Hakim-Hakim 11:1-40
11 Yéfta urang Giléad téh prajurit nu perkasa. Ngaran bapana téh Giléad, ari indungna mah saurang palacur.
2 Tapi pamajikan Giléad gé ngalahirkeun anak-anak lalaki. Sanggeus garedé, maranéhna ngusir Yéfta jeung ngomong kieu, ”Manéh moal meunang warisan ti kulawarga bapa urang, da manéh mah anak ti awéwé séjén.”
3 Jadi, Yéfta kabur ti dulur-dulurna jeung matuh di tanah Tob. Jalma-jalma pangangguran ngagabung jeung Yéfta pikeun nyerang musuh.
4 Ka dieunakeun, urang Ammon nyerang urang Israél.
5 Waktu urang Ammon nyerang urang Israél, para kokolot Giléad gancang nyusulan Yéfta rék mawa balik manéhna ti tanah Tob.
6 Ceuk maranéhna ka Yéfta, ”Sok atuh jadi komandan urang, ngarah urang bisa ngalawan urang Ammon.”
7 Tapi ceuk Yéfta ka para kokolot Giléad, ”Ongkoh baréto maranéh téh ngéwa pisan ka kuring, nepi ka ngusir kuring ti imah bapa kuring. Ayeuna ari keur susah, naha bet daratang ka kuring?”
8 Para kokolot Giléad némbalan, ”Enya, éta mémang bener, tapi ayeuna urang datang ka manéh téh rék ngajak manéh milu jeung urang ngalawan urang Ammon. Lamun daék, engké manéh rék dijadikeun pamingpin sakabéh penduduk Giléad.”
9 Jadi Yéfta ngomong ka para kokolot Giléad, ”Lamun maranéh mawa kuring balik pikeun ngalawan urang Ammon, sarta Yéhuwa mantuan kuring ngéléhkeun maranéhna, kuring bakal jadi pamingpin maranéh!”
10 Ceuk para kokolot Giléad ka Yéfta, ”Yéhuwa saksina. Éta bakal dilaksanakeun ku urang.”
11 Jadi Yéfta milu jeung para kokolot Giléad. Ku jalma-jalma, manéhna dijadikeun pamingpin jeung komandan. Tuluy Yéfta ngucapkeun deui omongan manéhna éta di hareupeun Yéhuwa di Mizpa.
12 Yéfta ngirim utusan ka raja urang Ammon. Kieu pesenna, ”Ku naon anjeun bet nyerang kuring jeung nagri kuring?”
13 Jadi, raja urang Ammon ngomong kieu ka utusan Yéfta, ”Sualna, waktu urang Israél kaluar ti Mesir, tanah kuring direbut ti Arnon nepi ka Yabok, terus nepi ka Walungan Yordan. Geus ayeuna mah teu kudu perang, asal éta pulangkeun.”
14 Utusan téh dikirim deui ka raja urang Ammon ku Yéfta
15 pikeun ngomong kieu,
”Ceuk Yéfta, ’Israél henteu ngarebut tanah urang Moab jeung tanah urang Ammon,
16 sabab waktu kaluar ti Mesir, urang Israél ngaliwatan gurun keusik nepi ka Laut Beureum, tuluy nepi di Kadés.
17 Ti dinya, urang Israél ngirim utusan ka raja Édom, kieu pesenna, ”Urang sadaya ménta idin ngaliwat di tanah anjeun.” Tapi ku raja Édom teu diwaro. Ka raja Moab gé maranéhna ngirim pesen, tapi manéhna teu méré idin. Jadi urang Israél tetep matuh di Kadés.
18 Waktu neruskeun perjalanan di gurun keusik, maranéhna teu ngaliwatan tanah Édom jeung tanah Moab. Jalanna téh ka wétaneun Moab. Tuluy maranéhna masang kémah di daérah Arnon, nyaéta wates daérah Moab. Maranéhna teu asup ka daérah Moab.
19 ”’Geus kitu, urang Israél ngirim utusan ka Sihon raja urang Amori nu maréntah di Hésbon. Ceuk maranéhna kieu, ”Urang sadaya ménta idin ngaliwatan tanah anjeun, rék terus ka tanah milik sorangan.”
20 Tapi Sihon teu percaya ka urang Israél jeung teu ngidinan maranéhna ngaliwatan daérahna. Manéhna kalah ka ngumpulkeun para prajuritna, masang kémah di Yahaz, jeung nyerang urang Israél.
21 Ku lantaran kitu, Yéhuwa Allah Israél nyerahkeun Sihon jeung sakabéh prajuritna ka urang Israél. Jadi, urang Israél ngéléhkeun maranéhna jeung ngarebut sakabéh tanah nu dicicingan ku urang Amori.
22 Tah kitu caritana kumaha urang Israél ngarebut sakabéh tanah urang Amori ti Arnon nepi ka Yabok, jeung ti gurun keusik nepi ka Walungan Yordan.
23 ”’Pan Yéhuwa Allah Israél nu ngusir urang Amori ti hareupeun umat-Na Israél, piraku maranéh rék ngusir urang Israél?
24 Lamun Khémos allah maranéh méré tanah, ku maranéh bakal dicokot, pan? Nya urang gé sarua, lamun Yéhuwa Allah urang méré tanah, ku urang gé bakal dicokot.
25 Anjeun téh ngarasa leuwih hadé ti Balak anak Zipor, raja Moab? Pernah kitu manéhna nangtang atawa nyerang urang Israél?
26 Geus 300 taun urang Israél nyicingan Hésbon jeung Aroér sarta kota-kota di sakurilingna, kitu ogé sakabéh kota di sisi Walungan Arnon. Naha atuh salila éta kota-kotana teu direbut deui ku anjeun?
27 Kuring mah teu boga dosa ka anjeun, tapi anjeun boga nu salah lantaran nyerang kuring. Mugia Yéhuwa, Hakim Nu Pangluhurna, jadi hakim antara urang Israél jeung urang Ammon.’”
28 Tapi, raja urang Ammon teu ngadéngékeun pesen ti Yéfta.
29 Yéhuwa méré kawasa suci ka Yéfta. Manéhna indit ngaliwatan Giléad jeung Manasyé, tuluy nepi di Mizpé Giléad. Ti Mizpé Giléad, manéhna ngadatangan urang Ammon.
30 Geus kitu, Yéfta ngucap ikrar kieu ka Yéhuwa, ”Lamun Gusti nyerahkeun urang Ammon ka abdi,
31 engké waktu abdi mulang sanggeus ngéléhkeun urang Ammon, saha waé nu mimiti kaluar ti panto imah abdi pikeun manggihan abdi bakal jadi milik Yéhuwa. Ku abdi, manéhna rék dijadikeun korban beuleuman.”*
32 Jadi Yéfta indit ngalawan urang Ammon. Ku Yéhuwa maranéhna diserahkeun ka Yéfta.
33 Manéhna ngabasmi urang Ammon ti Aroér nepi ka Minit, kabéhanana 20 kota, terus nepi ka Abél-kéramim. Ku kituna, urang Ammon taluk ka urang Israél.
34 Ahirna, Yéfta balik ka imahna di Mizpa. Ari pék téh budak awéwéna kaluar manggihan manéhna, bari nabeuh rabana jeung igel-igelan. Éta téh budak hiji-hijina. Yéfta teu boga deui budak, boh awéwé boh lalaki.
35 Barang ningali kitu, Yéfta nyoékkeun bajuna, seug ngomong, ”Duh, Enéng! Haté Bapa meni peurih pisan, sabab Enéng nu kudu dititah indit ku Bapa. Bapa téh geus jangji ka Yéhuwa jeung teu bisa pabalik létah.”*
36 Tapi ceuk budakna, ”Bapa, lamun Bapa geus jangji ka Yéhuwa, nya sok laksanakeun ka abdi sakumaha jangji Bapa. Apanan Yéhuwa geus ngabantu Bapa ngéléhkeun musuh Bapa, urang Ammon.”
37 Manéhna ngomong deui ka Bapana, ”Abdi mah ngan nyuhunkeun ieu wéh: Idinan abdi nyorangan ka gunung salila dua bulan. Abdi rék ceurik bareng jeung babaturan awéwé abdi lantaran abdi moal kawin.”*
38 Ngadéngé kitu Yéfta ngomong, ”Nya sok, Néng.” Jadi manéhna diidinan indit ku bapana salila dua bulan. Seug manéhna indit ka gunung pikeun ceurik bareng jeung babaturanana, lantaran manéhna moal kawin.
39 Sanggeus dua bulan, manéhna balik deui ka bapana, tuluy bapana ngalaksanakeun jangjina ngeunaan budakna. Budak éta teu pernah ngalakukeun hubungan jeung lalaki. Ti saprak harita, aya kabiasaan* ieu di Israél:
40 Unggal taun, mojang-mojang Israél bakal indit pikeun muji budak awéwé Yéfta urang Giléad salila opat poé.
Catetan Tambihan
^ Katingalina ieu téh maksudna manéhna dibaktikeun pikeun ngalalayanan Yéhuwa.
^ Atawa ”dibatalkeun”.
^ Atawa ”lantaran abdi bakal terus parawan.”
^ Atawa ”aturan”.