Imamat 26:1-46

  • Singkahan berhala (1, 2)

  • Berkahna lamun taat (3-13)

  • Hukumanana lamun teu taat (14-46)

26  ”’Ulah nyieun aallahan nu euweuh gunana. Ulah nyieun patung ukiran atawa pilar berhala.* Ulah neundeun batu ukiran di nagri maranéh pikeun disembah. Kuring téh Yéhuwa Allah maranéh. 2  Maranéh kudu ngajalankeun hukum Kuring ngeunaan Sabat sarta ngahargaan* tempat suci Kuring. Kuring téh Yéhuwa. 3  ”’Lamun maranéh nurut sarta ngajalankeun aturan jeung paréntah Kuring, 4  Kuring bakal méré hujan dina waktuna, lahan bakal méré hasil, sarta tatangkalan bakal baruahan. 5  Hasil panén maranéh bakal kacida lobana, nepi ka waktu maranéh keur ngirik* gandum, maranéh geus kudu ngala anggur. Waktu maranéh keur ngala anggur, maranéh geus kudu melak binih. Maranéh bakal ngadahar roti nepi ka seubeuh jeung bakal aman matuh di tanah maranéh. 6  Di tanah maranéh bakal aya katengtreman. Maranéh bakal saré tibra, teu sieun ku naon-naon. Kuring bakal ngusir sato-sato galak ti dinya. Moal aya musuh nu wani nyerang tanah maranéh. 7  Maranéh tangtu bakal ngudag musuh-musuh maranéh jeung ngéléhkeun maranéhna ku pedang. 8  Maranéh limaan bakal ngudag 100 musuh. Maranéh 100 urang bakal ngudag 10.000 musuh. Musuh-musuh maranéh bakal éléh ku pedang maranéh. 9  ”’Kuring bakal ngaberkahan maranéh sarta nyababkeun turunan maranéh jadi loba pisan. Kuring moal ingkar tina perjangjian Kuring jeung maranéh. 10  Waktu maranéh masih kénéh ngadahar hasil panén taun kamari, éta geus kudu dipiceun supaya aya tempat keur nu anyar. 11  Tabernakel Kuring bakal ditempatkeun di antara maranéh. Kuring moal bakal nolak maranéh. 12  Kuring bakal nyarengan maranéh. Kuring bakal jadi Allah maranéh, maranéh bakal jadi umat Kuring. 13  Kuring téh Yéhuwa Allah maranéh, nu mawa maranéh budal ti Mesir, supaya teu diperbudak deui di ditu. Kuring nu motongkeun kai tanggungan nu ngabeungbeurat maranéh, supaya maranéh jadi jalma nu merdéka. 14  ”’Tapi lamun maranéh teu nurut atawa teu ngajalankeun kabéh paréntah Kuring, 15  lamun maranéh nolak aturan Kuring, sarta lamun maranéh teu resep kana putusan hukum Kuring nepi ka maranéh teu ngajalankeun kabéh paréntah Kuring jeung ngalanggar perjangjian Kuring, 16  Kuring bakal ngahukum maranéh. Kuring bakal nyangsarakeun maranéh ku tuberkulosis jeung muriang nu parah. Panon maranéh bakal jadi teu cékas, sarta awak maranéh bakal béak tanaga. Cumah maranéh melak gé, da musuh nu bakal ngadaharna. 17  Kuring bakal nolak maranéh. Maranéh bakal diéléhkeun ku musuh-musuh sarta bakal diidek-idek ku nu ngéwaeun ka maranéh. Maranéh bakal lalumpatan, padahal euweuh nu ngudag. 18  ”’Lamun geus nepi ka kitu gé maranéh teu nurut kénéh, Kuring bakal ngahukum maranéh tujuh kali leuwih beurat lantaran dosa-dosa maranéh. 19  Kasombongan maranéh rék diancurkeun ku Kuring. Langit maranéh rék dijadikeun kawas beusi,* sarta tanah maranéh rék dijadikeun kawas tambaga.* 20  Sanajan maranéh geus digawé nepi ka béak tanaga, moal aya hasilna. Tanah maranéh moal ngahasilkeun nanaon, tatangkalan gé moal baruahan. 21  ”’Tapi lamun maranéh masih kénéh ngalawan Kuring jeung teu nurut ka Kuring, Kuring bakal ngahukum maranéh tujuh kali leuwih beurat lantaran dosa-dosa maranéh. 22  Kuring rék ngadatangkeun sato-sato liar ka maranéh, sarta éta bakal ngamusnakeun anak-anak jeung ingon-ingon maranéh. Jumlah maranéh gé bakal jadi saeutik nepi ka jalan-jalan karosong. 23  ”’Saupama ku hukuman siga kitu maranéh angger kénéh teu narima tegoran Kuring jeung keukeuh ngalawan Kuring, 24  Kuring gé bakal ngalawan maranéh sarta ngahukum maranéh tujuh kali leuwih beurat lantaran dosa-dosa maranéh. 25  Kuring rék ngadatangkeun musuh sina nyerang maranéh ku pedang lantaran maranéh ngalanggar perjangjian jeung Kuring. Lamun maranéh nyalindung ka kota-kota maranéh, Kuring rék ngadatangkeun panyakit sarta nyerahkeun maranéh ka musuh. 26  Waktu Kuring ngancurkeun sisimpenan* kadaharan* maranéh, panggangan hiji gé mahi dipaké manggang roti ku sapuluh awéwé. Rotina bakal ditimbang tuluy dibagi-bagi saeutik séwang. Maranéh bakal dahar, tapi moal seubeuh. 27  ”’Lamun geus kitu angger kénéh maranéh teu nurut jeung tetep ngalawan Kuring, 28  amarah Kuring ka maranéh bakal beuki ngagedur. Kuring bakal ngahukum maranéh tujuh kali leuwih beurat lantaran dosa-dosa maranéh. 29  Malahan, maranéh bakal ngadahar daging anak-anak maranéh sorangan, boh nu lalaki boh nu awéwé. 30  Kuring bakal ngancurkeun tempat-tempat pamujaan jeung mézbah-mézbah dupa maranéh. Kuring gé bakal numpukkeun mayit maranéh di luhureun berhala-berhala maranéh nu pikaijideun.* Kuring bakal ninggalkeun maranéh bakating ku ijid. 31  Kota-kota maranéh bakal diancurkeun, sarta tempat-tempat ibadahna rék diantep sina kalantar. Kuring gé moal bakal resep kana seungit tina kurban-kurban nu dibaktikeun ku maranéh. 32  Tanah maranéh bakal disina kalantar. Musuh-musuh maranéh nu rék cicing di ditu gé nepi ka rareuwaseun ningalina. 33  Ku Kuring maranéh bakal disina papencar di antara bangsa-bangsa jeung diudag-udag ku pedang. Tanah maranéh bakal kalantar, kota-kota maranéh bakal alancur. 34  ”’Waktu maranéh cicing di tanah musuh, tanah maranéh nu kalantar bakal istirahat. Éta tanah bakal istirahat lantaran saacanna mah teu pernah istirahat dina taun sabat. 35  Salila kalantar, tanahna bakal istirahat, lantaran salila dicicingan ku maranéh tanahna terus digarap. 36  ”’Jalma-jalma nu salamet jeung cicing di tanah musuh ku Kuring bakal ditarajang ku kasieun. Ngadéngé keresekna daun nu katiup ku angin gé maranéhna bakal ngalacir. Maranéhna bakal lalumpatan kawas jalma nu diudag-udag ku pedang tuluy labuh, padahal euweuh nu ngudag. 37  Najan euweuh nu ngudag gé, maranéhna bakal lalumpatan kawas diudag ku musuh nu mawa pedang nepi ka pateunggar jeung pada batur. Maranéh moal bakal sanggup ngalawan musuh. 38  Maranéh bakal musna ti antara bangsa-bangsa sarta bakal dilegleg ku tanah musuh. 39  Jalma nu nyésa bakal sangsara di tanah musuh lantaran kasalahan maranéh. Maranéhna bakal sangsara lantaran kasalahan karuhunna. 40  Mun geus kitu, maranéhna bakal ngaku yén maranéhna geus salah sarta ngaku yén karuhunna gé geus salah jeung teu satia, 41  nepi ka ku Kuring dilawan jeung dibawa ka tanah musuh. ”’Ari geus kitu mah sugan wéh maranéhna teu heuras beuheung deui, tapi jadi rendah haté sarta daék nebus kasalahanana. 42  Kuring bakal inget kana perjangjian Kuring jeung Yakub, Ishak, sarta Ibrahim. Kuring bakal inget ka éta tanah. 43  Waktu éta tanah ditinggalkeun, tanahna bakal kalantar jeung istirahat. Jalma-jalma bakal nebus kasalahanana, lantaran maranéhna nolak putusan hukum Kuring jeung ijid kana aturan Kuring. 44  Tapi waktu maranéhna aya di tanah musuh gé, Kuring mah teu bener-bener nolak atawa miceun maranéhna nepi ka musna. Sabab mun kitu, Kuring ngalanggar perjangjian jeung maranéhna. Kuring téh Yéhuwa Allah maranéhna. 45  Demi maranéhna, Kuring bakal inget kana perjangjian Kuring jeung karuhun maranéhna nu ku Kuring dibawa budal ti Mesir bari disaksian ku bangsa-bangsa. Éta bukti yén Kuring téh Allah maranéhna. Kuring téh Yéhuwa.’” 46  Éta téh aturan, putusan hukum, jeung hukum nu ditetepkeun ku Yéhuwa keur urang Israél ku jalan Musa di Gunung Sinai.

Catetan Tambihan

Tingali Daptar Istilah.
Atawa ”tajub ka”.
Misahkeun gandum tina cangkangna.
Maksudna, moal aya hujan ti langit.
Maksudna, tanah bakal garing lantaran euweuh hujan.
As. ”tongkat”. Bisa jadi ieu téh ngamaksudkeun tongkat paranti ngagantung roti nu bentukna siga geulang.
As. ”roti”.
Kecap Ibranina bisa jadi aya patalina jeung kecap ”tai” nu nunjukkeun sakumaha pikageuleuheunana éta.