Dua Babad 30:1-27

  • Hizkia ngayakeun Paskah (1-27)

30  Hizkia ngirim pesen ka sakuliah Israél jeung Yéhuda, malah nulis surat ka Éfraim jeung Manasyé ogé. Eusina téh nyaéta paréntah pikeun datang ka bumina Yéhuwa di Yérusalém jeung ngarayakeun Paskah keur Yéhuwa Allah Israél. 2  Tapi Raja, para pajabat, jeung sakumna jamaah di Yérusalém geus mutuskeun rék ngarayakeun Paskah dina bulan kadua. 3  Kitu téh lantaran maranéhna teu bisa ngarayakeunana dina waktu nu biasana, sabab kakurangan imam nu geus nyucikeun diri. Rahayat gé can karumpul di Yérusalém. 4  Raja jeung sakumna jamaah satujueun kana hal éta. 5  Jadi, maranéhna mutuskeun pikeun méré pangumuman ka sakuliah Israél, ti Béér-syéba nepi ka Dan. Rahayat dititah datang jeung ngarayakeun Paskah keur Yéhuwa Allah Israél di Yérusalém, sabab salila ieu maranéhna tara ngarayakeunana babarengan saperti nu diparéntahkeun dina hukum. 6  Ku paréntah Raja, bral para utusan téh indit ka sakuliah Israél jeung Yéhuda bari mawa surat ti Raja jeung para pajabat. Ieu eusina, ”Urang Israél, geura marulang ka Yéhuwa Allahna Ibrahim, Ishak, jeung Israél, supaya Anjeunna gé nyarengan deui jalmi-jalmi nu nyésa, nu salamet ti raja-raja Asiria. 7  Ulah kawas karuhun sareng dulur-dulur aranjeun nu teu satia ka Yéhuwa Allah karuhunna, nu matak Allah ngadatangkeun musibat. Jalmi-jalmi nu ningali éta jadi sarieuneun, sakumaha nu kasaksian ku aranjeun. 8  Ulah baredegong kawas karuhun aranjeun. Sing narurut ka Yéhuwa, geura daratang ka tempat suci-Na nu tos disucikeun ku Anjeunna salamina. Aranjeun kudu ngalalayanan Yéhuwa Allah aranjeun, sangkan amarah-Na nu ngagedur sirna. 9  Upami aranjeun marulang ka Yéhuwa, dulur-dulur sareng murangkalih aranjeun bakal dipikarunya ku nu ngaboyongna sarta bakal diidinan mulang ka ieu tanah, da Yéhuwa téh Allah nu karunyaan sareng welas asih. Upami aranjeun marulang ka Anjeunna, Anjeunna moal nukangan aranjeun.” 10  Bral para utusan téh arindit ka kota-kota di sakuliah tanah Éfraim jeung Manasyé, malah nepi ka Zébulon, tapi ngadon diseungseurikeun jeung dipoyok ku urang dinya. 11  Sanajan kitu, aya jalma-jalma ti Asyér, Manasyé, jeung Zébulon nu ngarendahkeun dirina tuluy datang ka Yérusalém. 12  Ku berkah Allah nu sajati, Yéhuda ngahiji* dina ngajalankeun paréntah Raja jeung para pajabat, nu luyu jeung firman Yéhuwa. 13  Dina bulan kadua, jalma-jalma ambreg ka Yérusalém pikeun ngayakeun Perayaan Roti nu Teu Diragian. Nu daratang téh kacida lobana. 14  Mézbah allah-allah palsu di Yérusalém disingkir-singkirkeun ku maranéhna. Sakabéh mézbah dupa gé disingkirkeun sarta dialungkeun ka Lebak Kidron. 15  Dina poé ka-14 bulan ka-2, sasatoan keur kurban Paskah dipareuncitan ku maranéhna. Para imam jeung urang Léwi jadi kacida aréraeunana. Ku kituna, maranéhna nyucikeun diri sarta mawa kurban beuleuman ka bumina Yéhuwa. 16  Maranéhna narangtung di tempat nu geus ditangtukeun, luyu jeung Hukum Musa, hamba Allah nu sajati. Geus kitu, getih kurban nu dibikeun ku urang Léwi téh ku para imam diképrét-képrétkeun kana mézbah. 17  Ti antara jamaah téh loba nu can nyucikeun diri. Jadi, urang Léwi ditugaskeun pikeun meuncitan kurban Paskah demi kabéh jalma nu can nyucikeun diri. Éta dilampahkeun ngarah jalma-jalma bisa nyucikeun diri hareupeun Yéhuwa. 18  Loba pisan jalma, utamana ti Éfraim, Manasyé, Isakhar, jeung Zébulon, nu can nyucikeun diri tapi milu dahar jamuan Paskah. Éta téh teu sajalan jeung nu ditulis dina hukum. Sanajan kitu, Hizkia ngadoa kieu keur maranéhna, ”Mugia Yéhuwa, Allah nu bageur, ngahampura 19  saha waé nu gaduh tékad pikeun ngalalayanan Yéhuwa, Allah nu sajati, Allah karuhunna, sanajan éta jalmi can disucikeun sakumaha aturan ngeunaan susuci.” 20  Yéhuwa ngadéngékeun doa Hizkia. Anjeunna ngahampura jalma-jalma éta. 21  Jadi, urang Israél nu aya di Yérusalém saruka bungah ngayakeun Perayaan Roti nu Teu Diragian salila tujuh poé. Urang Léwi jeung para imam muji Yéhuwa unggal poé. Maranéhna sumanget pisan narabeuh alat musik keur Yéhuwa. 22  Salian ti éta, Hizkia ngomong jeung nguatkeun sakabéh urang Léwi nu bijaksana dina ngalalayanan Yéhuwa. Kabéh jalma dalahar salila tujuh poé perayaan. Maranéhna gé ngabaktikeun kurban karukunan jeung ngucap sukur ka Yéhuwa Allah karuhunna. 23  Geus kitu, sakabéh jamaah mutuskeun rék neruskeun perayaan éta tujuh poé deui. Jadi, maranéhna ngarayakeun tujuh poé deui bari saruka bungah. 24  Hizkia raja Yéhuda nyumbangkeun sapi jalu 1.000 jeung domba 7.000 keur jamaah, ari para pajabat nyumbangkeun sapi jalu 1.000 jeung domba 10.000. Harita, loba pisan imam nu nyucikeun diri. 25  Sakumna jamaah Yéhuda, para imam, urang Léwi, jeung urang asing nu matuh di Yéhuda saruka bungah. Kitu deui jeung nu daratang ti tanah Israél, kaasup urang asing nu maratuh di dinya. 26  Yérusalém pinuh ku kabagjaan, sabab ti jaman Sulaéman anak Daud jadi raja Israél, can pernah aya perayaan nu siga kieu di Yérusalém. 27  Ahirna, para imam Léwi narangtung jeung ngaberkahan rahayat. Sora maranéhna kadéngé ku Allah. Doa maranéhna tepi ka sorga, panglinggihana-Na nu suci.

Catetan Tambihan

As. ”sahaté”.