Raja-Raja nu Kadua 4:1-44

  • Minyak hiji randa dijadikeun loba ku Élisa (1-7)

  • Wanita Syuném nu béréhan (8-16)

  • Éta wanita dikurniaan hiji budak lalaki; budakna maot (17-31)

  • Élisa ngahirupkeun deui éta budak (32-37)

  • Lantaran Élisa, sop teu racunan deui (38-41)

  • Roti dijadikeun loba (42-44)

4  Hiji awéwé, randana salah sahiji turunan nabi, nyampeurkeun Élisa bari ngalengis, pokna, ”Carogé abdi téh tos ngantunkeun. Juragan ogé terang, anjeunna téh hormat* ka Yéhuwa. Tapi, jalmi nu ngahutangkeun ka carogé abdi dongkap badé nyandak budak abdi duanana, badé dijadikeun palayan.” 2  Élisa némbalan, ”Abdi kedah kumaha? Ari di bumi gaduh naon?” Dijawab kieu, ”Teu gaduh nanaon, mung gaduh minyak sabotol.” 3  Jadi Élisa ngomong kieu, ”Jung ménta wawadahan kosong ka kabéh tatangga, sing seueur. 4  Tos kitu, sok Nyai lebet ka bumi sareng barudak, tutup pantona. Wawadahan téh eusian ku minyak nepi ka pinuh. Nu tos pinuh simpen.” 5  Bral éta randa indit. Sanggeus manéhna jeung barudakna asup ka imah tuluy nutup panto, barudakna mawaan wawadahan, cur dieusian minyak ku manéhna. 6  Sanggeus éta wawadahan parinuh, manéhna ngomong kieu ka salah sahiji budakna, ”Sok ka dieukeun deui wadahna.” Tapi ceuk budakna, ”Tos teu aya deui.” Set minyak téh teu ngucur deui. 7  Ti dinya, éta randa datang deui nyarita ka hamba Allah nu bener. Hamba Allah nu bener éta ngomong kieu, ”Éta minyak téh jual. Duitna paké keur mayar hutang, ari sésana keur biaya Nyai jeung barudak.” 8  Hiji poé, Élisa indit ka Syuném. Di dinya téh aya hiji wanita, nya beunghar nya dihormat. Éta wanita keukeuh nitah Élisa dahar di imahna. Ti harita saban Élisa ngaliwat ka dinya, tangtu nyimpang sarta dahar di imahna. 9  Éta wanita ngomong kieu ka salakina, ”Tamu nu sering ka dieu téh pasti hamba Allah nu suci. 10  Kumaha lamun ku urang dipangdamelkeun kamar alit di loténg? Urang sadiakeun kasur, méja, korsi, jeung wadah lampu. Jadi unggal anjeunna ka dieu, tiasa mondok.” 11  Hiji poé, Élisa datang ka dinya. Manéhna asup ka éta kamar tuluy ngagolér. 12  Manéhna ngomong kieu ka Géhazi palayanna, ”Cik, éta wanita Syuném téh sina datang.” Jadi éta wanita ku Géhazi digeroan. 13  Geus kitu, Élisa ngomong ka Géhazi, ”Béjakeun kieu, ’Abdi duaan téh parantos ngarérépot Nyai. Aya anu dipikahoyong henteu, atawa aya anu tiasa dipangnyarioskeun ka Raja atawa panglimana?’” Dijawabna, ”Atos cekap. Abdi mah parantos hirup tengtrem sareng kulawarga.” 14  Jadi Élisa nanya kieu ka Géhazi, ”Lamun kitu, urang kudu kumaha nya?” Géhazi ngajawab, ”Si Nyai téh teu boga budak,* salakina gé geus kolot.” 15  Élisa ngomong, ”Sok sina ka dieu.” Jadi, éta wanita ku Géhazi digeroan, seug nangtung hareupeun panto. 16  Élisa ngomong kieu, ”Nyai, taun payun wayah kieu, Nyai bakal ngais budak lalaki.” Ditémbalan ku éta wanita, ”Ulah kitu, Juragan! Ulah ngabobodo abdi. Juragan téh hamba Allah nu bener.” 17  Tapi sakumaha nu diucapkeun ku Élisa, éta wanita ngandung tuluy ngalahirkeun budak lalaki taun hareupna. 18  Budak téh beuki gedé. Hiji waktu, éta budak nyampeurkeun bapana nu keur babarengan jeung para tukang panén. 19  Budak téh teterusan ngomong kieu, ”Duh Pa, sirah Ujang nyeri!” Ceuk bapana ka palayan, ”Sok bawa si Encép ka ibuna.” 20  Tuluy, éta budak dibawa ku palayan ka indungna. Ku indungna dilahun nepi ka tengah poé, geus kitu les wéh budak téh maot. 21  Éta budak ku indungna dibawa tuluy digolérkeun dina kasur hamba Allah nu bener téa. Manéhna kaluar, seug pantona ditutup. 22  Salakina dicalukan, pokna, ”Pa, piwarang salah sahiji palayan ka dieu sina mawa kaldé. Mamah badé énggal-énggal angkat nepungan hamba Allah nu bener téa, engké Mamah mulih deui.” 23  Ceuk salakina, ”Naha ka ditu ayeuna? Da poé ieu pan lain bulan anyar atawa poé Sabat.” Tapi dijawab kieu, ”Henteu, teu aya nanaon.” 24  Ti dinya, éta wanita masangkeun sadel kana kaldé, seug ngomong kieu ka palayanna, ”Gancang maju! Ulah dilaunkeun mun teu dititah.” 25  Bral manéhna indit manggihan hamba Allah nu bener téa di Gunung Karmél. Barang ningali ti kajauhan, hamba Allah nu bener éta ngomong kieu ka Géhazi palayanna, ”Tuh tingali! Wanita Syuném téa ka dieu. 26  Geuwat panggihan, tanyakeun kumaha kaayaanana. Tanyakeun ogé, salaki jeung anakna saréhat henteu.” Barang ditanya ku palayan, éta wanita ngajawab, ”Saé sadayana.” 27  Tapi, sanggeus amprok jeung hamba Allah nu bener di gunung, bruk éta wanita langsung nyekelan kana suku hamba Allah éta. Ningali kitu, ku Géhazi rék dibetot. Tapi ceuk hamba Allah nu bener éta, ”Keun baé, anjeunna téh keur susah haté. Tapi Bapa teu nyaho ku naon, da Yéhuwa can nyarios nanaon ka Bapa.” 28  Éta wanita ngomong, ”Abdi pan teu nyuhunkeun putra ka Juragan. Abdi gé tos nyarios, ’Ulah masihan harepan palsu!’” 29  Élisa langsung ngomong kieu ka Géhazi, ”Beulitkeun pakéan kana cangkéng, bawa iteuk Bapa, jung indit. Mun di jalan panggih jeung batur, ulah ngucapkeun salam. Mun aya nu negor gé, ulah ditémbalan. Gancang indit, tapelkeun ieu tongkat kana beungeut éta budak.” 30  Ngadéngé kitu, indungna budak téh ngomong kieu, ”Demi Yéhuwa nu hirup jeung demi Juragan nu hirup, abdi moal angkat upami Juragan teu ngiring.” Ku kituna Élisa milu indit. 31  Ari Géhazi mah geus nepi ti heula tuluy napelkeun iteuk téa kana beungeut éta budak, tapi euweuh sora, euweuh tanda-tanda budak téh hirup. Jadi Géhazi balik deui manggihan Élisa tuluy ngomong kieu, ”Budak téh teu hudang-hudang, Juragan.” 32  Waktu Élisa asup ka imah, éta budak nu geus maot téh ngagolér dina kasurna Élisa. 33  Élisa asup tuluy nutup panto. Di kamar téh ngan duaan. Geus kitu, manéhna ngadoa ka Yéhuwa. 34  Manéhna nangkubkeun awakna kana awak éta budak dina kasur. Bahamna diantelkeun kana baham éta budak, panon kana panon, dampal leungeun kana dampal leungeun. Élisa terus nangkubkeun awakna nepi ka awak éta budak haneut. 35  Sanggeusna, manéhna mundar-mandir di jero imah. Geus kitu, prak nangkubkeun deui awakna kana awak éta budak. Seug budak téh beresin tujuh kali, bray panonna beunta. 36  Jadi Élisa ngageroan Géhazi jeung ngomong kieu, ”Éta wanita Syuném téh sina ka dieu.” Ku Géhazi digeroan, seug manéhna datang. Tuluy Élisa ngomong ka manéhna, ”Ieu anak Nyai, sok candak.” 37  Sup manéhna asup, bruk sujud kana suku Élisa. Geus kitu budak téh dibawa kaluar. 38  Waktu Élisa balik ka Gilgal, di éta nagri téh aya kalaparan. Para turunan nabi diuk hareupeun manéhna, tuluy Élisa ngomong kieu ka palayanna, ”Sok hurungkeun seuneu, tagenkeun pariuk gedé. Manéh kudu masak sop keur dahareun para turunan nabi. 39  Jadi, salah sahiji ti maranéhna indit ka tegal rék néangan sayur keur dipasak. Manéhna manggih pepelakan leuweung, seug ngala buahna nu siga waluh bari teu nyahoeun éta téh buah naon. Ku manéhna dikumpulkeun kana pakéanana nepi ka pinuh. Tuluy manéhna balik, ngeureutan buah nu siga waluh téa, terus dipasak dina pariuk. 40  Sanggeus asak, seug dibikeun ka kabéhanana. Tapi barang didahar, maranéhna ngagorowok, ”Ieu mah aya racunan, Élisa.” Jadi wéh teu didahar deui. 41  Ceuk Élisa, ”Pangmawakeun tipung saeutik.” Sanggeus dipurulukkeun kana pariuk, manéhna ngomong, ”Sok bikeun deui ka maranéhna.” Sop téh geus teu racunan deui. 42  Aya hiji lalaki ti Baal-syalisya datang ka Élisa mawakeun roti barli 20 siki. Éta roti dijieun tina hasil panén nu mimiti. Manéhna gé mawakeun sakantong barli anyar. Terus Élisa ngomong, ”Pasihkeun ka maranéhna sina ditaruang.” 43  Tapi palayanna ngomong, ”Sakieu kanggo 100 jalmi mah moal cekap.” Jadi Élisa ngomong, ”Suguhkeun wéh, sabab ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, ’Maranéhna bakal dahar, malah dahareunana bakal nyésa.’” 44  Jadi ku manéhna disuguhkeun. Jalma-jalma dalahar jeung aya sésana, sakumaha nu diucapkeun ku Yéhuwa.

Catetan Tambihan

As. ”sieun”.
As. ”budak lalaki”.