Raja-Raja nu Kadua 3:1-27
3 Yéhoram anak Ahab jadi raja Israél di Samaria dina taun ka-18 pamaréntahan Yéhosyafat raja Yéhuda. Manéhna maréntah salila 12 taun.
2 Manéhna terus ngalampahkeun nu jahat dina pandangan Yéhuwa, tapi teu parah kawas bapana jeung indungna, sabab manéhna mah ngaruntuhkeun pilar berhala* Baal nu dijieun ku bapana.
3 Sanajan kitu, manéhna ngalampahkeun dosa nu sarua jeung Yéroboam anak Nébat, nu ngadosakeun Israél. Manéhna teu daék tobat.
4 Mésya raja Moab téh tukang miara domba. Manéhna sok méré upeti ka raja Israél, nyaéta 100.000 anak domba jeung 100.000 domba jalu nu can dicukur.
5 Tapi sanggeus Ahab maot mah raja Moab barontak ka raja Israél.
6 Jadi, Raja Yéhoram indit ti Samaria tuluy ngumpulkeun sakabéh pasukan Israél.
7 Manéhna gé ngirim pesen kieu ka Yéhosyafat raja Yéhuda, ”Raja Moab téh barontak ka abdi. Bapa kersa henteu milu abdi merangan Moab?” Dijawab ku Yéhosyafat, ”Mangga, engké Bapa mawa prajurit jeung pasukan kuda ogé.”
8 Geus kitu Yéhosyafat nanya, ”Engké ka dituna liwat jalan mana?” Yéhoram ngajawab, ”Ngaliwat ka Tanah Gurun Édom.”
9 Jadi, raja Israél indit bareng jeung raja Yéhuda sarta raja Édom. Tapi sanggeus tujuh poé di jalan, maranéhna béakkeun cai. Pasukan jeung sasatoan nu dibawa ku maranéhna jadi teu bisa ngarinum.
10 Raja Israél ngomong kieu, ”Cilaka ieu mah! Geuning Yéhuwa ngumpulkeun tilu raja téh keur diserahkeun ka Moab!”
11 Ngadéngé kitu, Yéhosyafat ngomong kieu, ”Di dieu aya teu nabi Yéhuwa anu bisa mangméntakeun pituduh ka Yéhuwa?” Salah sahiji palayan raja Israél némbalan kieu, ”Sumuhun aya, namina téh Élisa anak Syafat. Anjeunna kapungkur téh jadi palayanna Élia.”*
12 Ceuk Yéhosyafat, ”Tah, manéhna bisa méré nyaho pituduh Yéhuwa.” Jadi raja Israél, Yéhosyafat, jeung raja Édom ngadatangan Élisa.
13 Élisa ngomong ka raja Israél, ”Aya naon ka dieu téh? Jung wéh ka nabi-nabina bapa anjeun sareng ka nabi-nabina ibu anjeun.” Tapi raja Israél ngomong kieu, ”Ulah kitu. Tilu raja ieu téh geus dikumpulkeun ku Yéhuwa rék diserahkeun ka Moab.”
14 Ceuk Élisa, ”Demi Yéhuwa nu hirup, pangawasa pasukan sorga, nu dilalayanan ku abdi,* lamun lain lantaran Yéhosyafat raja Yéhuda mah abdi moal daék ningali atawa ngadangukeun anjeun.
15 Ayeuna mah sok calukan tukang maén harpa* sina ka dieu.” Barang harpana ditabeuh, kawasa Yéhuwa tumerap ka Élisa.
16 Seug Élisa ngomong, ”Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, ’Sok jieun solokan-solokan di ieu lebak,*
17 sabab Kuring, Yéhuwa, ngomong yén ieu lebak* bakal pinuh ku cai sanajan euweuh hujan atawa angin. Maranéh, ingon-ingon maranéh, sarta sasatoan nu dibawa ku maranéh bakal ngarinum di dinya.’
18 Ieu mah perkara gampil kanggo Yéhuwa, malah Anjeunna bakal nyerahkeun Moab ka aranjeun.
19 Aranjeun kudu ngaruntuhkeun kabéh kotana nu dibénténgan jeung kabéh kotana nu aralus. Kabéh tatangkalan nu aralus tuaran, kabéh cinyusu tutupan, unggal lahan nu aralus gé bugbrugan ku batu.”
20 Isukna, dina waktu kurban kadaharan dibaktikeun isuk-isuk, cai téh ujug-ujug ngocor ti lebah Édom nepi ka minuhan éta lebak.
21 Kabéh urang Moab ngadéngé raja-raja éta daratang rék merangan maranéhna. Jadi, kabéh jalma nu bisa maké senjata dikumpulkeun sina jaraga di wates nagri.
22 Bray isuk, maranéhna harudang. Pucunghul panonpoé bijil, cahayana nyorot kana cai. Ku urang Moab nu keur aya di peuntas, cai téh katempona beureum kawas getih.
23 Ceuk maranéhna, ”Tempo itu getih! Éta raja-raja pasti geus silih paéhan ku pedang. Hé urang Moab, hayu urang jarah maranéhna!”
24 Barang urang Moab daratang ka pakémahan Israél, urang Israél maju nyerang maranéhna. Urang Moab kalabur, tuluy diberik ku urang Israél, seug diparaéhan.
25 Pasukan Israél ngaruntuhkeun kota-kotana urang Moab. Unggal prajurit ngabalédogan lahan-lahanna nu subur nepi ka éta lahan pinuh ku batu. Kabéh cinyusuna ditutupan, kabéh tangkal nu aralus gé dituaran. Tungtungna ngan kota* Kir-harését nu nyésa. Tuluy, éta kota dikepung ku pasukan tukang bandring, seug diancurkeun.
26 Sanggeus nyaho manéhna éléh perang, raja Moab ngumpulkeun 700 prajurit nu maké pedang rék nembus pertahanan raja Édom, tapi maranéhna gagal.
27 Ku kituna, manéhna nyokot anak cikalna sorangan nu bakal ngaganti manéhna jadi raja, seug dijadikeun kurban beuleuman di luhur témbok kota. Ningali kitu, amarah jalma-jalma* ngagedur ka Israél, jadi kabéh pasukan malundur tuluy balik ka nagrina masing-masing.
Catetan Tambihan
^ Tingali Daptar Istilah.
^ Atawa ”kapungkur téh sok ngucurkeun cai upami Élia badé wawasuh panangan”.
^ As. ”nu di payuneun Anjeunna abdi ngadeg”.
^ Atawa ”tukang maén musik”.
^ Atawa ”wadi”.
^ Atawa ”wadi”.
^ Atawa ”témbok batu”.
^ Bisa jadi ieu ngamaksudkeun pasukan Édom jeung pasukan Yéhuda nu ngadukung Israél.