Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 5

”Urang-Urang Kageuing ku Kanyaah Al-Masih”

”Urang-Urang Kageuing ku Kanyaah Al-Masih”

”Urang-urang kageuing ku kanyaah Al-Masih . . . supaya nu hirup teu hirup keur dirina sorangan deui.”​—2 KOR. 5:14, 15.

KAWIH 13 Kristus Tuladan Urang

NU DIBAHAS a

1-2. (a) Lamun mikirkeun kahirupan jeung palayanan Isa, naon anu bisa jadi dirasakeun ku urang? (b) Naon anu bakal dibahas dina artikel ieu?

 URANG pasti sono pisan ka kulawarga atawa babaturan urang nu geus maot. Urang bisa ngarasa peurih lamun mikirkeun kaayaan manéhna pas téréh maot, komo deui lamun manéhna sangsara saacan maot. Tapi lila-lila, meureun urang kalilipur waktu mikirkeun naon anu geus diajarkeun ku manéhna ka urang atawa naon anu dilakukeun jeung diucapkeunana pikeun nguatkeun urang.

2 Kitu ogé, urang pasti ngarasa sedih waktu maca kumaha Isa sangsara jeung maot. Sababaraha minggu saacan jeung sanggeus Pangéling-ngéling, urang bakal leuwih sering mikirkeun sakumaha gedéna pangorbanan Isa. (1 Kor. 11:24, 25) Tapi, urang bisa bungah lamun mikirkeun sagala anu geus diucapkeun jeung dilakukeun ku Isa basa di bumi. Urang gé dikuatkeun lamun mikirkeun naon anu keur dilakukeun ku manéhna ayeuna jeung nu bakal dilakukeun ku manéhna dina mangsa ka hareup. Ku mikirkeun hal-hal éta jeung kanyaahna ka urang, urang jadi kageuing pikeun nunjukkeun rasa sukur urang. Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas kumaha carana nunjukkeun rasa sukur urang.

RASA SUKUR NGAJURUNG URANG PIKEUN NYONTO ISA

3. Ku naon urang sakuduna nganuhunkeun kana korban tebusan?

3 Waktu ngalenyepan hirup jeung maotna Isa, urang pasti nganuhunkeun pisan. Basa di bumi, Isa méré nyaho jalma-jalma ngeunaan hal-hal hadé nu bakal dilakukeun ku Pamaréntahan Allah. Urang pasti nganuhunkeun pisan kana bebeneran ngeunaan tebusan jeung Pamaréntahan Allah ieu. Ku ayana korban tebusan, urang jadi bisa nyobat jeung Yéhuwa sarta Isa. Terus, kabéh nu nunjukkeun iman ka Isa bisa boga harepan pikeun hirup langgeng sarta panggih deui jeung babaturan atawa kulawarga nu geus maraot. (Yah. 5:28, 29; Rm. 6:23) Sabenerna, urang téh teu layak narima hal-hal ieu jeung teu bisa mulang tarima kana naon nu geus dilakukeun ku Allah jeung Al-Masih pikeun urang. (Rm. 5:8, 20, 21) Tapi, urang bisa nunjukkeun rasa sukur urang. Kumaha carana?

Lamun mikirkeun tuladan Maryam Magdaléna, ku naon urang bakal kageuing pikeun nunjukkeun rasa sukur? (Tingali paragrap 4-5)

4. Kumaha Maryam Magdaléna nunjukkeun rasa sukurna kana naon nu geus dilakukeun ku Isa keur manéhna? (Tingali gambar.)

4 Perhatikeun pangalaman saurang awéwé Yahudi nu ngaranna Maryam Magdaléna. Manéhna téh kasiksa pisan sabab kasurupan ku tujuh roh jahat. Pasti manéhna pegat pangharepan, da euweuh nu bisa nulungan. Jadi basa Isa nyageurkeun manéhna, manéhna pasti nganuhunkeun pisan. Rasa sukurna ngajurung manéhna pikeun jadi murid Isa sarta ngagunakeun waktu, tanaga, jeung pangabogana pikeun ngadukung Isa dina palayanan. (Luk. 8:1-3) Maryam bener-bener ngahargaan naon anu geus dilakukeun ku Isa keur manéhna. Tapi, meureun harita manéhna can nyaho yén manéhna bakal meunang berkah nu leuwih gedé dina mangsa ka hareup. Isa téh bakal masrahkeun nyawana demi umat manusa ”supaya unggal jalma nu boga iman ka manéhna” bisa hirup langgeng. (Yah. 3:16) Sanajan can nyaho kana hal éta, Maryam nunjukkeun rasa sukurna ka Isa ku cara tetep satia. Basa Isa sangsara di tihang siksaan, Maryam nangtung di deukeutna sarta nguatkeun Isa jeung nu séjénna. (Yah. 19:25) Terus sanggeus Isa maot, Maryam jeung dua awéwé séjénna mawakeun rempah-rempah seungit ka makam Isa. (Mar. 16:1, 2) Kasatiaan Maryam ka Isa téh diberkahan ku Yéhuwa. Sanggeus Isa dihirupkeun deui, Maryam bisa panggih sarta ngobrol jeung Isa. Teu kabéh murid Isa meunang kahormatan ieu.​—Yah. 20:11-18.

5. Kumaha carana nunjukkeun rasa sukur ka Yéhuwa jeung Isa kana naon nu geus dilakukeun ku aranjeunna?

5 Urang ogé bisa nunjukkeun rasa sukur urang ka Yéhuwa sarta ka Isa ku cara ngagunakeun waktu, tanaga, jeung pangaboga urang pikeun ngawula Yéhuwa. Misalna, urang bisa mantuan ngabangun jeung ngarawat tempat ibadah urang.

KANYAAH KA YÉHUWA JEUNG ISA NGAJURUNG URANG PIKEUN MIKANYAAH BATUR

6. Ku naon bisa disebut yén tebusan téh hadiah keur urang masing-masing?

6 Lamun mikirkeun sakumaha nyaahna Yéhuwa jeung Isa ka urang, urang jadi kageuing pikeun mikanyaah aranjeunna. (1 Yah. 4:10, 19) Urang bakal beuki nyaah ka aranjeunna lamun urang sadar yén Isa téh geus maot keur urang masing-masing. Rasul Paulus paham kana hal ieu. Dina suratna ka urang Galatia, manéhna nulis, ”Putra Allah . . . nyaah ka kuring jeung ngorbankeun hirupna keur kuring.” (Gal. 2:20) Ku lantaran Isa geus maot keur Sadérék, Yéhuwa bisa narik Sadérék pikeun jadi sobat-Na. (Yah. 6:44) Pasti Sadérék ngarasa gedé haté sanggeus nyaho yén Yéhuwa téh ningali hal hadé dina diri Sadérék sarta réla mayar mahal supaya Sadérék bisa jadi sobat-Na. Ku kituna, Sadérék bakal beuki nyaah ka Yéhuwa jeung Isa. Urang masing-masing sakuduna mikirkeun hal ieu, ’Kanyaah ieu ngajurung abdi pikeun ngalakukeun naon?’

Kanyaah urang ka Allah jeung Al-Masih ngajurung urang pikeun nguarkeun warta hadé ngeunaan Pamaréntahan Allah ka sagala jalma (Tingali paragrap 7)

7. Siga nu ditémbongkeun dina gambar, kumaha urang bisa nunjukkeun kanyaah urang ka Yéhuwa jeung Isa? (2 Korintus 5:14, 15; 6:1, 2)

7 Kanyaah ka Allah jeung Al-Masih téh ngajurung urang pikeun nunjukkeun kanyaah ka batur. (Baca 2 Korintus 5:14, 15; 6:1, 2.) Salah sahiji cara nunjukkeun kanyaah téh nyaéta sumanget ngawawar. Urang hayang ngawawar ka kabéh jalma. Urang mah teu ngabéda-bédakeun jalma dumasar kana kaom, suku bangsa, status sosial, atawa beunghar miskinna saurang jalma. Ku kituna, urang téh ngajalankeun kahayang Yéhuwa supaya ”sagala rupa jalma disalametkeun jeung boga pangaweruh nu bener ngeunaan bebeneran”.​—1 Tim. 2:4.

8. Kumaha carana nunjukkeun yén urang téh nyaah ka dulur-dulur saiman urang?

8 Urang bisa ngabuktikeun yén urang nyaah ka Allah jeung Al-Masih téh ku cara mikanyaah dulur-dulur saiman. (1 Yah. 4:21) Urang bisa bener-bener merhatikeun kabutuhan maranéhna jeung nguatkeun maranéhna waktu ngalaman kasusah. Urang bisa ngalilipur maranéhna waktu maranéhna ditinggal maot ku kulawarga atawa babaturanana. Urang gé bisa ngalongok waktu maranéhna keur gering jeung ngagedékeun haté maranéhna waktu keur leutik haté. (2 Kor. 1:3-7; 1 Tés. 5:11, 14) Salian ti éta, urang bisa terus ngadoakeun maranéhna sabab ”doa paménta ti jalma bener téh gedé kawasana”.​—Yak. 5:16.

9. Ku cara naon deui urang bisa nunjukkeun yén urang téh nyaah ka dulur-dulur saiman?

9 Urang gé nunjukkeun yén urang nyaah ka dulur-dulur saiman ku cara ngajaga karukunan jeung maranéhna. Urang sabisa-bisa nyonto Yéhuwa nu jembar hampura. Yéhuwa téh réla masrahkeun Putra-Na pikeun maot demi nebus dosa-dosa urang. Jadi, urang gé kuduna réla ngahampura dulur-dulur saiman nu boga salah ka urang. Urang pasti embung siga palayan jahat nu dicaritakeun ku Isa. Hutangna nu gedé pisan geus dianggap punah ku juraganana, tapi manéhna masih nagih hutang ka sasama palayan padahal hutangna teu pira. (Mat. 18:23-35) Jadi, lamun aya kasalahpahaman di antara Sadérék jeung saurang dulur saiman, bisa teu Sadérék ti heula nu ngupayakeun karukunan saacan acara Pangéling-ngéling? (Mat. 5:23, 24) Ku ngalakukeun éta, Sadérék téh nunjukkeun yén Sadérék nyaah pisan ka Yéhuwa jeung Isa.

10-11. Kumaha para kokolot bisa nunjukkeun kanyaah ka Yéhuwa sarta Isa? (1 Pétrus 5:1, 2)

10 Para kokolot bisa nunjukkeun yén maranéhna nyaah ka Yéhuwa jeung Isa ku ngurus domba-dombana Isa. (Baca 1 Pétrus 5:1, 2.) Isa nandeskeun hal éta ka Rasul Pétrus. Sanggeus nyangkal Isa tilu kali, pasti Pétrus téh hayang pisan nunjukkeun yén manéhna bener-bener nyaah ka Isa. Sanggeus dihirupkeun deui, Isa nanya kieu ka Pétrus, ”Simon anak Yahya, enya manéh leuwih nyaah ka urang tibatan ka ieu?” Pasti Pétrus téh hayang sabisa-bisana nunjukkeun kanyaahna ka Juraganana. Terus Isa ngomong kieu, ”Panguruskeun domba-domba leutik urang.” (Yah. 21:15-17) Sapanjang hirupna, Pétrus téh bener-bener ngurus domba Juraganana. Éta téh bukti yén manéhna nyaah ka Isa.

11 Sababaraha minggu saacan jeung sanggeus acara Pangéling-ngéling, kumaha para kokolot bisa nunjukkeun pentingna kekecapan Isa ka Pétrus? Para kokolot bisa nunjukkeun kanyaah ka Yéhuwa jeung Isa ku cara terus nguatkeun dulur-dulur saiman sarta sabisa-bisana ngabantu pawarta nu teu aktif pikeun balik deui ka Yéhuwa. (Yeh. 34:11, 12) Para kokolot gé bisa nguatkeun para palajar Alkitab sarta jalma-jalma nu minat nu datang ka acara Pangéling-ngéling. Urang hayang maranéhna ngarasa ditarima. Sugan wéh engkéna maranéhna jadi murid-muridna Isa.

KANYAAH KA ISA NGAJURUNG URANG PIKEUN WANI JEUNG TEGER

12. Ku naon urang bisa wani lamun mikirkeun kekecapan Isa saacan manéhna maot? (Yahya 16:32, 33)

12 Dina peuting saacan maot, Isa méré nyaho murid-murid, ”Di dunya ieu, maranéh bakal ngalaman kasangsaraan. Tapi sing taleger, urang geus nalukkeun dunya!” (Baca Yahya 16:32, 33.) Ku naon Isa bisa wani nyanghareupan musuh-musuhna jeung tetep satia nepi ka maot? Manéhna téh ngandelkeun Yéhuwa. Isa apal para muridna gé bakal nyanghareupan tangtangan nu sarua, jadi manéhna ménta ka Yéhuwa pikeun ngajaga murid-muridna. (Yah. 17:11) Ku naon hal éta bisa nyieun urang wani? Lantaran Yéhuwa téh leuwih kuat tibatan musuh naon waé. (1 Yah. 4:4) Anjeunna ningali sagalana. Lamun ngandelkeun Yéhuwa, urang bisa ngéléhkeun kasieun jeung nunjukkeun kawani.

13. Kumaha Yusuf ti Arimatéa nunjukkeun kawani?

13 Perhatikeun pangalaman Yusuf ti Arimatéa. Manéhna téh jalma nu kahormat di kalangan urang Yahudi. Manéhna saurang anggota Sanhédrin, Mahkamah Agung Yahudi. Tapi, Yahya nyebutkeun yén manéhna téh ”murid Isa nu teu wani ngaku murid lantaran sieun ku urang Yahudi”. (Yah. 19:38) Yusuf ngahargaan pisan bebeneran ngeunaan Pamaréntahan Allah, tapi basa Isa di bumi mah manéhna teu wani nunjukkeun ka batur yén manéhna boga iman ka Isa. Meureun manéhna sieun teu dihormat deui ku jalma-jalma mun kanyahoan manéhna téh murid Isa. Teu sual naon alesanana, Alkitab méré nyaho urang yén sanggeus Isa maot, Yusuf ”ngawanikeun diri ngadep Pilatus ménta jasadna Isa”. (Mar. 15:42, 43) Ayeuna, Yusuf geus terang-terangan nunjukkeun yén manéhna téh muridna Isa.

14. Naon nu kudu dilakukeun ku Sadérék lamun sieun kana pandangan batur?

14 Siga Yusuf, naha Sadérék sieun kana pandangan batur ka Sadérék? Di sakola atawa di tempat gawé, naha Sadérék téh éra pikeun ngaku yén Sadérék téh saurang Saksi Yéhuwa? Naha Sadérék asa-asa pikeun jadi pawarta atawa pikeun dibaptis lantaran sieun di cap goréng ku batur? Ulah nepi ka parasaan-parasaan éta ngahalangan Sadérék ngalakukeun nu hadé. Jadi, pék ngadoa enya-enya ka Yéhuwa. Pénta kawani ti Anjeunna pikeun ngalakukeun kahayang-Na. Lamun ningali kumaha Yéhuwa ngajawab doa-doa Sadérék, Sadérék bakal beuki kuat jeung beuki wani.​—Yes. 41:10, 13.

KABUNGAH NGAJURUNG URANG PIKEUN TEU EUREUN-EUREUN NGAWULA YÉHUWA

15. Sanggeus ningali Isa, parasaan bungah ngajurung murid-murid ngalakukeun naon? (Lukas 24:52, 53)

15 Murid-murid téh ngarasa sedih pisan waktu Isa maot. Bayangkeun mun Sadérék aya di ditu. Maranéhna téh teu ngan kaleungitan sobat anu dipikanyaah, tapi ngarasa geus kaleungitan harepan ogé. (Luk. 24:17-21) Jadi, waktu Isa némbongan ka maranéhna, Isa ngabantu maranéhna paham kumaha nubuat Alkitab ngeunaan manéhna ngawujud. Isa gé méré tugas anu penting pisan ka murid-muridna. (Luk. 24:26, 27, 45-48) Opat puluh poé sanggeusna, waktu Isa diangkat ka sorga, kasedih murid-murid téh barobah jadi kabungah. Maranéhna bungah lantaran apal yén Juragan maranéhna téh hirup jeung siap nulungan maranéhna pikeun ngajalankeun tugas anu anyar. Parasaan bungah éta ngajurung maranéhna pikeun teu eureun-eureun ngawula Yéhuwa.​—Baca Lukas 24:52, 53; Kis. 5:42.

16. Kumaha urang bisa nyonto murid-murid Isa?

16 Kumaha urang bisa nyonto murid-murid? Urang bisa bungah ngawula Yéhuwa henteu ngan dina minggu-minggu saacan jeung sanggeus Pangéling-ngéling hungkul, tapi sapanjang taun. Jadi, urang perlu ngutamakeun Pamaréntahan Allah dina kahirupan urang. Loba dulur saiman urang anu ngatur jadwal gawéna supaya bisa milu ngawawar, masamoan, jeung rutin ngayakeun ibadah kulawarga. Aya ogé anu henteu ngudag harta banda nu dianggap penting ku batur. Maranéhna ngalakukeun éta supaya bisa leuwih ngabantu sidang atawa bisa ngalayanan di tempat nu leuwih ngabutuhkeun pawarta. Mémang, urang kudu bajoang ngalakukeun hal-hal éta. Tapi lamun urang ngutamakeun Pamaréntahan Allah dina kahirupan urang, Yéhuwa jangji bakal méré berkah nu limpah.​—Sil. 10:22; Mat. 6:32, 33.

Sababaraha minggu saacan jeung sanggeus Pangéling-ngéling, pék pikirkeun naon nu geus dilakukeun ku Yéhuwa jeung Isa keur Sadérék (Tingali paragrap 17)

17. Naon nu hayang dilakukeun ku Sadérék sababaraha minggu saacan jeung sanggeus Pangéling-ngéling? (Tingali gambar.)

17 Urang pasti ngadago-dago acara Pangéling-ngéling nu bakal diayakeun dina Salasa, 4 April. Tapi, Sadérék teu kudu ngadagoan poé éta pikeun ngalenyepan hirup jeung maotna Isa sarta kanyaah ti manéhna jeung Bapana. Pék mangpaatkeun unggal kasempetan dina minggu-minggu saacan jeung sanggeus Pangéling-ngéling. Misalna, Sadérék bisa nyadiakeun waktu pikeun maca jeung ngalenyepan kajadian nu aya di bagan ”Minggu Terakhir Kehidupan Yesus di Bumi” dina Kitab Suci Terjemahan Dunia Baru Lampiran B12-A jeung B12-B. Pék téangan ayat-ayat nu bisa ngabantu Sadérék pikeun leuwih nganuhunkeun, leuwih nyaah, leuwih wani, jeung leuwih bungah. Pikirkeun cara-cara nu bisa dilakukeun ku Sadérék pikeun nunjukkeun rasa sukur éta. Sing yakin, Isa bakal ngahargaan kabéh upaya Sadérék dina sababaraha minggu saacan jeung sanggeus Pangéling-ngéling.​—Why. 2:19.

KAWIH 17 ”Kami Daék”

a Sababaraha minggu saacan jeung sanggeus Pangéling-ngéling, urang sakuduna ngalenyepan hirup jeung maotna Isa sarta kanyaah nu ditunjukkeun ku manéhna jeung Bapana ka urang. Ku kituna, urang bakal kageuing pikeun nunjukkeun rasa sukur urang. Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas kumaha carana nunjukkeun rasa sukur urang kana tebusan jeung kumaha carana nunjukkeun kanyaah urang ka Yéhuwa sarta Isa. Urang gé bakal diajar kumaha supaya urang bisa terus mikanyaah dulur-dulur saiman, nunjukkeun kawani, jeung suka bungah dina palayanan.