Pamindo 8:1-20
8 ”Maranéh kudu bener-bener ngajalankeun sakabéh paréntah nu ditepikeun ku kuring poé ieu, supaya maranéh bisa tetep hirup, ngalobaan, sarta asup jeung ngarebut tanah nu dijangjikeun ku Yéhuwa ka karuhun maranéh.
2 Sing inget, Yéhuwa Allah maranéh geus nungtun maranéh dina perjalanan anu jauh di tanah gurun salila 40 taun ieu. Éta téh supaya maranéh rendah haté. Anjeunna gé hayang mariksa eusi haté maranéh, maranéh téh daék nurut kana paréntah-Na atawa henteu.
3 Maranéh dijadikeun rendah haté. Maranéh diantep kalaparan tuluy dibéré manna, nyaéta kadaharan nu can pernah ditingali ku maranéh jeung karuhun maranéh, supaya maranéh ngarti yén manusa hirup téh lain ku dahareun* hungkul, tapi ku unggal kekecapan ti Yéhuwa.
4 Salila 40 taun ieu, pakéan maranéh henteu raruksak, suku maranéh gé henteu barareuh.
5 Di jero haté, maranéh apal pisan yén Yéhuwa Allah maranéh téh ngadidik maranéh kawas bapa ngadidik anak.
6 ”Lampahkeun paréntah Yéhuwa Allah maranéh, tuturkeun jalan-Na, jeung sing hormat* ka Anjeunna.
7 Sabab Yéhuwa Allah maranéh bakal mawa maranéh asup ka tanah nu éndah, nu loba walungan,* cinyusu, jeung cai ti jero taneuh nu ngagolontor ka lebak jeung ka daérah pagunungan.
8 Éta tanah téh pinuh ku gandum, barli, anggur, ara, dalima, minyak zaitun, jeung madu.
9 Di éta tanah, maranéh moal kalaparan jeung kakurangan nanaon. Di ditu, batu-batuna ngandung beusi. Di gunung-gunungna, maranéh bisa ngala tambaga.
10 ”Engké sanggeus maranéh dahar nepi ka seubeuh, maranéh kudu muji Yéhuwa Allah maranéh lantaran geus dibéré tanah nu subur.
11 Kadé, ulah poho ka Yéhuwa Allah maranéh. Ulah nepi ka ingkar tina paréntah, putusan hukum, jeung aturan nu ditepikeun ku kuring poé ieu.
12 Mun geus dahar nepi ka seubeuh sarta ngawangun imah-imah nu alus jeung nyicingan éta imah,
13 lamun ingon-ingon, emas, jeung pérak maranéh beuki loba sarta pangaboga maranéh jadi kacida lobana,
14 ulah adigung nepi ka poho ka Yéhuwa Allah maranéh nu ngabudalkeun maranéh ti Mesir, tempat maranéh diperbudak.
15 Anjeunna geus nungtun maranéh ngaliwatan tanah gurun nu lega jeung pikasieuneun, nu tanahna garing jeung euweuh caian, nu loba oray matih jeung kalajengking. Anjeunna ngocorkeun cai tina batu nu teuas
16 jeung méré manna di tanah gurun, nyaéta kadaharan nu can pernah ditingali ku karuhun maranéh. Maksudna téh supaya maranéh rendah haté jeung pikeun mariksa maranéh téh taat atawa henteu. Ieu téh demi kahadéan maranéh kénéh ka hareupna.
17 Lamun maranéh ngomong di jero haté, ’Urang jadi beunghar téh ku kawasa jeung kakuatan sorangan,’
18 sing inget, maranéh bisa nepi ka beunghar téh lantaran dibéré kawasa ku Yéhuwa Allah maranéh. Anjeunna ngalaksanakeun éta nepi ka poé ieu téh lantaran Anjeunna nyekel kana perjangjiana-Na jeung karuhun maranéh nu dikukuhkeun ku sumpah.
19 ”Lamun maranéh nepi ka poho ka Yéhuwa Allah maranéh, tuluy kalah ka ngalalayanan allah-allah séjén sarta nyembah jeung sujud ka maranéhna, poé ieu kuring ngingetan maranéh, maranéh tangtu musna.
20 Maranéh bakal musna kawas bangsa-bangsa nu dimusnakeun ku Yéhuwa di hareupeun maranéh, sabab maranéh teu nurut kana ucapan Yéhuwa Allah maranéh.