Raja-Raja nu Kadua 5:1-27

  • Élisa nyageurkeun Naaman nu keuna kusta (1-19)

  • Géhazi nu sarakah keuna kusta (20-27)

5  Naaman panglima pasukan raja Siria téh jalma penting nu dipikaresep ku dununganana, lantaran Yéhuwa méré kaunggulan* ka Siria ku jalan manéhna. Manéhna téh prajurit nu perkasa, ngan hanjakalna boga panyakit kusta.* 2  Hiji mangsa waktu urang Siria nyerang Israél, aya budak awéwé nu ditawan ku maranéhna tuluy dijadikeun palayan keur pamajikan Naaman. 3  Éta budak ngomong ka dununganana, ”Bu, upami Bapa nepangan nabi di Samaria, Bapa tangtu tiasa dicageurkeun ku anjeunna.” 4  Jadi, omongan budak awéwé Israél éta ku manéhna* dicaritakeun ka raja Siria. 5  Geus kitu, raja Siria ngomong, ”Nya sok ka ditu ayeuna! Engké kuring nyuratan raja Israél.” Bral manéhna indit bari mawa pérak 342 kilo,* duit emas 6.000, jeung pakéan anyar sapuluh. 6  Manéhna gé mawa surat keur raja Israél nu eusina téh kieu, ”Sinareng surat ieu, kuring ngutus palayan kuring, nyaéta Naaman, supaya anjeun tiasa nyageurkeun panyakit kustana.” 7  Barang raja Israél maca éta surat, béréwék manéhna nyoéhkeun pakéanana seug ngomong kieu, ”Samarukna aing téh Allah nu bisa maéhkeun jeung ngahirupkeun jalma? Raja Siria ngutus ieu jalma téh supaya aing nyageurkeun panyakit kustana! Tah, maranéh nyaho sorangan pan raja Siria téh nyiar-nyiar pipaséaeun jeung aing.” 8  Barang ngadéngé raja Israél nyoéhkeun pakéanana, Élisa hamba Allah nu bener téh langsung ngirim pesen kieu ka Raja: ”Ku naon Raja nyoéhkeun pakéan Raja? Mangga piwarang ka dieu wéh jalmina, supaya anjeunna terang di Israél téh aya nabi.” 9  Ku kituna, Naaman datang maké karéta perang jeung kuda-kudana, seug nangtung hareupeun imah Élisa. 10  Tapi, Élisa ngirim utusan sina ngomong kieu ka manéhna, ”Sok teuleumkeun awak anjeun tujuh kali di Walungan Yordan, anjeun pasti damang. Anjeun gé moal najis deui.” 11  Ngadéngé kitu, Naaman ambek bari indit, pok ngomong kieu, ”Ari sugan téh éta nabi rék kaluar manggihan aing terus sasambat ka Yéhuwa, ngaran Allahna, bari ngayun-ngayunkeun leungeun luhureun kusta aing ambéh cageur. 12  Jeung deui, Walungan Abana jeung Farpar di Damaskus téh leuwih alus pan ti sakabéh walungan di Israél? Naha aing teu dititah ka ditu wéh ambéh cageur?” Léos manéhna indit bari ambek. 13  Tapi para palayanna nyalampeurkeun, seug ngaromong kieu, ”Juragan,* upami éta nabi miwarang anu sesah ka Juragan, tangtos dilakonan sanés? Ari ieu mah Juragan mung dipiwarang teuleum ngarah damang, ngan kitu hungkul.” 14  Ku kituna, Naaman ancrub* ka Walungan Yordan tuluy teuleum tujuh kali, sakumaha pituduh hamba Allah nu bener téa. Les kustana leungit, kulitna pulih deui kawas kulit budak leutik. Manéhna teu najis deui. 15  Geus kitu, manéhna balik deui ka hamba Allah nu bener téa bareng jeung rombonganana. Manéhna ngadeg hareupeun Élisa, seug ngomong kieu, ”Ayeuna abdi tos terang, di sakuliah dunya téh teu aya Allah salian di Israél. Mugia ieu hadiah ti hamba kersa ditampi.” 16  Tapi ceuk Élisa, ”Kuring sumpah demi Yéhuwa nu hirup, Allah nu dilalayanan ku kuring,* éta hadiah moal ditampi.” Sanajan Naaman keukeuh, angger Élisa embungeun. 17  Ahirna Naaman ngomong kieu, ”Mugia abdi diidinan nyandak taneuh ti ieu nagri, sakacandakna ku dua bagal,* sabab ti semet ayeuna abdi moal nyanggakeun kurban deui ka déwa mana waé. Abdi badé nyanggakeun kurban ka Yéhuwa. 18  Tapi mugia Yéhuwa ngahampura abdi kana hiji perkara ieu: Unggal dunungan abdi lebet ka kuil Rimon pikeun sujud di dinya, anjeunna pasti nyepengan panangan abdi. Jadi, nya kapaksa abdi kedah sujud. Upami éta kajadian, mugia Yéhuwa kersa ngahampura abdi. 19  Ngadéngé kitu, Élisa ngajawab, ”Sok mangga mulih, ulah hariwang.” Bral Naaman indit. Can sabaraha jauh, 20  Géhazi palayan Élisa hamba Allah nu bener téa ngomong di jero haté, ’Euh, naha dunungan aing téh bet teu daék narima naon-naon ti Naaman urang Siria éta? Ngadon diantep indit. Demi Yéhuwa nu hirup, aing rék nyusul, rék barangpénta.’ 21  Jadi Naaman disusul ku Géhazi. Barang ningali aya nu ngudag manéhna, Naaman turun tina karétana, seug nanya kieu, ”Aya naon?” 22  Dijawab ku Géhazi, ”Abdi dipiwarang ku dunungan abdi sina ngawartosan kieu ka Juragan, ’Aya dua budak ngora ti turunan nabi dongkap. Aranjeunna téh ti daérah pagunungan Éfraim. Mugia Juragan masihan pérak kira-kira 34 kilo* sareng dua pakéan anyar.’” 23  Ceuk Naaman, ”Mangga, badé nyandak 68 kiloan* gé teu sawios.” Naaman keukeuh rék méré sakitu. Manéhna ngasup-ngasupkeun éta pérak jeung dua pakéan anyar kana dua kantong, seug dipangmawakeun ku dua palayanna nu leumpang miheulaan Géhazi. 24  Sanggeus nepi di Ofél,* éta barang-barang téh dicokot ku Géhazi, seug diteundeun di imahna, ari nu marawana mah disina balik. Sanggeus maranéhna balik, 25  Géhazi manggihan Élisa. Ku Élisa ditanya, ”Ari manéh tas ti mana, Géhazi?” Dijawab, ”Henteu ti mana-mana, Juragan.” 26  Élisa ngomong ka manéhna, ”Marukan Bapa teu nyaho manéh téh nyusul éta jelema nepi ka manéhna turun tina karéta manggihan manéh? Ayeuna téh lain waktuna narima pérak, pakéan, kebon zaitun, kebon anggur, domba, sapi, jeung palayan lalaki atawa palayan awéwé. 27  Kusta Naaman bakal keuna ka manéh jeung turunan manéh salilana.” Barang Géhazi indit, kulitna geus keuna ku kusta, bodas ngeplak kawas salju.

Catetan Tambihan

Atawa ”kasalametan”.
Atawa ”panyakit kulit”.
Katingalina ngamaksudkeun Naaman.
As. ”10 talénta”. Tingali Lamp. B14.
As. ”Bapa”.
Atawa ”cakrub”.
As. ”nu di payuneun Anjeunna kuring ngadeg”.
Turunan kaldé jalu jeung kuda bikang.
As. ”pérak satalénta”.
As. ”dua talénta”.
Ayana di Samaria, katingalina ngamaksudkeun pasir atawa bénténg.