ARTIKEL PALAJARAN 50
Yéhuwa Nyadiakeun Jalan pikeun Ngabébaskeun Sadérék
”Maraneh kudu . . . ngumumkeun kabebasan ka sakumna pangeusi tanah.”—IMA. 25:10.
KAWIH 22 Karajaan Allah, Sing Geura Datang!
NU DIBAHAS *
1-2. (a) Naon Yobél téh? (Tingali kotak ”Naon Yobél téh?”) (b) Dina catetan Lukas 4:16-18, Yésus ngomong ngeunaan naon?
DI SABABARAHA nagri, jalma-jalma osok nyieun perayaan 50 taunan, nu sok disebut perayaan Yobél. Perayaan éta lilana bisa sapoé, saminggu, atawa malahan leuwih, tapi pasti aya ahirna. Sanggeus éta mah jalma-jalma teu inget deui kana suka bungahna.
2 Ayeuna urang bakal ngabahas perayaan Yobél nu leuwih unggul, malahan leuwih unggul ti batan taun Yobél nu dirayakeun ku urang Israil kuno unggal 50 taun sakali nu lilana sataun. Yobél éta mawa kabébasan ka urang Israil. Ku naon urang kudu diajar hal ieu ayeuna? Lantaran taun Yobél ngingetkeun urang kana sasadiaan ti Yéhuwa pikeun ngabébaskeun urang salilana, malahan ti ayeuna kénéh. Yésus gé nyebutkeun ngeunaan kabébasan ieu.—Baca Lukas 4:16-18.
3. Numutkeun Imamat 25:8-12, naon mangpaatna Yobél keur urang Israil?
3 Urang bisa leuwih paham kana kabébasan nu disebutkeun ku Yésus lamun urang ngabahas heula Yobél nu diatur ku Allah pikeun bangsa Israil. Yéhuwa nyarios ka umat-Na, ”Taun anu kalima puluh ku maraneh kudu dipeting pikeun ngumumkeun kabebasan ka sakumna pangeusi tanah. Dina sataun eta [”taun Yobél”, Terjemahan Dunia Baru] lamun aya tanah milik anu geus dijual, kudu pulang ka nu boga asalna atawa ka anak incuna. Jelema-jelema anu dibeuli kudu sina marulang ka kulawargana sorangan.” (Baca Imamat 25:8-12.) Dina artikel saacanna, urang geus ngabahas mangpaatna Sabat mingguan keur urang Israil. Tapi, naon mangpaatna Yobél keur urang Israil? Misalna, aya urang Israil nu kabeulit hutang, tuluy manéhna kapaksa ngajual tanahna keur ngalunasan hutangna. Dina taun Yobél, tanah éta dipulangkeun deui ka manéhna, ku kituna anak incuna bisa boga warisan. Conto séjénna, saurang lalaki boga hutang gedé. Supaya hutangna punah, manéhna kudu ngajual anakna jadi badéga, atawa malahan manéhna sorangan nu jadi badéga. Dina taun Yobél, badéga bisa ”marulang ka kulawargana sorangan”. Jadi, moal aya saurang-urang acan nu jadi badéga saumur hirupna! Yéhuwa mani perhatian pisan ka umat-Na!
4-5. Naon sababna diajar ngeunaan taun Yobél téh penting?
4 Naon deui mangpaatna taun Yobél? Yéhuwa ngajelaskeun, ”Sasama bangsa sorangan mah moal aya anu miskin, sabab eta tanah anu rek dipaparinkeun ku PANGERAN Allah maraneh teh ku Mantenna bakal diberkahan.” (Pam. 15:4) Béda pisan jeung kaayaan dunya kiwari, jalma nu beunghar beuki beunghar, ari nu miskin beuki miskin!
5 Urang Kristen teu di bawah Hukum Musa. Jadi, urang teu kudu nuturkeun aturan Yobél ngeunaan ngabébaskeun badéga, mupus hutang, jeung mulangkeun tanah warisan. (Rum 7:4; 10:4; Epe. 2:15) Sanajan kitu, diajar ngeunaan taun Yobél téh penting. Naon sababna? Lantaran éta ngingetkeun urang kana naon nu geus dilakukeun ku Yéhuwa pikeun ngabébaskeun urang tina dosa.
YÉSUS NGUMUMKEUN KABÉBASAN
6. Umat manusa kudu dibébaskeun tina naon?
6 Urang kabéh butuh dibébaskeun lantaran urang jadi badéga dosa, éta téh pangbudakan nu kejem pisan. Balukarna, urang jadi ngolotan, gering, tuluy maot. Loba nu ngarasa kitu téh pas keur ngaca atawa keur dipariksa ku dokter. Salian ti éta, waktu nyieun dosa, urang bisa leutik haté. Rasul Paulus nyebutkeun yén manéhna téh ”kabeungkeut ku hukum dosa anu mangaruhan diri [manéhna]”. Rum 7:23, 24.
Tuluy, ceuk manéhna, ”Jelema cilaka sim kuring teh! Saha anu bakal nyalametkeun sim kuring tina ieu badan anu baris ngagusur kana maot?”—7. Naon nu dinubuatkeun ku Yésaya ngeunaan kabébasan?
7 Urang tangtu bungah lantaran Yéhuwa méré jalan pikeun ngabébaskeun urang tina dosa. Yésus hiji-hijina jalan pikeun ngabébaskeun urang. Leuwih ti 700 taun saacan Yésus datang ka bumi, Nabi Yésaya nganubuatkeun yén jalma-jalma bakal meunang kabébasan nu jauh leuwih unggul ti batan kabébasan salila taun Yobél. Manéhna nulis, ”Hate kaula kaeusian ku Roh PANGERAN Nu Maha Agung. Kaula ku Mantenna dipilih, diutus, pikeun nepikeun beja alus ka nu sangsara, nyageurkeun anu hatena remuk, ngabejaan ka nu keur jadi tawanan, yen maranehna bakal dijait.” (Yes. 61:1) Saha nu ngalaksanakeun nubuat ieu?
8. Nubuat ngeunaan kabébasan laksana dina diri saha?
8 Nubuat penting ngeunaan kabébasan ieu mimiti laksana dina awal palayanan Yésus. Waktu anjeunna datang ka sinagoga di lemburna, Nasarét, Yésus macakeun nubuat Yésaya éta ka urang Yahudi nu ngarumpul di dinya. Yésus nyebutkeun nubuat éta laksana ka dirina, ”Roh Pangeran ngauban Kami. Sabab Kami ku Mantenna ditangtukeun kudu mawa warta pikabungaheun ka nu mariskin. Kami ku Mantenna diutus kudu ngabewarakeun yen: para tawanan bakal dibebaskeun, nu lalolong bakal dibareuntakeun. Nu dikaniaya baris dileupaskeun. Jeung ngawawarkeun, yen geus waktuna Pangeran ngajait umat-Na.” (Luk. 4:16-19) Kumaha nubuat ieu laksana ka diri Yésus?
JALMA-JALMA NU MIMITI DIBÉBASKEUN
9. Jalma-jalma di jaman Yésus hayang bébas tina naon?
9 Kabébasan nu dinubuatkeun ku Yésaya jeung nu dibacakeun ku Yésus mimiti laksana dina abad kahiji. Urang yakin lantaran Yésus ngumumkeun, ”Ayat-ayat Kitab Suci anu bieu, poe ieu geus laksana waktu ku aranjeun kareungeu dibacakeun.” (Luk. 4:21) Jalma-jalma nu ngadéngékeun bisa jadi ngarepkeun parobahan pulitik, nyaéta dibébaskeun tina pamaréntah Rum. Murid-murid Yésus gé bisa jadi boga pandangan kawas kitu lantaran ka dieunakeun, aya dua murid nu ngomong, ”Padahal nya Anjeunna pisan anu diarep-arep piiasaeun ngabebaskeun bangsa Israil teh!” (Luk. 24:13, 21) Tapi, urang apal Yésus teu nitah murid-muridna pikeun barontak ngalawan penjajahan Rum. Malah Anjeunna nitah, ”Bayarkeun ka Prabu nu kagungan Prabu.” (Mat. 22:21) Mun kitu, naon maksud Yésus yén jalma-jalma bakal dibébaskeun?
10. Yésus ngabébaskeun jalma-jalma tina naon?
10 Putra Allah ngabébaskeun jalma-jalma ku dua cara. Kahiji, Yésus ngabébaskeun maranéhna tina pangajaran salah para pamingpin agama nu ngabeungbeurat. Harita, loba urang Yahudi dipaksa pikeun ngajalankeun tradisi jeung pangajaran nu salah. (Mat. 5:31-37; 15:1-11) Jalma-jalma nu ngakuna bisa ngabingbing sacara rohani téh sabenerna lolong. Lantaran nolak Mésias jeung pangajaranana, maranéhna jadi teu kenal ka Allah, saolah-olah lolong, jeung dosa-dosana teu dihampura. (Yoh. 9:1, 14-16, 35-41) Ku pangajaran jeung tuladanna, Yésus méré nyaho jalma nu rendah haté carana dibébaskeun tina pangajaran palsu.—Mar. 1:22; 2:23–3:5.
11. Ku cara naon deui Yésus ngabébaskeun jalma-jalma?
11 Kadua, Yésus ngabébaskeun umat manusa tina pangbudakan dosa warisan. Lantaran Yésus masrahkeun kahirupanana keur tebusan, Allah bisa ngahampura dosa saha waé nu némbongkeun iman jeung narima korban tebusan éta. (Ibr. 10:12-18) Ceuk Yésus, ”Lamun maraneh geus dibebaskeun ku Putra, enya-enya maraneh bebas.” (Yoh. 8:36) Kabébasan ieu tangtu leuwih unggul ti batan kabébasan salila taun Yobél dina jaman Israil! Misalna, jalma nu dibébaskeun dina taun Yobél bisa jadi badéga deui, jeung ahirna mah maot.
12. Saha nu mimiti meunang kabébasan nu diumumkeun ku Yésus?
12 Dina poé Péntakosta 33 M, Yéhuwa ngistrénan para rasul jeung priya wanita nu satia séjénna ku roh suci. Maranéhna diaku anak ku Mantenna jadi maranéhna bakal dihirupkeun deui ka sawarga pikeun maréntah bareng jeung Yésus. (Rum 8:2, 15-17) Maranéhna téh nu mimiti meunang kabébasan nu diumumkeun ku Yésus di sinagoga di Nasarét. Priya wanita éta geus dibébaskeun tina pangbudakan pangajaran palsu jeung kabiasaan nu teu luyu jeung Firman Allah nu diajarkeun ku para pamingpin agama Yahudi. Allah gé boga dasar nu kuat pikeun ngabébaskeun maranéhna tina dosa nu ngabalukarkeun maot. Taun Yobélna urang Kristen téh dimimitian pas murid-murid Kristus diistrénan taun 33 M, jeung tungtungna téh dina ahir Pamaréntahan Sarébu Taun Yésus. Hal-hal hadé naon waé nu bakal aya dina mangsa éta?
JUTAAN JALMA BAKAL DIBÉBASKEUN
13-14. Salian ti urang Kristen nu diistrénan, saha deui nu bisa meunang kabébasan nu diumumkeun ku Yésus?
13 Kiwari, jutaan jalma nu rendah haté ti sagala bangsa jadi bagian ’domba-domba nu lian’. (Yoh. 10:16) Maranéhna teu dipilih ku Allah pikeun maréntah bareng jeung Yésus di sawarga. Tapi, Alkitab nyebutkeun yén maranéhna boga harepan hirup langgeng di bumi. Naha éta harepan Sadérék?
14 Ti ayeuna gé Sadérék bisa ngarasakeun hal-hal hadé sakumaha nu ditarima ku jalma-jalma nu diistrénan. Lantaran boga iman kana korban tebusan Yésus, Sadérék bisa ménta pangampura dosa. Hasilna, Sadérék bisa dianggap bener ku Allah jeung boga haté sanubari nu bersih. (Epe. 1:7; Wahyu 7:14, 15) Pikirkeun ogé berkah nu ditarima ku Sadérék lantaran dibébaskeun tina pangajaran palsu. Ceuk Yésus, ”Aranjeun ge baris terang kana kayaktian, anu baris ngamerdikakeun aranjeun.” (Yoh. 8:32, Sunda Formal [SF]) Urang tangtu bungah pisan!
15. Kabébasan jeung berkah naon nu diarep-arep ku urang dina mangsa kahareup?
15 Urang ngarep-ngarep datangna kabébasan nu leuwih gedé. Sakeudeung deui, Yésus bakal nyingkirkeun agama palsu jeung pamaréntahan manusa nu jahat. Allah bakal ngalindungan ’jelema nu kacida lobana’, tuluy Mantenna bakal ngaberkahan maranéhna di bumi pirdaus. (Wahyu 7:9, 14) Loba pisan jalma bakal dihirupkeun deui jeung boga kasempetan pikeun dibébaskeun tina balukar dosa Adam.—Ras. 24:15.
16. Kabébasan nu luar biasa naon nu bakal dirasakeun ku manusa dina mangsa kahareup?
16 Salila Pamaréntahan Sarébu Taun, Yésus jeung nu nyarengan anjeunna maréntah bakal ngabantu umat manusa pikeun boga kaséhatan nu sampurna jeung bisa diaku sabagé putra-putra Allah deui. Éta téh mangsa pikeun mulihkeun jeung ngabébaskeun manusa saperti taun Yobél dina jaman Israil. Hasilna, kabéh nu satia ngawula Yéhuwa bakal jadi manusa sampurna nu bébas tina dosa.
17. Yesaya 65:21-23 nganubuatkeun naon ngeunaan umat Allah? (Tingali gambar dina sampul hareup.)
17 Kahirupan di bumi pirdaus digambarkeun dina Yesaya 65:21-23. (Baca.) Di ditu, urang moal ngajejentul waé. Tapi, Alkitab ngajelaskeun yén umat Allah engké bakal boga pagawéan nu nyugemakeun. Dina ahir sarébu taun, urang yakin yén ”mahluk teh baris dibebaskeun tina genggeman kabinasaan sarta ginanjar kamerdikaan kamulyaanana putra-putra Allah”.—Rum 8:21, SF.
18. Ku naon urang yakin yén dina mangsa kahareup urang bakal suka bungah?
18 Yéhuwa ngatur sangkan bangsa Israil saimbang ngeunaan digawé jeung istirahat. Mantenna gé bakal ngalampahkeun nu sarua dina Pamaréntahan Sarébu Taun Kristus. Tangtu engké bakal aya waktu keur kagiatan rohani. Kiwari, ibadah ka Allah téh penting keur kabagjaan urang, kitu ogé engké di dunya anyar. Jelas, kabéh manusa nu satia bakal ngarasa suka bungah salila Pamaréntahan Sarébu Taun Kristus lantaran boga pagawéan nu nyugemakeun jeung bisa ibadah ka Allah.
KAWIH 142 Sing Pengkuh Pangharepan
^ par. 5 Yéhuwa nyadiakeun jalan sangkan urang Israil kuno meunang kabébasan. Éta téh Yobél. Urang Kristen mémang teu di bawah Hukum Musa, tapi aya palajaran pentingna keur urang. Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas kumaha Yobél dina jaman baheula ngingetkeun urang kana sasadiaan ti Yéhuwa keur urang jeung kumaha urang bisa narima mangpaatna.
^ par. 61 KATERANGAN GAMBAR: Salila taun Yobél, priya-priya nu jadi badéga bisa balik deui ka kulawargana sarta tanahna dipulangkeun.