Roma 9:1-33

  • Paulus sedih ku lantaran bangsa Israél (1-5)

  • Turunan Ibrahim nu sajati (6-13)

  • Ulah cangcaya kana pilihan Allah (14-26)

    • Barang nu pantes narima amarah sarta dipikawelas (22, 23)

  • Ngan sésana nu bakal salamet (27-29)

  • Israél titajong (30-33)

9  Kuring téh murid Al-Masih, jadi moal bohong. Lantaran haté sanubari kuring dibingbing ku kawasa suci, kuring rék ngomong jujur. 2  Kuring téh meni sedih kabina-bina, haté téh meni asa peurih. 3  Mun bisa mah kajeun kuring wéh nu dipisahkeun ti Al-Masih jeung dikutuk ngagantikeun dulur-dulur kuring nu sabangsa, 4  nyaéta bangsa Israél. Da maranéhna nu diangkat jadi anak Allah nu dibéré kamulyaan, perjangjian-perjangjian, hukum Torét, palayanan suci, jeung jangji-jangji. 5  Maranéhna téh turunan ti karuhunna Al-Masih. Mugia Allah, nu ngawasa sagalana, dipuji salalanggengna. Amin. 6  Tapi ieu téh lain hartina firman Allah teu laksana, ku sabab teu kabéh turunan Israél téh urang Israél sajati. 7  Mémang maranéhna kabéh téh turunanana* Ibrahim, tapi teu kabéh jadi anak-anak Ibrahim nu sajati. Sabab Allah ngomong kieu ka Ibrahim, ”Nu bakal disebut turunan* manéh téh ngan nu liwat Ishak.” 8  Ieu hartina teu kabéh anak Ibrahim bener-bener anak Allah, tapi ngan nu lahir ku karana jangji éta nu dianggap turunan* Ibrahim. 9  Sabab Allah geus jangji, ”Dina waktu kawas kieu, Kuring bakal datang sarta Sara bakal boga budak lalaki.” 10  Jangji éta teu dibikeun harita hungkul, tapi ogé basa Ribka ngandung budak kembar ti Ishak, karuhun urang. 11  Méméh barudak éta lahir jeung méméh maranéhna ngalampahkeun nu hadé atawa nu goréng, Allah geus nyebutkeun mana nu rék dipilih. Jadi Allah milih téh lain gumantung kana laku lampah jelema éta, tapi sakumaha kahayang-Na. 12  Éta sababna Allah ngomong ka Ribka, ”Lanceukna bakal jadi palayan adina.” 13  Sakumaha aya ayat nu nyebutkeun, ”Kuring nyaah ka Yakub, ari ka Ésau mah Kuring teu resep.” 14  Mun kitu kumaha? Allah téh teu adil, kitu? Teu mungkin Allah teu adil! 15  Sabab Allah ngomong ka Musa, ”Kuring bakal mikawelas saha waé sakahayang Kuring, jeung Kuring bakal mikarunya saha waé sakahayang Kuring.” 16  Jadi dipilihna saurang jalma téh lain gumantung kana kahayang atawa upaya manéhna sorangan,* tapi gumantung ka Allah nu welas asih. 17  Aya ayat nu nyebutkeun kieu ngeunaan Firaun, ”Manéh tetep hirup nepi ka ayeuna téh supaya Kuring bisa némbongkeun kawasa Kuring ka manéh jeung supaya ngaran Kuring diuarkeun ka sakuliah bumi.” 18  Jadi, Allah mikawelas saha waé sakahayang-Na, tapi nu séjén diantep ngaheuraskeun haténa. 19  Meureun aya nu nanya kieu ka kuring, ”Ku naon sih Allah nyalah-nyalahkeun manusa waé? Pan euweuh nu bisa ngalawan kahayang-Na?” 20  Saha atuh aranjeun téh maké wani némbalan ka Allah? Maenya barang nu dijieun ngomong kieu ka nu nyieunna, ”Ku naon urang bet dijieun siga kieu?” 21  Teu arapal, kitu? Tukang nyieun garabah boga hak rék nyieun naon tina sagunduk taneuh liket, aya nu dijieun barang penting,* aya nu dijieun barang biasa.* Éta mah kumaha manéhna, pan? 22  Kitu ogé Allah, sanajan hayang némbongkeun amarah jeung kakuatana-Na, Anjeunna kacida sabarna ka barang-barang nu pantes narima amarah jeung dibinasakeun. 23  Anjeunna kitu téh pikeun némbongkeun kamulyaana-Na nu luar biasa ka barang-barang nu pantes dipikawelas jeung nu geus disiapkeun pikeun dimulyakeun. 24  Éta téh urang kabéh nu dipilih ti antara urang Yahudi jeung ti bangsa séjén ogé. 25  Sakumaha ucapan Anjeunna dina kitab Hoséa, ”Jalma-jalma nu lain umat Kuring, ku Kuring bakal disebut ’umat Kuring’, jeung wanita nu teu dipikanyaah ku Kuring bakal disebut ’nu dipikanyaah ku Kuring’. 26  Kitu deui di tempat Kuring pernah ngomong ka maranéhna, ’Maranéh lain umat Kuring,’ di dinya maranéhna bakal disebut ’anak-anak ti Allah nu hirup’.” 27  Salian ti éta, Yésaya ngomong kieu ngeunaan Israél, ”Sanajan urang Israél lobana siga keusik di laut, anu bakal salamet mah ngan sésana, 28  sabab Yéhuwa bakal ngahakiman bumi, jeung éta bakal gancang dibéréskeunana.”* 29  Yésaya gé ngaramalkeun, ”Lamun Yéhuwa pangawasa pasukan sorga teu nyésakeun turunan* keur urang, urang tangtu geus jadi siga Sodom jeung Gomora.” 30  Jadi, naon kasimpulanana? Sanajan jalma-jalma ti bangsa séjén henteu ngupayakeun sangkan dianggap bener, maranéhna dianggap bener lantaran boga iman. 31  Ari Israél mah sabisa-bisa ngajalankeun hukum da hayang dianggap bener, tapi teu bisa ngajalankeun éta kabéh. 32  Naon sababna? Sabab maranéhna ngupayakeun dianggap bener téh lain ku iman, tapi ku laku lampah. Maranéhna labuh ku lantaran ”batu nu matak titajong”, 33  sakumaha aya ayat nu nyebutkeun, ”Di Zion, Kuring neundeun batu nu matak titajong jeung batu nu matak labuh, tapi saha waé nu boga iman ka manéhna moal dikuciwakeun.”

Catetan Tambihan

As. ”binihna”.
As. ”binih”.
As. ”binih”.
As. ”ka jalma nu hayang atawa nu lumpat”.
Atawa ”nu dipaké keur tujuan nu mulya”.
Atawa ”nu dipaké keur tujuan nu hina”.
As. ”bakal dianggeuskeun sarta disinggetkeun”.
As. ”binih”.