Yosua 22:1-34

  • Kaom-kaom di wétan marulang (1-8)

  • Mézbah dibangun di sisi Walungan Yordan (9-12)

  • Maksudna ngabangun mézbah dijelaskeun (13-29)

  • Masalah diréngsékeun (30-34)

22  Tuluy Yosua ngageroan kaom Rubén, kaom Gad, jeung satengah kaom Manasyé 2  sarta ngomong ka maranéhna, ”Maranéh geus ngalakukeun sakabéh paréntah Musa hamba Yéhuwa. Maranéh gé geus nurut kana sakabéh paréntah urang. 3  Nepi ka ayeuna, maranéh teu pernah ninggalkeun dulur-dulur maranéh. Maranéh gé geus ngajalankeun paréntah Yéhuwa Allah maranéh. 4  Ayeuna, Yéhuwa Allah maranéh geus méré hirup tengtrem ka dulur-dulur maranéh, sakumaha jangji-Na. Sok ayeuna mah geura marulang ka pakémahan maranéh di tanah nu dibikeun ku Musa hamba Yéhuwa di beulah ditu* Walungan Yordan. 5  Tapi, maranéh kudu bener-bener ngajalankeun paréntah jeung Torét nu ditepikeun ku Musa hamba Yéhuwa. Maranéh kudu nyaah ka Yéhuwa Allah maranéh, nuturkeun sagala kahayang-Na, ngajalankeun paréntah-paréntah-Na, tetep satia ka Anjeunna, sarta ngalalayanan Anjeunna ku sapinuh haté jeung sagembleng nyawa.”* 6  Seug ku Yosua maranéhna diberkahan jeung dititah marulang. Bral maranéhna marulang ka pakémahanana. 7  Ka satengah ti kaom Manasyé, Musa méré tanah warisan di Basyan, jeung ka satengahna deui, Yosua méré tanah di kuloneun Walungan Yordan bareng jeung dulur-dulur maranéhna. Waktu ngajurung maranéhna marulang ka pakémahanana, Yosua ngaberkahan maranéhna 8  jeung ngomong kieu, ”Jung geura marulang ka pakémahan maranéh bari mawa loba harta, loba pisan ingon-ingon, pérak, emas, tambaga jeung beusi, sarta loba pisan papakéan. Bawa barang-barang nu geus dijarah ti musuh-musuh urang, jeung bagikeun ka dulur-dulur maranéh.” 9  Geus kitu, kaom Rubén, kaom Gad, sarta satengah kaom Manasyé papisah jeung urang Israél séjénna. Maranéhna indit ti Syilo di tanah Kanaan jeung marulang ka tanah Giléad, nyaéta tanah nu dibikeun ka maranéhna pikeun dicicingan, sakumaha paréntah Yéhuwa ka Musa. 10  Barang nepi di daérah Walungan Yordan di tanah Kanaan, kaom Rubén, kaom Gad, jeung satengah kaom Manasyé nyieun mézbah nu gedé pisan di deukeut Walungan Yordan. 11  Seug aya nu ngabéjaan urang Israél séjénna, kieu cenah, ”Geuning kaom Rubén, kaom Gad, jeung satengah kaom Manasyé téh nyieun mézbah di wates tanah Kanaan di sisi Walungan Yordan, di daérah urang kénéh.” 12  Ngadéngé kitu, sakabéh jamaah Israél kumpul di Syilo rék merangan maranéhna. 13  Tuluy urang Israél ngutus Pinéhas anak Imam Éléazar pikeun manggihan kaom Rubén, kaom Gad, jeung satengah kaom Manasyé di tanah Giléad. 14  Manéhna dibarengan ku sapuluh pamingpin, saurang pamingpin ti unggal kaom Israél. Maranéhna téh pamingpin kulawarga nu ngapalaan rébuan urang Israél. 15  Sanggeus panggih jeung kaom Rubén, kaom Gad, jeung satengah kaom Manasyé di tanah Giléad, maranéhna ngomong, 16  ”Kieu ceuk sakabéh jamaah Yéhuwa, ’Ku naon maranéh bet teu saratia ka Allah Israél? Maranéh teu nurut deui ka Yéhuwa, kalah ka nyieun mézbah jeung barontak ka Yéhuwa. 17  Inget teu kasalahan di Péor? Sanajan harita jamaah Yéhuwa keuna ku wabah panyakit, akibat tina kasalahan éta karasa kénéh ku urang nepi ka ayeuna. Mémangna éta teu cukup? 18  Ayeuna maranéh teu nurut deuih ka Yéhuwa! Lamun poé ieu maranéh barontak ka Yéhuwa, isukan Anjeunna bakal ambek ka sakabéh jamaah Israél. 19  Lamun maranéh kitu téh pédah ngarasa tanah maranéh najis, sok atuh meuntas ka tanah milik Yéhuwa tempat ayana tabernakel Yéhuwa, tuluy cicing babarengan jeung urang. Ngan ulah barontak ka Yéhuwa, supaya urang teu kababawa barontak, lantaran maranéh nyieun mézbah séjén salian ti mézbah Yéhuwa Allah urang. 20  Basa Akhan anak Zérah teu satia lantaran maok barang nu sakuduna dimusnakeun, Allah ambek ka sakabéh jamaah Israél, pan? Nu paéh ku lantaran kasalahanana téh lain manéhna hungkul.’” 21  Ngadéngé kitu, kaom Rubén, kaom Gad, jeung satengah kaom Manasyé ngajawab kieu ka para pamingpin nu ngapalaan rébuan urang Israél, 22  ”Yéhuwa Allah nu perkasa!* Yéhuwa Allah nu perkasa! Anjeunna apal, jeung Israél gé bakal apal. Lamun urang barontak jeung teu satia ka Yéhuwa, paéhan wéh urang kabéh poé ieu. 23  Lamun urang nyieun mézbah ieu pikeun ngalawan ka Yéhuwa sarta pikeun nyanggakeun korban beuleuman, korban dahareun,* jeung korban karukunan di dinya, Yéhuwa bakal ngahukum urang. 24  Tapi, lain ku lantaran éta urang nyieun mézbah téh. Urang mikir, bisi wéh engké turunan maranéh ngomong kieu ka turunan urang, ’Naon hubunganana maranéh jeung Yéhuwa Allah Israél? 25  Ku Yéhuwa urang geus dipisahkeun ti maranéh, kaom Rubén jeung kaom Gad, diwatesan ku Walungan Yordan. Maranéh mah euweuh hubunganana jeung Yéhuwa.’ Turunan maranéh bakal ngahalang-halang turunan urang ibadah* ka Yéhuwa. 26  ”Matakna urang mikir, urang téh kudu nyieun mézbah, lain keur korban beuleuman atawa korban séjénna, 27  tapi keur jadi saksi antara urang jeung maranéh sarta turunan* urang kabéh. Éta nunjukkeun yén pihak urang bakal terus ngalalayanan Yéhuwa ku cara nyanggakeun korban beuleuman, korban séjénna, jeung korban karukunan. Ku kituna, engké turunan maranéh moal ngomong kieu ka turunan urang, ’Maranéh euweuh hubunganana jeung Yéhuwa.’ 28  Tapi, lamun engké maranéhna ngomong siga kitu ka urang jeung turunan* urang, urang bakal ngajawab kieu, ’Tuh tingali tiruan mézbah Yéhuwa jieunan karuhun urang. Éta téh lain keur korban beuleuman atawa korban séjénna, tapi keur jadi saksi antara urang jeung maranéh.’ 29  Nya moal mungkin atuh urang barontak ka Yéhuwa jeung teu nurut ka Yéhuwa ku cara nyieun mézbah tandingan keur nyanggakeun korban. Urang mah nyanggakeun korban beuleuman, korban dahareun,* jeung korban séjénna ngan di mézbah Yéhuwa Allah urang nu aya di hareupeun tabernakel-Na!” 30  Waktu Imam Pinéhas, para pamingpin jamaah, jeung para pamingpin nu ngapalaan rébuan urang Israél ngadéngé jawaban turunan Rubén, Gad, jeung Manasyé, maranéhna jadi reugreug. 31  Ku kituna, Pinéhas anak Imam Éléazar ngomong ka turunan Rubén, Gad, jeung Manasyé, ”Poé ieu urang-urang nyaho Yéhuwa téh nyarengan urang saréréa, lantaran maranéh teu barontak ka Yéhuwa. Ayeuna urang saréréa moal dihukum ku Yéhuwa.” 32  Sanggeus Pinéhas anak Imam Éléazar jeung para pamingpin ninggalkeun kaom Rubén jeung kaom Gad di tanah Giléad, maranéhna mulang ka tanah Kanaan, tuluy nyaritakeun hal éta ka urang Israél séjénna. 33  Urang Israél jadi reugreug ngadéngé laporan éta. Maranéhna muji Allah sarta teu nyebut-nyebut deui rék merangan kaom Rubén jeung kaom Gad pikeun ngancurkeun daérah nu dicicingan ku maranéhna. 34  Tuluy kaom Rubén jeung kaom Gad méré ngaran ka mézbah éta,* lantaran ”mézbah éta jadi saksi keur urang yén Yéhuwa téh Allah nu bener”.

Catetan Tambihan

Nyaéta di wétaneun Walungan Yordan.
Atawa ”kahirupan; jiwa”. Tingali ”Jiwa” dina Daptar Istilah.
As. ”Allahna sagala Allah”.
Atawa ”korban sisikian”.
As. ”sieun”.
As. ”génerasi sanggeus”.
As. ”génerasi sanggeus”.
Atawa ”korban sisikian”.
Tina katerangan saterusna, mézbah éta bisa jadi dingaranan Saksi.