Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 17

Yéhuwa Nyaah Pisan ka Sadérék!

Yéhuwa Nyaah Pisan ka Sadérék!

”PANGERAN ngaraos suka ka umat-Na.”​—JAB. 149:4.

KAWIH 108 Satia Asih Allah

NU DIBAHAS *

Bapa urang di sawarga ”ngaraos suka” ka urang masing-masing (Tingali paragrap 1)

1. Naon nu diperhatikeun ku Yéhuwa ti diri urang?

ALLAH YÉHUWA ”ngaraos suka ka umat-Na.” (Jab. 149:4) Urang pasti bungah ngadéngéna! Yéhuwa téh merhatikeun sipat-sipat alus urang. Yéhuwa gé apal yén urang bisa jadi jalma anu hadé, jadi Mantenna narik urang pikeun jadi sobat-Na. Lamun urang terus satia ka Yéhuwa, Mantenna bakal jadi sobat urang salilana!​—Yoh. 6:44.

2. Ku naon aya nu ngarasa Yéhuwa moal pernah bisa nyaah ka maranéhna?

2 Meureun aya nu mikir kieu, ’Nya, mémang Yéhuwa nyaah ka umat-Na sacara kelompok, tapi ari ka abdi mah jigana henteu.’ Ku naon aya nu mikir jiga kitu? Perhatikeun pangalaman Oksana. * Pas keur leutik, hirupna téh mani ngenes pisan. Ceuk manéhna, ”Waktu dibaptis jeung jadi panaratas, asana téh mani bungah pisan! Tapi 15 taun sanggeusna, abdi inget deui kana kajadian-kajadian goréng baheula. Abdi mikir, Yéhuwa geus teu nyaah ka abdi. Sarta, abdi gé mémang teu layak dipikanyaah ku Mantenna.” Terus aya ogé Yua, saurang panaratas anu pas keur leutikna boga pangalaman goréng. Manéhna nyarita, ”Abdi ngabaktikeun diri ka Yéhuwa sabab hayang nyenangkeun Mantenna. Tapi abdi yakin, Yéhuwa moal pernah bisa nyaah ka abdi.”

3. Naon anu bakal dibahas dina artikel ieu?

3 Jiga umat Allah nu satia anu bieu dicaritakeun, Sadérék gé pasti nyaah pisan ka Yéhuwa, tapi bisa waé Sadérék ngarasa teu dipikanyaah ku Mantenna. Ku naon Sadérék kudu yakin Yéhuwa bener-bener nyaah ka Sadérék? Jeung, naon nu bisa ngabantu Sadérék ngalawan pikiran goréng? Hayu urang bahas jawabanana.

BAHAYANA NGARASA TEU DIPIKANYAAH KU YÉHUWA

4. Ku naon ngarasa teu dipikanyaah ku Yéhuwa téh bahaya?

4 Lamun urang yakin Yéhuwa nyaah ka urang, urang bakal terus sabisa-bisa ngawula Mantenna sanajan hirup urang susah. Tapi lamun urang ngarasa teu dipikanyaah ku Yéhuwa, urang bakal lemah. (Sil. 24:10) Lila-lila, urang bisa jadi leutik haté jeung gampang diéléhkeun ku Sétan.​—Epe. 6:16.

5. Lantaran ngarasa teu dipikanyaah ku Allah, sababaraha sadérék jadi kumaha?

5 Ayeuna gé, aya dulur-dulur saiman anu imanna jadi lemah lantaran ngarasa teu dipikanyaah ku Allah. Saurang kokolot nu ngaranna James nyarita kieu, ”Abdi téh ngawula di Bétel. Abdi gé ngabantuan sidang basa séjén. Tapi, abdi teu yakin palayanan abdi ditarima ku Yéhuwa. Malah kadang abdi mikir, meureun doa abdi téh teu didéngékeun ku Yéhuwa.” Terus, Eva nu ngawula di Bétel ogé nyarita kieu, ”Abdi ngarasa, lamun ngarasa Yéhuwa teu nyaah ka urang, éta téh bahaya pisan. Éta bisa ngaganggu palayanan urang. Engké, lila-lila urang jadi teu sumanget deui jeung teu bungah ngawula Yéhuwa.” Geus kitu aya Michael, saurang panaratas jeung kokolot. Manéhna ngomong, ”Lamun urang ngarasa teu dipikanyaah ku Allah, lila-lila urang bisa ngajauh ti Mantenna.”

6. Urang kudu kumaha mun mulai mikir Yéhuwa henteu nyaah ka urang?

6 Pangalaman-pangalaman tadi nunjukkeun sakumaha bahayana mun urang mikir Yéhuwa henteu nyaah ka urang. Jadi, urang kudu kumaha mun urang mulai mikir jiga kitu? Urang kudu langsung miceun pikiran goréng jiga kitu. Terus, pénta Yéhuwa ngabantu Sadérék pikeun ngaganti pikiran goréng éta ku ’katengtreman ti Allah nu nengtremkeun hate jeung pikiran’. (Jab. 139:23, Terjemahan Dunia Baru; Pil. 4:6, 7) Sing inget, Sadérék téh henteu sorangan. Dulur-dulur saiman séjén gé aya nu ngarasa jiga kitu. Malah, hamba Allah nu satia di jaman baheula gé nyanghareupan kaayaan anu sarua. Perhatikeun urang bisa meunang palajaran naon tina pangalaman Rasul Paulus.

URANG BISA MEUNANG PALAJARAN NAON TINA PANGALAMAN PAULUS?

7. Paulus nyanghareupan masalah naon waé?

7 Na Sadérék kadang ngarasa kawalahan lantaran boga loba tanggung jawab? Mun enya, Sadérék bisa diajar ti Rasul Paulus. Manéhna mikirkeun kabéh sidang, teu ngan hiji sidang wungkul. (2 Kor. 11:23-28) Na Sadérék henteu suka bungah deui lantaran boga panyakit nu parah? Katingalina, baheula Paulus gé boga ”kanyeri dina awak”, jeung hayang pisan cageur tina panyakitna éta. (2 Kor. 12:7-10) Na Sadérék leutik haté lantaran teu sampurna? Kadang, Paulus gé ngarasa kitu. Manéhna nyebut dirina téh ”jelema cilaka”, lantaran kudu teterusan bajoang pikeun ngalakukeun hal nu bener.​—Rum 7:21-24.

8. Ku naon Paulus bisa tetap ngawula Yéhuwa najan boga loba masalah?

8 Najan boga loba masalah, Paulus tetap ngawula Yéhuwa. Ku naon bisa kitu? Manéhna ngarti pisan kana kalemahanana, tapi manéhna gé boga iman anu kuat kana tebusan. Manéhna nyaho, Yésus geus jangji yén ”sakur anu percaya ka [Yésus] . . . meunang hirup langgeng”. (Yoh. 3:16; Rum 6:23) Paulus pasti salah sahiji jalma ti sakur anu boga iman kana tebusan. Manéhna yakin, Yéhuwa hayang pisan ngahampura jalma-jalma anu bener-bener tobat najan geus nyieun dosa gedé.​—Jab. 86:5.

9. Urang diajar naon tina kekecapan Paulus dina Galata 2:20?

9 Paulus yakin, Allah nyaah pisan ka manéhna nepi ka réla ngorbankeun Kristus. (Baca Galata 2:20.) Perhatikeun kekecapan Paulus dina bagian ahir ayat tadi. Paulus ngomong, ”Putra Allah . . . geus ngurbankeun hirup-Na ku anjeun ku tina asih-Na ka sim kuring.” Najan baheulana Paulus ngalakukeun dosa gedé, manéhna teu mikir Allah moal nyaah ka manéhna. Paulus gé henteu mikir, ’Wajar mun Yéhuwa nyaah ka dulur saiman nu séjén, tapi ka urang mah asa mustahil.” Paulus gé ngingetan urang Rum, ”Kristus pupus ngaganti urang sajeroning urang keur hirup keneh dina dosa.” (Rum 5:8) Nya, kanyaah Allah téh euweuh watesna!

10. Urang diajar naon tina Rum 8:38, 39?

10 Baca Rum 8:38, 39. Paulus yakin pisan yén Yéhuwa bener-bener nyaah ka urang kabéh. Manéhna nulis, ”Moal aya anu bisa megatkeun asihna Allah ka urang.” Paulus nyaho Yéhuwa sabar pisan ka bangsa Israil. Paulus gé apal yén Yéhuwa geus ngahampura manéhna. Jadi, saolah-olah Paulus ngomong, ’Yéhuwa geus ngorbankeun Putra-Na demi abdi, jadi pasti Mantenna téh bener-bener nyaah ka abdi.’​—Rum 8:32.

Keur Allah mah, nu penting téh ayeuna jeung ka hareupna, lain kasalahan urang anu geus liwat (Tingali paragrap 11) *

11. Najan Paulus geus nyieun dosa saperti nu disebutkeun dina 1 Timoteus 1:12-15, ku naon manéhna bisa yakin Allah nyaah ka manéhna?

11 Baca 1 Timoteus 1:12-15. Pasti, kadang Paulus gé ngarasa kasiksa lantaran pernah ngalakukeun dosa gedé. Manéhna ngomong, manéhna téh nu ’pangjahatna ti sakur anu doraka’! Nya mémang saacan jadi murid Kristus, Paulus téh bébéakan nganiaya urang Kristen. Gara-gara manéhna, loba anu dipanjara jeung dipaéhan. (Ras. 26:10, 11) Pék bayangkeun, kumaha mun Paulus panggih jeung budak ngora anu indung bapana dipaéhan gara-gara manéhna? Paulus pasti ngarasa kaduhung, tapi manéhna teu bisa ngarobah anu geus liwat. Manéhna yakin Kristus téh maot demi manéhna. Ku kituna, manéhna nulis, ”Bisa saperti ayeuna oge ngan ku karana rahmat Allah.” (1 Kor. 15:3, 10) Naon palajaranana? Sadérék gé kudu yakin, Kristus maot demi Sadérék téh supaya Sadérék bisa nyobat jeung Yéhuwa. (Ras. 3:19) Keur Allah mah, nu penting téh ayeuna jeung ka hareupna, lain kasalahan urang anu geus liwat, teu sual baheula urang geus jadi Saksi Yéhuwa atawa acan.​—Yes. 1:18.

12. Kumaha 1 Yohanes 3:19, 20 bisa ngabantu mun urang ngarasa teu layak atawa teu dipikanyaah?

12 Mun mikirkeun Yésus geus maot keur nebus dosa urang, bisa waé urang ngarasa, ’Abdi mah teu layak pikeun narima kurnia éta.’ Ku naon urang bisa ngarasa jiga kitu? Lantaran haté urang téh licik. Jadi, urang bisa ngarasa teu layak atawa teu dipikanyaah. (Baca 1 Yohanes 3:19, 20.) Mun keur kitu, urang kudu inget, ”Allah mah langkung punjul kauningana ti batan budi rasa urang”. Rék kumaha waé gé, Bapa urang nu di sawarga bakal nyaah jeung réla ngahampura dosa urang. Urang kudu yakin Yéhuwa nyaah ka urang. Nah supaya bisa yakin, urang kudu diajar Firman-Na, sering ngadoa, sarta gaul jeung jalma-jalma anu ngawula ka Mantenna. Ku naon ngalakukeun hal-hal éta téh penting?

PALAJARAN ALKITAB, DOA, JEUNG SOBAT SAJATI BISA NGABANTU

13. Kumaha palajaran Alkitab ngabantu urang? (Tingali ogé kotak ” Firman Allah Ngabantu Maranéhna”.)

13 Pék diajar Alkitab unggal poé. Engké, Sadérék bakal leuwih paham kana sipat-sipat hadé ti Yéhuwa. Hasilna, Sadérék jadi ngarti sakumaha nyaahna Yéhuwa ka Sadérék. Ku cara mikirkeun bener-bener ayat-ayat dina Alkitab unggal poé, Sadérék jadi bisa ”ngomean” haté jeung pikiran. Hasilna, Sadérék jadi boga cara pandang nu bener. (2 Tim. 3:16) Kevin, saurang kokolot nu pernah bajoang ngalawan parasaan minder, ngomong, ”Sanggeus maca Jabur 103 jeung bener-bener mikirkeunana, abdi jadi paham yén Yéhuwa téh nganggap abdi penting. Eva anu tadi dicaritakeun ngomong, ”Peuting saacan saré, biasana abdi sok mikirkeun kumaha parasaan Yéhuwa. Abdi jadi tengtrem. Iman abdi ka Yéhuwa gé jadi beuki kuat.”

14. Kumaha doa ngabantu urang?

14 Sering-sering ngadoa. (1 Tes. 5:17) Mun hayang nyobat jeung batur, urang kudu sering ngobrol jeung nyaritakeun parasaan urang. Kitu ogé lamun hayang nyobat jeung Yéhuwa. Waktu urang nyaritakeun parasaan, pikiran, jeung naon nu dihariwangkeun ku urang, urang nunjukkeun urang téh percaya ka Yéhuwa sarta ngarasa dipikanyaah ku Mantenna. (Jab. 94:17-19; 1 Yoh. 5:14, 15) Yua anu tadi dicaritakeun ngomong, ”Waktu ngadoa, abdi téh teu ngan nyaritakeun naon anu kajadian dina poé éta. Tapi, abdi nyaritakeun kabéh parasaan jeung pikiran abdi. Lila-lila, abdi ngarasa Yéhuwa téh mémang Bapa anu nyaah ka barudak-Na, lain jiga bos dina hiji pausahaan.”​—Tingali kotak ” Na Sadérék Geus Pernah Maca?

15. Kumaha carana Yéhuwa nunjukkeun kanyaah-Na ka urang?

15 Gaul jeung sobat sajati. Maranéhna téh kurnia ti Yéhuwa. (Yak. 1:17) Bapa urang di sawarga nunjukkeun kanyaah-Na ku cara méré dulur-dulur saiman nu ’salawasna nembongkeun kanyaah’. (Sil. 17:17) Dina suratna keur urang Kolosa, Paulus nyebutkeun sababaraha urang Kristen anu ngabantu manéhna. Ceuk Paulus, maranéhna téh ”kacida nulungna”. (Kol. 4:10, 11) Malah, Yésus Kristus gé butuh jeung ngahargaan bantuan ti sobat-sobatna, boh malaikat boh manusa.​—Luk. 22:28, 43.

16. Kumaha sobat sajati bisa ngabantu urang leuwih deukeut ka Yéhuwa?

16 Na Sadérék geus ngarasakeun mangpaatna boga sobat sajati? Nyaritakeun masalah urang ka sobat téh lain hartina urang lemah. Justru éta bisa ngalindungan urang. James anu tadi dicaritakeun ngomong, ”Nyobat jeung dulur saiman téh ngabantu abdi pisan. Waktu abdi boga pikiran goréng, maranéhna mani sabar ngadéngékeun jeung méré nyaho yén maranéhna nyaah ka abdi. Liwat maranéhna, abdi gé jadi paham yén Yéhuwa nyaah sarta merhatikeun abdi.” Jadi, nyobat jeung dulur-dulur saiman téh penting pisan!

TETEP DIPIKAASIH KU YÉHUWA

17-18. Urang kudu ngadéngékeun saha, jeung ku naon?

17 Sétan hayang urang eureun ngalakukeun nu bener. Manéhna hayang urang percaya, Yéhuwa téh teu nyaah ka urang jeung urang teu pantes disalametkeun. Tapi jiga nu geus dibahas, éta téh teu bener!

18 Yéhuwa téh nyaah ka Sadérék. Sadérék penting keur Mantenna. Lamun Sadérék taat ka Yéhuwa, Sadérék bakal ”tetep dipikaasih” ku Yéhuwa salilana, jiga Yésus. (Yoh. 15:10) Jadi, ulah ngadéngékeun Sétan atawa katipu ku haté Sadérék. Pék déngékeun Yéhuwa anu ningali hal-hal alus dina diri urang. Sing yakin, Yéhuwa téh ”ngaraos suka ka umat-Na”, kaasup ka Sadérék!

KAWIH 141 Kahirupan téh Mujijat

^ par. 5 Aya dulur saiman urang nu ngarasa teu percaya yén Yéhuwa nyaah ka manéhna. Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas ku naon urang bisa yakin Yéhuwa nyaah ka urang masing-masing. Urang gé bakal ngabahas naon nu bisa urang lakukeun lamun ngarasa Yéhuwa henteu nyaah ka urang.

^ par. 2 Sababaraha ngaran geus diganti.

^ par. 67 KATERANGAN GAMBAR: Baheulana, Paulus ngasupkeun loba urang Kristen ka panjara. Sanggeus sadar naon nu geus dikorbankeun ku Yésus keur manéhna, Paulus barobah. Manéhna gé nguatkeun dulur-dulur saimanna, nu bisa jadi masih kulawarga kénéh jeung jalma-jalma nu pernah dikaniaya ku manéhna.