Kajadian 3:1-24
3 Di antara sasatoan leuweung nu diciptakeun ku Allah Yéhuwa, oray téh sato nu paling ati-ati.* Oray ngomong ka awéwé éta, ”Bener kitu ceuk Allah, maranéh teu meunang ngadahar buah ti sakabéh tangkal di taman ieu?”
2 Awéwé éta ngomong ka oray, ”Urang meunang ngadahar bubuahan tina tangkal nu aya di taman ieu,
3 kajaba buah tina tangkal nu aya di tengah-tengah taman, da Allah geus ngomong kieu, ’Maranéh teu meunang ngadahar buah tina tangkal éta, dicabak gé ulah, ngarah maranéh teu paéh.’”
4 Tapi oray ngomong kieu ka awéwé éta, ”Maranéh tangtu moal paéh.
5 Puguh Allah téh nyaho, lamun maranéh ngadahar buah éta, poé éta kénéh panon maranéh bakal beunta jeung maranéh bakal siga Allah, nyaho mana nu hadé jeung nu goréng.”
6 Ku kituna, buah dina tangkal téh dipelong ku awéwé éta. Katingalina buahna meni ngeunah, pikabitaeun, jeung alus katempona. Seug buah téh dipetik jeung didahar ku manéhna. Geus kitu, waktu keur bareng jeung salakina, buah éta dibikeun ogé ka salakina. Ku salakina didahar.
7 Tuluy panon maranéhna beunta, maranéhna jadi sadar keur taranjang. Jadi, maranéhna nyambung-nyambungkeun daun ara pikeun nutupan cangkéngna.
8 Ka dieunakeun pas keur pasosoré,* maranéhna ngadéngé sora Allah Yéhuwa waktu Anjeunna keur leumpang di taman. Lalaki éta jeung pamajikanana nyumput ti Allah Yéhuwa di sela-sela tatangkalan di taman éta.
9 Allah Yéhuwa teterusan ngageroan lalaki éta, ”Manéh keur di mana?”
10 Ahirna manéhna ngajawab, ”Abdi ngadangu sora Gusti di taman, tapi abdi sieun da abdi taranjang, jadi abdi nyumput.”
11 Ngadéngé kitu, Anjeunna ngomong, ”Nyaho ti saha manéh taranjang? Manéh ngadahar buah tina tangkal nu dilarang ku Kuring, nya?”
12 Lalaki éta ngajawab, ”Awéwé nu dipasihan ku Gusti nu masihan buah éta, jadi ku abdi dituang.”
13 Tuluy Allah Yéhuwa nanya ka awéwé éta, ”Naha manéh bet kitu?” Awéwé éta ngajawab, ”Da abdi ditipu ku oray, jadi buahna dituang ku abdi.”
14 Tuluy Allah Yéhuwa ngomong ka oray, ”Lantaran kalakuan manéh kitu, manéh dikutuk ti antara sato piaraan jeung sato leuweung. Manéh bakal ngaléor maké beuteung manéh jeung bakal ngahakan kekebul saumur hirup.
15 Ku Kuring manéh bakal disina mumusuhan jeung awéwé éta, kitu ogé turunan* manéh bakal mumusuhan jeung turunan* awéwé éta. Turunanana bakal ngancurkeun sirah manéh, ari manéh bakal macok keuneung* manéhna.”
16 Allah ngomong ka awéwé éta, ”Manéh bakal sangsara pisan waktu keur ngandung, jeung bakal ngarasa nyeri pisan waktu keur ngajuru. Manéh moal bisa leupas ti salaki, jeung manéhna bakal ngawasaan manéh.”
17 Allah ngomong ka Adam,* ”Kuring geus méré paréntah ka manéh, ’Manéh ulah ngadahar buah tina tangkal éta’, tapi manéh kalah ka nurut ka pamajikan manéh jeung ngadahar buah tina tangkal éta. Ku lantaran manéh kitu, taneuh bakal dikutuk. Mun hayang ngala hasilna, manéh kudu digawé banting tulang saumur-umur.
18 Taneuh bakal ngabijilkeun rungkun cucuk jeung jujukutan. Manéh bakal kapaksa ngadahar tutuwuhan di tegalan.
19 Manéh kudu luut-léét késang heula kakara bisa dahar.* Kitu baé terus nepi ka manéh balik deui jadi taneuh, da manéh téh asalna ti dinya. Manéh téh dijieun tina taneuh jeung bakal balik deui jadi taneuh.”
20 Geus kitu, pamajikanana dingaranan Hawa* ku Adam, lantaran manéhna bakal jadi indung ti sakabéh jalma nu hirup.
21 Allah Yéhuwa mangnyieunkeun baju panjang tina kulit sato keur Adam jeung pamajikanana, sina dipaké ku maranéhna.
22 Tuluy, Allah Yéhuwa ngomong, ”Éta manusa geus jadi siga urang, nyaho naon nu hadé jeung nu goréng. Ngarah maranéhna gé teu nyokot buah tina tangkal kahirupan, tuluy didahar jeung hirup salalanggengna,—”
23 Ku kituna, Allah Yéhuwa ngusir manéhna ti Taman Éden sina ngolah tanah, nyaéta asal manéhna téa.
24 Manusa téh diusir ku Allah. Tuluy, Allah nempatkeun kérub-kérub di wétaneun Taman Éden sarta nempatkeun pedang nu hurung ku seuneu jeung terus muter pikeun ngahalangan jalan ka tangkal kahirupan.
Catetan Tambihan
^ Atawa ”pinter”.
^ Atawa ”waktu angin keur ngahiliwir”.
^ As. ”binih”.
^ As. ”binih”.
^ Atawa ”tumit”.
^ Hartina ”Manusa; Umat Manusa”.
^ As. ”dahar roti”.
^ Hartina ”Jalma nu Hirup”.