2 Samuél 1:1-27

  • Daud ngadéngé Saul maot (1-16)

  • Daud ngawihkeun lagu sedih keur Saul jeung Yonatan (17-27)

1  Sanggeus Saul maot, Daud nu geus ngéléhkeun* urang Amalék balik tuluy cicing di Ziklag salila dua poé. 2  Dina poé nu katilu, datang saurang lalaki ti pakémahan Saul. Bajuna geus disoékkeun, jeung dina sirahna aya taneuh. Barang nyampeurkeun Daud, bruk manéhna sujud. 3  Manéhna ditanya ku Daud, ”Manéh téh ti mana?” Dijawabna, ”Abdi kabur ti pakémahan Israél.” 4  Daud nanya deui, ”Coba caritakeun kumaha kaayaan di ditu?” Ceuk manéhna, ”Para prajurit Israél kalabur ti pangperangan. Loba nu maraot, malah Saul jeung Yonatan putrana gé maot.” 5  Tuluy Daud nanya ka lalaki ngora nu méré nyaho warta éta, ”Manéh nyaho ti mana Saul jeung Yonatan maot?” 6  Lalaki ngora éta némbalan, ”Kabeneran abdi keur aya di Gunung Gilboa. Di ditu abdi ningali Saul nyekel tumbak keur nahan awakna, jaba karéta-karéta perang jeung pasukan musuh nu numpak kuda geus beuki deukeut. 7  Pas anjeunna ngalieuk ningali abdi, abdi disauran. Saur abdi téh, ’Kulan?’ 8  Terus abdi ditanya, ’Manéh téh saha?’ Dijawab ku abdi, ’Abdi urang Amalék.’ 9  Saur anjeunna, ’Sok ka dieu, paéhan urang. Urang keur nyeri pisan, tapi teu paéh-paéh.’ 10  Jadi ku abdi téh disampeurkeun tuluy dipaéhan. Abdi apal, anjeunna moal salamet da kaayaanana tos parah pisan. Geus kitu, makutana dicandak ku abdi tina mastakana, kitu ogé geulang tina pananganna. Yeuh ku abdi dipasihkeun ka Juragan.” 11  Ngadéngé kitu, Daud nyoékkeun bajuna, kitu ogé jeung jalma-jalma nu bareng jeung manéhna. 12  Maranéhna ceurik gegerungan tuluy puasa nepi ka peuting. Éta téh lantaran Saul, Yonatan putrana, umat Yéhuwa, sarta loba urang Israél geus maot ku pedang. 13  Daud nanya ka lalaki ngora nu nepikeun warta éta, ”Asal manéh téh ti mana?” Dijawab ku manéhna, ”Abdi téh turunan urang Amalék, penduduk asing di Israél.” 14  Tuluy ceuk Daud, ”Ku naon manéh wawanianan maéhan jalma nu dilantik ku Yéhuwa?” 15  Geus kitu, Daud nitah salah saurang anak buahna, ”Maju, paéhan jelema éta.” Bek éta urang Amalék téh dipaéhan ku anak buahna. 16  Daud ngomong ka urang Amalék éta, ”Manéh paéh téh tanggung jawab manéh sorangan,* lantaran biwir manéh sorangan geus ngaku, ’Abdi maéhan jalma nu dilantik ku Yéhuwa.’” 17  Geus kitu, Daud ngawihkeun lagu sedih ieu pikeun nyeungceurikan Saul jeung Yonatan putrana. 18  Daud nitah supaya urang Yéhuda diajar kawih nu judulna ”Busur Panah”, nu ditulis dina buku Yasyar. 19  ”Duh Israél, jalma-jalma nu mulya maot di tempat-tempat nu luhur. Para prajurit nu perkasa geus gugur! 20  Di Gat ulah diémbar-émbar,Di jalan-jalan Askélon ulah diuar-uar,Bisi anak-anak awéwé Filistin barungah,Bisi anak-anak awéwé jalma nu teu disunatan galumbira. 21  Gunung-gunung Gilboa,Sing teu kaibunan atawa kahujanan. Tanahna sing teu ngahasilkeun dahareun nu bisa disanggakeun ka Allah,Lantaran di dinya taméng jalma-jalma perkasa dihina,Sarta taméngna Saul geus teu diminyakan deui. 22  Busur panah Yonatan jeung pedang Saul lamokot ku getih musuh-musuh,Sarta nubles kana gajih prajurit-prajurit. Busur panah jeung pedang maranéhna teu pernah gagal. 23  Saul jeung Yonatan, dipikanyaah jeung dipikadeudeuh* saumur hirupna,Duanana teu kapisahkeun ku ajal. Aranjeunna leuwih gancang tibatan heulang,Sarta leuwih kuat tibatan singa. 24  Mojang-mojang Israél, ceungceurikan Saul. Anjeunna geus ngabajuan maranéh ku baju beureum sarta méré kaméwahan. Anjeunna geus ngahias baju maranéh ku emas. 25  Jalma-jalma anu perkasa geus gugur di pangperangan! Yonatan tiwas di tempat-tempat nu luhur! 26  Abdi sedih pisan kaleungitan anjeun, Yonatan dulur abdi. Abdi téh nyaah pisan ka anjeun. Kanyaah anjeun ka abdi ngalangkungan cintana wanoja. 27  Jalma-jalma nu perkasa geus gugur,Sarta senjata perang geus musna!”

Catetan Tambihan

Atawa ”maéhan”.
As. ”Getih manéh aya dina sirah manéh sorangan”.
Atawa ”dipikaresep”.