Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Artikel Palajaran 15

Kumaha Sadérék Mandang Jalma-Jalma di Daérah Dines?

Kumaha Sadérék Mandang Jalma-Jalma di Daérah Dines?

”Pek ilikan, sawah geus koneng, meujeuhna dipibuatan!”​—YOH. 4:35.

KAWIH 64 Bungah dina Mangsa Panén

NU DIBAHAS *

1-2. Naon maksud kekecapan Yésus dina Yohanes 4:35, 36?

DINA perjalanan ka Galiléa, Yésus ngaliwatan lahan nu haréjo kénéh. (Yoh. 4:3-6) Pepelakanana kakara bisa dipanén kira-kira opat bulan deui. Tapi, Yésus ngomong hal-hal nu kadéngéna anéh, ”Pek ilikan, sawah geus koneng, meujeuhna dipibuatan!” (Baca Yohanes 4:35, 36.) Naon nu dimaksud ku Yésus?

2 Nu dimaksud ku Yésus téh panén jalma, lain pepelakan. Pikirkeun naon nu kakara kajadian. Biasana, urang Yahudi tara urusan jeung urang Samaria, tapi Yésus ngawawar ka saurang awéwé Samaria. Manéhna minat! Basa Yésus ngomong yén lahan ”geus koneng, meujeuhna dipibuatan”, rombongan urang Samaria nu ngadéngé ngeunaan Yésus ti awéwé tadi keur di jalan, hayang diajar ka Yésus. (Yoh. 4:9, 39-42) Hiji réferénsi Alkitab ngomentaran kisah ieu, ”Sumanget ti jalma-jalma ieu . . . nunjukkeun yén maranéhna téh siga pepelakan nu siap dipanén.”

Naon nu kudu dilakukeun lamun jalma-jalma di daérah dines urang siga pepelakan nu siap dipanén? (Tingali paragrap 3)

3. Lamun cara pandang Sadérék ka jalma-jalma sarua jeung Yésus, naon pangaruhna kana pangwawaran Sadérék?

3 Kumaha Sadérék mandang jalma-jalma nu diwawaran? Naha Sadérék nganggap maranéhna siga pepelakan nu geus siap dipanén? Mun enya, aya tilu hal nu bakal dirasakeun. Kahiji, Sadérék bakal leuwih sumanget ngawawar lantaran mangsa panén téh ngan sakeudeung. Sadérék moal miceunan waktu. Kadua, Sadérék bakal bungah ningali jalma-jalma narima warta hadé. Alkitab nyebutkeun mangsa panén téh matak pikabungaheun. (Yes. 9:3) Katilu, Sadérék bakal nganggap unggal jalma téh bisa jadi murid Kristus, jadi Sadérék bakal néang cara supaya bisa ngageuing minat jalma-jalma.

4. Dina artikel ieu, urang bakal diajar naon ti Rasul Paulus?

4 Meureun aya murid-murid nu mikir, urang Samaria moal pernah bisa jadi murid Yésus, tapi Yésus mah teu kitu. Anjeunna nganggap maranéhna bisa jadi murid. Urang gé kudu nganggap jalma-jalma di daérah urang bisa jadi murid Kristus. Paulus méré tuladan hadé nu bisa dipiconto. Urang bisa diajar naon? Artikel ieu bakal ngabahas kumaha manéhna (1) apal nu dipercaya ku jalma-jalma nu diwawaran, (2) ngarti naon nu dipikaresep ku jalma-jalma, jeung (3) nganggap maranéhna pijadieun murid Yésus.

NAON NU DIPERCAYA KU MARANÉHNA?

5. Ku naon Paulus paham ka jalma-jalma nu aya di sinagoga?

5 Paulus sering ngawawar ka urang Yahudi di sinagoga. Misalna di sinagoga di Tésalonika, Paulus ”ngayakeun tukeur pikiran jeung [urang Yahudi] noron nepi ka tilu poe Sabat”. (Ras. 17:1, 2) Sigana Paulus teu kararagok ka sinagoga téh lantaran manéhna téh urang Yahudi. (Ras. 26:4, 5) Paulus paham ka urang Yahudi, jadi manéhna teu asa-asa ngawawar ka maranéhna.​—Pil. 3:4, 5.

6. Naon bédana jalma-jalma nu diwawaran ku Paulus di sinagoga jeung di pasar Aténa?

6 Sanggeus Paulus diusir ti Tésalonika jeung Béréa, manéhna indit ka Aténa. Di ditu, ”urang Yahudi jeung jalma-jalma anu nyarembah ka Allah ku anjeunna diajak tukeur pikiran di tempat ibadahna”. (Ras. 17:17) Tapi basa ngawawar di pasar, manéhna panggih jeung jalma nu béda-béda. Di antarana téh aya ahli palsapah jeung jalma-jalma séjén nu lain Yahudi, nu nganggap warta Paulus téh ”agama anyar”. Ceuk maranéhna, ”Kakupingna teh asa araraneh-araraneh pisan.”​—Ras. 17:18-20, Sunda Formal.

7. Numutkeun Rasul 17:22, 23, kumaha Paulus ngarobah carana ngadeukeutan jalma-jalma?

7 Baca Rasul 17:22, 23. Cara Paulus nepikeun warta ka urang Yahudi di sinagoga téh teu sarua jeung ka urang nu lain Yahudi di Aténa. Sigana Paulus mikir, ’Naon nya nu dipercaya ku urang Aténa?’ Manéhna bener-bener merhatikeun kaayaan sakurilingeunana jeung kabiasaan agama jalma-jalma. Saterusna, Paulus néangan bebeneran Kitab Suci nu katingalina bisa ditarima ku maranéhna. Saurang ahli Alkitab nyebutkeun, ”Salaku urang Kristen Yahudi, manéhna sadar urang kapir Yunani téh teu nyembah Allah nu ’sajati’ nu disembah ku urang Yahudi jeung Kristen, tapi manéhna sabisa-bisa nunjukkeun yén Allah nu diwartakeun ku manéhna téh lain Allah nu anyar keur urang Aténa.” Jadi, Paulus ngarobah carana ngadeukeutan jalma-jalma. Manéhna ngomong ka urang Aténa yén wartana téh ti ”ALLAH NU TACAN KANYAHOAN” nu disembah ogé ku maranéhna. Sanajan maranéhna teu apal kana ayat-ayat, Paulus teu nyerah. Tapi, manéhna mandang yén jalma-jalma téh siga pepelakan nu siap dipanén. Jadi, manéhna ngarobah carana nepikeun warta hadé.

Tuturkeun conto Paulus: perhatikeun kaayaan, luyukeun bahasan, jeung anggap batur bisa jadi murid Yésus (Tingali paragrap 8, 12, 18) *

8. (a) Kumaha Sadérék bisa nyaho kapercayaan jalma-jalma di daérah Sadérék? (b) Lamun aya nu ngomong geus boga agama, Sadérék bakal ngajawab naon?

8 Siga Paulus, perhatikeun kaayaan. Tingali hal-hal nu bisa ngabantu Sadérék nyaho kapercayaan jalma-jalma di daérah Sadérék. Kumaha jalma-jalma ngahias imah atawa kendaraanana? Tina ngaran, pakéan, dangdanan, istilah-istilah nu diucapkeun ku maranéhna, naha kanyahoan agamana naon? Atawa, meureun maranéhna langsung ngomong geus boga agama. Waktu saurang panaratas istiméwa ngalaman ieu, manéhna ngajawab, ”Abdi datang lain rék maksakeun kapercayaan abdi, tapi abdi rék ngobrolkeun . . . ”

9. Naon hal-hal nu bisa katarima ku jalma nu taat kana agama?

9 Topik naon nu rék dibahas ku Sadérék ka jalma nu taat kana agama? Téangan hal-hal nu bisa katarima ku manéhna. Meureun manéhna ibadah ka hiji Allah, atawa manéhna nyaho Yésus téh saurang nabi, atawa meureun manéhna yakin dunya téh téréh kiamat. Gunakeun topik-topik éta pikeun nepikeun warta Alkitab supaya bisa katarima ku maranéhna.

10. Naon nu kudu diupayakeun ku urang, jeung naon sababna?

10 Sing inget, bisa jadi jalma-jalma teu percaya kana sakabéh pangajaran agamana. Jadi sanajan geus nyaho agamana, Sadérék kudu nyaho naon nu sabenerna dipercaya ku manéhna. Ceuk David, panaratas istiméwa di Australia, ”Ayeuna mah loba nu nyampurkeun palsapah-palsapah kana agamana.” Donalta ti Albania nyebutkeun, ”Aya nu ngomong boga agama, tapi ka dieunakeun ngaku teu pati percaya ka Allah.” Tuluy, saurang misionaris di Argentina merhatikeun yén aya nu ngomongna percaya kana Tritunggal, tapi sabenerna mah teu bener-bener yakin yén Bapa, Putra, jeung roh suci téh hiji Allah. Ceuk manéhna, ”Mun geus kitu, leuwih gampang néangan sasaruaanana.” Jadi, kudu nyaho naon nu sabenerna dipercaya ku jalma-jalma. Ku kituna, urang bisa siga Paulus nu ngomong, ”Pikeun nu itu sim kuring kudu kawas kitu, pikeun nu ieu kudu kawas kieu.”​—1 Kor. 9:19-23.

NAON NU DIPIKARESEP KU MARANÉHNA?

11. Saperti nu dicatet dina Rasul 14:14-17, kumaha Paulus nepikeun warta nu pikaresepeun ka jalma-jalma di Listra?

11 Baca Rasul 14:14-17. Paulus merhatikeun naon karesep jalma-jalma, jadi manéhna bisa nyaluyukeun bahasanana. Misalna, jalma-jalma di Listra teu nyaho jeung teu pati apal kana Kitab Suci. Jadi, Paulus ngabahas hal-hal nu kaharti ku maranéhna. Manéhna ngomongkeun panén nu limpah jeung hal-hal nu nyenangkeun haté. Manéhna ngagunakeun kekecapan jeung conto nu langsung kaharti ku jalma-jalma.

12. Kumaha Sadérék bisa nyaho naon nu dipikaresep ku batur jeung nyaluyukeun bahasan Sadérék?

12 Kudu nyaho naon nu dipikaresep ku jalma-jalma di daérah Sadérék, tuluy luyukeun bahasanana. Kumaha Sadérék bisa nyaho naon nu dipikaresep ku saurang jalma waktu Sadérék ngadatangan manéhna atawa imahna? Sakali deui, perhatikeun kaayaan. Misalna manéhna keur bébérés taman, maca buku, ngoméan kendaraan, atawa ngalakukeun kagiatan séjénna. Meureun Sadérék bisa ngamimitian obrolan ku cara ngabahas naon nu keur dilakukeunana. (Yoh. 4:7) Malah tina papakéanana, Sadérék bisa nyaho manéhna ti nagri mana, pagawéanana naon, atawa naon tim olahraga karesepna. Gustavo nyarita, ”Abdi ngobrol jeung lalaki 19 taun nu dina kaosna aya gambar penyanyi kasohor. Ku abdi ditanyakeun, tuluy manéhna nyarita alesanana resep ka penyanyi éta. Tina obrolan éta, manéhna diajar Alkitab, jeung ayeuna jadi dulur urang.”

13. Kumaha carana némbongkeun yén diajar Alkitab téh pikaresepeun?

13 Waktu nawarkeun palajaran Alkitab, témbongkeun yén diajar Alkitab téh pikaresepeun jeung gedé mangpaatna. (Yoh. 4:13-15) Misalna Poppy, saurang sadérék istri, dititah asup ku saurang awéwé nu minat. Poppy ningali yén dina témbok aya piagam nu némbongkeun yén éta awéwé téh propésor dina widang pendidikan. Jadi, manéhna nandeskeun yén urang ogé ngajar batur liwat program pendidikan Alkitab jeung pasamoan. Awéwé éta daék diajar, isukna datang ka pasamoan, jeung teu lila manéhna datang ka kongrés wilayah. Sataun ti harita, manéhna dibaptis. Pék pikirkeun, ’Naon nu dipikaresep ku jalma nu didatangan deui ku abdi? Naha abdi bisa ngajelaskeun yén manéhna bakal resep kana program palajaran Alkitab urang?’

14. Kumaha carana nyiapkeun palajaran Alkitab keur unggal palajar?

14 Sanggeus ngamimitian palajaran Alkitab, siapkeun sing hadé unggal rék ngajar. Pikirkeun kulawargana, pendidikanana, pangalamanana, jeung naon nu dipikaresepna. Pas persiapan, pikirkeun ayat nu rék dibaca, vidéo nu rék ditémbongkeun, jeung ibarat nu rék digunakeun. Pék pikirkeun, ’Naon nu paling dipikaresep jeung nu bisa ngageuing haté palajar Alkitab abdi?’ (Sil. 16:23) Di Albania, aya saurang awéwé nu diajar jeung saurang panaratas nu ngaranna Flora. Awéwé éta ngomong, ”Moal mungkin lah nu maot bakal dihirupkeun deui.” Flora teu maksakeun pangajaran éta. Ceuk Flora, ”Abdi ngarasa manéhna kudu kenal heula ka Allah nu jangji bakal ngahirupkeun deui nu maot.” Jadi unggal ngajar, Flora nandeskeun kanyaah, hikmat, jeung kawasa Yéhuwa. Ahirna, palajar Alkitab éta percaya nu maot bakal dihirupkeun deui. Ayeuna, manéhna jadi Saksi Yéhuwa nu sumanget.

ANGGAP MARANÉHNA PIJADIEUN MURID YÉSUS

15. Numutkeun Rasul 17:16-18, naon waé kalakuan urang Aténa nu nyusahkeun haté Paulus, tapi ku naon manéhna tetep ngawawar?

15 Baca Rasul 17:16-18. Paulus tetep ngawawar ka urang Aténa sanajan di kota éta téh loba pisan brahala, hal-hal rucah, jeung pangajaran kapir. Malah sanajan dihina gé, manéhna teu leutik haté. Paulus ogé bisa jadi urang Kristen, padahal baheulana sok ”ngagogoreng, nganiaya jeung moyok”. (1 Tim. 1:13) Saperti Yésus nu yakin Paulus bisa jadi muridna, Paulus gé yakin urang Aténa bisa jadi murid Yésus. Kayakinan manéhna teu salah.​—Ras. 9:13-15; 17:34.

16-17. Naon buktina yén sababaraha jalma bisa jadi murid Kristus? Béré conto.

16 Dina abad kahiji, aya rupa-rupa jalma nu jadi murid Yésus. Basa Paulus nulis surat ka urang Kristen di kota Korinta, Yunani, manéhna nyebutkeun yén aya anggota sidang nu baheulana téh penjahat atawa hirupna bejad. Tuluy, manéhna ngomong, ”Bareto sabagian aranjeun aya anu hirupna kitu. Tapi ayeuna aranjeun geus dinyatakeun beresih tina dosa.” (1 Kor. 6:9-11) Naha Sadérék ningali yén jalma-jalma téh bisa barobah jeung jadi murid Yésus?

17 Kiwari, loba nu réla nyieun parobahan sangkan bisa jadi murid Yésus. Misalna di Australia, aya panaratas istiméwa nu ngaranna Yukina. Manéhna diajar yén sagala rupa jalma bisa narima warta Alkitab. Hiji waktu di daérah bisnis, manéhna ningali aya awéwé tatoan nu papakéanana logor. Yukina nyarita, ”Mimitina mah, abdi asa-asa. Tapi, geus wéh abdi ngomong ka manéhna. Ari pék téh manéhna resep kana Alkitab. Malah, sababaraha tatona téh tulisan ayat-ayat tina Jabur!” Tuluy, awéwé éta diajar Alkitab jeung datang ka pasamoan. *

18. Ku naon ulah ngahakiman jalma-jalma?

18 Naha Yésus mandang sawah geus siap dibuat téh lantaran anjeunna ngarepkeun kalolobaan jalma jadi muridna? Teu kitu. Alkitab geus nganubuatkeun, ngan saeutik nu bakal boga iman ka anjeunna. (Yoh. 12:37, 38) Yésus gé boga kasanggupan nu luar biasa pikeun maca haté, jadi anjeunna nyaho loba nu moal narima wartana. (Mat. 9:4) Tapi, anjeunna terus néangan nu saeutik éta jeung sumanget ngawawar ka saha waé. Komo deui urang nu teu bisa maca haté, ulah ngahakiman jalma atawa daérah urang! Tapi, anggap unggal jalma bisa jadi murid Yésus. Marc, saurang misionaris di Burkina Faso, ngomong kieu, ”Jalma nu disangka bakal maju téh kalah ka eureun diajar. Tapi jalma nu disangka teu maju, ari pék téh maju. Jadi abdi diajar, mending ngandelkeun roh suci Yéhuwa pikeun ngabingbing urang.”

19. Kumaha sakuduna urang mandang jalma-jalma di daérah dines urang?

19 Ari ditempo saliwat mah, katingalina teu loba jalma di daérah urang nu siga pepelakan nu siap dipanén. Tapi sing inget naon nu disebutkeun Yésus ka murid-muridna. Sawah siap dipanén, maksudna jalma-jalma siap dijadikeun murid Kristus. Jalma bisa barobah jeung jadi murid Kristus. Yéhuwa nganggap jalma-jalma ieu téh ”barang-barang anu marulya”. (Hag. 2:7) Lamun urang mandang jalma-jalma saperti cara Yéhuwa jeung Yésus, urang jadi hayang nyaho ngeunaan kasang tukang jeung karesep maranéhna. Urang bakal nganggap maranéhna téh pijadieun dulur-dulur urang.

KAWIH 57 Ngawawar ka Sagala Jalma

^ par. 5 Kumaha cara pandang Sadérék ka jalma-jalma di daérah dines mangaruhan pangwawaran jeung pangajaran Sadérék? Artikel ieu bakal ngabahas kumaha Yésus jeung Rasul Paulus mandang jalma-jalma. Urang bisa nyonto maranéhna ku cara mikirkeun kapercayaan jeung karesep batur, sarta nganggap jalma-jalma téh bisa jadi murid Yésus.

^ par. 17 Dina séri ”Alkitab Ngarobah Kahirupan”, aya conto ti jalma-jalma nu barobah. Ieu muncul dina Menara Pengawal nepi ka taun 2017. Ayeuna mah aya dina jw.org®. Tingali di bagian NGEUNAAN URANG > PANGALAMAN.

^ par. 57 KATERANGAN GAMBAR: Pasangan salaki pamajikan keur dines ti imah ka imah, maranéhna merhatikeun (1) imah nu kaurus jeung loba kembang; (2) imah hiji kulawarga nu budakna leutik kénéh; (3) imah nu luar jerona pabalatak; jeung (4) imah ti jalma nu taat kana agama. Imah mana nu jalmana paling daék diajar Alkitab?