ARTIKEL PALAJARAN 35
Sing Terus ”Silih Kuatkeun”
”Teruskeun . . . silih tegerkeun jeung silih kuatkeun.”—1 TÉS. 5:11.
KAWIH 90 Sing Silih Hatéan
NU DIBAHAS *
1. Dumasar 1 Tésalonika 5:11 urang téh kudu ngalakukeun naon?
SADÉRÉK pernah teu milu ngabangun atawa ngoméan Balé Karajaan? Sanggeus Balé Karajaanana dibangun atawa dioméan, inget teu kumaha rasana pas mimiti Sadérék masamoan di ditu? Sadérék pasti nganuhunkeun pisan ka Yéhuwa. Terus saking bungahna, meureun pas rék nyanyi lagu bubuka gé, Sadérék ampir ngeclakkeun cipanon. Balé Karajaan nu dibangun sakitu éndahna téh ngamulyakeun Yéhuwa. Tapi, urang gé bisa ngamulyakeun Yéhuwa ku cara nguatkeun iman dulur-dulur saiman. Dina 1 Tésalonika 5:11, kecap Yunani nu ditarjamahkeun jadi ”silih kuatkeun” téh bisa ogé ngamaksudkeun ”silih bangun”. (Baca.) Jadi, waktu nulis kekecapan ieu, Paulus téh miharep urang Kristen bisa milu ”proyék pembangunan” rohani ieu.
2. Naon nu bakal dibahas dina artikel ieu?
2 Rasul Paulus ngarti kumaha carana nguatkeun dulur-dulur saimanna sabab manéhna téh rasrasan ka maranéhna. Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas tuladan manéhna waktu mantuan dulur-dulur saimanna pikeun (1) tabah nyanghareupan tangtangan, (2) rukun jeung batur, sarta (3) nguatkeun iman maranéhna ka Yéhuwa. Urang bisa nyonto cara Paulus waktu rék nguatkeun dulur-dulur saiman urang.—1 Kor. 11:1.
PAULUS MANTUAN DULUR-DULUR SAIMAN PIKEUN TABAH NYANGHAREUPAN TANGTANGAN
3. Kumaha pandangan Paulus kana pagawéan jeung ibadah?
3 Paulus nyaah pisan ka dulur-dulur saimanna. Manéhna téh geus biasa ngalaman kasusah, jadi manéhna bisa nunjukkeun kanyaah jeung rasrasan ka dulur-dulur saiman anu boga kasusah ogé. Sakali waktu, Paulus geus teu boga duit. Manéhna kudu néangan gawé pikeun nyukupan pangabutuh dirina sarta jalma-jalma nu bareng jeung manéhna. (Kis. 20:34) Ku kituna, manéhna jadi tukang nyieunan ténda. Waktu nepi di Korintus, manéhna digawé bareng jeung Akuila sarta Priskila pikeun nyieun ténda. Tapi, ”unggal poé Sabat”, manéhna ngawawar ka urang Yahudi jeung urang Yunani. Terus sanggeus Silas jeung Timotius datang, ”Paulus jadi beuki sibuk ngawartakeun firman”. (Kis. 18:2-5) Paulus teu pernah mopohokeun tujuan utama dina kahirupanana, nyaéta ngawula Yéhuwa. Manéhna bisa laluasa méré naséhat ka dulur-dulur saiman lantaran manéhna sorangan geus méré conto. Ceuk Paulus, sanajan dulur-dulur saimanna ngalaman kasusah sarta kudu banting tulang néangan napkah keur kulawarga, ulah nepi ka maranéhna mopohokeun ”hal-hal nu leuwih penting”, nyaéta ibadah ka Yéhuwa.—Flp. 1:10.
4. Kumaha Paulus jeung Timotius ngabantu dulur-dulur saimanna nyanghareupan panganiayaan?
4 Teu lila sanggeus sidang di Tésalonika diadegkeun, jalma-jalma nu kakara jadi urang Kristen téh nyanghareupan tangtangan anu beurat. Gorombolan jalma néangan Paulus jeung Silas. Tapi ku lantaran nu ditéangan teu aya, maranéhna nyéréd ”sababaraha dulur ka para pangawasa kota” jeung tinggorowok, ”Maranéhna kabéh ngalanggar aturan Kaisar.” (Kis. 17:6, 7) Jalma-jalma nu kakara jadi urang Kristen di ditu pasti sieuneun sabab diarah ku gorombolan jalma. Paulus embung maranéhna jadi teu sumanget ngalayanan Yéhuwa. Harita, Paulus jeung Silas téh kudu ninggalkeun éta kota, jadi maranéhna mastikeun aya nu ngurus sidang jamaah di ditu. Paulus méré nyaho urang Tésalonika, ”[Urang-urang] ngutus Timotius, dulur urang pikeun nguatkeun jeung negerkeun aranjeun, supaya iman aranjeun pengkuh. Ku kituna, moal aya nu jadi lemah ku kasangsaraan-kasangsaraan ieu.” (1 Tés. 3:2, 3) Jigana mah Timotius pernah nyanghareupan panganiayaan di lemburna, nyaéta di kota Listra. Timotius geus ningali kumaha Paulus nguatkeun dulur-dulur saiman di Listra. Manéhna gé ningali kumaha Yéhuwa terus nyarengan dulur-dulur saiman di ditu. Ku kituna, Timotius bisa ngayakinkeun dulur-dulur saiman di kota Tésalonika yén Yéhuwa gé bakal nyarengan maranéhna.—Kis. 14:8, 19-22; Ibr. 12:2.
5. Kumaha Sadérék Bryant dikuatkeun ku saurang kokolot?
5 Kumaha cara Paulus nguatkeun dulur-dulur saimanna? Waktu ngadatangan deui sidang-sidang di Listra, Ikonium, jeung Antiokhia, Paulus jeung Barnabas ”ngalantik para kokolot di unggal sidang”. (Kis. 14:21-23) Para kokolot éta téh pasti sering nguatkeun sidang-sidang. Kitu ogé jeung para kokolot ayeuna. Pék perhatikeun pangalaman ti Sadérék Bryant. Manéhna nyarita, ”Basa abdi umur 15, si Bapa ninggalkeun imah, si Mamah gé dipecat. Abdi téh ngarasa kalantar jeung leutik haté.” Naon nu ngabantu Bryant tabah nyanghareupan kaayaan ieu? Manéhna nyarita, ”Aya saurang kokolot nu ngaranna Tony. Éta kokolot sok ngajak ngobrol abdi. Manéhna nyaritakeun, aya jalma-jalma nu tetep bagja sanajan nyanghareupan tangtangan. Manéhna mukakeun hiji ayat, nyaéta Jabur 27:10. Manéhna gé sok nyaritakeun ngeunaan Hizkia. Hizkia téh tetep satia sanajan bapana teu picontoeun.” Naon mangpaat bantuan ieu keur Bryant? Bryant ngomong, ”Ku lantaran dikuatkeun ku Tony, ayeuna abdi bisa ngawula Yéhuwa sapinuh waktu.” Para kokolot, pék téangan sadérék-sadérék di sidang nu butuh dikuatkeun.—Sil. 12:25.
6. Kumaha Paulus nguatkeun dulur-dulur saimanna ku pangalaman ti hamba-hamba Yéhuwa?
6 Paulus ngingetan dulur-dulur saimanna yén maranéhna téh boga ”sakitu lobana saksi nu siga awan” nu bisa tabah nyanghareupan tangtangan lantaran dikuatkeun ku Yéhuwa. (Ibr. 12:1) Paulus nyaho, lamun manéhna nyaritakeun kisah jalma-jalma nu tetep satia nyanghareupan cocoba, dulur-dulur saimanna bisa tetep kuat jeung neuteup tujuanana, nyaéta ”kota Allah nu hirup”. (Ibr. 12:22) Kitu deui jeung jaman urang ayeuna. Urang pasti ngarasa dikuatkeun waktu maca kumaha Yéhuwa geus mantuan Gidéon, Barak, Daud, Samuél, jeung nu séjénna. (Ibr. 11:32-35) Dina jaman ayeuna gé, loba sadérék-sadérék nu terus satia sanajan nyanghareupan cocoba. Di kantor pusat, urang téh sok narima surat ti dulur-dulur saiman nu nyaritakeun yén maranéhna ngarasa dikuatkeun pisan sanggeus maca pangalaman hirup ti Saksi-Saksi Yéhuwa séjénna.
PAULUS NGAJURUNG DULUR-DULUR SAIMANNA PIKEUN RUKUN JEUNG BATUR
7. Sadérék diajar naon tina naséhat Paulus tina Roma 14:19-21?
7 Urang bisa nguatkeun dulur-dulur saiman lamun urang ngupayakeun karukunan. Urang embung sidang papecah pédah aya pandangan anu béda-béda. Salila teu ngalanggar prinsip Alkitab mah, urang moal maksakeun pandangan urang ka batur. Perhatikeun conto dina jaman baheula. Urang Kristen di sidang Roma téh aya nu asalna ti bangsa Yahudi jeung ti bangsa-bangsa séjén. Waktu Hukum Musa geus teu kudu dijalankeun, geus teu aya deui dahareun anu dipantrang. (Mar. 7:19) Jadi, sababaraha urang Kristen Yahudi ngarasa bisa ngadahar kabéh dahareun. Tapi, aya ogé urang Kristen Yahudi nu ngarasa sababaraha dahareun téh masih najis. Di sidang téh jadi aya pandangan nu béda-béda. Paulus méré naséhat supaya dulur-dulur saimanna ngupayakeun karukunan. Ceuk Paulus, ”Mending ulah dahar daging, atawa nginum cianggur, atawa ngalampahkeun naon waé lamun éta matak dulur aranjeun pegat iman.” (Baca Roma 14:19-21.) Terus, Paulus nunjukkeun naon bahayana lamun sidang papecah. Paulus sorangan gé daék barobah supaya euweuh dulur saimanna anu pegat iman. (1 Kor. 9:19-22) Urang bisa nyonto Paulus ku cara teu keukeuh kana pandangan urang.
8. Naon anu dilakukeun ku Paulus waktu aya hiji masalah gedé anu bisa mecah belah sidang?
8 Paulus méré tuladan kumaha carana ngajaga karukunan jeung jalma-jalma anu pandanganana teu sarua jeung manéhna. Misalna, sababaraha dulur saiman di abad kahiji keukeuh yén urang Kristen anu asalna lain ti urang Yahudi téh kudu disunat, meureun supaya teu piomongeun batur. (Gal. 6:12) Paulus teu satuju kana hal éta, tapi manéhna gé teu maksakeun pandanganana ka batur. Manéhna rendah haté jeung nanyakeun masalah ieu ka para rasul jeung para kokolot di Yérusalém. (Kis. 15:1, 2) Ku kituna, Paulus ngabantu dulur-dulur saimanna tetep rukun jeung suka bungah.—Kis. 15:30, 31.
9. Kumaha urang bisa nuturkeun tuladanna Paulus?
9 Lamun di sidang urang aya masalah gedé, urang bisa ngajaga karukunan ku cara ménta pituduh ti priya-priya di sidang nu geus dilantik ku Yéhuwa. Biasana aya naséhat-naséhat nu cocog dina publikasi atawa pituduh nu dibéré ku organisasi. Lamun urang daék nuturkeun pituduh éta jeung teu keukeuh kana pandangan sorangan, urang bakal bisa ngajaga karukunan di sidang.
10. Naon deui nu dilakukeun ku Paulus pikeun ngajaga karukunan di sidang?
10 Paulus gé ngajaga karukunan di sidang ku cara nyebutkeun sipat-sipat alus ti dulur-dulur saimanna, lain sipat-sipat goréngna. Misalna, dina ahir suratna ka urang Kristen di Roma, Paulus nyebutkeun ngaran dulur-dulur saimanna jeung sipat-sipat alus maranéhna. Urang gé bisa nyonto Paulus ku cara muji sipat-sipat alus ti dulur-dulur saiman urang. Ku kituna, urang bisa ngajaga sosobatan sarta nguatkeun kanyaah di sidang.
11. Kumaha urang bisa ngajaga karukunan waktu aya masalah?
11 Kadang urang Kristen anu kuat sacara rohani gé bisa waé paséa atawa paadu omong jeung batur. Éta nu kaalaman ku Paulus jeung sobatna, Barnabas. Anu hiji hayang ngajak Markus dina perjalanan utusan injil, tapi nu hijina deui embungeun. Maranéhna jadi ”ribut gedé” jeung tungtungna papisah. (Kis. 15:37-39) Tapi Paulus, Barnabas, jeung Markus ngupayakeun supaya maranéhna bisa rukun deui. Maranéhna nunjukkeun yén maranéhna ngahargaan karukunan jeung kasatunggalan sidang. Ka dieunakeun, Paulus muji Barnabas jeung Markus. (1 Kor. 9:6; Kol. 4:10) Nah lamun urang boga masalah jeung dulur-dulur saiman, urang gé kudu ngaréngsékeunana sarta kudu leuwih merhatikeun sipat-sipat alus maranéhna. Ku kituna, urang bisa ngajaga karukunan jeung kasatunggalan di sidang. —Éf. 4:3.
PAULUS NGUATKEUN IMAN DULUR-DULUR SAIMANNA
12. Naon waé tangtangan anu disanghareupan ku dulur-dulur saiman urang?
12 Urang bisa ngabantu dulur-dulur saiman urang ku cara nguatkeun iman maranéhna ka Yéhuwa. Aya anu dipoyokan ku anggota kulawargana, ku babaturan gawé, atawa ku babaturan sakolana. Aya ogé anu gering parah, atawa teu bisa miceun parasaan nyeri haté. Aya dulur saiman urang anu geus lila dibaptis jeung ngadagoan dunya nu jahat ieu diancurkeun. Hal-hal ieu téh bisa jadi ujian iman keur urang Kristen di jaman ayeuna. Baheula, dina sidang Kristen abad kahiji gé aya nu nyanghareupan masalah-masalah jiga kitu. Naon anu dilakukeun ku Paulus pikeun nguatkeun maranéhna?
13. Kumaha Paulus ngabantu dulur-dulur saiman nu diléléwé ku lantaran kapercayaanana?
13 Paulus ngagunakeun Firman Allah pikeun nguatkeun dulur-dulur saimanna. Meureun aya urang Kristen Yahudi nu diléléwé ku kulawargana. Maranéhna teu nyaho kudu ngomong naon waktu dibéjaan yén pangajaran Yahudi téh leuwih unggul tibatan pangajaran Kristen. Nu dijelaskeun ku Paulus bisa ngabantu maranéhna méré jawaban ka panganut-panganut Yahudi. (Ibr. 1:5, 6; 2:2, 3; 9:24, 25) Kiwari, urang gé bisa ngabantu dulur-dulur saiman nu dipoyokan ku lantaran kapercayaan maranéhna. Urang bisa ngagunakeun publikasi-publikasi pikeun ngabantu maranéhna ngajelaskeun kapercayaanana. Lamun aya budak ngora nu dipoyokan ku lantaran percaya ka Nu Nyipta, urang bisa ngabantu maranéhna pikeun ngarisét brosur Benarkah Kehidupan Diciptakan? jeung Asal Mula Kehidupan—Lima Pertanyaan yang Patut Direnungkan. Ku kituna, maranéhna bisa ngajelaskeun ku naon maranéhna percaya yén kahirupan téh diciptakeun.
14. Sanajan sibuk ngawawar jeung ngajar batur, naon deui nu dilakukeun ku Paulus?
14 Paulus ngajurung dulur-dulur saiman pikeun némbongkeun kanyaah liwat kahadéan. (Ibr. 10:24) Paulus téh méré conto ka dulur-dulur saimanna teu ngan liwat omongan hungkul tapi liwat tindakan ogé. Misalna, waktu aya bahla kalaparan di Yudéa, Paulus méré bantuan ka dulur-dulur saiman di ditu. (Kis. 11:27-30) Sabenerna Paulus téh sibuk ngawawar jeung ngajar, tapi manéhna ogé terus néangan cara pikeun méré bantuan ka sadérék-sadérék nu ngabutuhkeun. (Gal. 2:10) Ku kituna, Paulus bisa ngayakinkeun dulur-dulur saimanna yén Yéhuwa bakal terus ngurus maranéhna. Kiwari, urang gé bisa nguatkeun dulur-dulur saiman urang ku cara ngagunakeun waktu, tanaga, jeung katarampilan urang pikeun mantuan sadérék-sadérék nu keuna musibat alam. Urang ogé bisa méré sumbangan ka organisasi Yéhuwa. Ku kituna, urang ngayakinkeun dulur-dulur saiman urang yén Yéhuwa moal pernah ninggalkeun maranéhna.
15-16. Kumaha sakuduna cara urang waktu nguatkeun dulur saiman anu lemah iman?
15 Paulus teu nyerah pikeun nguatkeun dulur saiman anu lemah iman. Manéhna nunjukkeun kanyaahna jeung ngomong ku cara anu lemah lembut sarta ngagedékeun haté. (Ibr. 6:9; 10:39) Dina suratna ka urang Ibrani, Paulus sering ngagunakeun kecap ”urang”. (Ibr. 2:1, 3) Paulus sadar, manéhna gé perlu ngajalankeun naséhat dina suratna. Jiga Paulus, ulah nyerah pikeun mantuan dulur saiman nu lemah iman. Tunjukkeun yén urang téh mémang hayang mantuan maranéhna. Ku kituna, maranéhna jadi bisa ngarasakeun yén urang téh nyaah ka maranéhna. Mun urang ngomong ku cara nu lemah lembut, omongan urang bisa leuwih keuna kana haté jeung nguatkeun maranéhna.
16 Paulus ngayakinkeun dulur-dulur saimanna yén Yéhuwa téh merhatikeun hal-hal hadé nu dilakukeun ku maranéhna. (Ibr. 10:32-34) Urang gé bisa nyonto Paulus waktu nguatkeun dulur saiman anu lemah iman. Urang bisa nanya kumaha manéhna bisa diajar bebeneran. Terus, urang gé bisa ngajurung manéhna pikeun nginget-nginget deui bantuan anu pernah dibéré ku Yéhuwa keur manéhna. Yakinkeun yén Yéhuwa moal pernah mopohokeun kanyaah manéhna atawa ninggalkeun manéhna. (Ibr. 6:10; 13:5, 6) Obrolan jiga kitu téh bisa ngabantu manéhna supaya sumanget deui ngawula Yéhuwa.
TERUS ”SILIH TEGERKEUN”
17. Urang bisa diajar pikeun leuwih tarampil dina hal naon?
17 Tukang bangunan bisa diajar pikeun leuwih tarampil dina pagawéanana. Kitu ogé, urang bisa diajar pikeun leuwih tarampil dina ngabangun iman dulur-dulur saiman. Misalna, urang bisa nyaritakeun pangalaman hamba-hamba Allah dina jaman baheula anu tetep satia sanajan nyanghareupan tangtangan. Terus supaya sidang tetep rukun, urang bisa nyaritakeun hal-hal hadé ngeunaan dulur-dulur saiman, tetep ngajaga karukunan waktu aya masalah anu bisa mecah belah sidang, sarta ngabantu dulur-dulur saiman rukun deui waktu aya masalah. Urang gé bisa ngabangun iman sadérék-sadérék ku cara ngabagikeun bebeneran anu penting tina Alkitab, méré bantuan, jeung nguatkeun dulur-dulur saiman anu keur lemah iman.
18. Naon nu kudu urang terus lakukeun?
18 Sadérék-sadérék nu ngabantu dina proyék pembangunan Balé Karajaan pasti bungah jeung ngarasa puas. Urang gé bakal ngarasa bungah jeung puas lamun urang ngabantu dina proyék pembangunan rohani di sidang. Ari gedong mah lila-lila bisa ancur, tapi ari pembangunan rohani mah mangpaatna langgeng. Jadi, hayu urang terus ”silih tegerkeun jeung silih kuatkeun”.—1 Tés. 5:11.
KAWIH 100 Sing Akuan ka Batur
^ Hirup di dunya ieu téh teu gampang. Dulur-dulur saiman urang nyanghareupan loba kasusah. Urang bisa mantuan jeung mikirkeun cara pikeun nguatkeun maranéhna. Ayeuna, urang bakal ngabahas heula tuladan Rasul Paulus.
^ KATERANGAN GAMBAR: Saurang bapa maké publikasi pikeun ngajar budakna supaya bisa nolak mun aya nu ngajak ngarayakeun Natal.
^ KATERANGAN GAMBAR: Salaki pamajikan indit ka daérah séjén pikeun mantuan sadérék-sadérék nu keuna ku musibat alam.
^ KATERANGAN GAMBAR: Saurang kokolot nguatkeun sadérék nu keur lemah iman. Manéhna némbongkeun poto basa maranéhna duaan milu Sekolah Dinas Perintis sababaraha taun ka tukang. Waktu ningali poto éta, duanana jadi inget deui sakumaha resepna harita. Sadérék nu lemah iman éta jadi hayang deui ngarasakeun suka bungahna ngawula Yéhuwa. Ahirna, manéhna mulai masamoan deui.