Éster 9:1-32

  • Urang Yahudi unggul (1-19)

  • Perayaan Purim ditetepkeun (20-32)

9  Dina poé ka-13 bulan ka-12, nyaéta bulan Adar,* paréntah jeung hukum Raja dijalankeun. Panyangka musuh-musuh mah maranéhna bisa ngéléhkeun urang Yahudi dina poé éta, ari pék téh urang Yahudi nu ngéléhkeun musuh-musuh nu ngaréwaeun ka maranéhna. 2  Di sakabéh propinsi nu dikawasaan ku Raja Ahaswéros, urang Yahudi ngarumpul di kota-kota pikeun ngalawan jalma-jalma nu rék nyilakakeun maranéhna, tapi euweuh nu bisa ngéléhkeun urang Yahudi, sabab sakabéh bangsa sarieuneun ka maranéhna. 3  Sakabéh pajabat propinsi, kapala pamaréntahan, gubernur, jeung jalma-jalma nu ngurus bisnis Raja ngadukung urang Yahudi, sabab maranéhna sarieuneun ka Mordekai. 4  Mordekai jadi jalma penting di istana Raja jeung jadi beuki kasohor di sakabéh propinsi, sabab kawasana beuki téh gedé. 5  Urang Yahudi ngéléhkeun kabéh musuhna ku pedang. Musuh-musuh dipaéhan jeung dibasmi. Kabéh nu ngéwa ka urang Yahudi dikukumaha sakahayang maranéhna. 6  Di Bénténg* Syusyan,* urang Yahudi maéhan 500 jalma. 7  Maranéhna gé maéhan Parsyandata, Dalfon, Aspata, 8  Porata, Adalia, Aridata, 9  Parmasta, Arisai, Aridai, jeung Waizata. 10  Maranéhna téh sapuluh anak lalakina Haman anak Hamédata, musuh urang Yahudi téa. Tapi sanggeus maéhan maranéhna, urang Yahudi teu ngajarah nanaon. 11  Dina poé éta, jumlah nu dipaéhan di Bénténg Syusyan téh dilaporkeun ka Raja. 12  Raja ngomong ka Ratu Éster, ”Di Bénténg Syusyan waé, urang Yahudi geus maéhan 500 jalma jeung sapuluh anak lalakina Haman, komo deui di propinsi-propinsi séjén. Ayeuna naon paménta Enéng? Tangtu dikabul. Enéng hoyong naon deui? Sok, pasti dicumponan.” 13  Éster ngajawab, ”Upami Raja kersa, mugia hukum nu dijalankeun dinten ieu tiasa dijalankeun deui énjing ku urang Yahudi di Syusyan. Salian ti éta, gantung mayit sapuluh anak lalakina Haman dina tihang.” 14  Jadi Raja maréntahkeun supaya éta dilaksanakeun. Paréntahna diumumkeun di Syusyan, tuluy mayit sapuluh anak lalakina Haman digantung. 15  Dina poé ka-14 bulan Adar, urang Yahudi di Syusyan ngarumpul deui tuluy maéhan 300 jalma di Syusyan, tapi teu ngajarah nanaon. 16  Urang Yahudi di propinsi-propinsi séjénna gé ngarumpul jeung ngabéla diri. Maranéhna nyingkirkeun musuh-musuhna, maéhan 75.000 jalma nu ngéwa ka maranéhna, tapi maranéhna teu ngajarah nanaon. 17  Kajadianana téh dina poé ka-13 bulan Adar. Geus kitu dina poé ka-14, maranéhna eureun. Éta téh poé keur pésta jeung suka bungah. 18  Urang Yahudi di Syusyan ngarumpul pikeun ngabéla diri dina poé ka-13 jeung ka-14. Maranéhna eureun dina poé ka-15. Éta téh poé keur pésta jeung suka bungah. 19  Ku sabab kitu, urang Yahudi di kota-kota nu aya di pasisian netepkeun yén poé ka-14 bulan Adar sabagé poé perayaan, nyaéta poé keur pésta jeung suka bungah. Maranéhna gé silih kirim dahareun. 20  Sakabéh kajadianana dicatet ku Mordekai. Manéhna gé ngirim surat resmi ka sakabéh urang Yahudi di sakabéh propinsi nu dikawasaan ku Raja Ahaswéros, boh nu jauh boh nu deukeut. 21  Manéhna maréntahkeun urang Yahudi supaya ngayakeun perayaan unggal taun dina poé ka-14 jeung ka-15 bulan Adar, 22  sabab dina dua poé éta, urang Yahudi bébas ti musuh-musuh. Dina bulan éta gé, ceurik diganti ku seuri, poé keur sungkawa diganti ku poé keur perayaan. Dina perayaan éta, maranéhna pésta jeung suka bungah. Maranéhna gé silih kirim dahareun jeung méré sidekah ka nu miskin. 23  Urang Yahudi satuju pikeun ngayakeun perayaan éta unggal taunna sarta ngajalankeun naon nu ditulis ku Mordekai. 24  Saacanna, Haman anak Hamédata urang Agag nu ngamusuhan ka urang Yahudi, boga rencana jahat pikeun ngabasmi urang Yahudi. Manéhna ngalungkeun Pur, nyaéta undi, supaya urang Yahudi jadi sarieuneun jeung bisa dimusnakeun. 25  Tapi sanggeus Éster ngadep ka Raja, Raja ngaluarkeun surat paréntah nu eusina, ”Rencana jahatna Haman ka urang Yahudi sina malik ka dirina sorangan.” Tuluy, Haman jeung anak-anak lalakina digantung dina tihang. 26  Ku sabab kitu, éta perayaan téh disebut Purim, nu asalna tina kecap Pur.* Ku ayana surat ti Mordekai sarta kajadian nu kasaksian jeung kaalaman ku maranéhna, 27  urang Yahudi mutuskeun yén maranéhna, turunanana, jeung sakabéh nu ngagabung jeung maranéhna wajib ngarayakeun perayaan éta, teu meunang kaliwat. Dina putusanana gé, maranéhna kudu ngajalankeun dua poé perayaan éta unggal taun dina waktu nu geus ditangtukeun sarta kudu ngajalankeun kabéh nu ditulis dina surat Mordekai ngeunaan perayaan éta. 28  Poé-poé éta kudu terus dirayakeun turun-tumurun jeung teu meunang dipopohokeun ku unggal kulawarga di unggal kota jeung unggal propinsi. Perayaan Purim kudu terus dirayakeun ku urang Yahudi sarta teu meunang dipopohokeun ku turunan maranéhna. 29  Geus kitu, Ratu Éster anak Abihail nulis surat nu kadua bareng jeung Mordekai urang Yahudi téa. Ku wewenang maranéhna duaan, perayaan Purim dikukuhkeun. 30  Surat resmi éta dikirimkeun ka sakabéh urang Yahudi di 127 propinsi di wilayah kakawasaan Ahaswéros. Ditulisna ku kekecapan nu nengtremkeun jeung ngayakinkeun 31  pikeun ngukuhkeun perayaan Purim nu kudu dijalankeun dina waktu nu geus ditangtukeun. Éta surat sajalan jeung paréntah Mordekai urang Yahudi téa sarta Ratu Éster, kitu deui jeung putusan urang Yahudi pikeun ngarayakeunana turun-tumurun. Maranéhna gé kudu puasa jeung ngadoa ménta pitulung ti Allah. 32  Paréntah Éster nu ngukuhkeun perayaan Purim ditulis dina hiji buku.

Catetan Tambihan

Tingali Lamp. B15.
Atawa ”Istana”.
Atawa ”Susa”.
”Pur” hartina ”Undi”. Bentuk jamakna téh ”Purim”, nu jadi sebutan keur perayaan urang Yahudi dina bulan ka-12 kalénder agama Yahudi. Tingali Lamp. B15.