Kumaha Pandangan Alkitab ngeunaan Nyaah ka Diri Sorangan?
Jawaban Alkitab
Alkitab ngajelaskeun yén saurang jalma bisa, malahan perlu, mikanyaah dirina sorangan sacara asup akal. Nyaah ka diri sorangan téh kaasup ngarawat diri, ngahargaan diri sorangan, jeung boga harga diri. (Mateus 10:31) Alkitab teu ngajar urang pikeun mentingkeun diri, tapi ngajarkeun pikeun mikanyaah diri sorangan ku cara nu bener.
Saha nu utamana kudu dipikanyaah ku urang?
Nyaah ka Allah téh kudu sapinuh haté. Alkitab ngajarkeun yén paréntah nu pangutamana téh nyaéta, ”Nyaah ka Pangeran Allah maraneh, terus jeung hate.”—Markus 12:28-30; Pamindo 6:5.
Paréntah nu kadua nyaéta, ”Kudu nyaah ka batur kawas ka diri sorangan.”—Markus 12:31; Imamat 19:18.
Dina Alkitab mémang teu aya paréntah pikeun mikanyaah diri sorangan, tapi paréntah pikeun ”nyaah ka batur kawas ka diri sorangan” nyirikeun yén nyaah jeung ngahargaan diri sorangan sacara asup akal téh wajar jeung aya mangpaatna.
Saha nu utamana dipikanyaah ku Yésus?
Yésus saimbang dina mikanyaah Allah, batur, jeung diri sorangan. Anjeunna gé maréntahkeun murid-muridna pikeun nyonto anjeunna.—Yohanes 13:34, 35.
Nu paling dipikanyaah ku anjeunna téh Allah. Anjeunna ogé ngabaktikeun dirina pikeun ngaréngsékeun tugas ti Mantenna. Ceuk anjeunna, ”Kami kudu tumut kana sagala pangersa Rama, supaya kanyaah Kami ka Mantenna kanyahoan ku ieu dunya.”—Yohanes 14:31.
Yésus nyaah ka batur. Éta ditémbongkeun ku cara merhatikeun kabutuhan maranéhna nepi ka réla ngorbankeun kahirupanana.—Mateus 20:28.
Anjeunna ogé nyaah ka diri sorangan ku cara nyadiakeun waktu keur istirahat, dahar, sarta campur gaul jeung murid-murid ogé calon muridna.—Markus 6:31, 32; Lukas 5:29; Yohanes 2:1, 2; 12:2.
Naha leuwih nyaah ka batur téh bakal ngurangan kabagjaan atawa harga diri urang?
Henteu, lantaran urang diciptakeun nyeplés jeung Allah, nu sipat utamana téh kanyaah nu teu mentingkeun diri. (Kajadian 1:27; 1 Yohanes 4:8) Ieu hartina urang dirancang pikeun mikanyaah batur. Mémang nyaah ka diri sorangan téh matak bagja, tapi nu paling ngabagjakeun téh lamun urang leuwih nyaah ka Allah ti batan hal-hal séjénna jeung ngutamakeun nyieun kahadéan ka batur. Ieu luyu jeung kekecapan Alkitab, ”Leuwih bagja mere ti batan nampa.”—Rasul 20:35.
Kiwari, sababaraha jalma mikir yén urang bisa bagja lamun mentingkeun diri sorangan. Keur maranéhna mah ”nyaah ka diri sorangan” téh leuwih penting ti batan ”nyaah ka batur”. Tapi, loba bukti nunjukkeun yén urang bisa leuwih séhat jeung bagja lamun nuturkeun naséhat Alkitab nu bijaksana, ”Ulah hayang senang sorangan, ragangan hate batur.”—1 Korinta 10:24.