1 Yahya 2:1-29

  • Isa, korban pikeun ngarukunkeun (1, 2)

  • Nurut kana paréntahna (3-11)

    • Paréntah nu heubeul jeung anyar (7, 8)

  • Alesan nulis surat (12-14)

  • Ulah mikanyaah dunya ieu (15-17)

  • Kudu ati-ati ka musuh Al-Masih (18-29)

2  Anaking, kuring nulis hal-hal ieu ka aranjeun téh supaya aranjeun henteu nyieun dosa. Tapi lamun aya nu nyieun dosa, urang boga panulung* nu aya bareng jeung Bapa, nyaéta Isa Al-Masih, anu lampahna bener téa. 2  Manéhna téh korban nu mupus dosa-dosa urang, ngarah urang rukun deui jeung Allah. Éta téh lain keur dosa urang hungkul, tapi ogé keur dosa jalma-jalma di sakuliah dunya. 3  Lamun urang terus nurut kana paréntah-paréntahna, éta tandana urang kenal ka manéhna.* 4  Jalma nu ngomong, ”Urang kenal ka manéhna,” tapi teu nurut kana paréntah-paréntahna, jalma éta téh tukang bohong jeung teu aya nu bener dina dirina. 5  Sabalikna, saha waé nu nurut kana kekecapanana, kanyaah jelema éta ka Allah téh bener-bener sampurna. Éta tandana urang ngahiji jeung manéhna. 6  Jalma nu ngaku ngahiji jeung manéhna, lampahna kudu nuturkeun lampah manéhna. 7  Dulur-dulur nu dipikanyaah, nu ditulis ku kuring téh lain paréntah anyar, tapi paréntah heubeul nu ditarima ku aranjeun ti mimiti kénéh. Aranjeun pernah ngadéngé paréntah heubeul ieu. 8  Sanajan kitu, nu ditulis ku kuring ka aranjeun téh paréntah anyar nu geus dijalankeun ku manéhna jeung ku aranjeun ogé. Ayeuna, poék geus téréh leungit jeung caang nu sajati geus datang. 9  Jalma nu ngaku aya di nu caang tapi ngéwa ka dulurna, sabenerna aya kénéh di nu poék. 10  Jalma nu nyaah ka dulurna tetep aya di nu caang, jeung euweuh nu matak pidosaeun* dina dirina. 11  Tapi jalma nu ngéwa ka dulurna aya di nu poék jeung hirup di nu poék. Manéhna teu nyaho rék ka mana da panonna teu ningali nanaon lantaran poék. 12  Anaking, kuring nulis ka aranjeun téh lantaran dosa-dosa aranjeun geus dihampura ku karana ngaran manéhna. 13  Bapa-bapa, kuring nulis ka aranjeun téh lantaran aranjeun geus kenal ka manéhna nu geus aya ti mimiti pisan. Barudak ngora, kuring nulis ka maranéh téh lantaran maranéh geus nalukkeun si jahat.* Barudak leutik, kuring nulis ka maranéh téh lantaran maranéh geus kenal ka Allah, Bapa urang. 14  Bapa-bapa, kuring nulis ka aranjeun téh lantaran aranjeun geus kenal ka manéhna nu geus aya ti mimiti pisan. Barudak ngora, kuring nulis ka maranéh téh lantaran maranéh pengkuh jeung firman Allah tetep aya dina haté maranéh, sarta maranéh geus nalukkeun si jahat.* 15  Ulah mikanyaah dunya ieu atawa hal-hal nu aya di dunya. Saha waé nu nyaah ka dunya ieu teu nyaah ka Bapa, 16  sabab sagala nu aya di dunya, nyaéta kahayang jasmani,* kahayang panon, jeung kahayang pikeun mamérkeun* harta banda, asalna lain ti Bapa, tapi ti dunya ieu. 17  Salian ti éta, dunya ieu jeung kahayangna téréh euweuh. Tapi, jalma nu ngalakukeun kahayang Allah bakal hirup salilana. 18  Anaking, ayeuna téh jam nu panungtungan. Aranjeun geus ngadéngé musuh Al-Masih* bakal datang, malah ayeuna geus muncul loba musuh Al-Masih.* Éta bukti ayeuna téh jam nu panungtungan. 19  Maranéhna téh asalna ti urang kénéh, tapi geus ninggalkeun lantaran béda jeung urang. Lamun maranéhna sarua jeung urang mah, maranéhna masih tetep bareng jeung urang. Tapi, maranéhna ninggalkeun téh supaya jadi jelas yén teu kabéh sarua jeung urang. 20  Aranjeun geus dilantik ku Allah Nu Suci, jeung aranjeun kabéh geus nyaho kana bebeneran. 21  Kuring nulis ka aranjeun téh lain lantaran aranjeun teu nyaho kana bebeneran, tapi lantaran aranjeun geus nyaho, jeung lantaran euweuh kabohongan nu asalna tina bebeneran. 22  Saha nu ngabohong téh, lainna jalma nu nolak yén Isa téh Al-Masih? Tah éta musuh Al-Masih* mah, nu nolak Bapa jeung Putra. 23  Saha waé nu nolak Putra moal ditarima ku Bapa. Tapi, saha waé nu ngaku percaya ka Putra bakal ditarima ogé ku Bapa. 24  Ari aranjeun mah, naon nu geus didéngé ti mimiti téh kudu tetep aya dina haté aranjeun. Lamun nu didéngé ti mimiti tetep aya dina haté aranjeun, aranjeun ogé bakal tetep ngahiji jeung Putra sarta ngahiji jeung Bapa. 25  Salian ti éta, ieu nu dijangjikeun ku Anjeunna ka urang, nyaéta hirup langgeng. 26  Kuring nulis ka aranjeun téh lantaran aya nu nyoba-nyoba nyasabkeun aranjeun. 27  Allah geus ngalantik aranjeun ku kawasa-Na, jeung kawasa éta tetep aya dina diri aranjeun, jadi aranjeun teu kudu diajar deui ku sasaha. Kawasa éta téh bener, lain kabohongan, jeung ngajarkeun sagala hal ka aranjeun. Sing tetep ngahiji jeung manéhna, sakumaha nu geus diajarkeun ku kawasa éta ka aranjeun. 28  Jadi anaking, sing tetep ngahiji jeung manéhna, supaya waktu manéhna némbongkeun diri, urang moal asa-asa ngomong, jeung moal ngajauh lantaran éra dina mangsa kahadiranana. 29  Lamun aranjeun apal manéhna téh bener, aranjeun gé apal yén saha waé nu terus ngalampahkeun nu bener téh anak Allah.

Catetan Tambihan

Atawa ”nu ngabéla”.
Kecap ”manéhna” atawa ”-na” di pasal 2 jeung 3 bisa ngamaksudkeun Isa atawa bisa ogé ngamaksudkeun Allah.
As. ”titajong”.
Maksudna, Sétan.
Maksudna, Sétan.
Atawa ”kahayang awak nu dosa”.
Atawa ”ngagul-ngagulkeun”.
Atawa ”antikristus”.
Atawa ”antikristus”.
Atawa ”antikristus”.