ARTIKEL PALAJARAN 20
Tetep Sumanget dina Palayanan
”Binih téh taburkeun . . . leungeun manéh ulah disina reureuh.”—PAN. 11:6, Terjemahan Dunia Baru [NW].
KAWIH 70 Téangan nu Daék Narima
NU DIBAHAS *
1. Yésus méré tuladan naon ka murid-muridna? Jeung, kumaha sikep maranéhna? (Tingali gambar dina sampul hareup.)
BASA di bumi, Yésus sumanget dina palayananana. Yésus gé hayang murid-muridna bisa sumanget jiga anjeunna. (Yoh. 4:35, 36) Mémang pas Yésus hirup kénéh, murid-murid téh sumanget ngawawar. (Luk. 10:1, 5-11, 17) Tapi sanggeus Yésus ditéwak jeung maot, sumanget murid-muridna jadi rada melempem. (Yoh. 16:32) Matakna pas Yésus geus dihirupkeun deui, Yésus nyumangetan maranéhna pikeun terus ngawawar. Ku kituna, sanajan Yésus geus diangkat ka sawarga, murid-muridna téh masih terus sumanget ngawawar. Musuh-musuhna nepi ka ngaromong kieu, ”Maraneh . . . angger bae ngaliarkeun pangajaran kitu di sakuliah Yerusalem.”—Ras. 5:28.
2. Naon buktina Yéhuwa ngaberkahan pangwawaran dina jaman baheula?
2 Pangwawaran anu dilakukeun ku urang Kristen dina abad kahiji téh dibingbing ku Yésus jeung diberkahan ku Yéhuwa. Naon buktina? Misalna dina Péntakosta 33 M, kira-kira aya 3.000 jalma anu dibaptis. (Ras. 2:41) Ti saprak harita, jumlah murid Yésus gancang pisan nambahanana. (Ras. 6:7) Tapi ceuk Yésus, dina ahir jaman bakal leuwih loba jalma anu daék narima warta hadé.—Yoh. 14:12; Ras. 1:8.
3-4. Di sababaraha nagri, ku naon ngawawar téh henteu gampang? Jeung, naon nu bakal dibahas dina artikel ieu?
3 Urang kabéh pasti hayang sumanget dina palayanan. Di sababaraha nagri, ngajaga sumanget jiga kitu téh meureun gampang, sabab loba jalma hayang diajar Alkitab. Malah, aya nu kudu ngantri heula! Tapi di nagri-nagri séjénna, ngawawar téh henteu sagampang kitu. Jalma-jalma jarang aya di imah. Terus
mun aya gé, maranéhna henteu pati minat kana Alkitab.4 Saupama di daérah Sadérék gé ngawawar téh henteu gampang, saran-saran dina artikel ieu bisa ngabantu Sadérék. Urang bakal ngabahas naon anu dilakukeun ku sababaraha dulur saiman supaya bisa ngawawar ka leuwih loba jalma. Urang gé bakal ngabahas ku naon urang bisa tetep sumanget, najan jalma-jalma embung ngadéngékeun warta urang.
TETEP SUMANGET SANAJAN HÉSÉ PANGGIH JEUNG JELEMA
5. Loba Saksi boga tangtangan naon waé?
5 Loba dulur saiman ngarasa, beuki ka dieu téh beuki hésé panggih jeung jelema-jelema. Di daérahna loba nu cicing di apartemén atawa di komplék nu dijaga ku satpam, jadi manéhna teu meunang asup lamun henteu jangjian heula jeung nu boga imah. Di daérah séjén, meureun pawarta téh bébas ngawawar ti imah ka imah, tapi jalma-jalma jarang aya di imah. Terus, aya ogé pawarta anu ngawawar di daérah nu mencil. Di ditu, pendudukna ngan saeutik. Meureun si pawarta geus jauh-jauh ka ditu pikeun ngadatangan saurang jalma, tapi pas nepi di ditu, éh geuningan nu boga imahna teu aya. Bisa jadi, urang ogé nyanghareupan kaayaan nu sarua. Jadi, kumaha urang bisa tetep sumanget jeung bisa terus ngawawar ka leuwih loba jalma?
6. Ku naon pawarta disaruakeun jeung nalayan?
6 Yésus nyaruakeun pangwawaran jeung kagiatan ngala lauk. (Mar. 1:17) Aya nalayan anu geus sababaraha poé indit ka laut, tapi teu beubeunangan. Najan kitu, maranéhna teu nyerah. Maranéhna nyobaan ngala lauk maké cara anu béda. Terus ngalana ogé dina waktu jeung tempat anu béda. Dina dines, urang bisa nyonto maranéhna. Ayeuna, urang bakal ngabahas sababaraha hal anu bisa urang lakukeun.
7. Lamun urang ngawawar dina jam nu béda, bisa jadi kumaha hasilna?
7 Cobaan ngawawar dina jam nu béda. Urang bisa ngawawar ka leuwih loba jalma lamun urang nyaho kira-kira iraha jalma-jalma aya di imah. Tapi najan maranéhna teu aya, pasti maranéhna bakal balik ogé pan? Loba pawarta ngarasa, leuwih cocog mun ngawawarna soré-soré atawa peuting-peuting. Sabab biasana, wayah kitu jalma-jalma geus aya di imah. Maranéhna gé leuwih nyalsé jeung bisa diajak ngobrol. Atawa, meureun Sadérék bisa nuturkeun saran ti kokolot nu ngaranna David. Manéhna nyarita, sanggeus sajam atawa dua jam ngawawar di hiji daérah, biasana manéhna jeung batur dinesna osok balik deui ka imah anu euweuh jelemana. Ceuk manéhna, ”Pas balik deui, éh geuningan loba anu geus aya di imah!” *
8. Kumaha urang bisa ngalarapkeun Pandita 11:6 dina dines?
8 Tong nyerah. Dina ayat téma artikel ieu, urang diingetan pikeun terus sumanget. (Baca Pandita 11:6 tina catetan handap.) * Jiga David nu tadi disebutkeun, manéhna téh henteu gampang nyerah. Sanggeus sababaraha kali ngawawar ka hiji imah, ahirna manéhna bisa panggih jeung lalaki nu boga imahna. Ceuk éta lalaki, ”Geus dalapan taunan abdi cicing di dieu, tapi can pernah aya Saksi Yéhuwa nu datang.” Ceuk David, ”Tina pangalaman abdi, mun ahirna urang bisa panggih jeung nu boga imahna, seringna mah manéhna daék ngadéngékeun warta urang.”
9. Naon nu dilakukeun ku sababaraha pawarta ngarah bisa panggih jeung jalma-jalma nu hésé dipanggihan?
9 Cobaan ngawawarna di tempat anu béda. Lantaran sok hésé panggih jeung jalma-jalma, sababaraha pawarta nyobaan ngawawar di tempat anu béda. Misalna, aya jalma-jalma anu cicing di apartemén atawa di komplék anu dijaga ku satpam, jadi sababaraha pawarta nyobaan ngawawar di sisi jalan sarta méré kasaksian maké rak roda. Ku kituna, maranéhna bisa panggih jeung leuwih loba jalma. Terus, loba pawarta anu ngarasa, jalma-jalma téh jadi leuwih daék diajak ngobrol jeung daék narima bacaan urang mun urang ngawawar di taman, pasar, atawa tempat bisnis. Floiran, saurang pangawas wilayah di Bolivia, ngomong, ”Urang indit ka pasar jeung tempat bisnis antara jam 1 nepi ka jam 3 soré, sabab wayah kitu mah tukang dagang téh rada nyalsé. Jadi, biasana urang bisa ngobrol jeung maranéhna, malah bisa ngamimitian palajaran Alkitab.”
10. Sadérék bisa ngawawar maké cara naon waé?
10 Cobaan ngawawar maké cara nu béda. Meureun Sadérék geus sababaraha kali ngawawar ka hiji imah. Malah, Sadérék gé geus nyobaan ngawawarna dina jam nu béda-béda. Tapi, angger wéh teu kapanggih-panggih jeung nu bogana. Na Sadérék kapikir, kumaha carana supaya bisa méré kasaksian ka manéhna? Katarina nyarita, ”Abdi mah osok nulis surat ka jalma-jalma nu sok teu aya di imah. Abdi nuliskeun naon nu bakal abdi omongkeun mun panggih langsung jeung manéhna.”
Jadi, urang gé bisa mikirkeun cara naon waé nu bisa urang lakukeun pikeun ngawawar ka jalma-jalma di daérah urang.TETEP SUMANGET SANAJAN JALMA-JALMA EMBUNG NGADÉNGÉKEUN WARTA URANG
11. Ku naon sababaraha jalma embung ngadéngékeun warta urang?
11 Sababaraha jalma embung ngadéngékeun warta urang sabab ngarasa teu butuh. Maranéhna embung ngabahas ngeunaan Allah atawa ngeunaan Alkitab. Maranéhna henteu percaya ka Allah, sabab ningali di dunya téh loba pisan nu hirupna susah. Aya ogé nu embung ngabahas Alkitab sabab maranéhna geuleuh ka pamingpin agama anu munapék. Cenah mah ngajalankeun pangajaran Alkitab, tapi prakprakanana mah teu kitu! Atawa meureun, aya nu geus lieur teuing mikiran pagawéan, kulawarga, atawa masalahna sorangan. Jadi, maranéhna ngarasa Alkitab téh euweuh gunana. Kumaha supaya urang bisa tetep sumanget ngawawar sanajan jalma-jalma nganggap warta ti urang téh henteu penting?
12. Kumaha carana ngalarapkeun naséhat dina Pilipi 2:4 waktu dines?
12 Tunjukkeun perhatian. Loba jalma mimitina mah teu minat, tapi maranéhna jadi daék ngadéngékeun warta hadé lantaran pawartana nunjukkeun perhatian. (Baca Pilipi 2:4.) Contona, David anu tadi disebutkeun, ngomong, ”Mun jalmana teu minat kana agama atawa kana Alkitab, abdi moal waka ngomongkeun Alkitab atawa nawarkeun publikasi heula. Kira-kira, abdi bakal nanya kieu, ’Punten Pa, upami Bapa, teu minatna ku naon?’” Jalma-jalma bisa ngarasakeun perhatian urang ka maranéhna. Maranéhna meureun poho kana naon anu dicaritakeun ku urang, tapi moal bakal poho kana perhatian urang. Malah lamun henteu dibéré kasempetan pikeun ngomong gé, urang bisa nunjukkeun perhatian liwat sikep jeung raray urang.
13. Kumaha supaya nu boga imah leuwih daék ngadéngékeun warta urang?
13 Urang gé bisa nunjukkeun perhatian ku cara nyaluyukeun topik nu dibahas supaya cocog jeung kabutuhan nu boga imah. Misalna, meureun urang ningali, di hiji imah téh aya budak leutik. Bisa jadi, kolotna resep ngadéngékeun naséhat Alkitab ngeunaan carana ngagedékeun budak jeung carana supaya kulawarga bisa leuwih bagja. Atawa meureun urang ningali, di hiji imah téh gembokna meni loba. Bisa jadi, alus lamun urang ngabahas ngeunaan kajahatan jeung ku naon jalma-jalma sarieuneun. Meureun nu boga imahna hayang nyaho, kumaha kajahatan bakal disingkirkeun salilana? Intina mah, urang kudu mantuan jalma-jalma ningali, Alkitab téh aya
mangpaatna keur maranéhna. Katarina, nu tadi dicaritakeun, ngomong, ”Abdi osok mikirkeun naon mangpaat Alkitab keur abdi.” Mun geus kitu, manéhna jadi bisa leuwih yakin waktu ngawawar. Jalma-jalma gé bisa ningali manéhna yakin pisan kana warta nu ditepikeun.14. Dumasar Siloka 27:17, kumaha batur dines bisa mantuan urang?
14 Pénta bantuan dulur-dulur saiman. Dina abad kahiji, Paulus téh ngajarkeun Timoteus carana ngawawar jeung ngajar batur. Paulus gé ménta Timoteus pikeun ngajarkeunana deui ka dulur-dulur saiman séjénna. (1 Kor. 4:17) Sarua jiga Timoteus, urang gé bisa nyonto sadérék-sadérék di sidang nu geus pangalaman. (Baca Siloka 27:17.) Misalna, aya pangalaman ti sadérék nu ngaranna Shawn. Manéhna téh baheula pernah naratas di daérah anu mencil. Jalma-jalma di ditu téh taat kana agamana. Jadi, naon nu dilakukeun ku manéhna supaya tetep sumanget? Ceuk manéhna, ”Mun rék dines, abdi sabisa-bisana néangan batur dines. Terus, biasana sanggeus ngawawar ti hiji imah, sarta waktu rék ka imah séjénna, urang ngabahas kumaha carana supaya urang duaan bisa leuwih tarampil. Urang ngabahas, tadi nu boga imah téh ngomong naon? Terus, urang ngajawabna kumaha? Jadi, engké mun aya nu nanya kitu deui, urang nyaho kudu ngomong naon.”
15. Ku naon urang kudu ngadoa saacan dines?
15 Ngadoa ménta bantuan ka Yéhuwa. Unggal rék dines, pék ménta bingbingan ti Yéhuwa. Mun henteu dibantuan ku roh suci-Na mah, urang kabéh moal bisa nanaon. (Jab. 127:1; Luk. 11:13) Terus waktu ngadoa, urang kudu rinci. Misalna, urang bisa ménta Yéhuwa pikeun nungtun urang ngarah urang panggih jeung jalma anu minat. Terus, urangna gé kudu upaya pikeun ngawawar ka kabéh jalma anu urang panggihan.
16. Ku naon urang kudu palajaran pribadi?
16 Kudu palajaran pribadi. Ceuk Firman Allah, urang kudu ngabuktikeun sorangan ”pangersa Allah, mana nu hade, nu sampurna, nu matak bisa nyukakeun manah-Na”. (Rum 12:2) Lamun urang beuki yakin kana bebeneran ngeunaan Allah, urang gé bakal beuki percaya diri waktu dines. Katarina, anu tadi dicaritakeun, ngomong, ”Abdi sadar, iman abdi kana pangajaran dasar Alkitab kudu panceg heula. Jadi, abdi mariksa bukti-bukti yén Allah Nu Nyipta téh aya, Alkitab téh mémang Firman ti Allah, jeung Allah téh mémang boga organisasi anu ngawakilan Mantenna.” Manéhna nyarita, sanggeus palajaran pribadi, imanna jadi beuki kuat. Manéhna gé jadi beuki bungah waktu dines!
KU NAON URANG KUDU TETEP SUMANGET DINES?
17. Ku naon Yésus tetep sumanget ngawawar?
17 Yésus tetep sumanget jeung terus nguarkeun warta hadé, sanajan loba jalma embung ngadéngékeun. Ku naon? Yésus nyaho, jalma-jalma téh butuh warta hadé ieu. Yésus gé hayang nulungan saloba-lobana jalma. Salian ti éta, Yésus gé nyaho, jalma anu embung ngadéngékeun téh bisa waé engkéna barobah. Misalna, adi-adina sorangan. Pas Yésus ngalayanan salila tilu satengah taun, adi-adina euweuh nu daék jadi muridna. (Yoh. 7:5) Tapi sanggeus Yésus dihirupkeun deui, maranéhna ahirna jadi urang Kristen.—Ras. 1:14.
18. Ku naon urang kudu terus ngawawar?
18 Urang teu apal saha nu bakal narima bebeneran Alkitab anu urang wartakeun. Sababaraha jalma butuh waktu rada lila supaya bisa narima bebeneran. Tapi najan maranéhna embung ngadéngékeun gé, maranéhna 1 Pet. 2:12.
bisa ningali kalakuan urang anu hadé jeung sumanget urang. Sugan wéh engké maranéhna bakal ”maruji ka Allah”.—19. Dumasar 1 Korinta 3:6, 7, naon anu kudu diinget ku urang?
19 Urang kudu inget, tugas urang téh melak jeung nyiram, tapi anu ngajadikeunana mah Allah. (Baca 1 Korinta 3:6, 7.) Saurang sadérék di Etiopia nyarita, ”Salila 20 taun leuwih, ngan abdi hiji-hijina Saksi di daérah ieu. Tapi, ayeuna geus aya 14 pawarta, 13 geus dibaptis. Éta téh kaasup pamajikan jeung tilu budak abdi. Terus ayeuna mah, rata-rata hadirin dina pasamoan téh 32 urang.” Manéhna senang lantaran leukeun ngawawar jeung sabar ngadagoan Yéhuwa narik jalma-jalma pikeun jadi umat-Na!—Yoh. 6:44.
20. Ku naon urang bisa disaruakeun jiga tim SAR?
20 Keur Yéhuwa mah, kahirupan unggal jalma téh penting. Mantenna méré urang kahormatan pikeun digawé bareng jeung Putra-Na sarta ngumpulkeun jalma-jalma ti sagala bangsa saacan dunya ieu diancurkeun. (Hag. 2:7) Pangwawaran urang téh jiga pagawéan nyalametkeun kahirupan batur. Urang jiga tim SAR anu dikirim pikeun nyalametkeun jalma-jalma tina kapal anu tilelep. Meureun anu bisa ditulungan ku tim SAR téh ngan saeutik. Terus, henteu kabéh anggota tim SAR bisa nyalametkeun jalma. Tapi, nu dilakukeun ku kabéh anggota tim téh penting pisan. Pangwawaran gé jiga kitu. Urang teu apal sabaraha loba jalma anu bisa disalametkeun ti dunya Sétan. Tapi, urang kabéh bisa digunakeun ku Yéhuwa pikeun nulungan jalma-jalma. Andreas nu cicing di Bolivia ngomong, ”Mun aya nu diajar Alkitab nepi ka dibaptis, ceuk abdi mah éta lain hasil usaha sorangan, tapi usaha babarengan.” Mugia urang terus sumanget dina dines. Ku kituna, Yéhuwa bakal ngaberkahan urang. Terus, dines gé bakal jadi sumber kabungah urang.
KAWIH 66 Émbarkeun Injil Kasalametan
^ par. 5 Kumaha carana supaya urang tetep sumanget dina dines, najan jalma-jalma jarang aya di imah atawa katingalina teu daék ngadéngékeun warta urang? Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas sababaraha cara supaya urang tetep sumanget.
^ par. 7 Pawarta bisa nyobaan rupa-rupa cara ngawawar nu dibahas dina artikel ieu, salila manéhna masih nuturkeun Hukum Perlindungan Data Pribadi di nagrina.
^ par. 8 Pandita 11:6 (NW): ”Binih téh taburkeun ti isuk kénéh, leungeun manéh ulah disina reureuh nepi ka peuting, sabab manéh teu nyaho mana nu pijadieun, nu ieu atawa nu itu, atawa malah duanana.”
^ par. 61 KATERANGAN GAMBAR: (ti luhur ka handap): Salaki pamajikan ngawawar, tapi jalma-jalma euweuh di imah. Aya nu keur digawé, aya nu keur ka dokter, jeung aya ogé nu keur balanja. Peutingna, maranéhna ngadatangan deui imah nu kahiji. Maranéhna panggih jeung nu boga imah nu kadua pas keur méré kasaksian maké rak roda di deukeut klinik. Maranéhna ngawawar ka nu boga imah nu katilu liwat telepon.