Naha Sadérék Terang?
Ku naon baheula urang Israél mayar maskawin?
DINA jaman baheula, saacan nikah, pangantén lalaki atawa kulawargana téh mayar maskawin ka kulawarga pangantén awéwé. Maskawinna bisa mangrupa barang, sato, atawa duit. Sakapeung bisa ogé dibayar ku tanaga, misalna Yakub nu digawé tujuh taun supaya bisa nikah jeung Rahél. (Kaj. 29:17, 18, 20) Naon tujuan maskawin téh?
Ahli Alkitab nu ngaranna Carol Meyers nyebutkeun, ”Katingalina maskawin téh gaganti nu dibéré ka kulawarga awéwé lantaran bakal kaleungitan tanaga budak awéwéna, nu biasana gedé mangpaatna di kulawarga [patani].” Maskawin téh jiga pameungkeut supaya dua kulawarga jadi leuwih deukeut. Ku kituna, anggota kulawarga téh bisa silih bantu mun keur susah. Salian ti éta, maskawin gé némbongkeun yén éta awéwé téh geus dipimilik, jeung ayeuna manéhna bakal diurus sarta dilindungan ku salakina lain bapana deui.
Méré maskawin téh lain hartina saurang awéwé bisa dijual atawa dibeuli. Buku Ancient Israel—Its Life and Institutions nyebutkeun, ”Mun aya kawajiban pikeun mayar jumlah duit atawa barang nu ditangtukeun ka kulawarga awéwé, éta kalah ka nyieun perkawinan di Israél téh jiga jual-beuli. Tapi katingalina [maskawin] mah lain bayaran, tapi gaganti nu dibikeun ka kulawarga awéwé.”
Di jaman ayeuna gé, di sababaraha nagri masih aya jalma-jalma nu méré maskawin. Lamun kolot Kristen ménta maskawin, sakuduna jumlahna asup akal jeung henteu loba teuing. (Flp. 4:5; 1 Kor. 10:32, 33) Éta némbongkeun maranéhna téh henteu ”mata duitan”, atawa sarakah. (2 Tim. 3:2) Geus kitu, mun jumlah maskawin nu dipénta téh asup akal, maranéhna bisa geura nikah. Maranéhna teu kudu ngadagoan nepi ka calon salakina boga duit keur mayar maskawin. Calon salakina gé meureun teu kudu eureun naratas jeung teu kudu tohtohan digawé pikeun mayar maskawin nu gedé teuing.
Di sababaraha nagri, aturan ngeunaan maskawin téh ditetepkeun ku hukum. Ku kituna, kolot Kristen téh kudu nuturkeun hukum ieu. Ku naon? Lantaran Firman Allah maréntahkeun urang Kristen pikeun ”tunduk ka pamaréntah” jeung taat kana hukumna salila teu ngalanggar hukum Allah.—Rm. 13:1; Kis. 5:29.