Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 16

Sing Terus Hargaan Tebusan

Sing Terus Hargaan Tebusan

”Putra Manusa oge ka dunya teh . . . ngorbankeun nyawa-Na supaya loba jelema anu salamet.”​—MAR. 10:45.

KAWIH 18 Nganuhunkeun kana Tebusan

NU DIBAHAS *

1-2. Tebusan téh naon, jeung ku naon urang ngabutuhkeunana?

ADAM téh manusa nu sampurna. Tapi lantaran nyieun dosa, Adam jadi teu bisa hirup langgeng. Hanjakalna, kabéh turunanana ogé jadi katempuhan gara-gara dosa Adam. Maranéhna ogé jadi teu bisa hirup langgeng. (Rum 5:12, 14) Ari Adam mah pantes maot. Dosana teu bisa dihampura, sabab éta dihaja. Tapi, ari turunanana kumaha? Bisa teu turunanana dibébaskeun tina maot nu dilantarankeun ku dosa Adam? Bisa! Sabab sanggeus Adam ngalakukeun dosa, Yéhuwa langsung ngatur rencana pikeun nyalametkeun jutaan turunan Adam tina dosa jeung maot. (Kaj. 3:15) Yéhuwa bakal ngutus Putra-Na ti sawarga pikeun ’ngorbankeun nyawana [sabagé tebusan] supaya loba jalma disalametkeun’.​—Mar. 10:45; Yoh 6:51.

2 Tebusan téh naon? Dina Kitab-Kitab Yunani Kristen, kecap ”tebusan” téh ngamaksudkeun harga nu dibayarkeun ku Yésus pikeun nebus naon anu geus dileungitkeun ku Adam. (1 Kor. 15:22) Ku naon urang butuh tebusan? Sabab sakumaha anu ditulis dina Hukum Musa, supaya adil, nyawa téh kudu dibayar deui jeung nyawa. (Bud. 21:23, 24) Adam geus ngaleungitkeun kahirupan manusa nu sampurna. Ambéh adil dina pandangan Yéhuwa, Yésus ogé ngorbankeun kahirupan manusana nu sampurna. (Rum 5:17) Ku kituna, Yésus jadi ”Rama Langgeng” keur kabéh jalma anu boga iman kana tebusan.​—Yes. 9:6; Rum 3:23, 24.

3. Dumasar Yohanes 14:31 jeung 15:13, ku naon Yésus réla ngorbankeun kahirupanana nu sampurna sabagé manusa?

3 Yésus réla ngorbankeun kahirupanana lantaran bener-bener nyaah ka Bapana nu di sawarga jeung ka urang. (Baca Yohanes 14:31; 15:13.) Ku kituna, Yésus sabisa-bisa ngajalankeun kahayang Bapana sarta terus satia nepi ka maot. Hasilna, tujuan Yéhuwa keur umat manusa jeung keur bumi bisa laksana. Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas ku naon Allah ngantep Yésus ngalaman kasangsaraan anu sakitu hébatna saacan anjeunna maot. Urang gé bakal ningali conto ti Rasul Yohanes anu bener-bener ngahargaan tebusan. Terus, urang bakal ngabahas kumaha carana nunjukkeun rasa sukur urang kana tebusan anu geus disadiakeun ku Yéhuwa sarta Yésus, jeung kumaha carana supaya urang beuki ngahargaan éta tebusan.

KU NAON YÉSUS KUDU NEPI KA SANGSARA KITU?

Pikirkeun sakumaha kejemna Yésus disiksa demi nyadiakeun tebusan keur urang! (Tingali paragrap 4)

4. Caritakeun Yésus téh maotna kumaha.

4 Hayu urang bayangkeun kira-kira kumaha kajadianana waktu Yésus dihukum pati. Yésus teu ngalawan waktu ditéwak jeung disiksa sakitu kejemna ku para prajurit Rum, padahal sabenerna mah Yésus téh bisa waé manggil pasukan malaikat pikeun ngalindungan anjeunna. (Mat. 26:52-54; Yoh. 18:3; 19:1) Anjeunna disabetan ku pecut nepi ka dagingna sararoéh. Getihna ngucur ka mamana. Geus kitu, Yésus dititah manggul tihangna sorangan ka tempat anjeunna dihukum pati. Tapi lantaran geus teu kuat, di tengah jalan, saurang lalaki dicegat jeung dipaksa pikeun manggul éta tihang, ngagantikeun Yésus. (Mat. 27:32) Pas geus nepi di tempat nu dituju, leungeun jeung suku Yésus langsung dipaku kana éta tihang. Seug, tihangna ditangtungkeun. Lila-lila liang dina suku jeung leungeun Yésus ngagedéan ku sabab kudu nahan awakna. Indung jeung babaturan Yésus nepi ka ceurik ngagukguk, teu kuateun ningalina. Tapi, ari para pamingpin Yahudi mah kalah ka moyokan Yésus! (Luk. 23:32-38; Yoh. 19:25) Yésus geus kasiksa salila mangjam-jam. Lantaran digantung dina tihang, beuki lila napas téh beuki nyeri. Percis saacan anjeunna maot, Yésus sakali deui ngajerit ka Yéhuwa. Geus kitu sirahna ngulahék, les waé anjeunna pupus. (Mar. 15:37; Luk. 23:46; Yoh. 10:17, 18; 19:30) Yésus téh maotna lalaunan, kasiksa, bari jeung direndahkeun pisan!

5. Naon anu paling ngabeungbeurat Yésus?

5 Cara Yésus dihukum pati téh mémang kejem pisan. Tapi, lain éta anu paling ngabeungbeurat anjeunna. Yésus leuwih strés mikirkeun tuduhan jalma-jalma ka anjeunna. Anjeunna geus dituduh ngahina ka Allah jeung kana nami-Na. (Mat. 26:64-66) Anjeunna kasiksa pisan mikiran hal éta. Yésus ngaharep ka Bapana, mun bisa mah anjeunna ulah nepi ka kitu-kitu teuing dituduhna. (Mat. 26:38, 39, 42) Tapi, ku naon Yéhuwa ngantep Putra-Na nu dipikanyaah ieu sangsara nepi ka maot? Hayu urang bahas tilu alesanana.

6. Ku naon Yésus kudu digantung dina tihang?

6 Kahiji, Yésus kudu maot dina tihang pikeun ngabébaskeun urang Yahudi tina kutukan. (Gal. 3:10, 13) Ku naon maranéhna dikutuk? Maranéhna geus jangji bakal ngajalankeun Torét, tapi maranéhna kalah ka ingkar jangji. Hasilna, geus mah maranéhna kudu maot lantaran dosa Adam, maranéhna gé jadi kudu maot lantaran éta kutukan. (Rum 5:12) Dina Torét disebutkeun, saurang jalma nu ngalakukeun dosa gedé kudu dipaéhan, geus kitu mayitna kudu digantung dina tihang. * Jalma nu maotna jiga kitu téh hartina dikutuk ku Allah. (Pam. 21:22, 23; 27:26) Nah ku cara digantung dina tihang, Yésus téh nanggung kutukan keur urang Yahudi. Sanajan bangsa éta geus nolak Yésus, maranéhna bisa dibébaskeun tina éta kutukan.

7. Naon alesan kadua Yésus diantep sangsara ku Yéhuwa?

7 Hayu tingali alesan kadua ku naon Yésus diantep sangsara. Harita, Yéhuwa téh nyiapkeun Yésus pikeun jadi imam agung keur urang. Yésus geus ngarasakeun sorangan kumaha héséna pikeun tetep satia ka Allah waktu ngalaman ujian nu beurat pisan. Sakitu beuratna, nepi ka anjeunna ”sasambat bari medal cisoca ka Allah”. Sanggeus ngalaman kabéh cocoba nu beurat éta, Yésus pasti ngarti kana naon nu diperlukeun ku urang. Yésus gé pasti ’bisa nulung ka’ urang waktu urang ”keuna ku cocoba”. Urang nganuhunkeun pisan ka Yéhuwa ku sabab nu dipilih jadi imam agung keur urang téh jalma nu geus ”ngaraskeun kahengkeran-kahengkeran urang”.​—Ibr. 2:17, 18; 4:14-16; 5:7-10.

8. Naon alesan katilu Yéhuwa ngantep Yésus disiksa?

8 Katilu, Yésus diantep pikeun disiksa sakitu hébatna jang ngajawab tuduhan Sétan. Sétan nuduh, manusa mah moal bisa satia ka Allah lamun ngalaman ujian nu beurat. Ceuk Sétan mah, manusa téh ngabakti ka Allah sabab hayang meunang ganjaran. Terus, kabéh manusa téh sarua jiga Adam, sabenerna teu nyaah ka Yéhuwa. (Ayub 1:8-11; 2:4, 5) Tapi, Yéhuwa mah percaya Putra-Na bakal tetep satia. Ku kituna, Mantenna teu ngalindungan Yésus waktu anjeunna disiksa bébéakan. Hasilna kumaha? Nepi ka maot, Yésus tetep satia. Éta ngabuktikeun Sétan téh tukang bohong.

RASUL YOHANES NGAHARGAAN PISAN TEBUSAN

9. Rasul Yohanes méré tuladan naon keur urang?

9 Sanajan meunang tangtangan jeung loba nu ngahalang-halang, loba urang Kristen tetep teger jeung terus ngawawar saumur hirupna. Ku naon? Lantaran maranéhna boga iman nu kuat kana tebusan. Salah sahiji contona téh, nyaéta Rasul Yohanes. Katingalina, salila 60 taun leuwih manéhna terus nyaritakeun ngeunaan Kristus jeung tebusan. Terus waktu umurna ampir 100 taun, manéhna téh dianggap jalma nu bahaya. Jadi ku pamaréntah Rum, manéhna ditéwak terus dipanjarakeun di Pulo Patmos. Naon kajahatanana? Manéhna ”ngembarkeun sabda Allah jeung perkara-perkara anu sayaktina anu diebrehkeun ku Yesus”. (Wahyu 1:9) Iman jeung kategeranana téh layak dipiconto ku urang!

10. Kumaha tulisan-tulisan Yohanes nunjukkeun manéhna ngahargaan tebusan?

10 Yohanes téh nyaah pisan ka Yésus sarta nganuhunkeun pisan kana tebusan. Éta kabéh diungkabkeun ku manéhna dina tulisanana nu diilhamkeun. Leuwih ti 100 kali manéhna ngabahas ngeunaan tebusan sarta mangpaat tina tebusan. Misalna, manéhna nulis, ”Mun nepi ka milampah dosa, bakal dibela ku Yesus Kristus anu berbudi ka payuneun anu jumeneng Rama.” (1 Yoh. 2:1, 2) Yohanes gé nandeskeun sakumaha pentingna pikeun ”ngawarta ngeunaan Yésus”. (Wahyu 19:10, Terjemahan Dunia Baru) Nya, Yohanes téh bener-bener ngahargaan kana korban tebusan. Nah, ayeuna kumaha carana urang nunjukkeun urang gé ngahargaan tebusan?

KUMAHA CARANA NUNJUKKEUN URANG TÉH NGAHARGAAN TEBUSAN?

Mun urang bener- bener ngahargaan tebusan, urang bakal ngalawan gogoda (Tingali paragrap 11) *

11. Urang kudu kumaha supaya bisa ngalawan gogoda?

11 Lawan gogoda. Mun urang bener-bener ngahargaan tebusan, engké pas aya gogoda, urang moal mikir kieu: ’Nya mun teu bisa ngalawan gogoda, keun baélah. Engké ménta hampura wéh.’ Tapi, urang bakal mikir kieu: ’Teu bisa kitu! Pan Yéhuwa jeung Yésus téh geus nyieun pangorbanan sakitu gedéna keur abdi, maenya abdi téga nyieun dosa jiga kieu?’ Urang bisa ménta tulung ka Yéhuwa, ’Bapa, tulungan abdi ngarah teu éléh ku ieu gogoda.’​—Mat. 6:13.

12. Kumaha carana ngalarapkeun naséhat dina 1 Yohanes 3:16-18?

12 Kudu nyaah ka sadérék-sadérék. Lamun urang nyaah ka maranéhna, urang téh ngabuktikeun urang ngahargaan tebusan. Naon hubunganana? Yésus téh maot lain ngan keur urang wungkul, tapi ogé keur maranéhna. Jadi lamun Yésus réla maot keur maranéhna, éta hartina maranéhna gé dipikanyaah ku Yésus. (Baca 1 Yohanes 3:16-18.) Urang bisa ngabuktikeun urang nyaah ka maranéhna liwat tindakan urang. (Epe. 4:29, 31–5:2) Misalna, urang bisa mantuan dulur saiman anu keur gering atawa nu keuna cocoba anu beurat, saperti musibat alam. Tapi, kumaha lamun aya dulur saiman anu nyieun urang keuheul atawa anu omonganana nyelekit?

13. Ku naon urang kudu ngahampura dulur saiman?

13 Na Sadérék téh sok ngunek-ngunek jeung hésé ngahampura dulur saiman? (Ima. 19:18) Lamun kitu, pék tuturkeun naséhat ieu, ”Kudu daek silih eledan, lamun pareng pasendatan jeung batur kudu daek silih hampura. Ngahampura teh wajib, sakumaha Gusti oge ngahampura ka aranjeun.” (Kol. 3:13) Jadi lamun urang daék ngahampura dulur-dulur saiman, éta hartina urang téh bener-bener ngahargaan tebusan ti Yéhuwa. Tapi, naon deui nu bisa dilakukeun supaya urang leuwih ngahargaan hadiah ti Allah ieu?

KUMAHA SUPAYA URANG BISA LEUWIH NGAHARGAAN TEBUSAN?

14. Naon salah sahiji cara nu bisa dilakukeun ngarah urang leuwih ngahargaan tebusan?

14 Haturkeun nuhun ka Yéhuwa. Joanna, saurang sadérék istri ti India nu umurna 83 taun, nyarita kieu, ”Unggal poé, dina doa téh abdi ngarasa kudu ngahaturkeun nuhun ka Yéhuwa lantaran geus nyadiakeun tebusan.” Dina doa pribadi Sadérék, pék sebutkeun kasalahan naon waé nu geus dijieun ku Sadérék poé éta, terus ménta hampura ka Yéhuwa. Tapi lamun dosana sérius, nya tangtu Sadérék kudu ménta bantuan kokolot. Maranéhna bakal ngadéngékeun Sadérék sarta méré naséhat nu alus tina Firman Allah. Geus kitu, para kokolot gé bakal ngadoa bareng jeung Sadérék, sarta ménta Yéhuwa ngahampura Sadérék supaya Sadérék bisa nyobat deui jeung Mantenna.​—Yak. 5:14-16.

15. Ku naon urang kudu maca jeung ngalenyepan ngeunaan tebusan?

15 Pék lenyepan ngeunaan tebusan. Rajamani, saurang sadérék istri nu umurna 73 taun, ngomong kieu, ”Unggal abdi maca ngeunaan sakumaha kasiksana Yésus, pasti cipanon téh nepi ka ngeclak.” Meureun, Sadérék gé ngarasa peurih jiga kitu waktu ngabayangkeun sakumaha sangsarana Yésus saacan maot. Jadi lamun urang beuki jero ngalenyepan ngeunaan pangorbanan Yésus, urang gé bakal beuki nyaah ka Yéhuwa jeung ka Putra-Na ieu. Jadi, mangga ulik leuwih jero ngeunaan tebusan waktu Sadérék keur palajaran pribadi.

Ku jamuan nu saderhana, Yésus nyontoan ka murid-murid carana miéling pangorbananana (Tingali paragrap 16)

16. Naon mangpaatna ngajarkeun batur ngeunaan tebusan? (Tingali gambar dina sampul hareup.)

16 Ajarkeun batur ngeunaan tebusan. Unggal urang nyarita ngeunaan tebusan ka batur, urang gé bakal leuwih ngahargaanana. Urang boga loba publikasi jeung vidéo nu cocog pikeun ngajelaskeun ku naon Yésus réla maot demi urang. Misalna, urang bisa ngagunakeun brosur Kabar Gumbira ti Gusti! palajaran 4 nu judulna ”Saha Isa Almasih téh?” Atawa, urang bisa ngagunakeun buku Naon nu Diajarkeun Kitab Suci? pasal 5 nu judulna ”Tebusan—Hadiah Panghadéna ti Allah”. Geus kitu, unggal taun gé urang hadir sarta ngondang batur ka acara Pangéling-ngéling. Yéhuwa téh geus méré kahormatan ka urang pikeun ngajarkeun batur ngeunaan Putra-Na!

17. Ku naon tebusan téh mangrupakeun hadiah nu panghadéna ti Yéhuwa?

17 Jadi, naon waé mangpaatna tebusan? Ku ayana tebusan, urang bisa nyobat jeung Yéhuwa sanajan urang teu sampurna. Ku ayana tebusan, kabéh ’gagawean Iblis bakal ditumpes’. (1 Yoh. 3:8) Ku ayana tebusan gé, tujuan Allah nyiptakeun bumi téh ahirna bakal ngawujud. Engké sakuliah bumi bakal dirobah jadi pirdaus. Terus kabéh jalma bakal nyaah jeung jadi hamba Yéhuwa. Jadi, urang kudu leuwih ngahargaan kana tebusan. Ku kituna, unggal poé hayu tunjukkeun urang téh ngahargaan tebusan, hadiah nu panghadéna ti Yéhuwa!

KAWIH 20 Kurnia Tebusan ti Yéhuwa

^ par. 5 Waktu dipaéhan, ku naon Yésus nepi ka disiksa sakitu kejemna? Éta bakal dibahas dina artikel ieu. Sanggeus nyaho jawabanana, urang bakal leuwih ngahargaan korban tebusan.

^ par. 6 Maku jeung ngagantung saurang penjahat nu hirup kénéh dina tihang téh kabiasaanana urang Rum. Tapi, Yéhuwa ngidinan Putra-Na pikeun dipaéhan jiga kitu.

^ par. 55 KATERANGAN GAMBAR: Sadérék-sadérék nu ngalawan gogoda pikeun: ningali gambar cabul, ngudud, jeung narima sogokan.