Budalan 20:1-26

  • Sapuluh Paréntah (1-17)

  • Urang Israél tingdarégdég (18-21)

  • Aturan pikeun ibadah (22-26)

20  Tuluy Allah nepikeun sakabéh paréntah ieu, 2  ”Kuring téh Yéhuwa Allah maranéh, nu mawa maranéh budal ti Mesir, tempat maranéh diperbudak. 3  Maranéh teu meunang nyembah ka allah-allah séjén, nyembahna kudu ka Kuring hungkul. 4  ”Ulah nyieun patung ukiran atawa titironan naon waé nu aya di langit, di bumi, jeung di jero cai. 5  Ulah sujud atawa kagoda pikeun nyembah éta kabéh, sabab Kuring téh Yéhuwa Allah maranéh. Jadi maranéh kudu ngabdi ngan ka Kuring hungkul. Lamun aya jalma nu ijid ka Kuring, engké anak incu jeung buyutna bakal ngarasakeun balukarna. 6  Sabalikna, ka jalma nu nyaah ka Kuring jeung ngajalankeun paréntah Kuring, Kuring bakal némbongkeun asih satia ka manéhna, malahan nepi ka turunanana nu kasarébu. 7  ”Ulah sambarangan nyebut ngaran Yéhuwa Allah maranéh, sabab Yéhuwa pasti bakal ngahukum saha waé nu sambarangan nyebut ngaran-Na. 8  ”Ulah poho ngajalankeun Sabat. Poé éta kudu dianggap suci. 9  Maranéh meunang digawé salila genep poé. 10  Tapi dina poé nu katujuh maranéh teu meunang digawé, kitu ogé jeung kabéh anak maranéh, palayan, ingon-ingon, jeung urang asing nu cicing di kota maranéh. Poé éta téh sabat keur Yéhuwa Allah maranéh. 11  Salila genep poé, Yéhuwa nyiptakeun langit jeung bumi, laut, jeung sagala eusina, tuluy reureuh dina poé nu katujuh. Ku sabab kitu, Yéhuwa ngaberkahan poé Sabat jeung nganggap poé éta suci. 12  ”Maranéh kudu hormat ka indung bapa supaya maranéh panjang umur di tanah nu dibikeun ku Yéhuwa Allah maranéh. 13  ”Ulah maéhan. 14  ”Ulah jinah. 15  ”Ulah maok. 16  ”Ulah méré katerangan palsu ngeunaan batur. 17  ”Ulah mikahayang imah batur. Ulah mikahayang pamajikan batur, palayanna, sapina, kaldéna, atawa naon waé pangabogana.” 18  Tuluy jalma-jalma ngadaréngé sora guludug tinggulugur jeung sora tarompét tanduk. Maranéhna gé ningali kilat tingjorélat sarta gunung kabulen ku haseup. Ningali kitu, maranéhna tingdarégdég bari narangtung ti kajauhan. 19  Jadi maranéhna ngomong ka Musa, ”Tos, anjeun wéh nu nyarios ka abdi sadaya, pasti didangukeun. Ulah Allah nu nyarios, bilih abdi sadaya maraot.” 20  Musa ngajawab, ”Ulah sieun. Allah nu bener datang téh rék mariksa maranéh. Anjeunna hoyong maranéh terus hormat* ka Anjeunna sarta teu ngalakukeun dosa.” 21  Éta bangsa tetep narangtung ti kajauhan, ari Musa mah ngadeukeutan awan hideung, tempat Allah nu bener. 22  Tuluy Yéhuwa ngomong ka Musa, ”Béjaan urang Israél, ’Maranéh geus nyaksian sorangan Kuring ngomong ka maranéh ti sorga. 23  Maranéh teu meunang nyieun aallahan tina pérak atawa emas pikeun disembah, lantaran ngan Kuring nu kudu disembah. 24  Pék jieun mézbah keur Kuring tina taneuh. Dina mézbah éta, baktikeun korban beuleuman, korban karukunan, embé, domba, jeung sapi maranéh. Kuring bakal milih tempat-tempat pikeun ibadah ka Kuring.* Kuring bakal datang ka unggal tempat éta sarta ngaberkahan maranéh. 25  Upama maranéh rék nyieun mézbah tina batu, batuna teu meunang dibeulah, batuna gé teu meunang dipahat. Sabab lamun kitu, mézbahna bakal jadi najis. 26  Upama rék naék ka mézbah Kuring, maranéh teu meunang maké tangga, supaya aorat maranéh teu katingali.’

Catetan Tambihan

As. ”sieun”.
As. ”tempat-tempat supaya ngaran Kuring teu dipopohokeun”.