Nu Ditulis ku Yahya 17:1-26

  • Doa Isa nu panungtungan keur para rasul (1-26)

    • Sangkan hirup langgeng, kudu wanoh ka Allah (3)

    • Urang Kristen lain bagian ti dunya (14-16)

    • ”Firman Bapa téh bener” (17)

    • ”Nami Bapa geus dikenalkeun” (26)

17  Sanggeus ngucapkeun hal-hal éta, Isa tanggah ka langit bari ngomong kieu, ”Bapa, ayeuna geus waktuna. Mulyakeun Putra sangkan Putra gé bisa ngamulyakeun Bapa. 2  Putra geus dibéré kawasa ka sakabéh manusa supaya bisa méré hirup langgeng ka kabéh nu geus dipasrahkeun ka Putra. 3  Sangkan bisa hirup langgeng, maranéhna kudu wanoh ka* Bapa, Allah sajati nu ngan hiji, jeung ka utusan Bapa, Isa Al-Masih. 4  Abdi geus ngamulyakeun Bapa di bumi ku cara ngaréngsékeun pagawéan nu dipasihkeun ku Bapa ka abdi. 5  Jadi ayeuna, Bapa, pasihan abdi kamulyaan di gigireun Bapa sakumaha nu dipiboga ku abdi di gigireun Bapa ti saacan dunya* dijadikeun. 6  ”Abdi geus nganyatakeun* nami Bapa ka jalma-jalma nu dipasrahkeun ku Bapa ti dunya ieu. Maranéhna téh milik Bapa nu dipasrahkeun ka abdi. Maranéhna gé geus ngajalankeun* firman Bapa. 7  Ayeuna maranéhna geus nyaho yén sagala nu ditarima ku abdi téh asalna ti Bapa, 8  sabab sagala nu diucapkeun ku Bapa geus ditepikeun ku abdi jeung ditarima ku maranéhna. Maranéhna geus nyaho abdi téh datang salaku wakil Bapa, jeung percaya abdi téh utusan Bapa. 9  Abdi ngadoakeun maranéhna, lainna ngadoakeun dunya ieu. Abdi ngadoakeun jalma-jalma nu geus dipasrahkeun ku Bapa ka abdi lantaran maranéhna téh milik Bapa. 10  Sagala milik abdi téh milik Bapa, milik Bapa téh milik abdi. Abdi geus dimulyakeun di antara maranéhna. 11  ”Abdi bakal ninggalkeun dunya lantaran rék balik ka Bapa, tapi maranéhna mah aya kénéh di dunya. Bapa nu suci, demi nami Bapa nu geus dipasihkeun ka abdi, pangjagakeun maranéhna ngarah maranéhna jadi hiji,* sakumaha abdi jeung Bapa gé hiji.* 12  Basa bareng jeung maranéhna, abdi nu osok ngajaga maranéhna demi nami Bapa nu geus dipasihkeun ka abdi. Abdi gé ngalindungan maranéhna supaya ulah aya nu binasa, kajaba nu saurang nu mémang bakal binasa, supaya ayat éta bisa laksana. 13  Ayeuna abdi rék balik ka Bapa. Meungpeung aya kénéh di dunya, abdi nyebutkeun hal-hal ieu, supaya maranéhna bener-bener ngarasakeun kabungah abdi. 14  Abdi geus nepikeun firman Bapa ka maranéhna, tapi maranéhna kalah ka dipikangéwa ku dunya, sabab maranéhna lain bagian ti dunya, sakumaha abdi gé lain bagian ti dunya. 15  ”Abdi teu ménta supaya maranéhna dicokot ti dunya ieu, tapi supaya Bapa ngajaga maranéhna ti si jahat.* 16  Maranéhna lain bagian ti dunya, sakumaha abdi gé lain bagian ti dunya. 17  Sucikeun* maranéhna ku firman Bapa sabab firman Bapa téh bener. 18  Maranéhna ku abdi diutus ka dunya, saperti abdi diutus ku Bapa ka dunya. 19  Abdi nyucikeun diri demi maranéhna, supaya maranéhna gé bisa disucikeun ku firman Bapa nu bener. 20  ”Abdi teu ngadoakeun maranéhna hungkul, tapi ogé jalma-jalma nu boga iman ka abdi sanggeus ngadéngékeun pangajaran maranéhna. 21  Ku kituna, Bapa, maranéhna kabéh bisa jadi hiji sarta bisa ngahiji jeung urang duaan, sakumaha Bapa ngahiji jeung abdi sarta abdi ngahiji jeung Bapa. Ieu téh supaya dunya percaya abdi diutus ku Bapa. 22  Maranéhna geus dibéré kamulyaan abdi nu ti Bapa téa, supaya maranéhna jadi hiji sakumaha abdi jeung Bapa gé hiji. 23  Abdi ngahiji jeung maranéhna sarta Bapa ngahiji jeung abdi, supaya maranéhna jadi bener-bener ngahiji.* Ku kituna, dunya bisa nyaho abdi diutus ku Bapa jeung Bapa nyaah ka maranéhna sakumaha Bapa nyaah ka abdi. 24  Bapa, kahayang abdi mah jalma-jalma nu dipasrahkeun ku Bapa ka abdi bisa araya di tempat abdi, supaya maranéhna bisa ningali kamulyaan nu dipasihkeun ku Bapa ka abdi, lantaran Bapa nyaah ka abdi ti saacan ayana dunya.* 25  Bapa nu adil, dunya mémang teu wanoh ka Bapa, tapi abdi mah wanoh. Jalma-jalma nu dipasrahkeun ka abdi gé nyaho abdi diutus ku Bapa. 26  Nami Bapa geus dikenalkeun ka maranéhna jeung bakal terus dikenalkeun, supaya maranéhna bisa mikanyaah batur sakumaha Bapa mikanyaah abdi. Ku kituna, abdi bisa ngahiji jeung maranéhna.”

Catetan Tambihan

Atawa ”kudu terus diajar ngeunaan”.
Atawa ”umat manusa”.
Atawa ”ngenalkeun”.
Atawa ”nurut kana”.
Atawa ”ngahiji”.
Atawa ”ngahiji”.
Maksudna, Sétan.
Atawa ”Pisahkeun”.
Atawa ”sampurna ngahijina”.
Maksudna, ti saacan turunan Adam jeung Hawa dilahirkeun.