2 Samuél 18:1-33

  • Absalom éléh tuluy maot (1-18)

  • Daud dibéré nyaho yén Absalom geus maot (19-33)

18  Terus Daud ngitung pasukan nu milu jeung manéhna, tuluy ngangkat para pamingpin nu ngapalaan sarébu urang jeung saratus urang. 2  Geus kitu pasukan téh ku Daud dibagi jadi tilu kelompok. Sapertilu dipingpin ku Yoab, sapertilu dipingpin ku lanceukna Yoab, nyaéta Abisyai anak Zéruya, jeung sapertiluna deui dipingpin ku Ittai urang Gat. Ceuk Raja ka pasukanna, ”Kuring gé rék milu perang jeung maranéh.” 3  Tapi ceuk maranéhna, ”Ulah, Raja. Lamun abdi sadaya kalabur atawa satengahna tiwas, éta moal dianggap ku musuh. Tapi ari Raja mah sabanding jeung 10.000 prajurit. Jadi, saéna mah Raja ngirim bantuan ka abdi sadaya ti kota.” 4  Raja ngajawab maranéhna, ”Kumaha hadéna wéh, ku kuring diturut.” Jadi Raja nangtung di gigireun gerbang kota, ari sakabéh pasukan kalaluar, boh kelompok nu sarébu boh kelompok nu saratus. 5  Tuluy Raja maréntahkeun kieu ka Yoab, Abisyai, jeung Ittai, ”Kadé, Absalom ulah dikasaran, sabab manéhna téh anak kuring nu dipikanyaah.” Paréntah Raja ka para pamingpin éta kadéngé ku sakabéh pasukan. 6  Pasukan éta kaluar ti kota rék ngalawan Israél. Maranéhna perang di leuweung Éfraim. 7  Di dinya, pasukan Israél diéléhkeun ku anak buahna Daud. Aya loba pisan nu tiwas poé éta, nyaéta 20.000 urang Israél. 8  Perang nyebar ka sakuliah daérah éta. Dina poé éta, nu tiwas cilaka di leuweung leuwih loba tibatan nu tiwas ku pedang. 9  Ahirna Absalom paamprok jeung anak buahna Daud. Ningali kitu Absalom kabur, tapi bagal nu ditumpakan ku manéhna ngaliwatan tangkal gedé nu loba dahanna. Buukna ngait kana dahan-dahan éta, manéhna ngagantung, ari bagalna mah terus wéh lumpat. 10  Aya nu ningalieun tuluy ngabéjaan Yoab, ”Abdi ningali Absalom ngagantung dina tangkal gedé.” 11  Ceuk Yoab ka manéhna, ”Ari geus ningali kitu, ku naon teu langsung dipaéhan di dinya ku manéh? Pasti manéh dibéré sapuluh duit pérak jeung beubeur ku urang.” 12  Tapi manéhna ngomong kieu ka Yoab, ”Sanajan abdi dipasihan 1.000 duit pérak, abdi teu wani nyerang putra Raja, sabab abdi sadaya ngadangu paréntah Raja ka anjeun, Abisyai, jeung Ittai, ’Saha waé teu meunang nyilakakeun Absalom.’ 13  Upami abdi teu taat nepi ka maéhan manéhna, éta tangtu kanyahoan ku Raja. Anjeun gé moal ngabélaan abdi.” 14  Ngadéngé kitu Yoab ngomong, ”Ah, méakeun waktu ngomong jeung manéh mah!” Geus kitu, manéhna nyokot tilu tumbak* tuluy indit manggihan Absalom nu hirup kénéh jeung ngagantung dina tangkal gedé. Bles jantung Absalom ditubles. 15  Jol sapuluh palayan nu mawa senjatana Yoab datang tuluy nyerang Absalom nepi ka maot. 16  Geus kitu, Yoab niup tarompét tanduk tanda perang kudu eureun. Jadi pasukanna teu ngudag urang Israél deui. 17  Mayit Absalom diturunkeun tuluy dialungkeun kana lombang gedé di éta leuweung. Bru dibugbrugan ku batu nu loba pisan. Ari sakabéh urang Israél kalabur ka imahna masing-masing. 18  Waktu hirup kénéh, Absalom nyieun tugu keur manéhna sorangan di Lebak Raja, da ceuk manéhna, ”Kuring téh teu boga anak lalaki nu bisa neruskeun ngaran kuring.” Jadi tugu éta dingaranan ku ngaranna sorangan, sarta disebut Tugu Absalom nepi ka ayeuna. 19  Ahimaaz anak Zadok ngomong kieu ka Yoab, ”Yéhuwa tos adil ka Raja sarta ngabébaskeun anjeunna ti musuhna, ku kituna idinan abdi lumpat nepikeun warta ieu ka Raja.” 20  Tapi Yoab ngajawab, ”Ulah poé ieu nepikeun wartana, poé séjén mah pék baé, sabab putra Raja geus maot.” 21  Tuluy Yoab nitah ka salah sahiji urang Kus, ”Jung béjakeun ka Raja naon nu disaksian ku manéh.” Urang Kus éta dongko ka Yoab, beretek lumpat. 22  Ahimaaz anak Zadok ngomong deui ka Yoab, ”Rék kumaha ogé engkéna, idinan abdi lumpat nuturkeun urang Kus éta.” Tapi ceuk Yoab, ”Rék naon milu lumpat, Jang? Pan teu aya warta nu kudu ditepikeun.” 23  Tapi manéhna keukeuh, ”Rék kumaha ogé engkéna, idinan abdi lumpat.” Jadi ceuk Yoab, ”Nya jig atuh!” Beretek Ahimaaz lumpat ngaliwatan Lebak Yordan,* teu lila urang Kus téa kapiheulaan. 24  Ari Daud harita keur diuk di antara dua gerbang kota. Aya saurang panjaga nu naék ka luhureun gerbang nu nyambung jeung témbok. Manéhna ningali aya saurang jalma nu keur lumpat. 25  Jadi panjaga téh ngagorowok ngabéjaan Raja. Raja ngomong kieu, ”Lamun sorangan, manéhna mawa béja.” Waktu jalma éta beuki deukeut, 26  panjaga téh ningali aya saurang deui nu lumpat. Tuluy panjaga éta ngomong ka nu ngajaga gerbang, ”Tuh aya saurang deui nu lumpat!” Ceuk Raja, ”Manéhna gé mawa béja.” 27  Ceuk panjaga éta, ”Tina cara lumpatna mah jalma nu mimiti téh siga Ahimaaz anak Zadok.” Jadi ceuk Raja, ”Manéhna mah jalma bageur, pasti mawa béja alus.” 28  Geus kitu, Ahimaaz ngomong ka Raja ku sora nu tarik, ”Aya béja alus!” Bruk manéhna sujud di hareupeun Raja. Ceuk manéhna, ”Mugia Yéhuwa Allah Raja dipuji, lantaran Anjeunna geus nyerahkeun jalma nu barontak ka Gusti Raja!” 29  Tapi Raja nanya, ”Ari Absalom anak kuring teu ku nanaon, pan?” Ahimaaz ngajawab, ”Waktu Yoab ngutus hamba Raja sareng abdi, abdi ningal aya nu ribut-ribut, tapi duka aya naon.” 30  Jadi ceuk Raja, ”Nya geus manéh nyisi, nangtung di dieu.” Ngadéngé kitu Ahimaaz nurut. 31  Geus kitu, urang Kus téa nepi. Ceuk manéhna, ”Gusti Raja mangga tampi warta ieu: Dinten ieu Yéhuwa tos adil ka Raja. Raja dibébaskeun ti jalma-jalma nu barontak ngalawan Raja.” 32  Tapi Raja ngomong ka urang Kus éta, ”Ari Absalom anak kuring teu ku nanaon, pan?” Urang Kus éta ngajawab, ”Mugia sakabéh musuh Gusti Raja sarta sakabéh nu barontak rék nyilakakeun Raja jadi kawas budak ngora éta!” 33  Raja jadi sedih. Manéhna naék ka kamar loténg di luhureun gerbang, segruk baé ceurik. Bari leumpang manéhna ngomong kieu, ”Duh Absalom anaking, anaking, Absalom anaking! Mending ogé Bapa nu maot, anaking, Absalom anaking!”

Catetan Tambihan

Atawa bisa jadi ”anak panah”. As. ”tongkat”.
As. ”daérah éta”.