Pananya ti nu Maca
Alkitab nyebutkeun yén sahenteuna kudu aya dua saksi pikeun ngabuktikeun hiji dakwaan téh bener. (Bil. 35:30; Pam. 17:6; 19:15; Mat. 18:16; 1 Tim. 5:19) Tapi numutkeun Hukum Musa, lamun aya saurang lalaki merkosa awéwé nu geus tunangan di ”luareun kota” tuluy awéwéna jejeritan, lalaki éta dianggap jinah, awéwéna mah henteu. Pan euweuh saksi nu ningali kajadianana, ku naon lalakina dianggap salah ari awéwéna mah henteu?
Catetan dina Pamindo 22:25-27 mah lain rék ngabuktikeun kasalahan si lalaki, lantaran lalaki éta mah geus kabukti salah. Jadi, hukum ieu husus pikeun ngabuktikeun si awéwé éta teu salah. Perhatikeun kontéksna.
Ayat saacanna nyebutkeun ngeunaan saurang lalaki nu ngalakukeun hubungan séks ”di hiji kota” jeung awéwé nu geus papacangan atawa tunangan. Ku kituna, lalaki éta geus jinah lantaran awéwé nu geus tunangan dianggap geus kawin. Kumaha jeung awéwéna? Manéhna ”henteu jejeritan menta tulung”. Mun jejeritan mah éta bakal kadéngé ku batur tuluy ditulungan. Tapi, lantaran teu jejeritan, si awéwé dianggap sarua jinah, jadi duanana salah.—Pam. 22:23, 24.
Hukum éta saterusna ngajelaskeun kaayaan nu béda, ”Upamana, aya lalaki newak budak parawan luareun kota terus dipanjingan. Eta mah paehan lalakina bae. Nyi lanjang mah ulah dikieu-kieu da taya dosana anu manjing dipaehan, lantaran teu beda ti nu jadi korban rajapati, ditewak lalaki di luareun kota, upama jejeritan menta tulung ge moal aya nu bakal nulungan.”—Pam. 22:25-27.
Dina kajadian éta, awéwéna dianggap teu salah lantaran ”jejeritan menta tulung” tapi euweuh nu nulungan. Jadi, si awéwé teu dianggap jinah. Tapi, lalakina dianggap geus merkosa jeung jinah lantaran awéwé nu geus tunangan éta ”ditewak” jeung ”dipanjingan” ku manéhna.
Sanajan hukum ieu husus pikeun ngabuktikeun si awéwé éta teu salah, dina carita ieu ogé disebutkeun yén si lalaki éta salah lantaran geus merkosa jeung jinah. Urang bisa yakin kasus ieu geus ”ditalengteng sing gemet” atawa dipariksa bener-bener ku para hakim. Urang gé yakin putusan maranéhna geus luyu jeung pituduh nu jelas nu geus mangkali-kali disebutkeun ku Allah.—Pam. 13:14; 17:4; Bud. 20:14.