Raja-Raja nu Kahiji 18:1-46

  • Élia manggihan Obaja jeung Ahab (1-18)

  • Élia jeung nabi-nabi Baal di Gunung Karmél (19-40)

    • ”Midua haté” (21)

  • Paceklik eureun sanggeus tilu taun satengah (41-46)

18  Dina taun katilu, Yéhuwa ngucapkeun firman ka Élia, ”Jung panggihan Ahab, sabab Kuring rék nurunkeun hujan ka bumi.” 2  Jadi Élia indit manggihan Ahab. Harita, kalaparan di Samaria téh kacida parahna. 3  Ahab ngageroan Obaja, pangawas istana raja. Obaja téh hormat* pisan ka Yéhuwa. 4  Waktu Izebél maéhan nabi-nabi Yéhuwa, Obaja nyumputkeun 100 nabi di dua guha, unggal guha 50 nabi. Manéhna gé nyadiakeun dahareun jeung cai keur maranéhna. 5  Ahab ngomong kieu ka Obaja, ”Jung indit ka cinyusu-cinyusu jeung lebak-lebak* nu aya di ieu nagri, sugan aya kénéh jujukutan supaya kuda jeung bagal* urang teu paraéh, jeung supaya sasatoan urang teu paéh kabéh.” 6  Seug duanana ngabagi-bagi daérah nu rék didatangan. Bral Ahab indit ka jalan nu itu, Obaja ka jalan nu ieu. 7  Pas keur di perjalanan, Élia papanggih jeung Obaja. Obaja wawuheun ka Élia, tuluy sujud jeung ngomong kieu, ”Leres Juragan téh Élia?” 8  Dijawab ku Élia, ”Muhun. Jung béjakeun ka juragan manéh, ’Élia aya di dieu.’” 9  Tapi Obaja ngomong kieu, ”Abdi téh gaduh dosa naon dugi ka Juragan badé masrahkeun abdi ka Ahab ngarah dipaéhan? 10  Demi Yéhuwa nu hirup, Allah Juragan, Juragan téh tos dipilarian ka saban bangsa jeung karajaan ku Ahab juragan abdi. Waktu bangsa jeung karajaan éta nyebutkeun Juragan téh teu aya, maranéhna dipiwarang sumpah ku Ahab yén leres Juragan téh teu kapendak. 11  Ari ayeuna abdi dipiwarang ngawartosan juragan abdi, ’Élia aya di dieu.’ 12  Engké upami abdi angkat ti dieu, Juragan bakal dicandak ku kawasa suci Yéhuwa, duka ka mana. Hanas abdi ngawartosan Ahab, ari pék téh Juragan teu kapendak, nya puguh atuh abdi dipaéhan. Abdi téh hormat* ka Yéhuwa ti ngongora. 13  Juragan teu dipasihan terang kitu? Waktu Izebél maéhan nabi-nabi Yéhuwa, 100 nabi Yéhuwa téh disumputkeun ku abdi di jero dua guha, 50 unggal guhana. Abdi gé terus nyadiakeun tuangeun sareng cai kanggo maranéhna. 14  Ari ayeuna abdi dipiwarang ngawartosan juragan abdi, ’Élia aya di dieu.’ Atuh abdi pasti dipaéhan ku Ahab.” 15  Seug Élia ngomong kieu, ”Demi Yéhuwa Allah nu hirup, pangawasa pasukan sorga nu dilalayanan ku abdi,* poé ieu abdi sorangan nu bakal manggihan Ahab.” 16  Jadi, Obaja indit manggihan Ahab jeung ngabéjaan hal éta, tuluy Ahab indit manggihan Élia. 17  Barang ningali Élia, manéhna ngomong kieu, ”Tah, ieu nu nyababkeun Israél sangsara téh.” 18  Dijawab ku Élia, ”Lain abdi nu nyababkeun Israél sangsara mah, tapi anjeun jeung kulawarga bapa anjeun, nu teu taat kana paréntah-paréntah Yéhuwa jeung kalah ka nuturkeun Baal. 19  Ayeuna mah sok kumpulkeun sadaya urang Israél di Gunung Karmél. Kumpulkeun ogé 450 nabi-nabi Baal jeung 400 nabi-nabi nu nyembah tihang berhala, nyaéta nu dalahar dina méja Izebél.” 20  Jadi, Ahab ngirim pesen ka kabéh urang Israél jeung ngumpulkeun nabi-nabi éta di Gunung Karmél. 21  Tuluy Élia nyampeurkeun jalma-jalma éta jeung ngomong kieu, ”Rék nepi ka iraha maranéh midua haté? Lamun Yéhuwa téh Allah nu bener, sok tuturkeun. Tapi lamun Baal nu bener, nya sok tuturkeun!” Jalma-jalma ngabaretem baé, teu némbalan nanaon. 22  Geus kitu, Élia ngomong kieu ka maranéhna, ”Ngan kuring hiji-hijina nabi Yéhuwa, ari nabi-nabi Baal aya 450. 23  Ayeuna mah bawa dua sapi jalu ngora. Engké nabi-nabi Baal milih hiji sina dipotong-potong, tuluy teundeun luhureun suluh, tapi ulah diduruk. Sapi nu hiji deui bakal disiapkeun ku kuring jeung diteundeun luhureun suluh, tapi ku kuring moal diduruk. 24  Nabi-nabi Baal kudu sasambat ka ngaran allahna, kuring gé rék sasambat ka nami Yéhuwa. Saha nu ngajawab jeung nurunkeun seuneu, éta Allah nu bener.” Ngadéngé kitu, jalma-jalma ngajawab, ”Satuju.” 25  Sanggeus kitu, Élia ngomong kieu ka nabi-nabi Baal, ”Sok pilih hiji sapi jalu ngora. Siapkeun ti heula, sabab jumlah maranéh leuwih loba. Geus kitu, pék sasambat ka ngaran allah maranéh, tapi sapina ulah diduruk.” 26  Seug sapi jalu ngora nu dibikeun ka maranéhna téh dicokot, disiapkeun, tuluy maranéhna sasambat kieu ka ngaran Baal ti isuk nepi ka tengah poé, ”Nun Baal, mugi dijawab!” Tapi jempling, euweuh nu ngajawab. Maranéhna teterusan tingalajrug ngurilingan mézbah jieunan maranéhna. 27  Pas tengah poé, Élia moyokan maranéhna jeung ngomong kieu, ”Sok ngagorowok satarik-tarikna! Ongkoh Baal téh allah! Meureun manéhna keur ngalamun atawa keur miceun.* Atawa, meureun manéhna keur saré, kudu aya nu ngahudangkeun!” 28  Maranéhna ngagorowok satarik-tarikna bari ngabesétan awakna ku péso belati jeung tumbak sakumaha kabiasaanana, nepi ka baloboran getih. 29  Sanggeus liwat tengah poé, maranéhna beuki kaédanan. Kitu terus nepi ka waktuna ngabaktikeun kurban kadaharan pasosoré. Tapi angger jempling, euweuh nu ngajawab, euweuh nu ngadéngékeun maranéhna. 30  Tungtungna, Élia ngomong kieu ka kabéh jalma, ”Sok ka darieu.” Seug jalma-jalma ngadareukeutan. Tuluy manéhna ngoméan mézbah Yéhuwa nu geus ancur. 31  Geus kitu, Élia nyokot 12 batu, nu ngalambangkeun jumlah kaom putra-putrana Yakub, sabab Yéhuwa pernah ngomong kieu ka Yakub, ”Ayeuna ngaran manéh jadi Israél.” 32  Éta batu-batu téh disusun, dijadikeun mézbah keur nami Yéhuwa. Sakuriling mézbah ku Élia digali, dijieun solokan. Éta solokan téh rada gedé, mahi jang nebarkeun binih dua takeran.* 33  Sanggeus suluhna diéntép, sapi jalu ngora téh dipotong-potong, seug diteundeun luhureun suluh. Manéhna ngomong, ”Eusian cai kana opat wadah gedé, tuluy banjurkeun kana kurban beuleuman jeung suluhna.” 34  Terus ceuk manéhna, ”Deui.” Jadi ku maranéhna dilampahkeun deui. Sakali deui manéhna ngomong, ”Sok deui.” Ku maranéhna dilampahkeun nepi ka tilu kali, 35  jadi caina ngalir ka sakuriling mézbah. Solokanana gé dieusian ku cai. 36  Kira-kira waktuna ngabaktikeun kurban kadaharan pasosoré, Élia ngadeukeutan mézbah tuluy sasambat, ”Nun Yéhuwa, Allahna Ibrahim, Ishak, jeung Israél, mugia dinten ieu jalmi-jalmi tarerang yén Gusti téh Allah di Israél, sarta abdi téh hamba Gusti nu ngalampahkeun sadaya paréntah Gusti. 37  Jawab abdi, nun Yéhuwa! Jawab abdi supaya jalmi-jalmi ieu tarerang yén Gusti téh Yéhuwa, Allah nu bener, sarta nu ngersakeun haté maranéhna marulang deui ka Gusti.” 38  Gur Yéhuwa nurunkeun seuneu. Kurban beuleuman, suluh, batu-batu, taneuh, jeung cai dina solokan béak kaduruk. 39  Barang nempo kitu, bruk jalma-jalma sarujud, breng ngarucap, ”Yéhuwa téh Allah nu bener! Yéhuwa téh Allah nu bener!” 40  Élia ngomong ka maranéhna, ”Téwak nabi-nabi Baal téh! Ulah aya nu kabur!” Éta nabi-nabi téh langsung ditaréwakan, tuluy dibawa ku Élia ka walungan* di Kisyon, seug diparaéhan di dinya. 41  Élia ngomong kieu ka Ahab, ”Jung angkat, geura tuang jeung ngaleueut. Tah, sada hujan tos ngaguruh.” 42  Ahab indit, seug dahar jeung nginum, ari Élia mah naék ka puncak Gunung Karmél. Di dinya Élia sujud, sirahna aya di antara dua tuurna. 43  Geus kitu, Élia ngomong ka palayanna, ”Cing punten, geura naék tingali ka laut.” Jadi palayanna naék tuluy ningali ka laut. Ceuk manéhna, ”Teu aya nanaon da.” Tujuh kali Élia ngomong, ”Coba tingali deui.” 44  Pas katujuh kalina, palayanna ngomong, ”Aya méga* leutik, kawas tapak leungeun jalma, mucunghul ti laut.” Terus Élia ngomong, ”Geuwat béjaan kieu ka Ahab, ’Siapkeun karéta! Geura indit supaya teu kapegat ku hujan!’” 45  Teu sabaraha lila, langit pinuh ku méga hideung, angin ngagelebug, breg hujan ngagebrét gedé pisan. Ari Ahab mah terus tumpak karéta ka Yizréél. 46  Harita, Élia dibéré kakuatan ku Yéhuwa. Ret pakéanana dibeulitkeun ku Élia kana cangkéngna, berebet manéhna lumpat miheulaan Ahab ka Yizréél.

Catetan Tambihan

As. ”sieun”.
Atawa ”wadi-wadi”.
Turunan kaldé jalu jeung kuda bikang.
As. ”sieun”.
As. ”nu payuneun Anjeunna abdi ngadeg”.
Atawa bisa jadi ”atawa keur jalan-jalan”.
As. ”takeran séa”. Tingali Lamp. B14.
Atawa ”wadi”.
Atawa ”awan”.