ARTIKEL PALAJARAN 49
Nu Maot Pasti Dihirupkeun Deui!
”Abdi oge ngaharep ka Allah perkawis pihudangeunana sadaya jalmi tina maot.”—RAS. 24:15.
KAWIH 151 Yéhuwa Bakal Nyauran
NU DIBAHAS *
1-2. Umat Allah boga harepan éndah naon?
URANG kabéh kudu boga harepan. Sababaraha jalma ngarepkeun perkawinanna bagja, boga budak anu séhat, atawa bisa cageur tina panyakit nu parah. Sabagé urang Kristen, urang gé meureun ngarepkeun hal-hal éta. Tapi nu paling diarep-arep ku urang téh lain hal-hal éta. Urang ngarepkeun kahirupan nu langgeng. Urang gé ngarepkeun bisa panggih deui jeung jalma-jalma nu geus maot.
2 Rasul Paulus ngomong, ”Abdi oge ngaharep ka Allah perkawis pihudangeunana sadaya jalmi tina maot, boh nu bageur, boh nu jahat.” (Ras. 24:15) Sabenerna, lain Paulus nu mimiti nyebutkeun ngeunaan harepan pihudangeunana nu maot. Saacanna, Ayub gé pernah nyebutkeun hal éta. Manéhna yakin, Allah bakal inget jeung ngahirupkeun deui manéhna.—Ayub 14:7-10, 12-15.
3. Naon pangaruh kekecapan dina 1 Korinta pasal 15 keur urang?
3 ”Pihudangeunana anu geus maraot” téh salah sahiji pangajaran dasar Kristen. (Ibr. 6:1, 2) Dina 1 Korinta pasal 15, Paulus ngabahas ngeunaan pihudangeunana nu geus maot. Kekecapanna éta pasti nguatkeun urang Kristen dina abad kahiji. Kekecapan éta gé bisa nguatkeun jeung beuki ngayakinkeun urang yén jalma-jalma nu geus maot bakal dihirupkeun deui.
4. Ku naon urang bisa yakin jalma-jalma nu geus maraot bakal dihirupkeun deui?
4 Lantaran Yésus Kristus geus dihirupkeun deui, urang bisa yakin engké jalma-jalma nu geus maraot bakal dihirupkeun deui. Harepan éta téh bagian tina ”Injil Kasalametan” anu diwawarkeun ku Paulus ka urang Korinta. (1 Kor. 15:1, 2) Malah, manéhna ngomong mun urang Kristen teu percaya yén Yésus Kristus geus dihirupkeun deui, iman maranéhna téh percumah. (1 Kor. 15:17) Dihirupkeunana deui Yésus téh jadi jaminan yén engké jalma-jalma nu geus maraot gé bakal dihirupkeun deui.
5-6. Naon hubunganna 1 Korinta 15:3, 4 jeung urang?
5 Waktu Paulus nulis ngeunaan dihirupkeunana deui nu maot, manéhna nyebutkeun tilu fakta ieu: (1) ”Hal pupusna Kristus ku karana dosa urang.” (2) ’Hal dikurebkeunana’ anjeunna. (3) ’Hal dihirupkeunana deui Yésus sanggeus tilu poé pupus sakumaha anu kaungel dina Kitab Suci.’—Baca 1 Korinta 15:3, 4.
6 Yésus geus maot, dimakamkeun, jeung dihirupkeun deui. Naon hubungan hal-hal éta jeung urang? Nabi Yésaya ngaramalkeun, Mésias bakal ”pupus dihukum pati” sarta ”pupusna dihijikeun jeung jalma-jalma jahat”. Tapi, teu ngan éta wungkul. Yésaya gé ngomong, Mésias bakal ”nalangan hukuman” keur loba jalma. Ku cara naon? Ku cara masrahkeun kahirupanna sabagé tebusan. (Yes. 53:8, 9, 12; Mat. 20:28; Rum 5:8) Lantaran Yésus geus maot, dimakamkeun, jeung dihirupkeun deui, urang jadi boga harepan pikeun dibébaskeun tina dosa jeung maot. Urang gé boga harepan pikeun panggih deui jeung jalma-jalma anu geus maraot.
KATERANGAN TI PARA SAKSI
7-8. Ku naon urang Kristen bisa yakin yén Yésus geus dihirupkeun deui?
7 Jiga nu disebutkeun tadi, ngarah percaya nu maraot bakal dihirupkeun deui, urang kudu yakin heula Yésus téh geus dihirupkeun deui. Naon buktina Yéhuwa geus ngahirupkeun deui Yésus?
8 Loba saksi mata nu panggih jeung Yésus sanggeus anjeunna dihirupkeun deui. (1 Kor. 15:5-7) Paulus nyebutkeun sababaraha di antarana, nu mimiti disebutkeun nyaéta Rasul Pétrus (Képas). Sababaraha murid gé neguhkeun yén Pétrus panggih jeung Yésus sanggeus anjeunna dihirupkeun deui. (Luk. 24:33, 34) Geus kitu, para rasul gé panggih jeung Yésus nu geus dihirupkeun deui. Malah sakali waktu, Kristus némbongan ka ”leuwih ti lima ratus urang” sakaligus. Jigana mah ieu téh kajadian anu dicatet dina Mateus 28:16-20, pas murid-murid ngarumpul di Galiléa. Yésus gé ’nembongan dirina ka Yakobus’. Yakobus téh adi téréna Yésus, nu tadina teu percaya Yésus téh Mésias. (Yoh. 7:5) Sanggeus ningali Yésus dihirupkeun deui, Yakobus jadi percaya. Nah, waktu Paulus nulis surat ieu kira-kira taun 55 M, jalma-jalma nu nyaksian Yésus dihirupkeun deui téh loba nu masih hirup kénéh. Jadi mun aya jalma nu teu percaya, maranéhna bisa nanya langsung ka saksi-saksi éta.
9. Dumasar Rasul 9:3-5, kumaha Paulus méré bukti nu kuat yén Yésus geus dihirupkeun deui?
9 Ka dieunakeun, sanggeus dihirupkeun jeung balik deui ka sawarga, Yésus némbongan dirina ka Paulus. (1 Kor. 15:8) Harita, Paulus (Saulus) keur aya di jalan, rék indit ka Damsik. Ujug-ujug, manéhna ngadéngé sora Yésus sarta nénjo anjeunna dina hiji titingalian. (Baca Rasul 9:3-5.) Pangalaman Paulus ieu neguhkeun yén Yésus mémang bener-bener geus dihirupkeun deui.—Ras. 26:12-15.
10. Naon nu Paulus lakukeun sanggeus yakin yén Yésus geus dihirupkeun deui?
10 Katerangan ti Paulus téh bisa jadi bukti nu kuat. Ku naon? Baheula, Paulus osok nganiaya urang Kristen. Tapi sanggeus yakin yén Yésus geus bener-bener dihirupkeun deui, Paulus bajoang ngayakinkeun batur ngeunaan bebeneran ieu. Paulus nepi ka réla diteunggeulan, dipanjarakeun, jeung ngalaman kapal kandas, demi ngayakinkeun batur. (1 Kor. 15:9-11; 2 Kor. 11:23-27) Saking yakinna Yésus geus dihirupkeun deui, Paulus nepi ka réla maot demi ngabéla imanna ieu. Katerangan ti hamba-hamba Allah dina abad kahiji pasti beuki ngayakinkeun urang yén Yésus geus dihirupkeun deui tina maot. Ieu gé beuki ngayakinkeun urang yén jalma-jalma nu geus maot bakal dihirupkeun deui.
NGALEMPENGKEUN PANDANGAN NU SALAH
11. Bisa jadi, ku naon sababaraha urang Kristen di Korinta boga pandangan nu salah?
11 Sababaraha urang Kristen di Korinta boga pandangan nu salah ngeunaan pihudangeunana nu geus maot. Malah aya nu ngomong yén ”anu geus maot moal dihirupkeun deui”. (1 Kor. 15:12) Ku naon bisa kitu? Para ahli palsapah nu aya di kota Atena, Yunani, ngaléléwé. Maranéhna teu percaya yén Yésus geus dihirupkeun deui. Meureun sababaraha urang Kristen di Korinta jadi kababawa ku cara pikir maranéhna. (Ras. 17:18, 31, 32) Terus nu séjénna bisa jadi mikir, saurang jalma disebut ”maot” téh lantaran geus dosa, tapi ”dihirupkeun deui” waktu manéhna jadi urang Kristen. Teu sual naon alesanana, mun teu percaya Yésus geus dihirupkeun deui, iman maranéhna téh percumah. Mun Allah teu ngahirupkeun deui Yésus, tebusan téh moal aya. Jadi, dosa urang gé teu bisa dihampura. Ku kituna, jalma nu teu percaya kana pihudangeunana nu geus maot téh teu boga harepan.—1 Kor. 15:13-19; Ibr. 9:12, 14.
12. Sajalan jeung 1 Petrus 3:18, 22, naon bédana pihudangeunana Yésus jeung jalma-jalma saacanna?
12 Paulus nyaksian sorangan yén ”Kristus téh geus dihirupkeun deui ti nu maraot”. Pihudangeunana Yésus téh istiméwa. Ku naon? Sabab jalma-jalma anu dihirupkeun deui saacan Yésus mah tungtungna téh maot deui. Paulus ngomong, Yésus téh ”nu pangmimitina dihirupkeun deui ti jalma-jalma nu sararé dina maot.” Naon maksudna? Yésus téh jalma nu pangmimitina dihirupkeun deui sabagé mahluk roh, sarta jalma nu pangmimitina diangkat ka sawarga.—1 Kor. 15:20, Terjemahan Dunia Baru [NW]; Ras. 26:23; baca 1 Petrus 3:18, 22.
JALMA-JALMA NU ”BAKAL DIHIRUPKEUN DEUI”
13. Ceuk Paulus, naon bédana Adam jeung Yésus?
13 Kumaha bisa maotna saurang jalma méré kahirupan keur jutaan jalma? Paulus méré jawaban nu asup akal. Manéhna ngajelaskeun naon nu ditanggung ku manusa gara-gara Adam, jeung naon nu ditarima ku manusa ti Kristus. Paulus nulis, ”Maot dilantarankeun ku manusa saurang,” nyaéta Adam. Gara-gara Adam nyieun dosa, manéhna jeung kabéh turunanna téh jadi susah hirupna. Nepi ka ayeuna gé, urang masih ngarasakeun balukarna, salah sahijina nyaéta maot. Tapi lantaran Allah ngahirupkeun deui Putra-Na, nu maot bakal dihirupkeun deui. ”Pihudangeunana anu geus maraot oge dilantaran ku manusa saurang,” nyaéta Yésus. Paulus nulis, ”Sakumaha halna sakabeh manusa kudu maot lantaran . . . Adam, nya kitu oge sakabeh anu geus maraot bakal dihirupkeun deui lantaran . . . Kristus.”—1 Kor. 15:21, 22.
14. Adam bakal dihirupkeun deui teu? Jelaskeun.
14 Paulus ngomong, ”Sakabéh manusa kudu maot lantaran . . . Adam.” Naon maksudna? Adam ngawariskeun dosa jeung kateusampurnaan ka kabéh turunanana. Ku kituna, kabéh manusa bakal maot. (Rum 5:12) Adam teu kaasup di antara jalma-jalma nu ”bakal dihirupkeun deui”. Adam moal meunang mangpaat tina tebusan Kristus, lantaran manéhna téh manusa sampurna nu ngahaja barontak ka Allah. Adam teu boga harepan pikeun dihirupkeun deui. Éta gé bakal kaalaman ku jalma-jalma nu digolongkeun sabagé ”embe” ku ”Putra Manusa”.—Mat. 25:31-33, 46, NW; Ibr. 5:9.
15. Saha nu kaasup di antara ”sakabeh nu geus maraot nu bakal dihirupkeun deui”?
15 Paulus gé ngomong, ”Sakabeh anu geus maraot bakal dihirupkeun deui lantaran . . . Kristus.” (1 Kor. 15:22) Surat Paulus ieu téh ditujukeun ka urang Kristen nu diistrénan di Korinta, nu bakal dihirupkeun deui di sawarga. Jadi, maranéhna téh kaasup di antara ”sakabeh” nu bakal dihirupkeun deui. Maranéhna ”geus disaur dijadikeun umat suci Allah, . . . ku jalan ngahiji jeung Kristus Yesus”. Paulus nyebut ’jalma-jalma nu geus saré dina maot téh sabagé jalma nu ngahiji jeung Kristus’. (1 Kor. 1:2; 15:18, NW; 2 Kor. 5:17, Sunda Formal) Dina suratna nu séjén, Paulus nulis yén jalma nu ”geus ngahiji jeung Kristus sarta maot bareng jeung Anjeunna” bakal ”dihudangkeun tina maot saperti Anjeunna”. (Rum 6:3-5) Yésus dihirupkeun deui sabagé mahluk roh, tuluy diangkat ka sawarga. Jadi, jalma-jalma nu ngahiji jeung Kristus, nyaéta urang Kristen nu diistrénan, bakal dihirupkeun deui sabagé mahluk roh, tuluy diangkat ka sawarga ogé.
16. Ku naon Paulus nyebut Yésus ”nu pangmimitina”?
16 Paulus nulis, ”Yésus téh nu pangmimitina dihirupkeun deui ti jalma-jalma nu sararé dina maot.” Mémang saacan Yésus, aya nu geus pernah dihirupkeun deui di bumi, misalna Lasarus. Tapi, Yésus téh nu pangmimitina dihirupkeun deui sabagé mahluk roh jeung narima hirup langgeng. Paulus nyebut Yésus nu pangmimitina lantaran sanggeus Yésus, aya jalma-jalma séjén nu bakal dihirupkeun deui pikeun hirup di sawarga. Saha waé maranéhna téh? Maranéhna téh nyaéta para rasul sarta urang Kristen nu diistrénan.
17. Iraha jalma-jalma ”nu ngahiji jeung Kristus” dihirupkeun deui di sawarga?
17 Waktu Paulus nulis surat ka urang Korinta, urang Kristen nu diistrénan téh can dihirupkeun deui di sawarga. Jadi, iraha dihirupkeunana téh? Paulus nulis, ”Masing-masing kudu nurutkeun giliranana: Kristus anu ti heula; engke, dina waktu Anjeunna sumping deui, kakara giliran anu aranut ka Anjeunna.” (1 Kor. 15:23; 1 Tes. 4:15, 16) Ayeuna, urang hirup dina mangsa ’pisumpingeunana’ Kristus. Jadi, baheula para rasul jeung urang Kristen séjénna nu diistrénan anu geus maraot kudu nungguan nepi ka mangsa pisumpingeunana Kristus, kakara maranéhna ”dihudangkeun tina maot saperti [Kristus]”, sarta narima hadiah pikeun hirup di sawarga.
HAREPAN URANG TÉH PASTI!
18. (a) Ti mana urang nyaho bakal aya pihudangeun séjén sanggeus pihudangeun jalma-jalma ka sawarga? (b) Ceuk 1 Korinta 15:24-26, engké bakal aya kajadian naon?
18 Tapi, kumaha jeung urang Kristen nu teu boga harepan pikeun hirup di sawarga bareng jeung Kristus? Maranéhna gé bakal dihirupkeun deui. Alkitab nyebutkeun, Paulus jeung jalma-jalma séjénna nu ka sawarga téh ”hirup deui dina mangsa hudang nu kahiji”. (Wahyu 20:6) Hartina, sanggeus éta bakal aya pihudangeun séjén keur jalma-jalma nu geus maot. Éta sajalan jeung naon nu dipercaya ku Ayub. (Ayub 14:15) Engké, urang Kristen nu diistrénan geus aya di sawarga waktu Yésus ngancurkeun kabéh pamaréntahan, kakawasaan, jeung kakuatan. Geus kitu, ”musuh anu pangpandeurina, nya eta maot” bakal disingkirkeun. Jalma-jalma nu dihirupkeun di sawarga mah mémang moal maot deui. Tapi, kumaha jeung nu séjénna?—Baca 1 Korinta 15:24-26.
19. Naon harepan pikeun jalma-jalma nu teu ka sawarga?
19 Kumaha jeung jalma-jalma nu teu boga harepan hirup di sawarga? Paulus nulis, ”Abdi oge ngaharep . . . pihudangeunana sadaya jalmi tina maot, boh nu bageur, boh nu jahat.” (Ras. 24:15) Jalma-jalma nu jahat, maksudna nu teu kenal ka Allah, moal bisa asup ka sawarga. Jadi, jalma-jalma anu disebutkeun di ayat ieu bakal dihirupkeun deui di mana? Di bumi.
20. Kumaha artikel ieu nguatkeun harepan Sadérék ngeunaan pihudangeunana nu maot?
20 Nu maraot téh pasti bakal dihirupkeun deui! Jalma-jalma nu dihirupkeun deui di bumi bisa hirup salilana. Sadérék bisa yakin kana jangji ieu. Jadi, waktu Sadérék mikirkeun kulawarga atawa babaturan nu geus maot, Sadérék bakal ngarasa kalilipur. Maranéhna bakal dihirupkeun deui waktu Kristus jeung nu séjénna ”marentah bareng . . . dina eta jaman sarebu taun”. (Wahyu 20:6) Sadérék gé bisa yakin, mun Sadérék maot saacan sarébu taun éta dimimitian, Sadérék bakal dihirupkeun deui. ”Eta pangharepan moal matak kaduhung.” (Rum 5:5) Harepan éta bisa nguatkeun Sadérék jeung nyieun Sadérék tetep bungah dina palayanan. Tapi, urang bisa diajar ngeunaan hal séjénna tina 1 Korinta pasal 15. Éta bakal dibahas dina artikel saterusna.
KAWIH 147 Jangji Hirup Langgeng
^ par. 5 Hiji Korinta pasal 15 ngabahas ngeunaan pihudangeunana nu maot. Ku naon pangajaran ieu penting keur urang? Jeung, ku naon urang bisa yakin Yésus geus dihirupkeun deui? Artikel ieu bakal ngabahas hal-hal éta sarta pananya-pananya penting séjénna ngeunaan pihudangeunana nu maot.
^ par. 56 KATERANGAN GAMBAR: Yésus nu pangmimitina diangkat ka sawarga. (Rasul 1:9) Sababaraha murid nu bakal milu ka sawarga ogé nyaéta Tomas, Yakobus, Lidia, Yohanes, Maria, jeung Paulus.
^ par. 58 KATERANGAN GAMBAR: Saurang sadérék nu geus sepuh ditinggal maot ku pamajikanana. Manéhna yakin, pamajikanana bakal dihirupkeun deui. Ayeuna, manéhna terus satia ngawula Yéhuwa.