Raja-Raja nu Kadua 17:1-41
17 Dina taun ka-12 pamaréntahan Ahaz raja Yéhuda, Hosyéa anak Élah jadi raja Israél di Samaria. Manéhna maréntah salila salapan taun.
2 Manéhna terus ngalampahkeun nu jahat dina pandangan Yéhuwa, tapi teu parah-parah teuing cara raja-raja Israél saacanna.
3 Hiji waktu, Syalmanésér raja Asiria nyerang manéhna. Ku kituna, Hosyéa jadi palayanna jeung kudu mayar upeti ka manéhna.
4 Ka dieunakeun, Hosyéa sakongkol pikeun ngalawan raja Asiria. Hosyéa ngirim utusan jeung ménta tulung ka So raja Mesir. Manéhna gé geus teu méré upeti deui ka raja Asiria kawas saacanna. Sanggeus kanyahoan ku raja Asiria, Hosyéa ditahan di panjara.
5 Raja Asiria nyerang sakuliah éta nagri. Geus kitu, manéhna ka Samaria tuluy ngepung éta kota salila tilu taun.
6 Raja Asiria ngarebut Samaria dina taun kasalapan pamaréntahan Hosyéa. Manéhna ngaboyong urang Israél ka Asiria pikeun dijadikeun tawanan. Maranéhna dititah matuh di Hala, di Habor deukeut Walungan Gozan, jeung di kota-kota urang Média.
7 Ieu téh kajadian lantaran urang Israél geus dosa ka Yéhuwa Allah maranéhna, padahal Anjeunna téh geus mawa maranéhna budal ti Mesir sarta ngabébaskeun maranéhna tina genggeman Firaun raja Mesir. Maranéhna kalah ka nyembah* ka allah-allah séjén,
8 nuturkeun kabiasaan bangsa-bangsa nu diusir ku Yéhuwa ti hareupeun Israél, sarta nuturkeun kabiasaan nu dimimitian ku raja-raja Israél.
9 Urang Israél terus ngalampahkeun nu teu bener dina pandangan Yéhuwa Allah maranéhna. Maranéhna terus ngabangun tempat-tempat pamujaan di sakabéh kota, ti munara jaga nepi ka kota nu dibénténgan.*
10 Maranéhna terus ngadegkeun pilar-pilar berhala jeung tihang-tihang berhala di unggal pasir* nu luhur jeung handapeun tangkal nu gomplok daunna.
11 Di sakabéh tempat pamujaan, maranéhna terus meuleum kurban sakumaha nu dilampahkeun ku bangsa-bangsa nu diusir ku Yéhuwa ti hareupeun maranéhna. Maranéhna terus ngalampahkeun nu jahat pikeun nganyenyeri haté Yéhuwa.
12 Maranéhna terus nyembah ka berhala-berhala nu pikageuleuheun,* padahal geus diomat-omatan kieu ku Yéhuwa, ”Éta teu meunang disembah ku maranéh!”
13 Yéhuwa terus mépélingan Israél jeung Yéhuda ku perantaraan sakabéh nabi jeung para utusan nu dibéré titingalian ku Allah, kieu cenah, ”Geura tarobat tina kalakuan nu jahat! Jalankeun paréntah jeung aturan Kuring, nyaéta sakabéh hukum nu ditepikeun ku Kuring ka karuhun maranéh, nu ditepikeun ogé ka maranéh ku jalan para nabi.”
14 Tapi boro-boro didéngé, nu aya mah maranéhna hareuras beuheung kawas karuhunna nu teu boga iman ka Yéhuwa Allah maranéhna.
15 Maranéhna teu daék nuturkeun aturan sarta perjangjian antara Allah jeung karuhun maranéhna, sagala pépéling teu didéngé. Maranéhna kalah ka nyembah ka berhala-berhala nu euweuh gunana, nu matak maranéhna gé jadi euweuh gunana. Bangsa-bangsa di sakurilingna diturut, padahal éta geus dilarang ku Yéhuwa.
16 Paréntah Yéhuwa Allah maranéhna terus dilanggar. Maranéhna nyieun dua patung anak sapi tina logam jeung hiji tihang berhala. Salian ti éta, maranéhna sujud nyembah béntang-béntang nu aya di langit jeung ngalalayanan Baal.
17 Anak-anakna nu lalaki jeung nu awéwé gé diduruk dijadikeun kurban. Maranéhna ngaramal jeung néangan tanda-tanda, sarta terus ngalampahkeun nu jahat dina pandangan Yéhuwa. Éta kabéh téh pikeun nganyenyeri haté-Na.
18 Yéhuwa kacida ambekna ka Israél, jadi maranéhna disingkirkeun ti hareupeuna-Na, euweuh nu disésakeun, kajaba ti kaom Yéhuda.
19 Tapi, Yéhuda gé teu nuturkeun paréntah Yéhuwa Allah maranéhna. Maranéhna nyonto kabiasaan nu dituturkeun ku Israél.
20 Sakabéh turunan Israél ku Yéhuwa ditolak, direndahkeun, jeung diserahkeun ka musuh-musuh nu ngajarah. Tungtungna, maranéhna disingkirkeun ti hareupeun Anjeunna.
21 Anjeunna misahkeun Israél ti kulawarga Daud tuluy ngalantik Yéroboam anak Nébat jadi raja. Tapi, Yéroboam ngalantarankeun Israél ngajauh ti Yéhuwa sarta ngalampahkeun dosa gedé.
22 Urang Israél terus nuturkeun dosa-dosa nu dimimitian ku Yéroboam. Éta dosa teu disingkahan ku Israél,
23 matakna Yéhuwa nyingkirkeun maranéhna ti hareupeuna-Na, sakumaha ucapan Anjeunna nu ditepikeun ku kabéh nabi-Na. Jadi, urang Israél dibawa ka Asiria jeung ditawan nepi ka ayeuna.
24 Geus kitu, raja Asiria mawa jalma-jalma ti Babilon, Kuta, Awa, Hamat, jeung Séfarwaim sina nyicingan kota-kota di Samaria nu saacanna dicicingan ku urang Israél. Jadi, maranéhna ngawasaan Samaria jeung matuh di kota-kotana.
25 Basa anyaran matuh di dinya, maranéhna teu nyembah ka Yéhuwa. Jadi, Yéhuwa ngadatangkeun singa-singa jang maéhan sawaréh ti antara maranéhna.
26 Aya nu ngalapor kieu ka raja Asiria, ”Bangsa-bangsa nu ditawan jeung ditempatkeun di kota-kota di Samaria téh teu tarerangeun carana ibadah ka Allahna éta nagri. Jadi, éta Allah ngadatangkeun singa-singa jang maéhan maranéhna, lantaran euweuh nu tarerangeun carana ibadah ka Allahna éta nagri.”
27 Ti dinya, raja Asiria méré paréntah kieu, ”Ti antara tawanan, pilih salah sahiji imam sina balik. Éta imam kudu cicing di dinya jeung ngajarkeun carana ibadah ka Allahna éta nagri.”
28 Seug salah sahiji imam nu ditawan ku maranéhna ti Samaria balik ka Bétel. Manéhna cicing di dinya jeung ngajarkeun carana ibadah ka Yéhuwa.
29 Tapi, angger wéh unggal bangsa nyieun berhalana masing-masing, tuluy diteundeun di kuil di tempat-tempat pamujaan nu dijieun ku urang Samaria. Kitu nu dilampahkeun ku unggal bangsa di kotana masing-masing.
30 Urang Babilon nyieun patung Sukot-bénot, urang Kut nyieun patung Nérgal, urang Hamat nyieun patung Asyima,
31 sarta urang Awa nyieun patung Nibhaz jeung Tartak. Urang Séfarwaim osok ngaduruk anak-anakna pikeun dijadikeun kurban keur déwa-déwa maranéhna, nyaéta Adramélékh jeung Anamélékh.
32 Sanajan maranéhna nyembah ka Yéhuwa, maranéhna ngalantik jalma-jalma biasa pikeun jadi imam di kuil, nu aya di tempat-tempat pamujaan, tuluy para imam éta ditugaskeun di dinya.
33 Jadi, maranéhna nyembah ka Yéhuwa, tapi nyembah ogé ka déwa-déwana sakumaha cara ibadah di nagri asalna masing-masing.
34 Nepi ka ayeuna, maranéhna terus nuturkeun cara ibadahna nu baheula. Euweuh nu bener-bener nyembah ka Yéhuwa. Euweuh nu nurut kana aturan, putusan, Torét, jeung paréntah nu dibikeun ku Yéhuwa ka turunan Yakub, nu ku Anjeunna ngaranna geus diganti jadi Israél.
35 Waktu Yéhuwa nyieun perjangjian jeung maranéhna, Anjeunna méré paréntah kieu, ”Maranéh teu meunang nyembah ka allah-allah séjén. Ulah sujud, atawa ngabdi, atawa ngurban ka maranéhna.
36 Nu kudu disembah ku maranéh téh nya Kuring, Yéhuwa, nu mawa maranéh budal ti Mesir ku kawasa nu gedé jeung leungeun Kuring nu kuat. Nya ka Kuring maranéh kudu sujud jeung ngabaktikeun kurban.
37 Aturan, putusan, Torét, jeung paréntah nu ditulis ku Kuring keur maranéh kudu bener-bener dijalankeun ku maranéh. Ulah nyembah ka allah-allah séjén.
38 Ulah poho kana perjangjian Kuring jeung maranéh. Ulah nyembah ka allah-allah séjén.
39 Nu kudu disembah ku maranéh téh nya Kuring, Yéhuwa Allah maranéh. Kuring téh nu nyalametkeun maranéh tina genggeman musuh-musuh maranéh.”
40 Sanajan kitu, maranéhna teu narurut. Maranéhna kalah ka balik deui kana cara ibadahna nu baheula.
41 Jadi, bangsa-bangsa ieu téh nyembah ka Yéhuwa ongkoh, nyembah ka patung-patung ukiran jieunan maranéhna ongkoh. Nepi ka ayeuna, lalampahan karuhunna diturutan ku anak incuna.
Catetan Tambihan
^ As. ”sieun”, dina ayat ieu jeung ayat séjénna dina pasal ieu.
^ Maksudna, di sakabéh tempat, boh nu pendudukna saeutik boh nu loba.
^ Atawa ”bukit”.
^ Kecap Ibranina bisa jadi aya patalina jeung kecap ”tai” nu nunjukkeun sakumaha pikageuleuheunana éta.