Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 7

”Regepkeun . . . Pituturna Jalma-Jalma Bijaksana”

”Regepkeun . . . Pituturna Jalma-Jalma Bijaksana”

”Regepkeun . . . pituturna jalma-jalma bijaksana.”​—SIL. 22:17.

KAWIH 123 Satia jeung Tunduk ka Aturan Yéhuwa

NU DIBAHAS *

1. Bisa jadi kumaha carana urang meunang naséhat, jeung naon mangpaatna mun daék ngadéngékeun naséhat?

URANG kabéh téh pasti perlu naséhat ti batur. Bisa jadi, urangna sorangan nu ménta naséhat ka jalma nu dihormat ku urang. Meureun, aya ogé sadérék nu méré naséhat ka urang lantaran hariwang bisi urang ”salah léngkah” jeung engkéna kaduhung. (Gal. 6:1) Bisa ogé, aya batur nu negor lantaran urang geus nyieun kasalahan sérius. Teu sual kumaha urang meunang naséhat, urang sakuduna daék ngadéngékeun naséhat nu dibéré ka urang. Da éta téh mangpaatna keur urang kénéh jeung bisa nyalametkeun hirup urang!​—Sil. 6:23.

2. Nurutkeun Siloka 12:15, ku naon urang kudu daék ngadéngékeun naséhat?

2 Ayat téma urang ngajurung urang pikeun ’ngaregepkeun pituturna jalma-jalma bijaksana’. (Sil. 22:17) Euweuh jalma nu apal sagalana, pasti aya wéh nu boga leuwih loba pangaweruh atawa pangalaman tibatan urang. (Baca Siloka 12:15.) Lamun urang daék ngadéngékeun naséhat, éta téh hartina urang rendah haté. Éta gé nyirikeun urang téh sadar kana kasanggupan sorangan jeung urang téh sadar yén urang butuh bantuan ti batur pikeun ngawujudkeun tujuan urang. Yéhuwa méré ilham ka Raja Sulaéman nu bijaksana pikeun nulis, ”Kudu getol tatanya heula tangtu hasil nya maksud.”​—Sil. 15:22.

Mana nu leuwih hésé ditarima ku Sadérék? (Tingali paragrap 3-4)

3. Bisa waé kumaha cara urang dibéré naséhat?

3 Bisa waé urang dibéré naséhat langsung atawa teu langsung. Naon maksudna naséhat teu langsung? Waktu maca Alkitab atawa publikasi, meureun urang jadi mikir jeung kajurung pikeun ngarobah cara pikir atawa kalakuan urang. (Ibr. 4:12) Éta téh disebut naséhat teu langsung. Terus jiga kumaha naséhat nu langsung? Waktu urang dibéjaan yén aya hal nu kudu dirobah, misalna ti kokolot atawa sadérék nu geus pangalaman. Éta téh disebut naséhat langsung. Lamun aya batur nu bageur jeung daék méré naséhat tina Alkitab, urang kudu ngahargaan maranéhna ku cara daék ngadéngékeun jeung ngalarapkeun naséhatna.

4. Nurutkeun Pandita 7:9, naon nu ulah dilakukeun waktu urang dibéré naséhat?

4 Kanyataanana mah, urang téh sok hésé narima naséhat. Urang bisa waé jadi kasinggung. Najan urang sadar urang téh teu sampurna, tapi angger wéh sok teu gampang waktu aya nu méré nyaho kasalahan urang. (Baca Pandita 7:9.) Urang sok jadi hayang ngabéla diri. Meureun urang jadi curiga kana niat manéhna atawa nyeri haté kana cara manéhna méré naséhat. Malah bisa waé urang jadi néangan kasalahan manéhna jeung mikir, ’Bisa-bisana manéhna méré naséhat ka urang, mémangna manéhna téh saha? Da manéhna gé pasti boga salah atuh!’ Terus komo deui mun naséhatna teu cocog keur urang, meureun urang jadi nyapirakeun naséhatna. Bisa waé urang gé kalah ka néangan naséhat nu leuwih cocog keur urang.

5. Naon nu bakal dibahas dina artikel ieu?

5 Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas conto tina Alkitab ngeunaan jalma nu embung narima sarta nu daék narima naséhat. Urang gé bakal ngabahas naon nu bisa ngabantu urang pikeun narima naséhat jeung meunangkeun mangpaatna.

JALMA-JALMA NU EMBUNG NARIMA NASÉHAT

6. Urang bisa diajar naon ti sikep Raja Réhabam waktu dibéré naséhat?

6 Perhatikeun conto ti Réhabam. Pas manéhna jadi raja di Israél, rahayatna datang ka manéhna nyuhunkeun paménta. Maranéhna ménta supaya beban ti bapana, Sulaéman, bisa diénténgkeun. Mimitina mah alus, Réhabam téh ménta naséhat ka para kokolot di Israél ngeunaan masalah ieu. Para kokolot ngabéjaan lamun raja daék nuturkeun paménta rahayatna, engké rahayatna bakal terus ngadukung manéhna. (1 Rja. 12:3-7) Tapi Réhabam teu resep kana naséhatna, jadi manéhna ménta naséhat ka lalaki-lalaki nu geus dikenal ku manéhna ti leutik. Umur maranéhna téh kira-kira 40 taunan, jadi maranéhna pasti geus cukup pangalaman. (2 Bab. 12:13) Tapi harita, maranéhna téh méré naséhat nu goréng ka Réhabam. Maranéhna kalah ka nitah Réhabam pikeun nambahan beban rahayatna. (1 Rja. 12:8-11) Jadi ayeuna Réhabam téh boga dua pilihan. Sakuduna manéhna téh bisa ngadoa jeung ménta pituduh ti Yéhuwa pikeun nangtukeun naséhat mana nu kudu dituturkeun. Tapi, manéhna kalah ka nuturkeun naséhat nu leuwih dipikaresep, nyaéta ti lalaki-lalaki nu ngarora kénéh. Ahirna, manéhna jeung urang Israél kudu nanggung akibatna. Kitu gé urang, bisa jadi urang dibéré naséhat nu teu pati dipikaresep. Tapi lamun éta téh dasarna tina Firman Allah, urang kudu daék narimana.

7. Urang bisa diajar naon tina kisah Raja Usia?

7Raja Usia embung narima naséhat. Manéhna asup ka bagian dina bait Allah nu sabenerna ngan para imam hungkul nu meunang asup, tuluy ngaduruk dupa di ditu. Para imam ngomong ka Usia, ”Usia! Anjeun teu aya hak ngukus ka PANGERAN. Anu wenang ngan anu geus dibakukeun kana ngukus, nya eta imam-imam.” Kumaha sikep Usia saterusna? Lamun manéhna rendah haté jeung daék narima naséhat, manéhna pasti langsung kaluar ti bait. Meureun Yéhuwa gé bakal ngahampura manéhna. Tapi, ”[Usia] . . . jadi bendu”. Ku naon manéhna nolak naséhat éta? Manéhna ngarasa bisa ngalakukeun naon waé nu dipikahayang lantaran manéhna téh raja. Tapi keur Yéhuwa mah teu kitu. Lantaran Usia lancang, manéhna keuna lépra jeung tetep ’najis ku kasawatna’ nepi ka maotna. (2 Bab. 26:16-21) Tina kisah Usia urang bisa diajar, teu sual urang téh saha, lamun urang nolak naséhat tina Alkitab, urang moal diberkahan ku Yéhuwa.

JALMA-JALMA NU DAÉK NARIMA NASÉHAT

8. Kumaha sikep Ayub waktu dibéré naséhat?

8 Béda ti jalma-jalma nu tadi dibahas, Alkitab gé nyatet conto ti jalma-jalma nu daék ngadéngékeun naséhat jeung ahirna diberkahan. Misalna Ayub. Manéhna téh jalma nu ngahormat ka Allah, tapi angger wéh manéhna téh teu sampurna. Waktu beunang cocoba nu beurat pisan, manéhna boga pamikiran nu salah. Ku kituna, manéhna dibéré naséhat langsung ku Élihu jeung Yéhuwa. Kumaha sikep Ayub? Manéhna rendah haté jeung daék ngadéngékeun naséhatna. Ceuk Ayub, ”Abdi . . . ngomongkeun perkawis anu ku abdi henteu kaharti . . . Ana emut kana ucapan sorangan, estu kalintang isinna, seja nyanggakeun pertobat, seja nyuksruk kana lebu.” Ningali Ayub nu rendah haté, ahirna Yéhuwa ngaberkahan manéhna.​—Ayub 42:3-6, 12-17.

9. Kumaha urang bisa nyonto Musa waktu dibéré naséhat?

9Musa téh conto ti jelema nu daék narima tegoran sanggeus nyieun kasalahan nu sérius. Dina hiji waktu, manéhna ambek jeung teu mihormat Yéhuwa. Akibatna, manéhna jadi teu meunang asup ka Tanah Perjangjian. (Bil. 20:1-13) Musa kuciwa jeung ménta Yéhuwa mikirkeun deui putusana-Na. Yéhuwa ngomong kieu ka Musa, ”Geus, ulah ngutik-ngutik deui sual eta!” (Pam. 3:23-27) Najan kitu, Musa henteu ambek. Manéhna daék narima putusan Yéhuwa. Anjeunna gé terus ngagunakeun Musa pikeun nungtun bangsa Israél. (Pam. 4:1) Boh Ayub boh Musa, duanana téh conto nu kudu dituturkeun ku urang waktu urang dibéré naséhat. Ayub daék ngarobah cara pikirna jeung teu ngabéla diri. Musa gé daék narima naséhat ti Yéhuwa, buktina manéhna tetep satia sanajan kaleungitan kasempetan nu istiméwa.

10. (a) Dumasar Siloka 4:10-13, naon mangpaatna lamun urang daék narima naséhat? (b) Kumaha sikep sababaraha sadérék waktu dibéré naséhat?

10 Lamun urang daék nuturkeun tuladan ti jalma-jalma nu satia, jiga Ayub jeung Musa, urang pasti meunang mangpaat. (Baca Siloka 4:10-13.) Loba dulur saiman urang anu daék narima naséhat. Misalna, Sadérék Emmanuel ti Kongo. Manéhna diingetan ku sababaraha sadérék. Ceuk manéhna, ”Sadérék-sadérék di sidang nu kuat rohanina ningali yén hubungan abdi jeung Yéhuwa téh bisa ruksak. Maranéhna hayang mantuan abdi, jeung abdi gé nuturkeun naséhat maranéhna. Jadi abdi bisa ngajauhan loba masalah.” * Terus aya pangalaman ti saurang panaratas di Kanada nu ngaranna Megan. Ceuk manéhna, ”Lamun dibéré naséhat mémang sakapeung teu ngeunah dina ceuli téh. Tapi justru naséhat éta nu bener-bener urang butuhkeun.” Aya ogé Sadérék Marko ti Kroasia. Manéhna nyarita, ”Abdi kaleungitan tanggung jawab di sidang. Tapi mun diinget-inget deui, untung abdi téh nuturkeun naséhat nu dibéré ka abdi. Ayeuna abdi bisa akrab deui jeung Yéhuwa.”

11. Naon nu diomongkeun ku Sadérék Karl Klein ngeunaan narima naséhat?

11 Aya deui pangalaman ti sadérék séjén nu ngarasakeun mangpaatna lantaran daék narima naséhat. Éta téh pangalaman ti Sadérék Karl Klein, nu pernah jadi anggota Badan Pingpinan. Waktu nyaritakeun kisah hirupna, Sadérék Klein inget deui pas manéhna dibéré naséhat nu tegas ku sobatna, nyaéta Joseph F. Rutherford. Sadérék Klein ngaku mimitina mah manéhna téh nyeri haté. Ceuk manéhna, ”Pas paamprok deui jeung Sadérék Rutherford, manéhna mah soméah jeung ngomong, ’Halo Karl!’ Tapi da abdi téh masih nyeri haté, jadi ku abdi teu pati diwaro. Sadérék Rutherford ngomong kieu, ’Karl, kadé nya si Iblis keur ngincer manéh!’ Bakating ku éra ku abdi dijawab, ’Henteu da abdi henteu keuheul.’ Tapi manéhna nyaho nu sabenerna. Jadi manéhna ngomong deui, ’Enya, kadé wéh nya si Iblis keur ngincer manéh.’ Nu diomongkeun ku manéhna téh bener pisan!” Sadérék Klein gé ngomong yén sadérék-sadérék urang téh boga hak pikeun méré naséhat ka urang, jadi lamun urang keuheul, urang bakal gampang ditéwak ku si Iblis. * (Éf. 4:25-27) Sadérék Klein daék narima naséhat ti Sadérék Rutherford. Maranéhna gé bisa terus nyobat.

NAON NU BISA NGABANTU URANG PIKEUN DAÉK NARIMA NASÉHAT?

12. Kumaha sipat rendah haté bisa ngabantu urang pikeun narima naséhat? (Jabur 141:5)

12 Naon nu bisa ngabantu urang pikeun daék narima naséhat? Urang téh kudu rendah haté ku lantaran urang teu sampurna jeung sok nyieun salah. Jiga nu geus dibahas saacanna, Ayub téh boga cara pikir nu salah. Tapi ahirna, manéhna ngarobah cara pikirna jeung diberkahan ku Yéhuwa. Ku naon bisa kitu? Ku lantaran Ayub téh rendah haté. Éta kabukti waktu manéhna daék narima naséhat ti Élihu nu leuwih ngora tibatan manéhna. (Ayub 32:6, 7) Mun rendah haté, urang daék narima naséhat sanajan urang ngarasa naséhatna téh teu cocog keur urang. Urang gé daék narima naséhat ti jalma nu leuwih ngora tibatan urang. Saurang kokolot di Kanada ngomong, ”Kumaha urang bisa maju mun euweuh nu méré naséhat ka urang?” Urang kabéh pasti hayang maju, misalna dina mekarkeun sipat-sipat nu dihasilkeun ku kawasa suci atawa jadi pawarta jeung guru nu leuwih tarampil.​—Baca Jabur 141:5.

13. Kumaha sakuduna anggapan urang kana naséhat?

13Pék anggap naséhat téh bukti kanyaah ti Allah. Yéhuwa hayang méré nu panghadéna ka urang. (Sil. 4:20-22) Jadi, waktu Anjeunna méré naséhat ka urang liwat Firman-Na, publikasi, atawa sadérék nu asak rohani, éta téh némbongkeun kanyaah ti Anjeunna. Ibrani 12:9, 10 nyebutkeun, ”Allah mah ngadisiplin urang keur kahadéan urang.”

14. Waktu dibéré naséhat, naon nu sakuduna diperhatikeun ku urang?

14Perhatikeun eusina, lain cara naséhatna ditepikeun. Meureun urang sok ngarasa, sabenerna éta naséhat téh bisa ditepikeun ku cara nu leuwih hadé. Pasti nu méré naséhat ogé hayang sabisa-bisa nepikeun naséhatna supaya ngeunah katarimana. * (Gal. 6:1) Waktu dibéré naséhat, meureun urang ngarasa kuduna carana bisa leuwih hadé. Tapi, urang kudu leuwih merhatikeun eusina. Pék pikirkeun, ’Najan urang teu pati resep kana carana, tapi nu diomongkeun ku manéhna téh bener teu? Bisa teu lamun urang leuwih merhatikeun naséhatna, lain ka jalmana?’ Urang bakal jadi jalma nu bijaksana lamun daék narima naséhat.​—Sil. 15:31.

PÉNTA NASÉHAT JEUNG RASAKEUN MANGPAATNA

15. Ku naon urang kudu ménta naséhat?

15 Alkitab ngajurung urang pikeun ménta naséhat ka batur. Siloka 13:10 nyebutkeun, ”Jadi jalma mah ulah sungkan menta luang.” Biasana jalma-jalma nu ménta luang atawa naséhat bakal leuwih gancang nyieun kamajuan tibatan jalma-jalma nu ngadagoan batur nu méré naséhat. Jadi tong asa-asa pikeun ménta naséhat.

Ku naon sadérék istri nu leuwih ngora bisa ménta naséhat ka sadérék istri nu leuwih kolot? (Tingali paragrap 16)

16. Dina kaayaan naon waé urang bisa ménta naséhat?

16 Iraha urang bisa ménta naséhat ka dulur-dulur saiman? Misalna dina sababaraha kaayaan ieu. (1) Saurang sadérék istri ngajak saurang pawarta nu leuwih pangalaman ka palajar Alkitabna. Manéhna bisa ménta saran pikeun ningkatkeun katarampilan ngajarna. (2) Saurang sadérék istri nu léngoh kénéh rék meuli baju. Saacan nangtukeun pilihanana, manéhna ménta saran ka sadérék istri nu kuat rohanina. (3) Saurang sadérék pameget mimiti meunang hutbah. Waktu hutbahna ditepikeun, manéhna ménta sadérék nu geus pangalaman pikeun merhatikeun jeung méré saran ka manéhna. Sadérék nu geus mangtaun-taun nepikeun hutbah gé bisa ménta saran ka sadérék nu tarampil, jeung bisa nuturkeun saran ti manéhna.

17. Waktu dibéré naséhat kumaha urang bisa meunangkeun mangpaat?

17 Minggu hareup atawa bulan hareup, meureun urang bakal dibéré naséhat, boh langsung boh teu langsung. Waktu dibéré naséhat, sing inget kana naon nu geus dibahas dina artikel ieu. Sing rendah haté. Perhatikeun eusina, lain cara naséhatna ditepikeun. Terus, tuturkeun naséhatna. Euweuh jalma nu ti barang lahir téh geus bijaksana. Tapi lamun urang daék ’ngadenge nu mere nasehat, daek mulungan luang’, Firman Allah jangji urang bakal ”boga pangabisa” atawa jadi bijaksana.​—Sil. 19:20.

KAWIH 124 Terus Satia

^ par. 5 Umat Allah nyaho lamun urang daék narima naséhat tina Alkitab, éta téh gedé mangpaatna. Tapi sakapeung urang sok teu gampang pikeun narima naséhat. Ku naon? Naon nu bisa ngabantu urang supaya daék narima naséhat jeung meunangkeun mangpaatna?

^ par. 10 Sababaraha ngaran geus diganti.

^ par. 11 Tingali Menara Pengawal seri 4 taun 1984, atawa The Watchtower 1 Oktober 1984, kaca 23-30.

^ par. 14 Dina artikel saterusna, urang bakal ngabahas kumaha supaya cara urang nepikeun naséhat bisa leuwih bijaksana.