ARTIKEL PALAJARAN 21
Ulah Kabobodo ku ”Hikmat Dunya”
”Anu ku dunya disebut pinter [”hikmat dunya”, ”Terjemahan Dunia Baru”, (”NW”)] teh di payuneun Allah mah bodo.”—1 KOR. 3:19.
KAWIH 98 Firman Allah nu Kailham
NU DIBAHAS *
1. Naon nu diajarkeun ku Firman Allah ka urang?
URANG sanggup nyanghareupan rupa-rupa tangtangan lantaran dipasihan pituduh ku Yéhuwa. (Yes. 30:20, 21) Dina Firman-Na, aya sagala hal nu dibutuhkeun sangkan urang ”lengkep sampurna kanyahona kana sagala rupa lampah nu hade”. (2 Tim. 3:17) Lamun hirup urang luyu jeung pangajaran Alkitab, urang bakal leuwih bijaksana ti batan jalma-jalma anu ngagulkeun ”hikmat dunya”.—1 Kor. 3:19, NW; Jab. 119:97-100.
2. Naon nu bakal dibahas dina ieu artikel?
2 Saperti nu bakal dibahas, jalma-jalma kataji ku hikmat dunya lantaran bisa muaskeun kahayang nu mentingkeun diri. Ku kituna, urang hésé nampik cara pikir jeung lalampahan ti jalma-jalma di dunya ieu. Ku sabab éta, Alkitab ngélingan, ”Sing ati-ati, ulah kapikat ku palsapah-palsapah manusa anu taya mangpa’atna tur matak nyasabkeun, anu asalna tina papahaman manusa.” (Kol. 2:8) Dina ieu artikel, urang bakal ngabahas kumaha mimitina jalma-jalma jadi percaya ka dua kabohongan Sétan. Urang bakal ningali yén hikmat dunya mah bodo, béda pisan ti hikmat Firman Allah nu jauh leuwih unggul.
BAROBAHNA PANDANGAN NGEUNAAN SÉKS
3-4. Aya parobahan pandangan naon ngeunaan séks di Amerika Serikat dina awal abad ka-20?
3 Di Amerika Serikat dina awal abad ka-20, aya parobahan dina pandangan jalma-jalma ngeunaan séks. Saacanna, jalma-jalma nganggap séks ngan bisa dilakukeun ku nu geus kawin jeung tara diobrolkeun di hareupeun loba
jalma. Tapi, aturan-aturan ieu kaéléhkeun ku pandangan yén sagala hal meunang dilakukeun.4 Dina taun 1920-an, aya parobahan sosial nu pangaruhna nepi ka mamana. Ceuk saurang ahli, ”Beuki loba film, drama, musik, novel, jeung iklan nu némbongkeun séks.” Harita, cara jalma jogéd beuki érotis, cara papakéanana gé beuki teu sopan. Saperti nu geus dinubuatkeun ku Alkitab, jalma-jalma dina ahir jaman ”leuwih resep senang-senang”.—2 Tim. 3:4.
5. Kumaha pandangan jalma-jalma ngeunaan séks ti saprak taun 1960-an?
5 Dina taun 1960-an, beuki loba jalma nu kumpul kebo jeung ngalakukeun homoséks, pepegatan gé beuki umum. Hiburan beuki terang-terangan némbongkeun séks. Naon balukarna? Saurang pangarang nulis yén aya loba balukar goréng lantaran jalma-jalma geus teu nuturkeun deui aturan ngeunaan séks. Contona téh kulawarga nu papecah jeung nu kolotna kari sabeulah. Aya ogé jalma-jalma nu ngalaman masalah émosi jeung kacanduan pornografi. Sumebarna panyakit nu népa liwat hubungan séks, misalna AIDS, ngan salah sahiji bukti yén hikmat dunya téh hal nu bodo.—2 Pet. 2:19.
6. Ku naon pandangan dunya ngeunaan séks cocog pisan jeung kahayang Sétan?
6 Pandangan dunya ngeunaan séks cocog pisan jeung kahayang Sétan. Manéhna tangtu resep ningali jalma-jalma nyalahgunakeun jeung nyapirakeun kurnia ti Allah, nyaéta séks jeung perkawinan. (Epe. 2:2) Nu ngalakukeun lampah cabul nunjukkeun yén maranéhna teu ngahargaan kurnia ti Yéhuwa pikeun boga budak. Ku kituna, maranéhna teu bisa hirup langgeng.—1 Kor. 6:9, 10.
PANDANGAN ALKITAB NGEUNAAN SÉKS
7-8. Kumaha pandangan Alkitab ngeunaan séks jauh leuwih alus?
7 Jalma-jalma nu nuturkeun hikmat dunya ngaléléwé papakon moral Alkitab. Maranéhna nganggap éta teu asup akal jeung mikir, ’Jang naon Allah nyiptakeun urang boga kahayang séksual mun teu meunang dicumponan?’ Maranéhna nanya kitu lantaran boga pandangan nu salah yén manusa kudu nuturkeun sagala kahayangna. Tapi pangajaran Alkitab mah béda, urang teu kudu ngagugu sagala kahayang urang. Urang boga Kol. 3:5) Yéhuwa gé nyadiakeun perkawinan sangkan urang bisa muaskeun kahayang séksual urang nu wajar. (1 Kor. 7:8, 9) Dina perkawinan, salaki pamajikan bisa meunangkeun kasukaan tina hubungan séks. Maranéhna moal kaduhung jeung ngarasa hariwang siga jalma-jalma nu ngalakukeun lampah cabul.
kasanggupan pikeun ngalawan kahayang nu salah. (8 Béda ti hikmat dunya ieu, Alkitab ngajarkeun pandangan nu bener ngeunaan séks. Alkitab nyebutkeun yén séks bisa jadi sumber kasukaan. (Sil. 5:18, 19) Tapi, Alkitab ogé nyebutkeun, ”Aranjeun kudu nyaho carana ngadalikeun awak masing-masing demi kasucian jeung kahormatan. Ulah sarakah jeung ngumbar napsu séksual cara bangsa-bangsa nu teu wanoh ka Allah.”—1 Tes. 4:4, 5, NW.
9. (a) Kumaha umat Yéhuwa dina awal abad ka-20 dijurung pikeun nuturkeun hikmat nu unggul tina Firman Allah? (b) Naséhat bijaksana naon nu aya di 1 Yohanes 2:15, 16? (c) Saperti nu dijéntrékeun di Rum 1:24-27, lalampahan cabul naon waé nu kudu ditampik ku urang?
9 Dina awal abad ka-20, umat Yéhuwa teu kabawakeun ku kabohongan jalma-jalma nu ”geus areuweuh kaera”. (Epe. 4:19) Maranéhna nyepeng pageuh papakon Yéhuwa. Watch Tower 15 Méi 1926 nyebutkeun yén ”boh lalaki boh awéwé kudu boga pikiran jeung lalampahan nu suci tur murni, hususna ka lawan jinis”. Teu sual kaayaan di sakurilingna, umat Yéhuwa nuturkeun hikmat nu unggul ti Firman Allah. (Baca 1 Yohanes 2:15, 16.) Sukur pisan urang boga Firman Allah! Urang ogé nganuhunkeun pisan ka Yéhuwa lantaran tos nyadiakeun dahareun rohani nu pas dina waktuna sangkan urang bisa nampik hikmat dunya ngeunaan séks. *—Baca Rum 1:24-27.
BAROBAHNA PANDANGAN NGEUNAAN DIRI SORANGAN
10-11. Naon nu disebutkeun ku Alkitab ngeunaan kaayaan dina ahir jaman?
10 Alkitab nyebutkeun yén dina ahir jaman, ”jalma-jalma ngan inget ka diri sorangan bae”. (2 Tim. 3:1, 2) Jadi urang teu héran lamun dunya ieu ngajurung sipat mentingkeun diri. Hiji énsiklopédia nyebutkeun yén dina taun 1970-an, aya loba buku nu diterbitkeun ngeunaan cara hirup suksés. Sababaraha buku ngajurung nu macana sangkan reueus ka diri sorangan, ulah mikir aya nu salah jeung aya nu kudu dirobah dina dirina. Misalna, aya buku nu nyebutkeun, ”Sing nyaah ka jalma nu panggeulisna, panghébatna, jeung nu paling pantes dipikanyaah, nyaéta anjeun.” Buku éta nyebutkeun yén hiji jalma bébas mutuskeun sorangan laku lampahna, naon nu dirasa bener jeung genah keur dirina.
11 Sadérék bisa jadi geus apal cara pikir siga kieu. Sétan ngajurung Hawa pikeun ngalakukeun nu sarua. Manéhna ngomong yén Hawa bisa jadi saperti Allah, ”terang kana hade jeung goreng”. (Kaj. 3:5) Kiwari, loba nu nganggap dirina luhur pisan nepi ka Allah gé teu bisa mapatahan manéhna ngeunaan nu bener jeung salah. Contona katingali dina cara pandang ngeunaan perkawinan.
12. Kumaha pandangan dunya ieu ngeunaan perkawinan?
12 Alkitab maréntahkeun salaki pamajikan sangkan silih hargaan jeung Kaj. 2:24) Tapi, jalma-jalma nu dipangaruhan ku hikmat dunya boga pandangan nu béda. Maranéhna ngomong yén salaki pamajikan kudu ngutamakeun kapentinganana masing-masing. Hiji buku nyebutkeun ngeunaan pepegatan, ”Dina sababaraha upacara perkawinan, ikrar rék ngahiji ’saumur hirup’ diganti ku jangji bakal terus ngahiji ’salila silih cinta’.” Pandangan siga kitu ngalantarankeun siksaan batin jeung loba pisan kulawarga nu paburantak. Jelas, pandangan dunya nu teu ngajénan perkawinan téh hal nu bodo.
ngajénan ikrar perkawinan. Maranéhna dijurung pikeun boga tékad terus ngahiji. Ceuk Alkitab, ”Lalaki teh baris ninggalkeun sarta misah ti indung bapana, seug ngahiji jeung bojona, sarta hirupna jadi satunggal.” (13. Naon salah sahiji alesan Yéhuwa ijid pisan ka jalma nu angkuh?
13 Ceuk Alkitab, ”Nu arangkuh jadi kacua PANGERAN.” (Sil. 16:5) Ku naon Yéhuwa ijid pisan ka jalma nu angkuh? Salah sahijina, lantaran jalma nu boga sipat angkuh téh némbongkeun sipat Sétan nu sombong. Bayangkeun, Sétan nganggap Yésus kudu sujud jeung nyembah ka manéhna, padahal Yésus téh pribadi nu digunakeun ku Allah pikeun nyiptakeun sagala hal! (Mat. 4:8, 9; Kol. 1:15, 16) Sipat sombong éta jadi bukti yén hikmat dunya ieu téh hal nu bodo di payuneun Allah.
PANDANGAN ALKITAB NGEUNAAN DIRI SORANGAN
14. Kumaha Rum 12:3 ngabantu urang boga pandangan nu saimbang ngeunaan diri sorangan?
14 Alkitab ngabantu urang boga pandangan nu saimbang ngeunaan diri sorangan. Alkitab nyebutkeun yén nyaah ka diri sorangan téh wajar. Ceuk Yésus, ”Kudu nyaah ka batur cara ka diri sorangan.” Ieu nunjukkeun yén urang kudu merhatikeun ogé kabutuhan diri sorangan. (Mat. 19:19) Tapi, Alkitab teu ngajarkeun yén urang kudu nganggap diri leuwih punjul ti batan batur. Sabalikna, Alkitab nyebutkeun, ”Dina ngalampahkeun naon bae ulah ku karana kapentingan pribadi, ulah kajurung ku hayang kapuji. Sabalikna sing silih hormatan, batur kudu dianggap leuwih hade ti batan diri sorangan.”—Pil. 2:3; baca Rum 12:3.
15. Ceuk Sadérék, ku naon naséhat Alkitab ngeunaan nyaah ka diri sorangan téh leuwih alus?
15 Kiwari, loba jalma nu dianggap pinter sok ngarendahkeun naséhat Alkitab. Ceuk maranéhna mah lamun urang nganggap batur leuwih unggul, urang bakal ditincak jeung dimangpaatkeun ku batur. Tapi, naon balukar tina sikep mentingkeun diri nu disebarkeun ku dunya Sétan ieu? Naon waé nu diperhatikeun ku Sadérék? Naha jalma nu mentingkeun diri téh bagja? Naha kulawarga maranéhna bagja? Naha maranéhna boga sobat sajati? Naha maranéhna nyobat jeung Allah? Tina naon nu ditingali ku Sadérék, mana nu hasilna paling alus, nuturkeun hikmat dunya atawa nuturkeun hikmat Firman Allah?
16-17. Ku naon urang nganuhunkeun ka Yéhuwa?
16 Jalma-jalma nu nuturkeun naséhat ti nu dianggap pinter ku dunya ieu siga turis nu nanyakeun arah ka turis séjén nu sarua keur kasasab. Yésus ngomong ngeunaan jalma-jalma nu dianggap pinter di jamanna, ”Nu lolong nungtun nu lolong, tangtu duanana tiguling kana solokan.” (Mat. 15:14) Jelas, hikmat dunya ieu téh hal nu bodo di payuneun Allah.
17 Naséhat Alkitab nu bijaksana salawasna ”mangpa’at pikeun ngawurukkeun kayaktian, pikeun ngaweweleh anu salah, pikeun ngomean kasalahan, jeung pikeun nungtun kana hirup bener”. (2 Tim. 3:16) Urang nganuhunkeun pisan ka Yéhuwa nu liwat organisasi-Na geus ngalindungan urang tina hikmat dunya ieu! (Epe. 4:14) Kadaharan rohani ti Mantenna nguatkeun urang pikeun nyepeng pageuh papakon ti Firman-Na. Kacida bungahna urang bisa dibingbing ku hikmat nu pangluhurna tina Alkitab!
KAWIH 54 ”Ieu Jalanna”
^ par. 5 Artikel ieu bakal ngabantu urang leuwih yakin ngan Yéhuwa Sumber bingbingan nu bisa dipercaya. Urang ogé bakal ngabahas yén nuturkeun hikmat dunya mah parah balukarna, ari nuturkeun hikmat ti Firman Allah mah nguntungkeun.
^ par. 9 Sabagé conto, tingali Pertanyaan Kaum Muda—Jawaban yang Praktis, Jilid 1, psl. 24, 25, 26, jeung Jilid 2, psl. 4, 5.
^ par. 50 KATERANGAN GAMBAR: Sababaraha kajadian dina kahirupan sapasang Saksi dina lumangsungna waktu. Salaki pamajikan ngawawar dina ahir taun 1960-an.
^ par. 52 KATERANGAN GAMBAR: Dina taun 1980-an, salaki ngarawat pamajikanana nu keur gering bari diperhatikeun ku budak awéwéna.
^ par. 54 KATERANGAN GAMBAR: Kiwari, pasangan éta nineung deui bagjana hirup ngawula Yéhuwa. Budakna nu geus boga kulawarga milu bungah.