Pamindo 15:1-23

  • Ngalapurkeun hutang unggal taun katujuh (1-6)

  • Nulungan nu miskin (7-11)

  • Ngabébaskeun palayan unggal taun katujuh (12-18)

  • Cikal sasatoan dipisahkeun (19-23)

15  ”Unggal tutup taun katujuh, kabéh nu boga hutang ka maranéh kudu dilapurkeun hutangna. 2  Ieu nu kudu dilampahkeun: Unggal jalma nu nginjeumkeun kudu mupus hutang sasamana. Manéhna teu meunang nagih hutang sasamana atawa dulurna, sabab éta hutang téh kudu dilapurkeun demi ngamulyakeun Yéhuwa. 3  Lamun nu boga hutang téh urang asing, ku maranéh meunang ditagih. Tapi lamun nu boga hutangna dulur maranéh, hutangna kudu dilapurkeun. 4  Najan kitu gé, di antara maranéh moal aya nu jadi miskin, sabab Yéhuwa pasti ngaberkahan maranéh di tanah nu dibikeun ku Yéhuwa Allah maranéh pikeun jadi warisan, 5  asal maranéh bener-bener taat kana firman Yéhuwa Allah maranéh jeung bener-bener ngajalankeun sakabéh paréntah nu ditepikeun ku kuring poé ieu. 6  Sabab Yéhuwa Allah maranéh bakal ngaberkahan maranéh sakumaha jangji-Na. Maranéh bakal nginjeumkeun ka loba bangsa,* tapi maranéh mah moal nepi ka kudu nginjeum ka batur. Maranéh bakal ngawasaan loba bangsa, tapi maranéhna moal bakal ngawasaan maranéh. 7  ”Bisi baé di salah sahiji kota di tanah nu dibikeun ku Yéhuwa Allah maranéh téh aya dulur maranéh nu jadi miskin, ulah tégaan atawa korét ka manéhna. 8  Sing béréhan, béré nginjeum sakumaha pangabutuhna. 9  Kadé, ulah nepi ka boga niat jahat kieu, ’Ah sakeudeung deui gé taun nu katujuh, waktuna hutang-hutang dilapurkeun,’ terus maranéh jadi teu béréhan jeung teu méré nanaon ka dulur maranéh nu miskin. Lamun manéhna ngadu ka Yéhuwa, maranéh bakal dianggap dosa. 10  Maranéh kudu béréhan ka manéhna. Waktu méré, ulah asa kapaksa, supaya Yéhuwa Allah maranéh ngaberkahan sagala lampah jeung usaha maranéh. 11  Nu miskin mah bakal aya waé di éta tanah. Éta sababna kuring maréntahkeun kieu, ’Maranéh kudu béréhan ka dulur nu keur kasusahan jeung miskin di tanah maranéh.’ 12  ”Lamun aya dulur maranéh urang Ibrani, boh awéwé boh lalaki, dijual ka maranéh, tuluy geus ngalalayanan maranéh salila genep taun, dina taun katujuh manéhna kudu dibébaskeun. 13  Waktu dibébaskeun, ulah dititah indit bari jeung teu dibekelan nanaon. 14  Béré naon waé tina ingon-ingon, ti tempat pangirikan,* sarta ti tempat pameresan minyak jeung anggur maranéh. Yéhuwa Allah maranéh geus ngaberkahan maranéh, jadi maranéh gé kudu béréhan ka éta jalma. 15  Sing inget, baheula maranéh gé diperbudak di Mesir, tuluy ku Yéhuwa Allah maranéh dibébaskeun. Éta sababna kuring méré paréntah kitu ka maranéh poé ieu. 16  ”Tapi lamun manéhna ngomong kieu, ’Abdi mah hoyong tetep di dieu wéh,’ lantaran manéhna nyaah ka maranéh sakulawarga sarta ngarasa betah cicing jeung maranéh, 17  manéhna titah nyarandé kana panto, tuluy tindik ceulina. Ku kituna, manéhna bakal jadi palayan maranéh saumur hirupna. Ka palayan awéwé gé sarua, kudu kitu. 18  Waktu ngabébaskeun palayan maranéh, seug manéhna indit, ulah ngarasa rugi, sabab manéhna téh geus ngalalayanan salila genep taun, bari jeung upahna ngan satengahna ti upah anu buburuh biasa. Sagala usaha maranéh gé geus diberkahan ku Yéhuwa Allah maranéh. 19  ”Cikal sapi, domba, jeung embé nu jalu kudu dipisahkeun* keur Yéhuwa Allah maranéh. Cikal sapi teu meunang dipaké gawé ku maranéh. Cikal domba gé ku maranéh teu meunang dicukur buluna. 20  Saban taun, daging sasatoan éta kudu didahar ku maranéh sakulawarga di hareupeun Yéhuwa Allah maranéh, di tempat nu bakal dipilih ku Yéhuwa. 21  Tapi lamun satona cacad, misalna cingked, lolong, atawa aya cacad séjénna nu parah, ulah dibaktikeun ka Yéhuwa Allah maranéh. 22  Nu kitu mah didaharna kudu di jero kota maranéh. Boh jalma najis boh jalma nu teu najis meunang ngadahar éta cara ngadahar daging kijang atawa uncal. 23  Tapi getihna mah teu meunang didahar, kudu dikucurkeun kana taneuh cara cai.

Catetan Tambihan

Atawa ”nginjeumkeun ka loba bangsa bari ménta jaminan”.
Tempat misahkeun sisikian tina cangkangna.
Atawa ”disucikeun”.