ARTIKEL PALAJARAN 51
Sakumaha Wanoh Sadérék ka Yéhuwa?
”Anu tarerang ka Gusti, nun PANGERAN, bakal ngaharep ka Gusti, sugri anu marek ku Gusti tara ditolak.”—JAB. 9:11.
KAWIH 56 Cekel Pageuh Bebeneran
NU DIBAHAS *
1-2. Tina pangalaman Angelito, naon nu kudu dilakukeun ku urang sorangan?
NAHA kolot Sadérék Saksi Yéhuwa? Mun kitu, sing inget yén sosobatan urang jeung Yéhuwa teu diwariskeun ku kolot urang. Teu sual kolot urang Saksi atawa lain, urang sorangan nu kudu ngajalin sosobatan jeung Yéhuwa.
2 Perhatikeun pangalaman Angelito. Kabéh anggota kulawargana Saksi Yéhuwa. Sanajan kitu, pas keur ngora, manéhna teu ngarasa deukeut jeung Allah. Ceuk manéhna, ”Abdi ngawula Yéhuwa téh lantaran hayang nuturkeun kulawarga.” Tapi, Angelito boga tékad pikeun nyadiakeun waktu keur maca Alkitab jeung ngalenyepanana, sarta leuwih sering ngadoa ka Yéhuwa. Kumaha hasilna? Ceuk Angelito, ”Ceuk abdi mah hiji-hijina cara supaya deukeut jeung Bapa Yéhuwa téh urang kudu bener-bener wanoh ka Mantenna, jeung éta kudu ku upaya sorangan.” Tina pangalaman Angelito, pananya-pananya ieu jadi kapikir ku urang: Naon bédana wawuh ka Yéhuwa jeung bener-bener wanoh ka Mantenna? Jeung, kumaha carana urang bisa wanoh ka Yéhuwa?
3. Naon bédana wawuh ka Yéhuwa jeung bener-bener wanoh ka Mantenna?
3 Urang bisa jadi nyangka, jalma nu wanoh ka Yéhuwa téh nu apal nami-Na jeung nyaho naon nu dilampahkeun jeung dicarioskeun ku Mantenna. Tapi, sabenerna leuwih ti éta. Urang kudu nyadiakeun waktu pikeun diajar ngeunaan Yéhuwa jeung sipat-sipat-Na nu luar biasa.
Ngan ku cara kitu urang bakal ngarti ku naon Yéhuwa nyarios atawa ngalampahkeun hiji hal. Urang gé jadi nyaho naha Mantenna resep kana pandangan, putusan, jeung laku lampah urang. Sanggeus nyaho naon kahoyong Yéhuwa, urang kudu ngalampahkeunana.4. Tina conto-conto dina Alkitab, urang diajar naon?
4 Meureun aya nu ngaléléwé lantaran urang hayang ngawula Yéhuwa, malahan nentang waktu urang rék ngagabung jeung umat Allah. Tapi lamun urang percaya ka Yéhuwa, urang moal ditinggalkeun. Ku kituna, urang mulai nyobat jeung Allah, sarta sosobatan éta bakal langgeng. Naha urang bisa kawas kitu? Tangtu! Contona, Musa jeung Raja Daud bisa siga kitu sanajan maranéhna teu sampurna. Jadi, urang bakal ngabahas naon nu dilakukeun ku maranéhna jeung ngajawab dua pananya ieu: Kumaha maranéhna bisa wanoh ka Yéhuwa? Jeung tina pangalaman maranéhna, urang bisa diajar naon?
MUSA BISA ”NINGALI KA ALLAH NU SIPAT GAIB”
5. Naon nu dipilih ku Musa?
5 Musa milih ngawula ka Allah. Basa umurna kira-kira 40 taun, Musa milih ngagabung jeung umat Allah, urang Ibrani, ti batan diaku ”putrana putri raja Mesir”. (Ibr. 11:24) Musa ngorbankeun kadudukanana nu luhur. Ku lantaran mihak ka urang Ibrani, nu jadi badéga di Mesir, Musa nyaho Piraon bakal ambek pisan. Piraon téh raja nu gedé kawasana malah dianggap déwa ku urang Mesir. Ieu ngabuktikeun yén Musa percaya pisan ka Yéhuwa! Ku lantaran ngandel ka Yéhuwa, Musa bisa terus nyobat jeung Mantenna.—Sil. 3:5.
6. Urang diajar naon tina pangalaman Musa?
6 Naon palajaranana? Siga Musa, urang kabéh kudu nyieun putusan: Naha urang rék milih ngawula ka Allah sarta ngagabung jeung umat-Na? Meureun urang kudu nyieun pangorbanan supaya bisa ngawula ka Allah. Urang gé bisa waé ditentang ku jalma-jalma nu teu wanoh ka Yéhuwa. Tapi lamun urang percaya ka Bapa nu di sawarga, urang yakin bakal ditangtayungan ku Mantenna!
7-8. Musa terus diajar naon?
7 Musa terus diajar sipat-sipat Yéhuwa jeung ngalampahkeun kahoyong-Na. Misalna, waktu Musa ditugaskeun pikeun ngabébaskeun bangsa Israil ti pangbudakan, manéhna teu percaya diri jeung mangkali-kali ngomong yén manéhna teu sanggup. Yéhuwa nunjukkeun welas asih-Na ku cara masihan bantuan ka Musa. (Bud. 4:10-16) Hasilna, Musa bisa nepikeun warta hukuman nu tegas ka Piraon. Tuluy, Musa nyaksian Yéhuwa ngagunakeun kawasa-Na waktu nyalametkeun bangsa Israil sarta ngabinasakeun Piraon jeung pasukanana di Laut Beureum.—Bud. 14:26-31; Jab. 136:15.
8 Sanggeus bangsa Israil dibawa kaluar ti Mesir, maranéhna teterusan kukulutus. Sanajan kitu, Musa merhatikeun yén Yéhuwa téh sabar pisan ka jalma-jalma nu dibébaskeun ku Mantenna tina pangbudakan. (Jab. 78:40-43) Waktu Musa ménta supaya Yéhuwa ngarobah putusana-Na, Mantenna kersaeun. Ti dinya, Musa ningali yén Yéhuwa téh luar biasa rendah haté.—Bud. 32:9-14.
9. Numutkeun Ibrani 11:27, sakumaha raketna Musa jeung Yéhuwa?
Ibrani 11:27.) Sakitu raketna Musa jeung Yéhuwa nepi ka disebutkeun dina Alkitab, ”PANGERAN ngadawuh ka Musa teh papayun-payun, cara jelema cacarita jeung sobatna.”—Bud. 33:11.
9 Sanggeus kaluar ti Mesir, hubungan Musa jeung Yéhuwa beuki raket, saolah-olah Musa bisa ningali Bapana nu di sawarga. (Baca10. Supaya bener-bener wanoh ka Yéhuwa, urang kudu kumaha?
10 Naon palajaranana? Supaya bener-bener wanoh ka Yéhuwa, urang teu cukup ngan saukur diajar sipat-sipat-Na tapi ogé kudu ngalampahkeun kahoyong-Na. Kiwari, Yéhuwa ”mikahoyong supaya manusa teh kabeh salamet sarta daraek narima ka nu sayakti”. (1 Tim. 2:3, 4) Jadi, salah sahiji cara urang ngalampahkeun kahoyong Allah téh nyaéta ngajar batur ngeunaan Yéhuwa.
11. Ku naon waktu urang ngajar batur ngeunaan Yéhuwa, urang jadi leuwih wanoh ka Mantenna?
11 Seringna mah waktu ngajar batur ngeunaan Yéhuwa, urang ogé jadi leuwih wanoh ka Mantenna. Misalna, urang bisa ngarasakeun welas asih Yéhuwa waktu Mantenna ngabingbing urang pikeun manggihan jalma-jalma nu boga sikep nu bener. (Yoh. 6:44) Urang bisa ningali kawasa Firman Allah waktu jalma-jalma nu diajar Alkitab eureun tina kabiasaan goréngna jeung boga kapribadian nu anyar. (Kol. 3:9, 10) Urang gé bisa ningali bukti Allah téh sabar waktu Mantenna terus masihan kasempetan ka jalma-jalma di daérah urang pikeun diajar ngeunaan Mantenna jeung disalametkeun.—Rum 10:13-15.
12. Saperti nu ditulis dina Budalan 33:13, naon nu dipénta ku Musa, jeung naon sababna?
12 Musa ngahargaan sosobatanana jeung Yéhuwa. Malahan sanggeus nyieun mujijat ku nami Allah, Musa tetep hayang nyaho leuwih loba ngeunaan Yéhuwa. (Baca Budalan 33:13.) Harita umur Musa 80 taunan, tapi manéhna tetep hayang nyaho leuwih loba ngeunaan Bapana nu di sawarga.
13. Naon salah sahiji cara ngabuktikeun yén urang ngahargaan sosobatan jeung Allah?
13 Naon palajaranana? Teu sual geus sabaraha lila urang ngawula Yéhuwa, urang kudu terus ngahargaan sosobatan jeung Yéhuwa. Salah sahiji cara ngabuktikeun yén urang ngahargaan sosobatan jeung Yéhuwa nyaéta ngadoa ka Mantenna.
14. Naon sababna Yéhuwa jadi leuwih nyata lamun urang ngungkabkeun pikiran dina doa?
14 Lamun hayang akrab jeung sobat, urang kudu sering ngobrol jeung manéhna. Jadi lamun hayang raket jeung Allah, sing sering ngadoa, ulah asa-asa ngungkabkeun parasaan jeung pikiran Sadérék. (Epe. 6:18) Krista ti Turki nyebutkeun, ”Abdi beuki nyaah jeung beuki percaya ka Yéhuwa unggal abdi ngadoa ngungkabkeun pikiran jeung unggal abdi ngarasakeun bantuan-Na. Ningali carana Yéhuwa ngajawab doa-doa abdi, abdi ngarasa Yéhuwa téh Bapa jeung Sobat abdi.”
JALMA NU NYENANGKEUN HATÉ YÉHUWA
15. Raja Daud dianggap jalma nu kawas kumaha ku Yéhuwa?
15 Kolotna Raja Daud jeung jalma-jalma di sakurilingna nyarembah ka Allah Yéhuwa. Tapi, Daud teu ngan saukur Ras. 13:22, Terjemahan Dunia Baru) Kumaha Daud bisa sakitu raketna jeung Yéhuwa?
nunutur kabiasaan agama kulawargana. Manéhna ngajalin sosobatan jeung Allah, Yéhuwa gé nyaah pisan ka manéhna. Ku Yéhuwa, Daud disebut ”jalma nu nyenangkeun haté-[Na]”. (16. Tina ciciptaan, Daud diajar naon ngeunaan Yéhuwa?
16 Daud diajar ngeunaan Yéhuwa tina ciciptaan. Basa keur ngora, Daud sering cicing di luar imah, ngangon domba bapana. Meureun ti harita, Daud osok ngalenyepan ciciptaan Yéhuwa. Misalna, waktu Daud tanggah ka langit peuting-peuting, manéhna teu ngan saukur ningali rébuan béntang, tapi ogé ngalenyepan sipat-sipat Pribadi nu nyiptakeunana. Daud kajurung pikeun nulis, ”Ku bengras langit ngebrehkeun kamulyaan Allah! Ku cekas eta teh nembongkeun karya Mantenna!” (Jab. 19:2, 3) Waktu Daud mikirkeun carana manusa diciptakeun ku Yéhuwa, manéhna sadar kacida hébatna hikmat Yéhuwa. (Jab. 139:14) Manéhna gé sadar sakumaha leutikna manéhna dibandingkeun jeung Yéhuwa.—Jab. 139:6.
17. Urang bisa diajar naon lamun ngalenyepan ciciptaan?
17 Naon palajaranana? Urang kudu resep kana ciciptaan. Sadiakeun waktu pikeun merhatikeun bumi nu éndah tempat tinggal urang. Sadérék pasti tajub! Unggal poé, lenyepan ciciptaan nu aya di sakurilingeun Sadérék: pepelakan, sasatoan, jeung jalma-jalma. Éta kabéh ngajar Sadérék ngeunaan Yéhuwa. Ku kituna, unggal poé Sadérék bakal diajar hal-hal nu anyar ngeunaan Bapa nu nyaah ka Sadérék. (Rum 1:20) Jeung unggal poé Sadérék gé bakal beuki nyaah ka Mantenna.
18. Sakumaha nu dicatet dina Jabur 18, Daud sadar kana hal naon?
18 Daud sadar Yéhuwa nulungan manéhna. Misalna, waktu Daud ngalawan singa jeung biruang nu rék ngahakan domba bapana, manéhna sadar bisa ngéléhkeun sato galak éta lantaran ditulungan ku Yéhuwa. Waktu manéhna ngéléhkeun raksasa nu ngaranna Goliat, manéhna nyaho éta téh lantaran diraksa ku Yéhuwa. (1 Sam. 17:37) Jeung basa Daud kabur ti Raja Saul nu ngéwa ka manéhna, manéhna sadar Yéhuwa nu nyalametkeun manéhna. (Jab. 18:1) Jalma nu sombong mah bakal agul ku dirina sorangan. Tapi ku lantaran Daud rendah haté, manéhna sadar hirupna téh ditangtayungan ku Yéhuwa.—Jab. 138:6.
19. Urang diajar naon tina conto Daud?
19 Naon palajaranana? Ulah ngan saukur ménta bantuan ka Yéhuwa. Urang gé kudu inget iraha jeung kumaha urang ditulungan ku Mantenna. Lamun rendah haté, urang nyaho aya nu teu bisa dilakukeun ku urang jeung waktu ahirna sanggup ngalakukeunana, urang sadar éta téh bantuan Yéhuwa. Unggal urang ngarasa ditulungan ku Yéhuwa, sosobatan urang jeung Mantenna bakal beuki kuat. Sadérék Isaac ti Fiji nu ngawula Yéhuwa mangtaun-taun geus ngarasakeun hal ieu. Ceuk manéhna, ”Mun diinget-inget, Yéhuwa téh geus nulungan abdi ti mimiti abdi diajar nepi ka ayeuna. Yéhuwa téh jadi nyata pisan keur abdi.”
20. Urang bisa diajar naon tina sosobatan Daud jeung Allah?
Kaj. 1:26) Lamun urang leuwih loba diajar sipat-sipat Yéhuwa, urang bakal leuwih gampang nyonto Mantenna. Daud bener-bener wanoh ka Bapana nu di sawarga, jadi manéhna nyonto sikep Yéhuwa waktu urusan jeung batur. Ieu contona: Sanajan Daud nyieun dosa ka Yéhuwa waktu jinah jeung Batséba tuluy maéhan salakina, manéhna dihampura ku Yéhuwa. (2 Sam. 11:1-4, 15) Daud dihampura téh lantaran geus nyonto Yéhuwa ku cara welas asih ka batur. Lantaran Daud sakitu raketna jeung Yéhuwa, manéhna jadi raja nu paling dipikanyaah ku bangsa Israil jeung dijadikeun conto ku Yéhuwa pikeun raja-raja Israil séjénna.—1 Rja. 15:11; 2 Rja. 14:1-3.
20 Daud nyonto sipat-sipat Yéhuwa. Urang dibéré kasanggupan ku Yéhuwa pikeun nyonto sipat-sipat Mantenna. (21. Numutkeun Epesus 4:24 jeung 5:1, naon hasilna lamun urang ”nulad ka Mantenna”?
21 Naon palajaranana? Urang kudu ”nulad ka Mantenna”. Éta dilakukeun lain keur mangpaat urang wungkul, tapi ogé sangkan urang bener-bener wanoh ka Yéhuwa. Lamun urang nyonto sipat-sipat Mantenna, urang ngabuktikeun yén urang téh putra-Na.—Baca Epesus 4:24; 5:1.
DIAJAR LEUWIH LOBA NGEUNAAN YÉHUWA
22-23. Naon hasilna lamun urang diajar ngeunaan Yéhuwa tuluy ngalarapkeunana?
22 Saperti nu geus dibahas, urang bisa diajar ngeunaan Yéhuwa tina ciciptaan-Na jeung Firman-Na, Alkitab. Dina Alkitab, aya loba tuladan hamba-hamba Allah nu satia nu bisa diconto ku urang, saperti Musa jeung Daud. Yéhuwa geus ngungkabkeun diri-Na, kari urangna nu ngagunakeun panon, ceuli, jeung haté urang pikeun diajar ngeunaan Mantenna.
23 Urang moal eureun diajar ngeunaan Yéhuwa. (Pan. 3:11) Nu penting mah lain sakumaha loba urang diajar, tapi naon nu kudu dilakukeun ku urang. Lamun urang geus diajar tuluy ngalarapkeunana sarta nyonto Bapa nu nyaah ka urang, urang bakal beuki raket ka Mantenna. (Yak. 4:8) Dina Firman-Na, Mantenna ngayakinkeun urang yén jalma-jalma nu nyieun upaya pikeun bener-bener wanoh ka Mantenna moal ditinggalkeun.
KAWIH 80 ’Pék Rasakeun Kasaéan Yéhuwa’
^ par. 5 Loba jalma percaya Allah téh aya, tapi teu bener-bener wanoh ka Allah. Naon hartina wanoh ka Yéhuwa téh? Urang bisa diajar naon tina pangalaman Musa jeung Raja Daud ngeunaan carana nguatkeun sosobatan jeung Mantenna? Artikel ieu bakal ngajawab pananya-pananya éta.