Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Mugia Urang Ngahiji Saperti Yéhuwa Ngahiji jeung Yésus

Mugia Urang Ngahiji Saperti Yéhuwa Ngahiji jeung Yésus

”Mugi maranehna oge dikersakeun ngahiji ka Urang, sapertos Ama ngahiji ka Abdi, Abdi ngahiji ka Ama.”​—YOH. 17:20, 21.

KAWIH: 24, 99

1, 2. (a) Naon nu didoakeun ku Yésus dina doa nu panungtungan bareng jeung rasul-rasulna? (b) Bisa jadi, ku naon Yésus ngahariwangkeun kasatunggalan rasul-rasulna?

DINA peuting saacanna pupus, Yésus ngahariwangkeun kasatunggalan rasul-rasulna. Yésus ngadoakeun sangkan maranéhna ngahiji saperti anjeunna jeung Bapana ogé ngahiji. (Baca Yohanes 17:20, 21.) Lamun murid-murid Yésus ngahiji, jalma-jalma bisa yakin yén Yésus téh dikirim Yéhuwa ka bumi. Jalma-jalma bisa nyaho saha murid-murid Yésus nu sajati ti kanyaah di antara maranéhna. Kanyaah ieu ogé bisa ngahijikeun maranéhna.​—Yoh. 13:34, 35.

2 Urang bisa paham ku naon Yésus loba ngabahas kasatunggalan dina peuting éta. Anjeunna merhatikeun yén rasul-rasul can bener-bener ngahiji. Misalna, rasul-rasul paraséa ngeunaan saha ”anu bisa dianggap pangpunjulna”, saperti nu enggeus-enggeus. (Luk. 22:24-27; Mar. 9:33, 34) Dina waktu séjénna, Yakobus jeung Yohanes ménta ka Yésus sangkan dibéré kadudukan nu punjul di Karajaan sawarga, di kénca jeung di katuhueun anjeunna.​—Mar. 10:35-40.

3. Naon nu bisa ngaruksak kasatunggalan murid-murid Kristus, sarta pananya naon waé nu bakal dibahas?

3 Tapi, lain kahayang pikeun ngawasa wungkul nu ngaruksak kasatunggalan murid-murid Kristus. Jalma-jalma di jaman Yésus ogé kapisah-pisah lantaran boga kangéwa jeung prasangka. Murid-murid Yésus kudu miceun parasaan négatif éta. Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas pananya-pananya: Kumaha carana Yésus nyanghareupan prasangka? Kumaha Yésus ngabantu murid-muridna pikeun teu beurat sabeulah sarta tetep ngahiji? Terus, kumaha conto jeung pangajaran Yésus bisa ngabantu urang tetep ngahiji?

PRASANGKA KA YÉSUS JEUNG MURID-MURIDNA

4. Prasangka naon nu pernah kaalaman ku Yésus?

4 Yésus pernah ngalaman prasangka. Waktu Pilipus ngabéjaan Natanaél yén manéhna geus manggihan Mésias, Natanaél ngajawab, ”Na aya kitu anu hade ti Nasaret?” (Yoh. 1:46) Bisa jadi Natanaél apal yén Mésias bakal dilahirkeun di Bétléhém luyu jeung nubuat di Mika 5:1. Meureun manéhna mikir yén Nasarét téh lain kota nu cocog pikeun jadi lemburna Mésias. Jalma-jalma nu kasohor di Yudéa ogé ngarendahkeun Yésus ku sabab asalna ti Galiléa. (Yoh. 7:52) Loba urang Yudéa nganggap rendah urang Galiléa. Pikeun ngahina Yésus, sababaraha urang Yahudi nyebut anjeunna urang Samaria. (Yoh. 8:48) Urang Samaria téh béda bangsa jeung urang Yahudi, agamana gé béda. Boh urang Yudéa boh urang Galiléa teu ngajénan, malah ngajauhan, urang Samaria.​—Yoh. 4:9.

Sangkan tetep ngahiji, murid-murid Yésus kudu ngarobah cara pikirna

5. Prasangka kawas kumaha nu kaalaman ku murid-murid Yésus?

5 Para pamingpin agama Yahudi gé teu ngajénan murid-murid Yésus. Urang Parisi ngalandi maranéhna sabagé jalma-jalma nu ”bakal disapa ku Allah”. (Yoh. 7:47-49) Urang Parisi ogé nganggap yén jalma nu teu sakola agama Yahudi jeung nu henteu nuturkeun tradisi agama maranéhna téh jalma biasa nu teu guna. (Ras. 4:13) Yésus jeung murid-muridna ngalaman prasangka lantaran jalma-jalma harita ngagulkeun agama, kadudukan di masarakat, jeung sélérna. Murid-murid ogé kapangaruhan, maranéhna jadi boga prasangka ka batur. Sangkan tetep ngahiji, maranéhna kudu ngarobah cara pikirna.

6. Sebutkeun conto-conto nu nunjukkeun yén prasangka bisa mangaruhan urang.

6 Kiwari, jalma-jalma di sakurilingeun urang boga loba prasangka. Batur bisa waé prasangka ka urang, atawa urang nu prasangka ka batur. Saurang sadérék istri nu ayeuna jadi panaratas di Australia ngomong, ”Abdi jadi ngéwa pisan ka jalma kulit bodas waktu mikirkeun kateuadilan nu kaalaman ku urang Aborigin, boh baheula boh ayeuna.” Manéhna beuki ngéwa deui lantaran aya nu jahat ka manéhna. Saurang sadérék di Kanada nyaritakeun kumaha parasaanana baheula, ”Abdi ngarasa jalma nu ngomong basa Prancis téh leuwih hébat.” Jadi, manéhna teu resep ka jalma nu ngomong basa Inggris.

7. Kumaha carana Yésus nyanghareupan prasangka?

7 Saperti di jaman Yésus, kiwari ogé prasangka bisa kuat pisan nepi ka hésé dileungitkeunana. Kumaha carana Yésus nyanghareupan prasangka? Nu kahiji, anjeunna sorangan tara prasangka atawa beurat sabeulah ka batur. Anjeunna ngawawar ka jalma nu miskin jeung beunghar, ka urang Parisi jeung urang Samaria, nepi ka tukang mulung pajeg jeung jalma nu boga dosa. Nu kadua, ku jalan pangajaran jeung tuladanna, Yésus ngajar murid-muridna sangkan teu curigaan atawa prasangka ka batur.

NGÉLÉHKEUN PRASANGKA KU KANYAAH JEUNG KARENDAHAN HATÉ

8. Prinsip penting naon nu jadi dasar kasatunggalan urang? Jelaskeun.

8 Yésus ngajarkeun prinsip penting nu jadi dasar kasatunggalan urang. Ceuk anjeunna ka murid-muridna, ”Maraneh teh sadulur.” (Baca Mateus 23:8, 9.) Urang bisa disebut sadulur lantaran urang kabéh turunan Adam. (Ras. 17:26) Yésus gé ngajelaskeun yén murid-muridna téh sadulur ku sabab nganggap Yéhuwa sabagé Bapa di sawarga. (Mat. 12:50) Ku kituna, maranéhna jadi anggota kulawarga Allah nu ngahiji lantaran silih pikanyaah jeung boga iman ka Allah. Éta sababna waktu nyuratan sidang-sidang, para rasul nyebut kabéh urang Kristen sabagé dulur-dulur.​—Rum 1:13; 1 Pet. 2:17; 1 Yoh. 3:13.

9, 10. (a) Ku naon urang Yahudi teu boga alesan pikeun ngagul-ngagulkeun sélérna? (b) Kumaha Yésus ngajarkeun yén ngarendahkeun sélér séjén téh salah? (Tingali gambar dina awal artikel.)

9 Sanggeus Yésus ngomong ka murid-muridna yén maranéhna téh sadulur, anjeunna nandeskeun pentingna karendahan haté. (Baca Mateus 23:11, 12.) Urang geus nyaho yén sakapeung para rasul jadi papecah lantaran sombong. Jalma-jalma di jaman Yésus sok ngagul-ngagulkeun sélérna. Loba urang Yahudi percaya yén maranéhna téh leuwih punjul ti batan batur ku sabab maranéhna turunan Ibrahim. Tapi, Yohanes Jurubaptis ngomong ka maranéhna, ”Allah iasaeun ngadamel turunan Ibrahim tina ieu batu-batu!”​—Luk. 3:8.

10 Di pandangan Yésus, ngagul-ngagulkeun sélér téh salah. Ieu dijéntrékeun ku anjeunna waktu ngajawab pananya ti saurang ahli Torét, ”Saha batur kaula teh?” Yésus nyaritakeun hiji carita. Aya saurang Yahudi nu dirampog, digebugan, tuluy diculkeun di jalan. Sanajan sababaraha urang Yahudi ngaliwat, maranéhna teu nulungan. Tapi, hiji urang Samaria karunyaeun jeung nulungan manéhna. Yésus nutup caritana ku ngajelaskeun yén ahli Torét éta kudu siga urang Samaria tadi. (Luk. 10:25-37) Yésus nunjukkeun yén urang Samaria bisa ngajar urang Yahudi naon hartina mikanyaah batur.

11. Ku naon murid-murid Yésus teu meunang beurat sabeulah, sarta kumaha Yésus ngabantu maranéhna?

11 Saacan Yésus ka sawarga, anjeunna nitah murid-muridna pikeun ngawawar ”di sakuliah Yudea, di Samaria, nepi ka tungtung bumi”. (Ras. 1:8) Ku kituna, maranéhna kudu miceun kasombongan jeung prasangka. Yésus sering nyaritakeun kahadéan ti urang asing. Ieu bisa nyiapkeun murid-muridna pikeun ngawawar ka kabéh bangsa. Contona, Yésus muji perwira bangsa Rum nu imanna kuat. (Mat. 8:5-10) Waktu di Nasarét, Yésus ngajelaskeun kumaha Yéhuwa ngabantu urang asing, saperti randa ti Sarpat di Pénésia sarta Naaman, urang Siria nu gering lépra. (Luk. 4:25-27) Yésus ogé ngawawar ka awéwé Samaria, malah salila dua poé, anjeunna mondok di hiji kota di Samaria lantaran jalma-jalmana minat kana wartana.​—Yoh. 4:21-24, 40.

URANG KRISTEN DI ABAD KAHIJI KUDU NGALAWAN PRASANGKA

12, 13. (a) Kumaha sikep para rasul waktu Yésus ngajar awéwé Samaria? (Tingali gambar dina awal artikel.) (b) Naon buktina yén Yakobus jeung Yohanes can ngarti kana palajaran ti Yésus?

12 Teu gampang ngéléhkeun prasangka téh. Para rasul héraneun waktu ningali Yésus dadaékanan ngajar awéwé Samaria. (Yoh. 4:9, 27) Naon sababna? Bisa jadi lantaran pamingpin agama Yahudi teu daék ngomong jeung awéwé di hareupeun jalma-jalma, komo deui ka awéwé Samaria nu katelah goréng kalakuanana. Para rasul ngajak Yésus dahar, tapi Yésus jongjon nyarita ka éta awéwé nepi ka dahar téh teu penting deui. Ngawawar, kaasup ka awéwé Samaria, mangrupakeun kahoyong Bapana. Ngalampahkeun kahoyong Bapana téh saperti kadaharan keur anjeunna.​—Yoh. 4:31-34.

13 Yakobus jeung Yohanes can paham kana palajaran penting ieu. Waktu murid-murid jeung Yésus ngaliwatan Samaria, maranéhna néangan tempat keur mondok di hiji désa. Tapi, euweuh nu narima. Yakobus jeung Yohanes ambek pisan nepi ka nanya ka Yésus naha anjeunna ngidinan lamun maranéhna nurunkeun seuneu ti langit pikeun ngaduruk éta désa. Yésus negor maranéhna. (Luk. 9:51-56) Bisa jadi, Yakobus jeung Yohanes moal sakitu ambekna lamun kajadianana di Galiléa. Meureun maranéhna ambek lantaran boga prasangka. Ka dieunakeun, waktu Yohanes ngawawar ka urang Samaria jeung loba nu narima, manéhna bisa waé ngarasa éra mun inget deui sikep manéhna baheula.​—Ras. 8:14, 25.

14. Kumaha masalah prasangka di abad kahiji diréngsékeun?

14 Teu lila sanggeus Péntakosta taun 33 M, aya masalah diskriminasi di sidang. Waktu sadérék-sadérék ngabagikeun dahareun ka randa-randa nu ngabutuhkeun, maranéhna ngabaékeun randa-randa nu ngomong basa Yunani. (Ras. 6:1) Bisa jadi, maranéhna boga prasangka lantaran béda basa. Masalah ieu geuwat diréngsékeun ku para rasul. Maranéhna milih tujuh priya pikeun ngabagikeun dahareun sacara adil. Tujuhanana boga ngaran Yunani, jadi randa-randa éta ngarasa reugreug.

15. Kumaha Pétrus diajar pikeun teu beurat sabeulah? (Tingali gambar dina awal artikel.)

15 Dina taun 36 M, murid-murid Yésus mimiti ngawawar ka jalma-jalma ti sagala bangsa. Saacanna, Rasul Pétrus campur gaul jeung urang Yahudi wungkul. Allah ngajéntrékeun yén urang Kristen teu meunang beurat sabeulah. Tuluy, Pétrus ngawawar ka Kornélius, prajurit Rum. (Baca Rasul 10:28, 34, 35.) Sanggeus éta, Pétrus campur gaul sarta dahar bareng jeung urang Kristen nu lain Yahudi. Tapi, mangtaun-taun sanggeusna di kota Antioki, manéhna teu daék deui dahar bareng jeung urang Kristen nu lain Yahudi. (Gal. 2:11-14) Pétrus ditegor ku Paulus. Tapi, Pétrus narimakeun. Naon buktina? Waktu Pétrus nulis surat nu mimiti ka urang Kristen Yahudi jeung nu lain Yahudi di Asia Leutik, manéhna nyebutkeun pentingna mikanyaah sakabéh dulur.​—1 Pet. 1:1; 2:17.

16. Urang Kristen di abad kahiji katelah ku naonna?

16 Lantaran ningali tuladan Yésus, rasul-rasul diajar pikeun mikanyaah ”sakabeh manusa”. (Yoh. 12:32; 1 Tim. 4:10) Sanajan butuh waktu, maranéhna bisa ngarobah cara pandangna. Malah, urang Kristen di abad kahiji katelah ku kanyaah di antara maranéhna. Kira-kira taun 200 M, juru tulis nu ngaranna Tertulian nyutat omongan jalma-jalma ngeunaan urang Kristen: ”Maranéhna silih pikanyaah,” sarta ”Maranéhna malahan daék maot demi dulur saimanna.” Lantaran geus maké ”kapribadian anu anyar”, urang Kristen diajar pikeun teu ngabéda-béda jalma, sakumaha Allah.​—Kol. 3:10, 11, Sunda Formal.

17. Kumaha carana miceun prasangka? Béré contona.

17 Kiwari, urang gé butuh waktu pikeun miceun sagala prasangka. Saurang sadérék istri di Prancis ngajelaskeun sakumaha héséna hal ieu. Ceuk manéhna, ”Yéhuwa ngajar abdi ngeunaan naon hartina mikaasih, béréhan, sarta mikanyaah rupa-rupa jalma. Tapi, abdi kudu terus diajar pikeun miceun prasangka ka batur. Ieu téh teu gampang. Éta sababna abdi terus ngadoakeunana.” Saurang sadérék istri ti Spanyol ngajelaskeun yén sakapeung manéhna masih kudu ngalawan parasaan négatif ka hiji kelompok jalma. Ceuk manéhna, ”Seringna mah bisa, tapi abdi kudu terus ngupayakeunana. Nuhun ka Yéhuwa, ayeuna abdi bagja jadi bagian ti kulawarga nu ngahiji.” Urang kabéh kudu mariksa parasaan urang. Naha urang masih perlu miceun prasangka?

KANYAAH TUMUWUH, PRASANGKA NGAJAUH

18, 19. (a) Naon alesanana urang narima kabéh jalma? (b) Kumaha carana?

18 Hadé lamun urang inget yén urang téh tadina jauh ti Allah. (Epe. 2:12) Tapi, urang ditarik ku Yéhuwa bakat ku asih-Na ka urang. (Hos. 11:4; Yoh. 6:44) Kristus ogé narima urang. Anjeunna muka jalan sangkan urang bisa jadi kulawarga Allah. (Baca Rum 15:7.) Sanajan urang teu sampurna, Yésus daék narima urang, maenya urang teu daék narima batur?

Urang ngahiji jeung silih pikanyaah lantaran miboga ”kabijaksanaan nu ti sawarga” (Tingali paragrap 19)

19 Beuki deukeut kana panungtungan jaman ieu, jalma-jalma bakal beuki kapisah-pisah sarta loba nu boga prasangka jeung kangéwa. (Gal. 5:19-21; 2 Tim. 3:13) Tapi salaku umat Yéhuwa, urang hayang miboga ”kabijaksanaan nu ti sawarga” nu ngabantu urang henteu beurat sabeulah sarta rukun jeung batur. (Yak. 3:17, 18) Urang resep nyobat jeung jalma-jalma ti nagri séjén, narima kabiasaanana, atawa bisa ogé diajar basana. Waktu ngalakukeunana, urang ngarasakeun katengtreman nu ”ngocor lir walungan” sarta kaadilan nu ”mapag lir ombak muru basisir”.​—Yes. 48:17, 18.

20. Naon hasilna lamun kanyaah ngarobah pipikiran jeung parasaan urang?

20 Waktu sadérék istri ti Australia diajar Alkitab, sagala prasangka jeung kangéwana lila-lila leungit. Kanyaah ngarobah pipikiran jeung parasaanana. Sadérék ti Kanada nu ngomong basa Prancis téa ayeuna sadar yén jalma bisa ngéwa ka batur lantaran henteu bener-bener wanoh. Manéhna paham yén ”sipat jalma teu gumantung kana tempat lahirna”. Malahan, manéhna kawin jeung sadérék istri nu ngomong basa Inggris! Conto-conto ieu ngabuktikeun yén kanyaah ngéléhkeun prasangka. Kanyaah téh tali anu meungkeut urang, nu moal bisa pegat.​—Kol. 3:14.