”Abdi Oge Ngaharep ka Allah”
”Adam anu ahir mah nya eta Roh anu ngahirupkeun.”—1 KOR. 15:45.
1-3. (a) Naon salah sahiji pangajaran utama nu dipercaya ku urang? (b) Ku naon harepan pihudangeunana nu maot téh penting? (Tingali gambar dina awal artikel.)
SADÉRÉK bakal ngajawab naon lamun aya nu nanya, ’Naon waé pangajaran utama kapercayaan manéh?’ Tangtu Sadérék bakal ngajelaskeun yén Yéhuwa téh Nu Nyipta jeung nu masihan kahirupan. Sadérék ogé bisa waé nyebutkeun yén Sadérék iman ka Yésus Kristus nu jadi tebusan. Salian ti éta, Sadérék bakal nyaritakeun Pirdaus di bumi tempat kabéh umat Allah bakal hirup langgeng. Tapi, naha Sadérék ogé bakal nyebutkeun ngeunaan harepan pihudangeunana nu maot?
2 Sanajan urang miharep bisa salamet ti mangsa cilaka jeung hirup langgeng di bumi, urang ogé boga alesan nu kuat pikeun ngajadikeun pihudangeunana nu maot sabagé salah sahiji pangajaran utama urang. Rasul Paulus ngajelaskeun ku naon hal ieu penting. Manéhna ngomong, ”Ari anu geus maraot moal dihirupkeun deui mah tangtu Kristus oge henteu hirup deui.” Lamun Yésus teu dihirupkeun 1 Korinta 15:12-19.) Tapi, urang apal jeung yakin yén Yésus geus dihirupkeun deui. Urang béda pisan jeung urang Saduki nu teu percaya kana pihudangeunana nu maot. Sanajan aya nu ngaléléwé, iman urang kana pihudangeunana nu maot tetep kuat.—Mar. 12:18; Ras. 4:2, 3; 17:32; 23:6-8.
deui, anjeunna moal jadi Raja di sawarga sarta pangwawaran urang gé jadi cumah. (Baca3 Paulus ngajelaskeun yén ”hal pihudangeunana anu geus maraot” téh mangrupakeun salah sahiji ”pangajaran dasar” Kristen. (Ibr. 6:1, 2) Manéhna nandeskeun yén urang kudu iman kana hal ieu. (Ras. 24:10, 15, 24, 25) Sanajan ieu téh pangajaran dasar Alkitab, urang tetep perlu nalungtik pangajaran ieu. (Ibr. 5:12) Naon sababna?
4. Aya pananya naon waé ngeunaan pihudangeunana nu maot?
4 Waktu mimiti diajar Alkitab, biasana urang diajar kisah jalma-jalma nu dihudangkeun tina maot di jaman baheula, saperti kisah Lasarus. Urang ogé diajar yén Ibrahim, Ayub, jeung Daniél iman kana pihudangeunana nu maot dina mangsa kahareup. Tapi, naon jawaban Sadérék lamun aya nu nanyakeun bukti tina Alkitab yén jangji ieu bakal kalaksana sanajan geus dijangjikeun ratusan taun katukang? Naha Alkitab nyebutkeun iraha jangji ieu bakal kalaksana? Jawabanana tangtu bakal nguatkeun iman urang.
HUDANGNA NU MAOT RATUSAN TAUN SANGGEUS DINUBUATKEUN
5. Naon nu bakal urang bahas ayeuna?
5 Bisa waé gampang pikeun ngabayangkeun jalma nu maot dihirupkeun deui teu lila sanggeus manéhna maot. (Yoh. 11:11; Ras. 20:9, 10) Tapi, kumaha jeung jangji pihudangeunana nu maot nu bakal kalaksana mangtaun-taun, atawa malahan ratusan taun, kahareup? Naha urang bisa tetep yakin kana jangji éta teu sual hiji jalma kakara maot atawa geus lila maotna? Sabenerna, aya jangji saperti kitu nu kalaksanana ratusan taun ti saprak dijangjikeun. Sadérék ogé geus iman kana éta jangji. Saha nu dihirupkeun téh? Sarta naon patalina jeung harepan Sadérék ngeunaan pihudangeunana nu maot?
6. Kumaha Jabur 118 kalaksana dina diri Yésus?
6 Tina Jabur 118, nu bisa jadi ditulis ku Daud, hayu urang bahas pihudangeunana nu maot nu geus dijangjikeun mangtaun-taun saacanna. Jabur ieu nyebutkeun, ”Mugia Allah ngaberkahan ka nu datang kalayan pajenengan PANGERAN.” Nubuat ieu disebutkeun ku jalma-jalma nu ngabagéakeun Yésus basa anjeunna asup ka Yérusalém dina tanggal 9 Nisan, sababaraha poé saacan anjeunna maot. (Jab. 118:25, 26; Mat. 21:7-9) Tapi, kumaha Jabur 118 aya patalina jeung pihudangeunana nu maot mangtaun-taun sanggeusna? Perhatikeun ayat séjén nu aya di jabur ieu, ”Batu nu teu kapake [”ditolak”, Terjemahan Dunia Baru (NW)] ku nu ngawangun, malah jadi anu pangpentingna.”—Jab. 118:22.
7. Naon buktina urang Yahudi nolak Yésus?
7 ”Nu ngawangun” nyaéta para pamingpin Yahudi nu nolak Mésias. Maranéhna Luk. 23:18-23) Maranéhna nu ngalantarankeun Yésus pupus.
lain ngan saukur ngabaékeun atawa teu ngakukeun Yésus sabagé Kristus. Maranéhna nolak Yésus ku cara maksa Pilatus pikeun ngahukum pati Yésus. (8. Kumaha Yésus bisa jadi batu ”anu pangpentingna”?
8 Kumaha Yésus bisa jadi batu ”anu pangpentingna” lamun anjeunna ditolak jeung dihukum pati? Éta ngan bisa kalaksana lamun anjeunna dihirupkeun deui. Yésus ngajelaskeun hal éta ku cara nyaritakeun hiji misil ngeunaan jalma nu boga kebon nu nitah gandékna ngadatangan para patani nu nyaréwa kebonna. Gandékna kalah ka dikaniaya ku maranéhna. Ahirna, nu boga kebon ngutus anakna. Manéhna miharep nu nyaréwa kebon daék ngadéngékeun anakna. Tapi, anakna malah dipaéhan. Sanggeus nyaritakeun ieu misil, Yésus nyutat nubuat nu aya di Jabur 118:22. (Luk. 20:9-17) Rasul Pétrus nyutat ayat nu sarua waktu ngomong ka ”para pamingpin Yahudi, para kokolot, jeung guru-guru agama [nu] karumpul di Yerusalem”. Pétrus ngomong ngeunaan ”Yesus Kristus urang Nasaret, anu ku Juragan-juragan parantos disalib [”digantung dina tihang”, NW], nanging parantos digugahkeun ku Allah tina pupusna”. Tuluy manéhna ngomong, ”Batu anu dipiceun ku aranjeun tukang-tukang wawangunan, nyatana mah jadi batu anu pangpentingna.”—Ras. 3:15; 4:5-11; 1 Pet. 2:5-7.
9. Jabur 118:22 nganubuatkeun hal penting naon?
9 Jadi jelas yén Jabur 118:22 nganubuatkeun pihudangeunana nu maot nu bakal kalaksana ratusan taun sanggeusna. Mésias bakal ditolak jeung dipaéhan. Tapi, anjeunna bakal dihirupkeun deui sarta jadi batu anu pangpentingna. Sanggeus dihirupkeun deui, ngan Yésus ”anu ku Allah dipaparin kawasa nyalametkeun” umat manusa.—Ras. 4:12; Epe. 1:20.
10. (a) Naon nu dinubuatkeun di Jabur 16:10? (b) Ku naon urang yakin yén nu dimaksud dina Jabur 16:10 téh lain Daud?
10 Hayu urang bahas ayat séjén ngeunaan pihudangeunana nu maot. Ayat ieu kalaksana leuwih ti sarébu taun sanggeus ditulis. Urang sakuduna jadi yakin yén pihudangeunana nu maot bisa kalaksana lila sanggeusna éta Jabur 16, ”Abdi satuhu ngawula ka Gusti, ku Gusti moal diselehkeun ka dunya anu maraot.” (Jab. 16:10) Maksud Daud téh lain manéhna nu moal bakal maot. Firman Allah ngajéntrékeun yén Daud ngolotan terus maot jeung ”dikurebkeun di Kota Daud”. (1 Rja. 2:1, 10) Jadi, saha nu dimaksud dina ayat ieu?
dijangjikeun. Urang bisa maca kekecapan Daud dina11. Iraha Pétrus ngajelaskeun nubuat di Jabur 16:10?
11 Leuwih ti sarébu taun sanggeus Daud nulis éta nubuat, Pétrus ngajelaskeun saha nu dimaksud di Jabur 16:10. Sababaraha minggu sanggeus Yésus pupus jeung dihirupkeun deui, Pétrus ngomong di hareupeun rébuan urang Yahudi jeung proselit. (Baca Rasul 2:29-32.) Manéhna ngingetan jalma réa yén Daud geus maot jeung dikurebkeun. Alkitab henteu nyebutkeun aya nu ngabantah Pétrus basa manéhna nambahkeun yén Daud ”dipaparin uninga ti memehna” ngeunaan Mésias nu dihirupkeun deui.
12. Kumaha Jabur 16:10 kalaksana, sarta kumaha hal ieu ngayakinkeun urang ngeunaan jangji pihudangeunana nu maot?
12 Pétrus ngajéntrékeun deui ku cara nyutat kekecapan Daud di Jabur 110:1. (Baca Rasul 2:33-35.) Bukti tina Alkitab nu disebutkeun ku Pétrus ngayakinkeun jalma réa yén Yésus téh ”Gusti jeung Jurusalamet”. (Ras. 2:36) Jalma-jalma ahirna ngarti yén Jabur 16:10 téh kalaksana dina diri Yésus basa anjeunna dihirupkeun deui. Ka dieunakeun, Rasul Paulus ogé nyebutkeun bukti nu sarua basa ngomong ka urang Yahudi di Antioki di Pisidia. Maranéhna jadi kataji jeung hayang ngadéngé leuwih loba deui. (Baca Rasul 13:32-37, 42.) Ieu ogé sakuduna ngayakinkeun urang yén nubuat Alkitab ngeunaan pihudangeunana nu maot bisa dipercaya sanajan geus dinubuatkeun ratusan taun katukang.
IRAHA NU MAOT DIHUDANGKEUN?
13. Naon nu bisa jadi urang tanyakeun ngeunaan pihudangeunana nu maot?
13 Urang tangtu jadi gedé haté lantaran nyaho yén pihudangeunana nu maot bakal kalaksana sanajan dinubuatkeun ratusan taun katukang. Tapi, bisa waé aya nu nanya, ’Naha éta hartina abdi kudu ngadagoan lila sangkan bisa panggih deui jeung nu dipikaasih? Iraha éta kalaksana?’ Mémang numutkeun Yésus, aya hal-hal nu teu bisa dipikanyaho. Anjeunna ngomong ka para rasulna yén rincian ngeunaan ”poe jeung waktuna, Rama Kami anu kagungan hak nangtoskeun”. (Ras. 1:6, 7; Yoh. 16:12) Tapi, aya sababaraha katerangan ngeunaan iraha pihudangeunana nu maot bakal kalaksana.
14. Ku naon dihirupkeunana Yésus béda jeung dihirupkeunana jalma nu saméméhna?
14 Kisah pangpentingna ngeunaan jalma nu dihirupkeun tina maot téh nyaéta ngeunaan Yésus. Lamun anjeunna teu dihirupkeun deui, urang gé moal boga harepan pikeun panggih deui jeung kakasih urang nu geus maot. Jalma-jalma nu dihirupkeun deui saméméh Yésus, saperti nu dihirupkeun ku Élias jeung Élisa, henteu hirup langgeng. Maranéhna maot deui Rum 6:9; Wahyu 1:5, 18; Kol. 1:18; 1 Pet. 3:18.
jeung jadi lebu. Tapi, Yésus ”geus digugahkeun tina maot, moal pupus deui, maot moal kawasa deui ka Anjeunna”. Di sawarga, anjeunna ”hirup salalanggengna”.—15. Ku naon Yésus disebut ”anu ti heula” dihirupkeun deui?
15 Dihirupkeunana Yésus sabagé mahluk roh téh mangrupakeun dihirupkeunana jalma ka sawarga nu mimiti jeung nu pangpentingna. (Ras. 26:23) Tapi, lain Yésus wungkul nu bakal dihirupkeun ka sawarga. Rasul-rasul Yésus nu satia ogé dijangjikeun bakal maréntah bareng anjeunna di sawarga. (Luk. 22:28-30) Sanggeus maot, maranéhna bakal narima pahala ieu. Saperti Yésus, maranéhna bakal dihirupkeun sabagé mahluk roh. Paulus ngajelaskeun hal nu sarua nyaéta Yésus lain hiji-hijina jalma nu bakal dihirupkeun ka sawarga. Paulus nulis, ”Masing-masing kudu nurutkeun giliranana: Kristus anu ti heula; engke, dina waktu Anjeunna sumping deui [”dina kahadiran anjeunna”, NW], kakara giliran anu aranut ka Anjeunna.”—1 Kor. 15:23.
16. Iraha jalma-jalma bakal dihirupkeun deui ka sawarga?
16 Tina kekecapan Paulus, urang bisa nyaho iraha jalma-jalma bakal dihirupkeun deui ka sawarga. Éta bakal kalaksana dina kahadiran Kristus. Geus mangtaun-taun, Saksi Yéhuwa ngabuktikeun tina Alkitab yén ”kahadiran” Kristus dimimitian taun 1914. Urang masih kénéh hirup dina ”kahadiran” éta, sarta geus deukeut kana ahir dunya nu jahat ieu.
17, 18. Naon nu bakal dialaman ku kaom kaistrén dina kahadiran Kristus?
17 Alkitab méré katerangan séjén ngeunaan jalma-jalma nu dihirupkeun ka sawarga, ”Sim kuring hayang nerangkeun kumaha saenyana kaayaan jalma ari geus paeh . . . Urang percaya yen Yesus geus gugah tina pupus-Na. Ku sabab eta kudu percaya yen sakur anu maotna percaya ka Yesus, tangtu ku Allah bakal dihirupkeun deui . . . Sakur anu hirup keneh dina wanci Gusti sumping [”hadir”, NW], moal diheulakeun ti nu geus maraot ti heula. Engke bakal aya sora tarik aba-aba . . . Anu bakal dihirupkeun ti heula teh anu maraotna percaya ka Kristus. Ari anu harita harirup keneh bakal dikumpulkeun jeung eta, dibawa bareng kana mega ngadeuheus ka Gusti di awang-awang, saterusna hirup reureujeungan jeung Gusti.”—1 Tes. 4:13-17.
18 Dihudangkeunana jalma ka sawarga téh bakal kalaksana teu lila sanggeus kahadiran Kristus. Kaom kaistrén nu masih kénéh hirup di bumi dina mangsa cilaka bakal ”dibawa bareng kana mega”. Naon maksudna? Kabéh nu ”ngadeuheus ka Gusti” téh ’moal maot’, atawa maotna moal lila. Waktu maranéhna maot, maranéhna ”bakal dirobah. Kajadianana ngadadak di jero sakiceup mata waktu sangkakala ditiup panganggeusan”.—1 Kor. 15:51, 52; Mat. 24:31.
19. Naon maksudna hal hudang nu leuwih hadé téh?
19 Kiwari, kalolobaan urang Kristen teu diistrénan jeung teu dipilih pikeun maréntah di sawarga bareng Kristus. 1 Tes. 5:1-3) Di dunya anyar, bakal aya pihudangeunana jalma pikeun hirup di bumi. Maranéhna boga harepan pikeun jadi manusa sampurna nu moal maot deui. Ieu téh hal hudang nu leuwih hadé ti batan jalma-jalma di jaman baheula nu dihirupkeun tapi maot deui.—Ibr. 11:35.
Maranéhna ngadagoan poéna Yéhuwa bakal ngamusnakeun dunya nu jahat ieu. Sanajan teu aya nu nyaho iraha ieu bakal kalaksana, bukti-bukti nunjukkeun yén éta téh geus téréh. (20. Ku naon urang yakin yén pihudangeunana nu maot bakal tartib?
20 Numutkeun Alkitab, jalma-jalma nu dihirupkeun ka sawarga ”masing-masing kudu nurutkeun giliranana”. (1 Kor. 15:23) Jadi, urang bisa yakin yén pihudangeunana nu maot di bumi ogé bakal diatur kalayan tartib. Bisa jadi kapikir ku urang: Naha nu maot di jaman urang bakal dihudangkeun teu lila sanggeus Pamaréntahan Sarébu Taun Kristus dimimitian, jeung dibagéakeun ku jalma-jalma nu wanoh ka maranéhna? Naha hamba-hamba Allah nu satia di jaman baheula nu bisaeun mingpin bakal dihudangkeun ti heula sangkan bisa milu ngaorganisasi umat Allah? Kumaha jeung jalma-jalma nu teu pernah ngawula Yéhuwa? Iraha jeung di mana maranéhna bakal dihirupkeun deui? Loba kénéh nu bisa ditanyakeun. Tapi, ayeuna urang teu kudu ngahariwangkeun éta. Leuwih alus urang sabar ngadagoan. Urang bakal tajub ningali carana Yéhuwa ngalaksanakeun hal ieu.
21. Naon harepan Sadérék?
21 Ayeuna, urang kudu terus nguatkeun iman ka Yéhuwa. Liwat Yésus, Mantenna jangji yén nu maot bakal diémut jeung bakal dihirupkeun deui. (Yoh. 5:28, 29; 11:23) Bukti séjénna Yéhuwa bakal ngahirupkeun nu maot téh nyaéta tina kekecapan Yésus yén Ibrahim, Ishak, jeung Yakub pikeun ”Allah mah kabeh oge hirup”. (Luk. 20:37, 38) Tangtu urang boga alesan kuat pikeun ngomong saperti Rasul Paulus, ”Abdi oge ngaharep ka Allah perkawis pihudangeunana sadaya jalmi tina maot.”—Ras. 24:15.