Na Allah téh Aya?
Jawaban Alkitab
Aya. Alkitab méré bukti nu nunjukkeun Allah téh aya. Alkitab ngajurung urang maké ”akal” jeung ”pangarti” supaya boga iman ka Anjeunna, teu asal nuturkeun naon nu diajarkeun ku agama. (Rum 12:1, Terjemahan Dunia Baru; 1 Yohanes 5:20) Pikirkeun alesan-alesan ieu nu dumasar kana Alkitab:
Jagat raya nu sakitu rapihna nunjukkeun yén Nu Nyipta téh aya. Alkitab nyebutkeun, ”Imah tangtu aya anu nyieunna, ari saniskara sajagat raya dipidamelna ku Allah.” (Ibrani 3:4) Kekecapan ieu téh katingalina saderhana, tapi loba jalma nu pendidikanna luhur ngarasa, kekecapan ieu téh bener pisan. a
Sabagé manusa, urang téh boga kabutuhan jasmani. Tapi, urang gé hayang nyaho, jang naon urang hirup? Tah dina Alkitab, hal ieu téh disebut ”kabutuhan rohani”. Urang hayang kenal jeung ibadah ka Allah. (Mateus 5:3, Terjemahan Dunia Baru; Wahyu 4:11) Kabutuhan rohani nu urang rasakeun ngabuktikeun Allah téh aya. Éta gé ngabuktikeun Allah Nu Nyipta nyaah ka urang. Ku naon? Sabab Anjeunna hayang urang minuhan kabutuhan rohani éta.—Mateus 4:4.
Dina Alkitab, aya ramalan-ramalan nu ditulis ratusan taun katukang. Éta kabéh jadi kanyataan, percis jiga nu diramalkeun. Ngawujudna ramalan-ramalan éta sacara rinci jeung akurat téh jadi bukti nu kuat yén ramalan-ramalan éta asalna lain ti manusa.—2 Petrus 1:21.
Jalma-jalma nu nulis Alkitab boga pamahaman nu leuwih unggul ngeunaan sains dibandingkeun jeung jalma-jalma sajamanna. Misalna, dina jaman baheula mah loba nu percaya, planét Bumi téh dipunggu ku sasatoan, jiga gajah, bagong, atawa sapi. Tapi, Alkitab nyebutkeun yén Allah ”ngagantungkeun bumi di awang-awang nu suwung”. (Ayub 26:7) Alkitab gé nyebutkeun Bumi téh ”buleud” jiga bal. (Yesaya 40:22, Terjemahan Dunia Baru) Ku naon nu nulis Alkitab bisa nyahoeun kana hal-hal éta? Loba nu percaya, nu nulis Alkitab téh dibéré wahyu ku Allah.
Loba jalma jadi atéis lantaran teu puas kana jawaban-jawaban ngeunaan kahirupan. Tapi, Alkitab bisa ngajawab pananya-pananya nu hésé éta. Misalna: Pan Allah téh Maha Kawasa jeung nyaah ka manusa, naha atuh di Bumi téh loba nu jahat jeung nu sangsara? Ku naon agama téh leuwih sering méré pangaruh goréng tibatan pangaruh alus?—Titus 1:16.
a Misalna, almarhum Allan Sandage, nu baheulana saurang astronom, ngomong, ”Asa mustahil mun jagat raya ujug-ujug aya lantaran kajadian nu kacow. Kudu aya hukum nu ngaturna.” Manéhna nyebutkeun, manéhna mah teu paham Allah téh aya atawa henteu. Tapi, hiji-hijina alesan nu asup akal nu bisa ngajelaskeun ku naon jagat raya téh aya, nya mun aya Nu Nyipta.