Nu Ditulis ku Markus 7:1-37
7 Sababaraha urang Farisi jeung ahli Torét daratang ti Yérusalém. Isa diriung ku maranéhna.
2 Maranéhna nempo aya murid Isa nu dalahar maké leungeun nu najis, nyaéta leungeun nu can dikumbah.*
3 (Lantaran nyekel pageuh tradisi karuhunna, urang Farisi, siga kabéh urang Yahudi, moal waka dahar lamun can ngumbah leungeun nepi ka siku.
4 Lamun balik ti pasar, maranéhna gé moal waka dahar saacan ngabersihan awakna ku cai. Aya loba deui tradisi nu ditarima jeung dicekel pageuh ku maranéhna, siga ngeueum gelas, téko, jeung parabot tina tambaga.)
5 Éta sababna urang Farisi jeung ahli Torét nanya ka Isa, ”Ku naon murid-murid manéh teu ngajalankeun tradisi karuhun urang? Maranéhna dalahar maké leungeun nu najis kénéh.”
6 Ceuk manéhna, ”Jalma-jalma munapék, ramalan Yésaya ngeunaan maranéh téh cocog pisan, ’Umat ieu mah ngahormat Kuring téh semet biwir hungkul, haténa mah jauh ti Kuring.
7 Cumah baé maranéhna ibadah ka Kuring, sabab nu diajarkeun téh kalah ka paréntah manusa.’
8 Maranéh mah, ari paréntah Allah ditinggalkeun, ari tradisi manusa dicekel pageuh.”
9 Isa neruskeun, ”Maranéh pinter pisan néangan alesan supaya henteu ngajalankeun paréntah Allah tapi tetep ngajalankeun tradisi maranéh.
10 Contona, Musa ngomong, ’Manéh kudu hormat ka indung bapa,’ jeung, ’Saha waé nu nyumpahan* bapana atawa indungna kudu dipaéhan.’
11 Tapi ceuk maranéh, ’Mun aya jalma nu ngomong ka indung bapana, ”Sagala milik abdi nu tadina rék dipaké keur ngarawat Ema jeung Bapa geus dikorbankeun (maksudna, dibaktikeun ka Allah),”’
12 ku maranéh, jalma éta teu diidinan ngabantu naon-naon deui ka indung bapana.
13 Ku kituna, maranéh ngabaékeun firman Allah demi ngajalankeun tradisi nu diteruskeun ku maranéh ka batur. Jeung loba deui hal séjén nu siga kitu.”
14 Jadi, Isa ngageroan jalma réa sina kumpul. Ceuk manéhna, ”Kabéh daréngékeun, maranéh kudu paham omongan urang.
15 Anu matak jelema jadi najis téh lain nu asup kana baham, tapi nu kaluar ti dinya.”
16 *——
17 Sanggeus Isa ninggalkeun jalma réa jeung asup ka hiji imah, murid-muridna nanya ngeunaan ibarat nu tadi.
18 Jadi manéhna ngomong, ”Maranéh gé teu ngarti geuning? Piraku teu nyaho naon nu diasupkeun kana baham teu matak jelema jadi najis,
19 pan asupna téh lain kana haté, tapi ka jero beuteung, tuluy dipiceun ka jamban?” Ku kituna, kabéh dahareun ku Isa dinyatakeun halal.
20 Manéhna neruskeun, ”Nu matak jelema jadi najis mah naon nu kaluar ti manéhna,
21 sabab kaluarna ti jero haté, nyaéta pikiran-pikiran goréng, nu nyababkeun jalma jadi cabul,* maling, maéhan,
22 jinah, sarakah, ngalampahkeun nu jahat, nipu, teu éra nyieun kagoréngan,* sirikan, ngahina, sombong, jeung teu asup akal.
23 Kabéh hal jahat ieu kaluarna ti jero haté, éta nu matak jelema jadi najis.”
24 Ti dinya, manéhna indit ka daérah Tirus jeung Sidon. Manéhna asup ka hiji imah, hayangna mah teu kanyahoan ku batur, tapi angger kanyahoan.
25 Karék gé nepi, béja ngeunaan Isa kadéngé ku saurang awéwé nu budak awéwéna kasurupan roh jahat. Manéhna datang, bruk sujud di hareupeun Isa.
26 Awéwé éta urang Yunani, bangsa* Sirofénisia. Manéhna teterusan ménta supaya Isa ngusir roh jahat ti budakna.
27 Tapi, Isa ngomong ka manéhna, ”Salah atuh lamun nyokot roti nu barudak tuluy dibikeun ka anak-anak anjing. Barudak heula nu kudu seubeuh.”
28 Tapi manéhna ngajawab, ”Muhun, Pa, tapi anak-anak anjing di kolong méja ngadahar réméh ti barudak éta.”
29 Ngadéngé kitu, Isa ngomong, ”Ku sabab manéh ngomong kitu, jung balik. Roh jahatna geus kaluar ti budak manéh.”
30 Awéwé éta balik ka imah, kasampak budakna keur ngagolér di tempat saré, jeung roh jahatna geus nyingkah.
31 Waktu Isa rék balik ka Situ Galiléa ti daérah Tirus, manéhna ngaliwatan Sidon jeung ngaliwatan daérah Dékapolis.*
32 Di dinya, aya nu mawa saurang lalaki nu torék jeung hésé ngomong. Maranéhna méménta sangkan Isa nyageurkeun* lalaki éta.
33 Jadi, Isa mawa lalaki éta misah ti jalma réa. Sanggeus paduduaan, manéhna ngasupkeun ramona kana ceuli lalaki éta. Geus kitu, manéhna nyiduh tuluy nyabak létah lalaki éta.
34 Bari tanggah ka langit, manéhna ngarénghap jero tuluy ngomong, ”Éffata,” nu hartina, ”Muka.”
35 Harita kénéh, lalaki éta bisa ngadéngé, jeung nu tadina ngomongna téh balélol ayeuna jadi béntés.
36 Tuluy, Isa ngalarang maranéhna bébéja ka sasaha, tapi beuki dilarang, maranéhna kalah ka beuki cacarita.
37 Maranéhna kacida tarajubeunana jeung ngaromong kieu, ”Nu dilampahkeunana téh luar biasa. Ku kawasana, nu torék jadi bisa ngadéngé jeung nu pireu jadi bisa ngomong.”
Catetan Tambihan
^ Maksudna, can dikumbah numutkeun tradisi Yahudi.
^ Atawa ”ngahina”.
^ Ayat ieu euweuh dina sababaraha naskah kuno, jadi lain bagian tina Kitab Suci nu diilhamkeun ku Allah.
^ Yunani: pornéia. Tingali Daptar Istilah.
^ Atawa ”kurang ajar”. Yunani: asélgéia. Tingali Daptar Istilah.
^ Atawa ”nu lahir di”.
^ Atawa ”Wilayah Sapuluh Kota”.
^ As. ”numpangkeun leungeun ka”.