2 Samuél 14:1-33
14 Yoab anak Zéruya apaleun Raja téh sono ka Absalom.
2 Jadi Yoab ngirim utusan ka Tékoa sina ngageroan saurang awéwé nu loba akal, kieu pesenna, ”Bisa teu Nyai pura-pura keur sedih? Nyai kudu maké baju keur jalma nu sungkawa, sarta awak Nyai ulah diminyakan. Nyai kudu siga awéwé nu geus lila sungkawa lantaran ditinggal maot.
3 Engké Nyai ngadep ka Raja ngomong kieu.” Tuluy Yoab méré nyaho manéhna kudu ngomong naon.
4 Awéwé Tékoa éta ngadep ka Raja tuluy sujud, pok ngomong, ”Nun Raja, tulungan abdi!”
5 Raja nanya, ”Aya masalah naon?” Dijawabna, ”Duh Raja, abdi téh randa. Carogé abdi tos maot.
6 Abdi gaduh dua budak lalaki, duanana garelut di tegalan teu aya nu misahkeun, dugi ka salah sahijina maot.
7 Gusti, sadaya kulawarga abdi ngalawan abdi. Ceuk maranéhna, ’Serahkeun jalma nu maéhan dulurna, urang paéhan. Kajeun manéhna ahli waris gé, da bonganna manéhna maéhan dulurna!’ Maranéhna badé ngaleungitkeun harepan* abdi nu ngan hiji-hijina.* Mun kitu, nami jeung turunan carogé abdi bakal leungit ti bumi ieu.”
8 Ceuk Raja, ”Sok balik wéh, masalahna engké diurus ku kuring.”
9 Ngadéngé kitu awéwé Tékoa éta ngomong ka Raja, ”Nun Gusti Raja, keun wéh kasalahan budak abdi mah teumbleuhkeun ka abdi sareng kulawarga bapa abdi. Raja sareng turunan Raja nu bakal maréntah mah teu salah.”
10 Ceuk Raja, ”Lamun aya nu ngomongkeun ieu deui ka Nyai, bawa ka dieu, ngarah manéhna teu nyusahkeun Nyai deui.”
11 Tapi ceuk awéwé éta, ”Mugia Raja émut ka Yéhuwa Allah Raja, supaya jalma nu boga hak ngabales henteu ngalakukeun tindakan nu leuwih jahat deui sarta maéhan anak abdi.” Raja némbalan, ”Demi Yéhuwa nu hirup, moal aya salambar-lambar acan buuk anak Nyai nu bakal ragrag kana taneuh.”
12 Geus kitu awéwé éta ngomong, ”Punten Gusti Raja, aya deui nu badé dicarioskeun ku abdi.” Dijawabna, ”Mangga.”
13 Ceuk awéwé éta, ”Ucapan Raja tadi nunjukkeun yén Raja tos ngalampahkeun kasalahan, lantaran Raja henteu mawa balik putra Raja nyalira ti pangasingan. Ku naon Raja téh bet kitu? Éta téh ngarugikeun umat Allah.
14 Mémang urang sadaya téh bakal maot, kawas cai nu dikucurkeun kana taneuh nu teu bisa dikumpulkeun deui. Tapi Allah mah henteu nyabut nyawa manusa. Anjeunna justru milarian cara supaya jalma nu di pangasingan bisa balik deui ka Anjeunna.
15 Abdi ngadep ka Gusti Raja nyarios kieu téh lantaran sieun ku jalma-jalma. Jadi, abdi mikir kieu, ’Mending abdi nyarios ka Raja. Sugan wéh Raja bakal ngabulkeun paménta hambana,
16 sarta ngadangukeun jeung nyalametkeun abdi ti jalma nu rék nyingkirkeun abdi sarta putra abdi ngarah teu narima warisan ti Allah.’
17 Tuluy abdi mikir kieu, ’Mudah-mudahan ucapan Gusti Raja nengtremkeun abdi,’ da Gusti Raja téh kawas malaikat Allah nu bener, nu tiasa ngabédakeun mana nu hadé mana nu goréng. Mugia Yéhuwa Allah Raja nyarengan Raja.”
18 Raja némbalan awéwé éta, ”Kuring rék nanya, sok jawab sajujur-jujurna.” Dijawabna, ”Muhun Gusti Raja, mangga.”
19 Tuluy Raja nanya, ”Nyai téh dititah ku Yoab, nya?” Awéwé éta ngajawab, ”Gusti Raja, demi hirup Raja, éta téh leres. Abdi dipiwarang ku Yoab hamba Raja, sarta dipapatahan ku anjeunna kedah nyarios naon.
20 Yoab hamba Raja ngalampahkeun kitu téh supaya pandangan Raja kana masalah ieu barobah, tapi da Gusti Raja mah bijaksana kawas malaikat Allah nu bener sarta terang sagala kajadian di nagri ieu.”
21 Geus kitu Raja ngomong ka Yoab, ”Nya sok, éta rék dilaksanakeun ku kuring. Jig indit bawa balik Absalom.”
22 Ngadéngé kitu, bruk Yoab sujud tuluy muji Raja. Ceuk Yoab, ”Gusti Raja, ayeuna abdi apal, abdi dipikaresep ku Raja, lantaran Raja ngabulkeun paménta hamba Raja ieu.”
23 Geus kitu Yoab cengkat tuluy indit ka Gésyur pikeun mawa balik Absalom ka Yérusalém.
24 Tapi ceuk Raja, ”Sina balik wéh ka imahna sorangan, tapi teu meunang panggih jeung kuring.” Jadi Absalom balik ka imahna sorangan sarta henteu manggihan Raja.
25 Di Israél, euweuh lalaki nu dipuji-puji kawas Absalom bakating ku kasép-kasépna. Ti sirah nepi ka sukuna téh euweuh cacadna.
26 Unggal dicukur, beurat buukna téh kira-kira 2,3 kilo* ditimbang maké timbangan istana.* Manéhna kudu dicukur unggal ahir taun lantaran manéhna ngarasa buukna téh beurat.
27 Absalom boga tilu budak lalaki jeung hiji budak awéwé nu dingaranan Tamar. Manéhna téh awéwé nu geulis pisan.
28 Absalom cicing di Yérusalém salila dua taun, tapi manéhna can pernah panggih jeung Raja.
29 Jadi Absalom ngageroan Yoab rék dititah ngadep ka Raja, tapi manéhna teu daékeun datang. Geus kitu, Absalom ngageroan Yoab deui, tapi angger manéhna embungeun datang.
30 Ahirna Absalom ngomong ka para palayanna, ”Jig duruk kebonna Yoab. Kebonna téh nu dipelakan barli, aya di gigireun kebon urang.” Jadi para palayanna Absalom ngaduruk kebonna Yoab.
31 Ku kituna, Yoab datang ka imahna Absalom tuluy nanya, ”Ku naon para palayan manéh ngaduruk kebon urang?”
32 Absalom ngajawab, ”Nya ku naon atuh teu datang-datang digeroan téh? Urang rék ngutus manéh ka Raja pangnanyakeun kieu, ’Jang naon abdi kapungkur dititah datang ti Gésyur? Mendingan abdi tetep cicing di ditu. Ayeuna mah idinan abdi pendak sareng Raja. Lamun mémang abdi salah, sok wéh paéhan abdi ku Raja.’”
33 Jadi Yoab indit ka Raja tuluy nepikeun pesenna Absalom. Geus kitu, Raja ngageroan Absalom. Absalom datang tuluy sujud di hareupeun Raja. Absalom dicium ku Raja.
Catetan Tambihan
^ Nyaéta harepan pikeun boga turunan.
^ Atawa ”ruhay abdi nu pangahirna”.
^ As. ”200 syékel”. Tingali Lamp. B14.
^ Bisa jadi ieu téh timbangan nu dipaké di istana, atawa bisa jadi syékel ”karajaan” nu béda jeung syékel biasa.