PALAJARAN 12
Kumaha Kaayaan Nu Maot?
Maot téh sabalikna tina hirup. Kaayaan nu maot téh siga jalma anu saré tibra. (Yohanes 11:11-14) Nu maot henteu bisa ngadéngé, nénjo, ngomong, atawa mikir. (Pandita 9:5, 10) Agama palsu ngajarkeun yén jalma nu maot pindah ka alam roh pikeun hirup ngahiji jeung karuhun-karuhunna. Ieu lain pangajaran Alkitab.
Nu maot teu bisa nulungan, atawa nyilakakeun urang. Jalma-jalma geus biasa ngayakeun upacara sarta tradisi agama nu dipercaya bisa nyenangkeun nu maot, saperti jiarah ka makam atawa méré sasajén. Kabiasaan éta henteu dipikaresep ku Allah, lantaran dumasarna kana salah sahiji kabohongan Sétan. Nu maot ogé moal bisa disenangkeun, sabab maranéhna geus teu hirup. Urang henteu perelu sieun ka nu maot atanapi nyembah ka maranéhna. Mung Allah nu kedah disembah ku urang.—Mateus 4:10.
Nu maot bakal hirup deui. Di bumi pirdus, Yéhuwa bakal ngagugahkeun deui nu maraot sangkan hirup deui. Ieu bakal kawujud dina mangsa pikahareupeun. (Yohanes 5:28, 29; Rasul 24:15) Allah tiasa ngagugahkeun deui nu maot, sakumaha Sadérék pasti tiasa ngagugahkeun deui jalmi nu kulem.—Markus 5:22, 23, 41, 42.
Pamikiran yén urang teu tiasa maot mangrupakeun kabohongan nu disebarkeun ku Sétan si Iblis. Sétan sarta roh-roh jahat mangaruhan jalma-jalma sangkan boga pamikiran yén roh nu maot téh tetep hirup sarta ngabalukarkeun kasakit ogé masalah-masalah nu séjén. Sétan ngabohongan jalma-jalma, sakapeung liwat impian sarta téténjoan. Yéhuwa bakal ngahukum jalma-jalma nu ngumaha ka nu maot.—Pamindo 18:10-12.