Siloka 17:1-28

  • Ulah ngabales kahadéan ku kajahatan (13)

  • Geuwat indit méméh paséa (14)

  • Sobat sajati salawasna némbongkeun kanyaah (17)

  • ”Haté nu gumbira téh ubar nu mujarab” (22)

  • Nu boga pangarti téh mikir heula saacan ngomong (27)

17  Mending kénéh dahar roti garing sasiki di imah nu tengtrem,Tibatan dahar daging* di imah nu jalma-jalmana paraséa.  2  Palayan nu boga pangarti bakal ngawasaan budak dununganana nu kalakuanana ngérakeun,Malah bakal kabagian warisan kawas budak dununganana.  3  Pérak jeung emas dimurnikeunana téh ku seuneu,Ari haté manusa mah dipariksana ku Yéhuwa.  4  Jalma jahat mah resepna téh ngadéngékeun omongan anu nganyenyeri haté batur,Tukang tipu resepna ngadéngékeun pitnah.  5  Jalma nu moyok ka nu miskin téh ngahina Nu Ngadamelna,Nu atoh ningali batur susah téh bakal dihukum.  6  Incu téh kawas makuta keur nu geus karolot,Kitu deui indung bapa téh sok diagulkeun ku barudakna.  7  Nu jahat mah teu cocog mun omonganana bener,* Nya komo deui pangawasa,* teu cocog mun omonganana bohong!  8  Hadiah téh ibarat batu permata keur nu méréna. Ku hadiah éta, sagala nu dipigawéna tangtu hasil.  9  Nu réla ngahampura* kasalahan téh tandana boga kaasih,Tapi nu ngunek-ngunek waé mah megatkeun sosobatan. 10  Jalma nu boga pangarti mah ditegor sakali gé langsung ngarti,Ari nu bodo mah digebugan ratusan kali gé teu ngarti-ngarti. 11  Jalma jahat téh hayangna barontak waé,Tapi manéhna bakal dihukum ku utusan nu kejem. 12  Leuheung kénéh amprok jeung biruang nu kaleungitan anak,Tibatan amprok jeung jalma bodo nu teu boga pikiran. 13  Jalma nu ngabales kahadéan ku kajahatan téhKulawargana bakal terus meunang kasusah. 14  Ngajak ribut téh ibarat muka panto bendungan. Méméh paséa, geuwat indit. 15  Yéhuwa mikangéwa ka nu nganggap jalma jahat téh benerJeung ka nu nganggap jalma bener téh salah. 16  Naon gunana mun nu bodo sanggup meunangkeun kabijaksanaanTapi haténa teu hayang?* 17  Sobat sajati téh salawasna némbongkeun kanyaah. Manéhna jadi dulur waktu aya kasusah. 18  Nu kurang pangarti téh daék sasalaman jeung nyieun perjangjian rék ngajamin hutang batur,Kitu téh bari disaksian ku babaturanana sorangan. 19  Jalma nu resep paséa bakal nyieun kasalahan Sarta nu gedé omong* téh nyilakakeun diri sorangan. 20  Nu haténa licik moal meunang kahadéan. Nu sok nipu bakal cilaka. 21  Budak bodo, bapa nu sedih. Budak teu boga pikiran, bapana nalangsa. 22  Haté nu gumbira téh ubar nu mujarab,*Tapi haté nu remuk mah méakkeun tanaga.* 23  Jalma jahat téh susulumputan narima panyogokAmbéh kaadilan teu dijalankeun. 24  Jalma nu boga pangarti téh néangan kabijaksanaan,Tapi pikiran jalma bodo mah ngalayang nepi ka tungtung bumi. 25  Budak bodo matak bapa sedih,Matak indung nyeri haté. 26  Ngahukum* jalma bener téh teu pantes,Mecutan jalma nu dihormat téh salah. 27  Jalma nu boga kanyaho téh mikir heula saacan ngomong,Nu boga pangarti bakal tetep tenang. 28  Nu bodo gé ari jempé mah sok dianggap bijaksana,Nu balem sok dianggap boga pangarti.

Catetan Tambihan

As. ”korban keur jamuan pésta”.
Atawa ”mun hadé basa”.
Atawa ”bangsawan”.
As. ”Nu nutupan”.
Atawa ”Tapi kurang pangarti?”
Atawa ”nu nyieun gerbang nu luhur”.
Atawa ”matak nyageurkeun”.
Atawa ”matak garing kana tulang”.
Atawa ”Ngadengda”.