruh alus jeung mana nu bakal mawa pangaruh goréng pikeun perkawinan. Contona, pék pikirkeun ngeunaan hal-hal di handap ieu:

  •   Hubungan jeung kulawarga. Sikep anjeun ka kolot jeung ka adi lanceuk, hususna waktu keur strés, bisa nunjukkeun bakal kumaha engkéna sikep anjeun ka pasangan hirup.

     Ceuk Alkitab: ”Sagala kakeuheul, kaambek, amarah, sentak sengor, hinaan, jeung sagala nu pikanyerieun kudu disingkirkeun tina diri aranjeun.”—Éfésus 4:31.

     Pék pikirkeun: ’Kira-kira ceuk kolot jeung dulur-dulur abdi, sikep abdi ka maranéhna téh hadé atawa goréng? Waktu béda pandangan jeung maranéhna, abdi masih bisa tenang teu? Atawa kalah ka jadi émosi jeung paadu omong?’

    Mun jeung kolot waé anjeun teu bisa akur, kumaha rék akur jeung pasangan hirup anjeun engkéna?

  •   Daék ngéléhan. Mun geus kawin mah anjeun téh kudu mikirkeun ogé kahayang pasangan hirup jeung kudu daék ngéléhan.

     Ceuk Alkitab: ”Ulah hayang ngeunah sorangan, tapi pikirkeun kapentingan batur.”​—1 Korintus 10:24.

     Pék pikirkeun: ’Abdi téh dikenal sabagé jalma nu keukeuh kana kahayang sorangan atawa henteu? Ceuk batur, abdi téh jalma nu asup akal teu? Naon anu nunjukkeun yén abdi téh jalma nu daék miheulakeun kapentingan batur tibatan kapentingan sorangan?’

  •   Rendah haté. Pasangan nu hadé mah lamun nyieun kasalahan téh daék ngaku jeung daék ménta hampura.

     Ceuk Alkitab: ”Urang kabéh téh sering nyieun salah.”​—Yakobus 3:2.

     Pék pikirkeun: ’Lamun nyieun kasalahan, abdi daék ngaku teu? Atawa osok néang-néang alesan? Waktu aya nu méré naséhat, abdi daék narima teu? Atawa kalah ka jadi keuheul?’

  •   Ngatur duit. Jalma nu bisa ngatur duit bakal bisa nyingkahan salah sahiji sumber masalah dina perkawinan, nyaéta masalah ékonomi.

     Ceuk Alkitab: ”Lamun ti antara maranéh aya nu rék ngabangun munara, tangtu bakal diuk jeung ngitung-ngitung heula biayana, mahi teu nepi ka bérés.”​—Lukas 14:28.

     Pék pikirkeun: ’Abdi téh pinter ngatur duit atawa sok ngahutang? Naon anu nunjukkeun yén abdi téh bijaksana dina ngatur duit?’

  •   Karohanian. Lamun anjeun téh salah saurang Saksi-Saksi Yéhuwa, anjeun kudu boga kabiasaan anu alus, misalna rutin diajar Alkitab jeung hadir dina pasamoan.

     Ceuk Alkitab: ”Bagja jalma-jalma nu ngarasa perlu dibingbing ku Allah.”​—Matius 5:3.

     Pék pikirkeun: ’Abdi ngajaga iman abdi tetep kuat atawa henteu? Naon nu pangpentingna dina kahirupan abdi? Kagiatan rohani atawa nu séjénna?’

 Kasimpulan: Pasangan hirup anjeun téh layak pikeun meunangkeun jalma anu hadé. Lamun anjeun bener-bener upaya pikeun jadi jalma nu hadé, anjeun gé bakal meunangkeun pasangan anu hadé.