Siloka 15:1-33

  • Jawaban nu lemah lembut nyirnakeun amarah (1)

  • Soca Yéhuwa ningali sagala hal (3)

  • Doa jalma bener nyukakeun Allah (8)

  • Mun teu dibadamikeun, rencana gagal (22)

  • Méméh ngajawab téh pikir heula (28)

15  Jawaban lemah lembut nyirnakeun amarah,Tapi omongan nu kasar* mah ngahudang napsu.  2  Jalma nu bijaksana mah ari ngomong téh maké kanyahona,*Tapi nu bodo mah ngabolékérkeun kabodoanana.  3  Soca Yéhuwa ningali sagala hal,Kalakuan jalma, boh hadé boh goréng, katingali ku Anjeunna.  4  Ucapan genah* téh lir tangkal kahirupan,Tapi ucapan nu nipu mah matak pegat harepan.  5  Nu bodo teu ngahargaan didikan bapana,Ari nu pinter mah daék dipapatahan.  6  Di imah jalma bener téh aya loba harta,Ari beubeunangan jalma jahat mah ngan kasusah.  7  Kanyaho téh nyebarna tina biwir jalma bijaksana,Lain ti jalma bodo.  8  Yéhuwa mikangéwa ka korban ti jalma jahat,Tapi doa jalma bener mah nyukakeun haté-Na.  9  Yéhuwa geuleuh kana lalampahan jalma jahat,Tapi nu hayang terus ngalampahkeun nu bener mah dipikanyaah ku Anjeunna. 10  Jalma nu lalampahanana geus teu bener mah teu daék diwarah,*Padahal nu teu daék dipapatahan téh bakal maot. 11  Nu di jero Kuburan* jeung di tempat kabinasaan* waé gé katingali ku Yéhuwa, Komo deui haté manusa. 12  Tukang popoyok teu resep lamun dipapatahan. Manéhna gé tara tatanya ka nu bijaksana. 13  Haté gumbira téh matak raray marahmay,Ari haté sedih mah matak leungit sumanget. 14  Ku nu boga pangarti mah kanyaho téh diulik,Ari nu bodo mah resepna téh ngomongkeun nu euweuh gunana. 15  Keur nu hirupna sangsara* mah unggal poéna téh ripuh,Ari keur nu senang haté mah unggal poéna téh siga pésta. 16  Mending kénéh teu boga loba harta tapi hormat* ka YéhuwaTibatan beunghar tapi loba pikiran. 17  Kajeun kénéh dahar sayur sapiring bareng jeung jalma nu dipikanyaahTibatan dahar daging sapi nu panghadéna tapi bari aya kangéwa. 18  Nu gancang ambek mah nyiar-nyiar pipaséaeun,Tapi nu teu gancang ambek mah nenangkeun kaayaan. 19  Jalma nu kedul mah jalanna téh kawas dipageran ku rungkun cucuk,Ari nu lalampahanana bener mah jalanna téh kawas jalan nu rata. 20  Budak bijaksana, bapa nu bungah. Ari budak bodo mah ngarendahkeun indungna. 21  Nu kurang pangarti mah resep ngalampahkeun nu euweuh paédahna,Ari nu boga pangarti mah terus ngalampahkeun nu bener. 22  Mun teu dibadamikeun heula, rencana téh gagal,Tapi mun loba juru naséhat mah hasilna tangtu alus. 23  Kacida atohna méré jawaban nu bener,Jeung lamun diucapkeun dina waktu nu pas, sakecap waé gé matak haté senang. 24  Jalma nu boga pangarti mah jalanna téh ka luhur, ngajugjug kana hirup,Lain ka handap ka Kuburan.* 25  Yéhuwa bakal ngaruntuhkeun imahna jalma sombong,Tapi wates tanah randa mah bakal dijaga ku Anjeunna. 26  Yéhuwa mikageuleuh siasatna jalma jahat,Tapi Anjeunna resep kana ucapan nu nyukakeun haté. 27  Nu nyokot untung bari teu jujur téh nyusahkeun* rumah tangga sorangan,Tapi nu teu resep kana panyogok mah bakal terus hirup. 28  Jelema bener mah méméh ngajawab téh mikir heula,*Tapi biwir jalma jahat mah ngabudalkeun nu goréng. 29  Yéhuwa jauh ti jalma jahat,Tapi Anjeunna ngadangukeun doa jalma bener. 30  Raray marahmay ngagumbirakeun haté,Béja hadé ngagedékeun haté.* 31  Jalma nu daék ngadéngékeun naséhat nu nungtun kana kahirupan téhKaasup di antara jalma-jalma nu bijaksana. 32  Saha waé nu teu daék narima didikan téh teu lebar kana nyawana sorangan,Sabalikna nu daék ngadéngékeun naséhat mah meunangkeun pangarti. 33  Rasa hormat* ka Yéhuwa ngajarkeun kabijaksanaan,Sipat rendah haté ngadatangkeun kamulyaan.

Catetan Tambihan

Atawa ”nyelekit”.
Atawa ”pangaweruh”.
Atawa ”Létah nu nyageurkeun”.
Atawa ”nganggap pépéling téh kejem”.
Atawa ”Syéol”. Tingali Daptar Istilah.
Atawa ”di Abadon”. Tingali Daptar Istilah.
Atawa ”surem”.
As. ”sieun”.
Atawa ”Syéol”. Tingali Daptar Istilah.
Atawa ”jadi aéb keur”.
Atawa ”ngalenyepan heula saacan ngajawab; nimbang-nimbang heula saacan ngomong”.
As. ”ngalintuhkeun tulang”.
As. ”Sieun”.