Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 12

Iraha Waktu nu Cocog pikeun Ngomong?

Iraha Waktu nu Cocog pikeun Ngomong?

”Aya waktuna ngajejempe, aya waktuna nyarita.”​—PAN. 3:7.

KAWIH 124 Terus Satia

NU DIBAHAS *

1. Urang diajar naon tina Pandita 3:7?

AYA JALMA nu céréwéd, tapi aya ogé nu cicingeun. Sakumaha nu disebutkeun dina ayat téma artikel ieu, aya waktuna ngomong aya waktuna jempé. (Baca Pandita 3:7.) Meureun urang ngarepkeun sababaraha dulur saiman tong loba teuing ngomong, tapi ngarepkeun nu séjénna tong cicingeun teuing.

2. Saha nu boga hak pikeun netepkeun aturan ngeunaan iraha jeung kumaha sakuduna urang ngomong?

2 Kasanggupan ngomong téh kurnia ti Yéhuwa. (Bud. 4:10, 11; Wahyu 4:11) Firman-Na méré nyaho cara nu hadé pikeun ngagunakeun kurnia éta. Urang bakal ngabahas sababaraha conto Alkitab supaya nyaho iraha urang kudu ngomong iraha kudu jempé. Urang gé bakal diajar kumaha parasaan Yéhuwa kana omongan urang ka batur. Ayeuna urang bahas heula iraha urang kudu ngomong.

IRAHA URANG KUDU NGOMONG?

3. Numutkeun Rum 10:14, iraha urang kudu siap nyarita ngeunaan Yéhuwa jeung Karajaana-Na?

3 Iraha waé gé urang kudu siap nyarita ngeunaan Yéhuwa jeung Karajaana-Na. (Mat. 24:14; baca Rum 10:14.) Ku kituna, urang nyonto Yésus. Salah sahiji alesan utama Yésus datang ka bumi téh nyaéta pikeun nyaritakeun bebeneran ngeunaan Bapana. (Yoh. 18:37) Tapi urang kudu inget, cara urang ngomong gé penting. Waktu nyarita ka batur ngeunaan Yéhuwa, ”sing hade basana, sing hade tatana”. Pikirkeun ogé parasaan jeung kapercayaan batur. (1 Pet. 3:15, 16) Jadi urang teu ngan saukur ngomong, tapi ogé ngajar jeung bisa ngageuing haté batur.

4. Numutkeun Siloka 9:9, kumaha kekecapan kokolot bisa ngabantu batur?

4 Kokolot ulah asa-asa ngomong lamun aya dulur saiman nu kudu dibéré naséhat. Tangtu manéhna kudu milih waktu nu cocog sangkan batur teu éra, meureun nungguan nepi ka euweuh sasaha. Ngomongna gé kudu sabisa-bisa ngajaga martabat batur. Tapi, ulah nepi ka asa-asa méré nyaho prinsip Alkitab supaya batur bisa nyieun tindakan nu bijaksana. (Baca Siloka 9:9.) Ku naon urang kudu wani ngomong lamun éta mémang perlu? Perhatikeun dua conto nu béda ieu. Nu hiji, saurang bapa nu kudu ngawarah barudakna. Nu hiji deui, saurang awéwé nu kudu ngomong ka calon raja.

5. Iraha kuduna Éli tegas ngadisiplin barudakna?

5 Imam Agung Éli boga dua budak lalaki nu kacida dipikanyaah ku manéhna. Tapi, barudakna teu ngahormat Yéhuwa. Maranéhna boga kadudukan penting salaku imam di tabernakel. Tapi maranéhna nyalahgunakeun wewenang, bener-bener teu ngahargaan kurban keur Yéhuwa, jeung terang-terangan ngalakukeun lampah cabul. (1 Sam. 2:12-17, 22) Nurutkeun Hukum Musa, maranéhna téh kuduna mah dihukum pati. Mémang Éli negor maranéhna, tapi carana leuleuy. Maranéhna gé masih kénéh diidinan ngawula di tabernakel. (Pam. 21:18-21) Kumaha pandangan Yéhuwa ningali Éli siga kitu? Mantenna nyarios ka Éli, ”Maneh leuwih ngajenan ka anak ti batan ka Kami.” Tuluy dua lalaki jahat éta dipaéhan ku Yéhuwa.​—1 Sam. 2:29, 34.

6. Naon palajaran penting ti Éli?

6 Aya palajaran penting ti Éli. Lamun babaturan atawa baraya urang ngalanggar hukum Allah, urang kudu ngomong, ngingetkeun manéhna kana hukum Yéhuwa. Tuluy pastikeun yén manéhna meunang bantuan nu dibutuhkeun ti para kokolot nu geus ditunjuk ku Yéhuwa. (Yak. 5:14) Urang embung siga Éli nu leuwih ngajénan ka babaturan atawa baraya ti batan ka Yéhuwa. Mémang, ngingetkeun jalma nu kudu dikoréksi téh butuh kawani, tapi mangpaatna gedé. Ayeuna perhatikeun saurang awéwé Israil, nyaéta Abigail, nu béda pisan ti Éli.

Abigail jadi tuladan dina milih waktu nu cocog pikeun ngomong (Tingali paragrap 7-8) *

7. Ku naon Abigail kudu ngomong ka Daud?

7 Abigail téh pamajikan ti Nabal, saurang tuan tanah nu beunghar. Waktu Daud jeung baladna keur diudag-udag ku Raja Saul, maranéhna nyumput di tanahna Nabal jeung ngabantuan para pangangonna ngajaga ingon-ingonna ti rampog. Naha éta dihargaan ku Nabal? Henteu. Waktu Daud ménta saeutik dahareun jeung cai keur baladna, Nabal kalah ka ambek jeung ngahina maranéhna. (1 Sam. 25:5-8, 10-12, 14) Jadi, Daud rék maéhan kabéh lalaki di imahna Nabal. (1 Sam. 25:13, 22) Kumaha tragédi ieu bisa disingkahan? Abigail sadar kudu ngomong ka Daud. Jadi, Abigail ngawanikeun manéh manggihan 400 tantara nu keur ambek jeung lapar.

8. Naon palajaran penting tina conto Abigail?

8 Abigail wani ngomong ka Daud, tapi kekecapanana sopan jeung bisa ngageuing Daud. Sanajan lain Abigail nu salah, manéhna ménta hampura. Manéhna gé ngageuing sipat-sipat hadéna Daud jeung ngandelkeun pitulung Yéhuwa. (1 Sam. 25:24, 26, 28, 33, 34) Siga Abigail, urang kudu wani ngomong lamun ningali aya jalma nu bakal nyieun kasalahan gedé. (Jab. 141:5) Mémang urang kudu sopan, tapi urang gé kudu wani. Urang kabukti jadi sobat sajati lamun teu sieun méré naséhat nu dibutuhkeun ku sobat urang.​—Sil. 27:17.

9-10. Naon nu kudu diinget ku para kokolot waktu méré naséhat?

9 Kokolot hususna kudu wani ngomong ka dulur saiman nu salah léngkah. (Gal. 6:1) Mémang para kokolot nyaho yén dirina gé teu sampurna jeung sakali waktu butuh dibéré naséhat, tapi éta teu ngahalangan maranéhna negor dulur saiman nu ngabutuhkeun pépéling. (2 Tim. 4:2; Tit. 1:9) Waktu méré naséhat, maranéhna bakal ngomong kalawan bijaksana jeung sabar. Maranéhna téh hayang ngabantu lantaran nyaah ka dulur saimanna. (Sil. 13:24) Tapi alesan utamana nyaéta ngamulyakeun Yéhuwa ku cara ngajungjung hukum-Na jeung ngalindungan sidang tina masalah.​—Ras. 20:28.

10 Nepi ka dieu, urang geus ngabahas iraha urang kudu ngomong. Tapi aya waktuna urang kudu jempé, sanajan sakapeung éta teu gampang. Naon waé tangtanganana?

IRAHA URANG KUDU JEMPÉ?

11. Kumaha Yakobus ngagambarkeun tangtanganana ngadalikeun omongan?

11 Ngadalikeun omongan téh bisa jadi teu gampang. Yakobus nu nulis Alkitab ngagambarkeun tangtanganana. Manéhna ngomong, ”Mun aya anu tacan sakali-kali acan nyieun kasalahan tina omonganana, tetela jalma sampurna, bisa ngawasaan sakujur dirina.” (Yak. 3:2, 3) Kecap ”ngawasaan” aya hubunganana jeung tali nu dipasang dina sungut kuda. Ku cara narik éta tali, nu numpakna bisa ngadalikeun jeung ngeureunkeun kudana. Lamun éta tali teu dicekel pageuh, kudana bisa ngabecir lumpat tipaparétot sarta matak picilakaeun. Kitu ogé, lamun teu dikadalikeun, omongan urang bisa nyababkeun loba masalah. Hayu urang bahas iraha urang kudu ngadalikeun omongan jeung jempé.

12. Iraha urang kudu ngadalikeun omongan urang?

12 Sadérék bakal kumaha lamun aya dulur saiman nu boga informasi nu sipatna rasiah? Misalna, aya sadérék nu cicing di nagri nu ngalarang kagiatan urang. Naha Sadérék bakal nanyakeun rincian ngeunaan kagiatan Saksi di nagri éta? Mémang Sadérék teu boga maksud nyilakakeun maranéhna. Sadérék nanya téh lantaran nyaah jeung hayang nyaho naon nu kaalaman ku maranéhna. Urang gé hayang rinci waktu ngadoakeun maranéhna. Tapi, ieu téh waktuna pikeun ngadalikeun omongan urang. Lamun urang tatanya ka sadérék nu boga informasi nu rasiah, éta hartina urang teu nyaah ka sadérék éta jeung ka sadérék-sadérék di nagri éta. Naon sababna? Lantaran lamun informasina dicaritakeun, éta bisa ngabahayakeun maranéhna. Tangtu urang embung nambahan kasusah dulur-dulur nu cicing di nagri nu ngalarang kagiatan urang. Sabalikna, lamun urang cicing di nagri kawas kitu, urang gé embung nyaritakeun rincian ngeunaan kagiatan ibadah Saksi-Saksi di ditu.

13. Numutkeun Siloka 11:13, naon nu teu meunang dilakukeun ku kokolot, jeung naon sababna?

13 Kokolot hususna kudu ngalarapkeun prinsip Siloka 11:13 pikeun nyimpen rasiah. (Baca.) Ieu bisa jadi teu gampang, komo deui lamun manéhna geus kawin. Salaki pamajikan nguatkeun perkawinanana ku cara sering ngobrol jeung nyaritakeun eusi pikiran, parasaan, sarta kahariwanganana. Tapi kokolot kudu paham yén manéhna teu meunang nyaritakeun ”rasiah” ti jalma-jalma di sidang. Mun éta dicaritakeun, manéhna moal dipercaya deui. Ngaranna sorangan gé bisa ruksak. Kokolot sidang téh ’kudu jujur’, atawa bisa dipercaya omonganana. (1 Tim. 3:8, Sunda Formal) Maranéhna gé teu resep ngagosip. Lamun nyaah ka pamajikanana, kokolot moal ngabeungbeurat manéhna ku informasi nu teu sakuduna dicaritakeun.

14. Kumaha pamajikan bisa ngabantu salakina tetep dipercaya?

14 Pamajikan bisa ngabantu salakina tetep dipercaya ku cara henteu tatanya ngeunaan hal-hal nu kudu dirasiahkeun. Ku kituna, manéhna teu ngan saukur ngadukung salakina, tapi ogé ngajénan dulur-dulur saiman nu geus nyaritakeun rasiah ka salakina. Nu pangpentingna, manéhna nyenangkeun Yéhuwa lantaran milu ngajaga sidang tetep rukun jeung ngahiji.​—Rum 14:19.

KUMAHA PARASAAN YÉHUWA KANA OMONGAN URANG?

15. Kumaha parasaan Yéhuwa ka tilu babaturan Ayub, jeung naon sababna?

15 Urang bisa diajar tina buku Ayub ngeunaan kumaha jeung iraha urang kudu ngomong. Sanggeus Ayub ngalaman loba musibat, aya opat jalma nu datang pikeun méré panglilipur jeung naséhat. Geus lumayan lila maranéhna ngan ngabetem waé. Tapi ahirna Élipas, Bildad, jeung Sopar ngomong. Tina omonganana, kaciri pisan maranéhna téh teu mikirkeun cara pikeun ngalilipur Ayub. Maranéhna kalah ka néangan cara pikeun ngabuktikeun yén Ayub geus nyieun kasalahan. Mémang aya omonganana nu bener, tapi kalolobaan omongan maranéhna ngeunaan Ayub jeung Yéhuwa téh teu bener jeung nganyenyeri. Maranéhna nuduh Ayub téh jalma teu bener. Kumaha tanggapan Yéhuwa? Mantenna ambek ka tilu jalma éta. Mantenna nyebut maranéhna barurung jeung nitah maranéhna ménta didoakeun ku Ayub.​—Ayub 32:1-3; 42:7-9.

16. Urang diajar naon tina conto goréng Élipas, Bildad, jeung Sopar?

16 Urang diajar loba hal tina conto goréng Élipas, Bildad, jeung Sopar. Kahiji, ulah nuduh dulur saiman. (Mat. 7:1-5) Sabalikna, déngékeun heula bener-bener saacan urang ngomong. Ngan ku cara kitu urang bisa paham kaayaan maranéhna. (1 Pet. 3:8) Kadua, waktu ahirna urang ngomong, pastikeun yén kekecapan urang bener jeung ngagedékeun haté. (Epe. 4:25) Nu katilu, omongan urang ka batur diperhatikeun pisan ku Yéhuwa.

17. Urang diajar naon tina conto Élihu?

17 Salian ti tilu jalma éta, aya ogé Élihu, barayana Ibrahim. Manéhna ngaregepkeun omongan Ayub jeung tilu babaturanana. Ku kituna, manéhna bisa méré naséhat nu terus terang tapi lemah lembut, nu ngabantu Ayub boga cara pikir nu bener. (Ayub 33:1, 6, 17) Nu pangpentingna keur Élihu téh nyaéta ngamulyakeun Yéhuwa, lain dirina sorangan atawa batur. (Ayub 32:21, 22; 37:23, 24) Tina conto Élihu, urang diajar iraha kudu jempé jeung ngadéngékeun. (Yak. 1:19) Urang gé diajar yén waktu méré naséhat, nu pangpentingna mah ngamulyakeun Yéhuwa, lain diri sorangan.

18. Kumaha carana ngahargaan kurnia ti Allah, nyaéta kasanggupan ngomong?

18 Urang kabukti ngahargaan kurnia ti Allah, nyaéta kasanggupan ngomong, lamun nuturkeun naséhat Alkitab ngeunaan iraha jeung kumaha urang kudu ngomong. Raja Suléman diilhamkeun pikeun nulis, ”Kecap nu diucapkeun pas dina waktuna téh ibarat aapelan emas dina wadah pérak.” (Sil. 25:11, Terjemahan Dunia Baru) Lamun urang bener-bener ngadéngékeun omongan batur jeung mikir heula saacan ngomong, kekecapan urang bisa diibaratkeun siga aapelan emas nu éndah jeung bakal dihargaan ku batur. Jadi teu sual urang céréwéd atawa cicingeun, kekecapan urang bakal ngagedékeun haté batur, jeung Yéhuwa bakal senang ka urang. (Sil. 23:15; Epe. 4:29) Éta tangtu cara nu panghadéna pikeun ngahargaan kurnia ti Allah ieu!

KAWIH 82 ’Caang Maranéh Kudu Mencar’

^ par. 5 Dina Firman Allah, aya prinsip-prinsip nu bisa ngabantu urang paham iraha kudu ngomong iraha kudu jempé. Lamun urang paham jeung ngalarapkeunana, ucapan urang bakal nyenangkeun Yéhuwa.

^ par. 62 KATERANGAN GAMBAR: Saurang sadérék istri ngarasa perlu méré naséhat nu bijaksana.

^ par. 64 KATERANGAN GAMBAR:Saurang sadérék méré saran ngeunaan kabersihan.

^ par. 66 KATERANGAN GAMBAR: Dina waktu nu cocog, Abigail ngomong ka Daud, jeung hasilna alus.

^ par. 68 KATERANGAN GAMBAR: Sapasang salaki pamajikan teu daék sacara rinci nyaritakeun kagiatan di nagri nu ngalarang Saksi.

^ par. 70 KATERANGAN GAMBAR:Saurang kokolot ati-ati sangkan omonganana ngeunaan masalah sidang nu rasiah teu kadéngé.