Raja-Raja nu Kahiji 13:1-34

  • Nubuat ngeunaan mézbah di Bétel (1-10)

    • Mézbah beulah (5)

  • Abdi Allah teu taat (11-34)

13  Yéhuwa ngutus saurang abdi-Na ti Yéhuda ka Bétel. Harita téh Yéroboam keur nangtung gigireun mézbah, rék meuleum kurban.* 2  Sakumaha nu diparéntahkeun ku Yéhuwa, abdi Allah téh ngomong ku sora nu tarik ka mézbah, ”Hé mézbah, mézbah! Kieu saur Yéhuwa, ’Engké bakal aya budak nu lahir ti turunan Daud, ngaranna Yosia. Manéhna bakal ngajadikeun manéh tempat pikeun ngurbankeun para imam nu ditugaskeun di tempat-tempat pamujaan jeung ngurbankeun jalma nu meuleum kurban* luhureun manéh. Manéhna gé bakal ngaduruk tulang-taléng jalma luhureun manéh.’” 3  Poé éta, abdi Allah méré tanda yén hal-hal éta mémang bakal kajadian. Ceuk manéhna, ”Ieu tanda yén kekecapan éta mémang ti Yéhuwa. Mézbah bakal beulah, lebuna* awur-awuran.” 4  Barang ngadéngé omongan abdi Allah nu bener ka mézbah di Bétel, Yéroboam nu tadina keur ngurban dina mézbah langsung nunjuk abdi Allah éta bari ngomong, ”Téwak éta jelema!” Dak dumadak leungeun manéhna jeger,* teu bisa ditarik deui. 5  Harita kénéh mézbah téh beulah, lebuna awur-awuran, percis sakumaha tanda ti Yéhuwa nu diucapkeun ku abdi Allah nu bener téa. 6  Raja ngomong ka abdi Allah nu bener, ”Tulung, pangnyuhunkeun ka Yéhuwa Allah anjeun ngarah abdi dipikawelas. Pangdoakeun abdi ngarah panangan abdi tiasa cageur deui.” Jadi, abdi Allah nu bener éta ngadoa ka Yéhuwa, ménta sangkan raja dipikawelas. Seug leungeun Raja pulih deui. 7  Tuluy Raja ngomong ka abdi Allah nu bener éta, ”Hayu ka rorompok heula, urang tuang. Engké dipasihan hadiah.” 8  Tapi abdi Allah nu bener éta némbalan kieu, ”Sanajan dipasihan saparo istana Juragan gé, abdi moal ngiring atawa tuang atawa ngaleueut di ieu tempat, 9  sabab Yéhuwa tos masihan paréntah kieu ka abdi, ’Ulah dahar atawa nginum. Terus, engké balikna ulah ngaliwatan jalan nu tadi.’” 10  Jadi, manéhna indit ngaliwatan jalan séjén, henteu ngaliwatan jalan nu diliwatan basa manéhna ka Bétel. 11  Harita téh di Bétel aya hiji nabi nu geus kolot. Putra-putrana téh baralik ka imah, tuluy nyaritakeun sagala nu dilampahkeun ku abdi Allah nu bener téa di Bétel dina poé éta jeung sagala ucapanana ka Raja. Sanggeus ngadéngé caritana, 12  éta nabi nanya, ”Ka jalan mana balikna?” Ku putra-putrana dituduhkeun jalan anu diliwatan ku abdi Allah nu bener ti Yéhuda éta. 13  Geus kitu, manéhna ngomong ka putra-putrana, ”Pasangkeun sadel kana kaldé.” Ku maranéhna dipasangkeun, tuluy éta nabi indit tumpak kaldé. 14  Manéhna nyusul abdi Allah nu bener téa, seug kapanggih handapeun tangkal gedé keur ngiuhan. Tuluy manéhna ngomong kieu, ”Punten, leres anjeun téh abdi Allah nu bener ti Yéhuda?” Dijawabna, ”Sumuhun.” 15  Geus kitu manéhna ngomong, ”Hayu sindang heula ka rorompok, urang tuang.” 16  Tapi dijawabna, ”Hapunten, abdi teu tiasa ngiring. Abdi teu tiasa sindang ka bumi Bapa. Abdi gé teu kénging tuang atawa ngaleueut di dieu, 17  da abdi téh tos diwartosan kieu ku Yéhuwa, ’Ulah dahar atawa nginum di dinya. Engké balikna ulah ngaliwatan jalan nu tadi.’” 18  Ngadéngé kitu, éta nabi ngomong kieu, ”Bapa gé sami, nabi sapertos anjeun. Aya hiji malaikat nepikeun amanat ti Yéhuwa ka Bapa, ’Ajak manéhna ka imah, suguhan dahareun jeung cai.’” Sabenerna éta nabi téh ngabohong. 19  Tungtungna, manéhna milu ka éta nabi, seug dahar jeung nginum di imahna éta nabi. 20  Pas maranéhna keur dariuk kénéh hareupeun méja, Yéhuwa ngucapkeun firman ka nabi nu geus kolot nu mawa balik abdi Allah, 21  seug nabi nu geus kolot téh ngomong kieu ku sora nu tarik ka abdi Allah nu bener ti Yéhuda, ”Saur Yéhuwa, ’Manéh geus ngalanggar paréntah Yéhuwa jeung teu taat ka Yéhuwa, Allah manéh. 22  Manéh kalah ka balik deui, dahar jeung nginum di dieu, padahal geus dibéjaan, ”Ulah dahar jeung nginum.” Ku sabab kitu, mayit manéh moal dikuburkeun di makam karuhun manéh.’” 23  Sanggeus abdi Allah nu bener bérés dahar jeung nginum, nabi nu geus kolot téh masangkeun sadel kana kaldé jang ditumpakan ku nabi nu dibawa ka imahna. 24  Bral abdi Allah téh neruskeun perjalanan. Tapi di tengah jalan, manéhna dirontok jeung dipaéhan ku singa. Mayitna ngajoprak di jalan, ari kaldé jeung singa mah caricing baé gigireunana. 25  Nu laliwat ningali éta mayit ngajoprak di jalan, jeung aya singa gigireunana. Tuluy, maranéhna daratang ka kotana nabi nu geus kolot jeung méré nyaho jalma-jalma di dinya. 26  Barang nabi nu geus kolot téa ngadéngé éta kajadian, manéhna langsung ngomong, ”Éta pasti abdi Allah nu bener, nu ngalanggar paréntah Yéhuwa. Ku Yéhuwa, manéhna diantep sina dirontok jeung dipaéhan ku singa, percis sakumaha ucapan Yéhuwa ka manéhna.” 27  Pok manéhna ngomong ka putra-putrana, ”Pasangkeun sadel kana kaldé.” Seug ku maranéhna dipasangkeun. 28  Bral manéhna indit, seug kapanggih mayit téh ngajoprak di jalan. Aya kaldé jeung singa gigireunana. Éta mayit teu dihakan ku singa, kaldena gé teu dirontok. 29  Éta mayit abdi Allah nu bener téh ditumpakkeun kana tonggong kaldé, tuluy dibawa ka kotana pikeun diceungceurikan jeung dikuburkeun. 30  Ku nabi nu geus kolot téh éta mayit digolérkeun di makamna bari diceungceurikan ku jalma-jalma, ”Duh dulur, karunya teuing!” 31  Bérés nguburkeun, éta nabi ngomong ka putra-putrana, ”Engké mun Bapa geus maot, kuburkeun di ieu makam, di tempat abdi Allah nu bener ieu. Tulang-tulang Bapa réndéngkeun jeung tulang-tulang anjeunna. 32  Ucapan Yéhuwa nu ditepikeun ku anjeunna ngeunaan mézbah di Bétel jeung kabéh kuil di tempat-tempat pamujaan di kota-kota Samaria tangtu bakal kajadian.” 33  Sanggeus kitu gé, angger wéh Yéroboam tetep jahat. Manéhna terus ngangkat jalma-jalma biasa pikeun jadi imam di tempat-tempat pamujaan. Saha waé nu hayang jadi imam, ku manéhna diangkat. Kieu cenah, ”Ieu jalma bakal jadi imam di tempat pamujaan.” 34  Ieu téh dosana kulawarga Yéroboam. Tungtungna maranéhna dimusnakeun sarta teu aya deui di bumi.

Catetan Tambihan

Dina basa Ibrani, istilah ieu bisa ogé ngamaksudkeun ngaduruk dupa.
Dina basa Ibrani, istilah ieu bisa ogé ngamaksudkeun ngaduruk dupa.
Atawa ”lebu nu aya gajihna”, nyaéta lebu nu pacampur jeung gajih sato nu dikurbankeun.
Atawa ”garing; lumpuh”.