Pamindo 19:1-21

  • Perkara maéhan batur sarta ngeunaan kota panyalindungan (1-13)

  • Ulah mindahkeun patok wates tanah (14)

  • Para saksi di pangadilan (15-21)

    • Kudu aya dua atawa tilu saksi (15)

19  ”Lamun Yéhuwa Allah maranéh geus ngabasmi bangsa-bangsa nu tanahna rék dibikeun ku Yéhuwa Allah maranéh, tuluy maranéh geus ngarebut tanahna sarta maratuh di kota-kota jeung imah-imah maranéhna, 2  pilih tilu kota di tanah nu rék dibikeun ku Yéhuwa Allah maranéh. 3  Tanah nu rék dibikeun ku Yéhuwa Allah maranéh téh kudu dibagi jadi tilu wilayah. Tilu kota nu dipilih téh kudu aya di wilayah éta. Jieun jalan ka kota-kota éta, supaya jalma nu teu kahaja maéhan bisa kabur ka salah sahiji kota éta. 4  ”Lamun aya nu maéhan batur, ieu nu kudu dilampahkeun supaya manéhna salamet: Lamun manéhna teu kahaja maéhan batur, sarta saacanna manéhna teu ngéwa ka éta jalma, manéhna kudu kabur ka salah sahiji kota éta. 5  Upamana kieu, manéhna jeung baturna indit ka leuweung rék ngala kai. Waktu keur ngayunkeun kampakna, ari pék téh hulu kampakna coplok, melesat keuna ka baturna nepi ka baturna tiwas. Jalma nu maéhan téh kudu kabur ka salah sahiji kota éta ngarah salamet. 6  Tah lamun kotana jauh teuing, manéhna bisa kaudag ku jalma nu boga hak ngabales nu amarahna keur ngagedur, seug dipaéhan. Padahal, manéhna teu meunang dipaéhan sabab saméméhna ogé teu ngéwa ka baturna éta. 7  Kitu maksudna maranéh dititah milih tilu kota téh. 8  ”Lamun wilayah maranéh ku Yéhuwa Allah maranéh dilegakeun sakumaha sumpah-Na ka karuhun maranéh, sarta sakuliah éta tanah geus dibikeun ka maranéh sakumaha jangji-Na ka karuhun maranéh, 9  maranéh kudu milih tilu kota deui. (Éta bakal dilaksanakeun ku Anjeunna, asal maranéh ngajalankeun sagala paréntah nu ditepikeun ku kuring ayeuna, nyaéta mikanyaah Yéhuwa Allah maranéh sarta terus nuturkeun jalan Anjeunna.) 10  Ku kituna, jalma nu teu salah teu nepi ka dipaéhan di tanah nu dibikeun ku Yéhuwa Allah maranéh pikeun jadi warisan. Maranéh gé moal dianggap dosa lantaran maéhan jalma nu teu salah. 11  ”Tapi lamun aya jalma nu ngéwa ka baturna, tuluy baturna diarah seug diserang nepi ka paéh, geus kitu manéhna kabur ka salah sahiji éta kota, 12  para pamingpin kotana kudu ngaluarkeun manéhna ti dinya tuluy nyerahkeun ka jalma nu boga hak ngabales, sina dipaéhan. 13  Ulah karunya ka manéhna. Saha waé nu maéhan jalma nu teu salah kudu disingkirkeun ti Israél, supaya hirup maranéh rahayu. 14  ”Waktu maranéh narima tanah warisan nu rék dibikeun ku Yéhuwa Allah maranéh, ulah mindahkeun patok wates tanah sasama maranéh, nu geus ditetepkeun ku karuhun maranéh. 15  ”Pikeun ngabuktikeun kasalahan atawa dosa hiji jalma, teu cukup saksi saurang. Saeutikna kudu aya katerangan ti dua atawa tilu saksi pikeun ngabuktikeun hal éta. 16  Lamun aya saksi boga niat jahat seug méré katerangan palsu sarta nuduh batur nyieun kasalahan, 17  duanana kudu dibawa ka hareupeun Yéhuwa, nyaéta ka hareupeun para imam jeung hakim nu keur tugas. 18  Perkarana ku para hakim kudu diusud bener-bener. Lamun kabukti manéhna téh méré katerangan palsu jeung tuduhan palsu ka sasamana, 19  manéhna kudu dihukum sakumaha rarancang jahatna ka sasamana. Maranéh kudu nyingkirkeun kajahatan ti antara maranéh. 20  Éta bakal kadéngé ku kabéhan, tuluy maranéhna bakal sarieuneun. Ku kituna, di antara maranéh moal aya nu ngalampahkeun kajahatan siga kitu deui. 21  Ulah karunya ka manéhna. Nyawa bayar nyawa, panon bayar panon, huntu bayar huntu, leungeun bayar leungeun, suku bayar suku.

Catetan Tambihan