Kisah Para Rasul 17:1-34
17 Ayeuna, maranéhna indit ka Amfipolis jeung Apolonia tuluy nepi di Tésalonika. Di dinya aya tempat ibadah urang Yahudi.
2 Sakumaha kabiasaanana, Paulus asup ka dinya. Salila tilu sabat, manéhna nerangkeun Kitab Suci ku cara diskusi* jeung jalma-jalma.
3 Manéhna ngajelaskeun jeung ngabuktikeun maké ayat-ayat yén Al-Masih geus samistina ngalaman sangsara jeung dihirupkeun deui. Ceuk manéhna, ”Tah Al-Masih téh Isa téa, nu ayeuna diuarkeun ku urang ka aranjeun.”
4 Hasilna, sababaraha ti maranéhna jadi percaya tuluy ngagabung jeung Paulus sarta Silas, kitu ogé jeung loba pisan urang Yunani nu nyembah ka Allah, sarta sababaraha wanita ti kalangan luhur.
5 Ku lantaran sirik, urang Yahudi ngumpulkeun jalma-jalma jahat nu euweuh gawé jeung ngajarentul di pasar. Sanggeus meunang loba, gorombolan éta nyieun rusuh di kota. Maranéhna ngagerebeg imahna Yason, néangan Paulus jeung Silas rék diséréd ka gorombolan.
6 Ku sabab nu ditéangan teu aya, maranéhna nyéréd Yason jeung sababaraha dulur ka para pangawasa kota. Maranéhna tinggorowok, ”Jelema-jelema nu osok nyieun masalah di sakuliah dunya ayeuna aya di dieu ogé,
7 jeung ku si Yason kalah ka ditampung di imahna. Maranéhna kabéh ngalanggar aturan Kaisar, cenah aya raja séjén, nyaéta Isa.”
8 Ngadéngé kitu, jalma réa jeung para pangawasa kota jadi rusuh.
9 Tapi Yason jeung nu séjénna dibébaskeun sanggeus mayar duit jaminan.
10 Jadi peutingna, dulur-dulur ngajurung Paulus jeung Silas indit ka Béréa. Pas nepi di dinya, maranéhna asup ka tempat ibadah urang Yahudi.
11 Ari urang dinya leuwih daék diajar tibatan urang Tésalonika lantaran maranéhna mah sumanget pisan narima firman. Unggal poé, maranéhna gé ngulik Kitab Suci pikeun mariksa bener henteuna naon nu didéngé ku maranéhna.
12 Ku kituna loba nu jadi percaya, kitu ogé jeung sababaraha priya sarta wanita Yunani nu dihormat.
13 Tapi basa nyaho yén firman Allah diuarkeun ogé ku Paulus di Béréa, urang Yahudi ti Tésalonika datang ka dinya rék ngahasud jalma réa jeung nyieun rusuh.
14 Ku kituna, harita kénéh Paulus dianteur ku dulur-dulur ka basisir. Ari Silas jeung Timotius mah tetep cicing di dinya.
15 Ku dulur-dulur, Paulus dijajapkeun nepi ka Athéna. Tapi maranéhna misah sanggeus dititipan pesen ku Paulus sangkan Silas jeung Timotius buru-buru nyusul manéhna.
16 Basa Paulus ngadagoan maranéhna di Athéna, manéhna ngarasa keuheul ningali kota éta pinuh ku berhala.
17 Tuluy di tempat ibadah, manéhna diskusi* jeung urang Yahudi sarta jalma-jalma séjén nu nyembah ka Allah, kitu ogé jeung saha waé nu panggih di pasar saban poé.
18 Tapi sababaraha urang ti golongan Épikuros* jeung golongan Stoa* débat jeung manéhna. Aya nu ngomong kieu, ”Si tukang ngabacéo téh rék ngomong naon sih?” Nu séjénna némbalan, ”Sigana mah manéhna rék ngenalkeun déwa-déwa asing.” Ieu téh lantaran Paulus nguarkeun warta hadé ngeunaan Isa jeung dihirupkeunana deui nu maot.
19 Jadi manéhna dibawa ka Aréopagus. Ceuk maranéhna, ”Mangga caritakeun, pangajaran anyar naon nu diuarkeun ku anjeun téh?
20 Sabab anjeun ngajarkeun hal-hal nu can pernah didéngé ku urang-urang, nu matak urang kabéh hayang nyaho naon maksudna.”
21 Mémang kabiasaan urang Athéna jeung urang asing nu aya di* dinya téh mun keur nyalsé osok nyaritakeun jeung ngadéngékeun hal-hal nu anyar.
22 Ku kituna, Paulus nangtung di tengah-tengah Aréopagus jeung ngomong,
”Urang Athéna, abdi merhatikeun aranjeun téh taat ibadah dina sagala hal. Mun dibandingkeun jeung batur, aranjeun téh leuwih sieun ka déwa-déwa.
23 Misalna, pas keur udar-ider jeung merhatikeun rupa-rupa barang pupujaan aranjeun, abdi ningali hiji mézbah nu ditulisan ’Kanggo Allah nu Teu Dikenal’. Tah, nu diuarkeun ku abdi téh Allah nu teu dikenal, nu disembah ku aranjeun.
24 Allah nu nyiptakeun dunya jeung sagala eusina, nu jadi Gustina langit jeung bumi, henteu cicing di kuil-kuil jieunan manusa.
25 Anjeunna teu diladénan ku manusa kawas nu aya kakurang, sabab Anjeunna nu méré kahirupan, napas, jeung sagalana ka sakabéh manusa.
26 Ti hiji jalma, Anjeunna ngajadikeun sagala bangsa nu aya di sakuliah bumi. Anjeunna gé netepkeun waktu keur loba hal jeung nangtukeun tempat matuhna manusa,
27 supaya maranéhna néangan Allah, jeung lamun bener-bener néangan pasti kapanggih. Tapi sabenerna mah Allah teu jauh ti urang masing-masing.
28 Ku lantaran Anjeunna, urang aya, hirup, jeung bisa usik. Malahan ieu téh sajalan jeung nu disebutkeun ku para pangarang puisi aranjeun, ’Urang kabéh gé anak-anak-Na.’*
29 ”Ku kituna, lantaran urang kabéh téh anak-anakna Allah, ulah mikir Allah téh siga patung nu dipahat tina emas, pérak, atawa batu, hasil seni jeung rancangan manusa.
30 Mémang, aya mangsana Allah ngantep jalma-jalma teu kenal ka Anjeunna, tapi ayeuna Anjeunna ngélingan kabéh jalma di mana-mana supaya tarobat.
31 Sabab Allah geus netepkeun hiji poé pikeun ngahakiman dunya ieu ku cara nu adil, nu bakal dilaksanakeun ku saurang jalma nu geus dilantik ku Anjeunna. Pikeun jadi jaminan ka kabéh jalma yén poé éta pasti laksana, Anjeunna geus ngahirupkeun deui jalma éta tina maot.”
32 Basa ngadéngé nu maot dihirupkeun deui, aya sababaraha jalma nu moyok, tapi aya ogé nu ngomong, ”Engké deui wéh nya ngadéngékeun carita anjeun ieu mah.”
33 Jadi Paulus indit,
34 tapi aya sababaraha jalma nu milu jeung manéhna sarta jadi percaya, di antarana téh Dionisius nyaéta hakim di pangadilan Aréopagus, saurang awéwé nu ngaranna Damaris, jeung nu séjénna.
Catetan Tambihan
^ Atawa ”tukeur pikiran”.
^ Atawa ”tukeur pikiran”.
^ Tingali Daptar Istilah.
^ Tingali Daptar Istilah.
^ Atawa ”nu datang ka”.
^ Atawa ”turunana-Na”.