2 Samuél 3:1-39

  • Kulawarga Daud beuki kuat (1)

  • Anak-anak lalaki Daud (2-5)

  • Abnér jadi mihak ka Daud (6-21)

  • Yoab maéhan Abnér (22-30)

  • Daud nyeungceurikan Abnér (31-39)

3  Kulawarga Saul jeung kulawarga Daud perang teu eureun-eureun. Kulawarga Daud beuki kuat, ari kulawarga Saul mah beuki lemah. 2  Di Hébron, Daud boga sababaraha anak lalaki. Nu cikal téh Amnon anak Ahinoam urang Yizréél. 3  Nu kadua Khiléab anak Abigail randana Nabal urang Karmel. Nu katilu Absalom anak Maaka putri Talmai raja Gésyur. 4  Nu kaopat Adoniya anak Hagit. Nu kalima Syéfatia anak Abital. 5  Nu kagenep Itréam anak Égla pamajikan Daud. Maranéhna téh anak-anak Daud nu lahir di Hébron. 6  Salila kulawarga Saul perang jeung kulawarga Daud, kakawasaan Abnér di kulawargana Saul beuki gedé. 7  Saul téh boga selir nu ngaranna Rizpa anak Aya. Ka dieunakeun, Is-bosyét nanya ka Abnér, ”Ku naon anjeun bet saré jeung selir bapa abdi?” 8  Ngadéngé omongan Is-bosyét, Abnér kalah ka ambek pisan. Ceuk manéhna, ”Mémangna urang téh anjing* Yéhuda? Nepi ka poé ieu, urang geus satia* ka kulawargana Saul bapa manéh, ka dulur-dulurna, jeung ka sobat-sobatna. Urang gé teu ngahianatan manéh. Manéh teu diserahkeun ka Daud ku urang. Tapi ayeuna, gara-gara hiji awéwé waé, manéh rék nyalahkeun urang? 9  Urang sing dihukum sabeurat-beuratna ku Allah lamun urang teu ngadukung Daud, da Yéhuwa geus sumpah ka manéhna yén 10  pamaréntahan ti kulawarga Saul rék dialihkeun ka Daud. Daud bakal dijadikeun raja nu maréntah Israél jeung Yéhuda, ti Dan nepi ka Béér-syéba.” 11  Lantaran sieun ka Abnér, Is-bosyét cicing, teu wani némbalan. 12  Abnér gancang ngirim utusan ka Daud, kieu pesenna, ”Saha nu ngawasaan nagri ieu?” Manéhna neruskeun, ”Sok jieun perjangjian jeung abdi, engké abdi bakal ngupayakeun sabisa-bisa supaya sakabéh Israél mihak ka anjeun.” 13  Daud ngajawab, ”Satuju! Kuring daék nyieun perjangjian jeung anjeun. Paménta ti kuring mah ngan ieu: Anjeun ulah wani-wani manggihan kuring lamun anjeun henteu mawa Mikhal anakna Saul.” 14  Tuluy Daud ngirim pesen kieu ka Is-bosyét anak Saul, ”Pulangkeun Mikhal pamajikan kuring, da kuring geus méré maskawin 100 kulit khitan urang Filistin.” 15  Seug Is-bosyét ngirim utusan pikeun mawa Mikhal ti salakina, Paltiel anak Lais. 16  Tapi salakina terus nuturkeun Mikhal, bari ceurik sajajalan nepi ka Bahurim. Geus kitu, Abnér ngomong ka manéhna, ”Jung geura balik!” Kakara manéhna balik. 17  Abnér ngirim pesen kieu ka para kokolot Israél, ”Ti baréto, aranjeun hayang Daud jadi raja aranjeun. 18  Sok laksanakeun ayeuna, sabab Yéhuwa geus ngomong ka Daud, ’Ku jalan Daud hamba Kuring, Kuring rék nyalametkeun Israél umat Kuring ti urang Filistin jeung sakabéh musuhna.’” 19  Geus kitu, Abnér ngomong ka urang Bényamin. Tuluy Abnér ngomong duaan jeung Daud di Hébron. Abnér méré nyaho naon nu geus disatujuan ku Israél jeung kabéh urang Bényamin. 20  Waktu Abnér bareng jeung 20 jalma datang ka Daud di Hébron, Daud ngayakeun pésta keur maranéhna. 21  Geus kitu, Abnér ngomong ka Daud, ”Idinan abdi ngumpulkeun kabéh Israél supaya ngadukung Gusti Raja. Jadi maranéhna daék nyieun perjangjian jeung anjeun sarta anjeun bakal jadi raja keur sakabéh bangsa Israél.” Jadi Abnér diidinan indit ku Daud. Manéhna teu dikukumaha ku Daud. 22  Teu lila, Yoab jeung pasukan Daud balik sanggeus ngajarah. Maranéhna mawa loba pisan hasil jarahan. Abnér geus teu bareng deui jeung Daud di Hébron, da geus diidinan indit ku Daud sarta teu dikukumaha. 23  Waktu Yoab sarta pasukan nu bareng jeung manéhna datang, Yoab dibéjaan, ”Abnér anak Nér datang ka Raja, sarta ku Raja diidinan indit jeung teu dikukumaha.” 24  Jadi Yoab datang ka Raja tuluy ngomong kieu, ”Ku naon Raja bet kitu? Abnér geus datang ka Raja, tapi naha ku Raja bet disina lolos? 25  Geus nyaho pan Abnér anak Nér téh jalma nu siga kumaha! Manéhna ka dieu téh rék ngabobodo Raja, sarta hayang nyaho rencana jeung naon waé nu dilakukeun ku Raja.” 26  Sanggeus ninggalkeun Daud, Yoab ngirim utusan ka Abnér. Ku maranéhna Abnér dibawa balik ti sumur Sira, tapi Daud mah teu nyaho nanaon. 27  Waktu Abnér balik deui ka Hébron, ku Yoab manéhna dibawa ka gigir gerbang, api-apina rék diajak ngomong duaan. Ari pék téh bles beuteung Abnér ditubles ku Yoab, tuluy Abnér maot. Yoab kitu téh lantaran Abnér geus maéhan* Asahél adina. 28  Waktu ngadéngé hal ieu, Daud ngomong, ”Yéhuwa terang, Abnér anak Nér dipaéhan téh lain salah kuring jeung karajaan kuring. 29  Keun balukarna sina ditanggung ku Yoab jeung sakabéh kulawarga bapana. Di kulawargana Yoab, sing terus aya jalma anu katerap ku panyakit kelamin atawa kusta, lalaki nu jadi tukang tinun,* jalma nu dipaéhan ku pedang, atawa jalma nu kalaparan!” 30  Kitu caritana Yoab jeung Abisyai lanceukna maéhan Abnér, lantaran Abnér geus maéhan Asahél adi maranéhna basa perang di Gibéon. 31  Geus kitu, Daud ngomong ka Yoab sarta ka kabéh jalma nu bareng jeung manéhna, ”Soékkeun baju maranéh, paké kaén goni, tuluy ceungceurikan Abnér.” Raja Daud leumpang di tukangeun pasaran.* 32  Ku maranéhna Abnér dikubur di Hébron. Raja ceurik meni tarik di makamna Abnér, kabéh jalma gé milu ceurik. 33  Daud ngawihkeun lagu sedih keur Abnér: ”Naha Abnér téh maotna kawas jalma nu bodo? 34  Leungeun anjeun teu ditalian,Suku anjeun gé teu diranté.* Anjeun maot kawas jalma nu dipaéhan ku para penjahat.”* Geus kitu, jalma-jalma nyeungceurikan Abnér deui. 35  Pas beurang kénéh, jalma-jalma datang nyampeurkeun Daud tuluy méré roti supaya haténa kaupahan,* tapi Daud sumpah, ”Kuring sing dihukum sabeurat-beuratna ku Allah lamun kuring ngasaan roti atawa naon waé saacan panonpoé surup!” 36  Éta diperhatikeun ku kabéh jalma sarta katarimana hadé. Maranéhna resep kana sagala nu dilakukeun ku Raja. 37  Jadi, poé éta sakabéh anak buah Daud jeung urang Israél nyaho, Abnér anak Nér maot téh lain salah Raja. 38  Tuluy Raja ngomong ka para palayanna, ”Teu apal kitu nu maot poé ieu téh saurang pamingpin nu hébat di Israél? 39  Sanajan kuring geus dilantik jadi raja, poé ieu kuring teu boga kakuatan keur ngalawan anak-anak Zéruya lantaran maranéhna téh kejem pisan. Kajahatan jalma jahat sing dibales ku Yéhuwa.”

Catetan Tambihan

As. ”sirah anjing”.
Atawa ”nunjukkeun asih nu satia”.
As. ”demi getihna”.
Bisa jadi ngamaksudkeun lalaki cacad nu kudu ngagawékeun pagawéan awéwé.
Atawa ”tandu keur ngagotong mayit”.
Atawa ”teu diranté ku tambaga”.
As. ”putra-putra nu teu bener”.
Atawa ”méré roti sungkawa”.