Bagja Jalma-Jalma nu Ngawula ”Allah nu Bagja”
”Estu bagja bangsa anu Allahna PANGERAN.”—JAB. 144:15.
1. Ku naon Saksi-Saksi Yéhuwa téh umat nu bagja? (Tingali gambar dina awal artikel.)
SAKSI-SAKSI YÉHUWA téh umat nu bagja. Unggal ngumpul, boh di pasamoan, boh di kongrés, boh keur ngariung, maranéhna resep ngobrol jeung seuseurian. Ku naon bisa kitu? Alesan utamana lantaran maranéhna wanoh ka Yéhuwa, ”Allah nu bagja”. Maranéhna ngawula jeung nulad ka Mantenna. (1 Tim. 1:11, Terjemahan Dunia Baru (NW); Jab. 16:11) Yéhuwa téh sumber kabagjaan, jadi Mantenna gé hoyong urang bagja. Mantenna masihan loba hal sangkan urang gumbira.—Pam. 12:7; Pan. 3:12, 13.
2, 3. (a) Naon ari bagja téh? (b) Naon nu ngalantarankeun urang teu ngarasa bagja?
2 Ari Sadérék kumaha? Naha Sadérék bagja? Bagja téh lamun urang ngarasa reugreug, puas kana hirup urang, atawa ngarasa gumbira. Alkitab nunjukkeun yén jalma nu bener-bener bagja téh nu diberkahan ku Yéhuwa. Tapi, ku naon kiwari urang hésé bagja?
1 Tim. 6:15, NW; Mat. 11:28-30) Dina Hutbah di Gunung, Yésus nyebutkeun sababaraha sipat nu bisa ngabantu urang bagja sanajan keur nyanghareupan loba masalah lantaran hirup di dunya Sétan.
3 Urang hésé ngarasa bagja lamun keur ngalaman kasusah nu beurat, misalna lamun jalma nu dipikanyaah maot atawa dipecat ti sidang, lamun urang pepegatan, atawa lamun urang dikaluarkeun ti pagawéan. Urang gé hésé ngarasa bagja lamun di imah paraséa waé, lamun diléléwé ku batur gawé atawa batur sakola, atawa lamun dikaniaya atawa dipanjara lantaran ngawula Yéhuwa. Bisa ogé urang jadi geringan, boga panyakit kronis, atawa keur déprési. Tapi, urang kudu inget yén Yésus téh ”Pangawasa nu bagja”, nu resep ngalilipur sangkan urang bagja. (URANG MOAL BISA BAGJA TANPA YÉHUWA
4, 5. Urang kudu kumaha sangkan bagja jeung tetep bagja?
4 Hal mimiti nu disebutkeun ku Yésus téh penting pisan. Ceuk anjeunna, ”Bagja jelema anu ngarasa jiwana miskin, sarta ngaharep ngan ka Allah wungkul, Karajaan Sawarga teh eukeurna!” (Mat. 5:3) Jalma nu ngarasa jiwana miskin nyaéta nu sadar yén manéhna butuh hal-hal rohani, hayang wanoh ka Allah, sarta ngaharep kana pitulung sarta pituduh Allah. Urang bisa nunjukkeunana ku cara diajar Alkitab, taat ka Allah, jeung ngutamakeun ibadah ka Mantenna. Ngalampahkeun hal éta matak bagja. Iman urang kana jangji Allah dina mangsa kahareup gé bakal leuwih kuat. Harepan nu ngabagjakeun nu aya dina Alkitab bakal ngagedékeun haté urang.—Tit. 2:13.
5 Lamun urang hayang bagja teu sual naon nu keur disanghareupan, urang kudu terus nguatkeun sosobatan urang jeung Yéhuwa. Rasul Paulus nulis, ”Salilana sing saruka hirup ngahiji jeung Gusti. Sakali deui: Sing saruka!” (Pil. 4:4) Supaya sosobatan urang jeung Yéhuwa kuat, urang kudu boga hikmat Allah. Firman Allah nyebutkeun, ”Bagja jalma anu meunang hikmah, anu meunang pangarti. Nya bagja anu boga hikmah, hirup teh jadi milikna.”—Sil. 3:13, 18.
Sangkan tetep bagja, urang kudu terus ngalarapkeun pangajaran Alkitab
6. Naon deui nu bisa dilakukeun sangkan tetep bagja?
6 Tapi, teu cukup ngan saukur diajar Alkitab, urang gé kudu terus ngalarapkeun pangajaranana. Yésus nandeskeun pentingna hal ieu waktu ngomong, ”Lamun hal eta geus kahalarti, estu bagja maraneh lamun daraek ngalampahkeunana!” (Yoh. 13:17; baca Yakobus 1:25.) Ieu téh penting sangkan pangabutuh rohani urang kacumponan sarta urang tetep bagja. Tapi, kumaha urang bisa bagja lamun aya loba nu ngalantarankeun urang teu bagja? Hayu urang tingali naon deui nu diomongkeun ku Yésus dina Hutbah di Gunung.
SIPAT-SIPAT NU MATAK BAGJA
7. Naon maksudna jalma sedih téh bagja?
7 ”Bagja jelema anu sedih prihatin, ku Allah bakal dililipur!” (Mat. 5:4) Urang bisa jadi teu ngarti kumaha jalma nu sedih bisa bagja. Ieu téh teu ngamaksudkeun kabéh jalma nu sedih. Loba jalma jahat gé sedih ku sabab maranéhna ngalaman masalah nu beurat ”dina ahir jaman” nu ”loba kasukeran” ieu. (2 Tim. 3:1) Tapi, maranéhna ngan saukur mikirkeun diri sorangan, lainna mikirkeun Yéhuwa. Jadi, maranéhna teu bisa bagja lantaran teu nyobat jeung Yéhuwa. Nu dimaksud ku Yésus téh nyaéta jalma-jalma nu sadar kana pangabutuh rohanina. Maranéhna sedih ku sabab ningali loba jalma nolak Allah jeung cara hirupna gé teu saluyu jeung kahoyong Allah. Maranéhna gé sadar boga dosa jeung prihatin ningali kaayaan dunya kiwari. Yéhuwa merhatikeun jalma-jalma nu sedih siga kitu tuluy ngalilipur ku Firman-Na, sarta masihan kabagjaan jeung kahirupan ka maranéhna.—Baca Yeheskel 5:11; 9:4.
8. Kumaha Sadérék bisa bagja lamun lemah lembut?
8 ”Bagja jalma-jalma anu lemah lembut, sabab maranéhna bakal ngawaris bumi.” (Mat. 5:5, NW) Kumaha Sadérék bisa bagja lamun lemah lembut? Loba jalma kiwari kasar jeung gedé ambek, balukarna loba masalah. Tapi, waktu diajar bebeneran, maranéhna ngarobah kapribadianana. Ayeuna, maranéhna jadi ”karunyaan, hade hate, handap asor, darehdeh, jeung sabar”. (Kol. 3:9-12) Hasilna, maranéhna ngarasa tengtrem, akur jeung batur, jeung ngarasa bagja. Firman Allah gé jangji yén maranéhna bakal ”ngawaris bumi”.—Jab. 37:8-10, 29.
9. (a) Naon hartina jalma nu lemah lembut bakal ”ngawaris bumi”? (b) Kumaha ”jalma-jalma nu lapar jeung halabhab kana bebeneran“ bisa bagja?
9 Naon hartina jalma nu lemah lembut bakal ”ngawaris bumi”? Kaom nu diistrénan bakal ngawaris bumi waktu maranéhna jadi raja jeung imam nu ngawasaan bumi. (Wahyu 20:6) Jutaan jalma séjénna nu teu boga harepan hirup di sawarga bakal ngawaris bumi waktu dipasihan hirup langgeng di bumi. Maranéhna gé bakal jadi sampurna sarta ngarasa tengtrem tur bagja. Maranéhna téh kaasup jalma-jalma nu disebutkeun ku Yésus, ”Bagja jalma-jalma nu lapar jeung halabhab kana bebeneran.” (Mat. 5:6, NW) Kahayang maranéhna bakal dicumponan waktu Yéhuwa ngaleungitkeun kabéh kajahatan. (2 Pet. 3:13) Di dunya anyar, maranéhna bakal bagja jeung moal ngarasa sedih deui ku kajahatan.—Jab. 37:17.
10. Siga kumaha jalma nu karunyaan téh?
10 ”Bagja jelema nu karunyaan, ku Allah bakal dipikawelas!” (Mat. 5:7) Jalma nu karunyaan téh bageur, lemah lembut, jeung welas asih ka nu keur susah. Tapi, éta lain ngan saukur parasaan karunya. Alkitab ngajarkeun yén éta kudu jeung prakprakanana nulungan batur.
11. Urang meunang palajaran naon ti misil Yésus ngeunaan urang Samaria?
11 Baca Lukas 10:30-37. Yésus nyaritakeun misil ngeunaan urang Samaria nu ngagambarkeun saperti kumaha jalma nu karunyaan téh. Urang Samaria éta welas asih jeung karunya ka saurang lalaki nu keur susah, jadi manéhna kajurung pikeun nulungan lalaki éta. Sanggeus nyaritakeun éta misil, Yésus ngomong, ”Tah, anjeun oge kudu kitu. Lampahkeun kitu ku anjeun.” Jadi, pék lenyepan, ’Naha abdi geus ngalampahkeun kitu? Naha abdi geus siga urang Samaria éta? Waktu batur keur kasusahan, naha abdi nulungan maranéhna? Misalna, naha abdi daék nulungan nu geus karolot di sidang, randa, atawa budak nu kolotna lain Saksi? Naha abdi bisa ngalilipur jalma ”nu geus pegat pangharepan”?’—1 Tes. 5:14, Sunda Formal; Yak. 1:27.
12. Ku naon jalma nu karunyaan téh bagja?
12 Ku naon jalma nu karunyaan téh bagja? Waktu karunyaan ka batur, urang keur méré, jeung méré téh matak bagja. Alesan séjénna nyaéta urang kamanah ku Yéhuwa. (Ras. 20:35; baca Ibrani 13:16.) Raja Daud ngomong yén jalma nu karunyaan téh bagja sabab ”hirupna ku PANGERAN diraksa, diriksa, tengtrem matuh di tanahna”. (Jab. 41:2, 3) Lamun urang karunyaan jeung welas asih ka batur, urang gé bakal dipikarunya ku Yéhuwa tur bagja salawasna.—Yak. 2:13.
KU NAON JALMA ”ANU HATÉNA BERESIH” TÉH BAGJA?
13, 14. Ku naon miboga haté nu beresih téh penting?
13 Ceuk Yésus, ”Bagja jalma-jalma anu haténa beresih, sabab bakal nénjo Allah.” (Mat. 5:8, NW) Sangkan haté urang bersih, urang kudu ngajaga pikiran sarta kahayang urang tetep bersih. Hal ieu penting pisan lamun hayang ibadah urang ditarima ku Yéhuwa.—Baca 2 Korinta 4:2; 1 Tim. 1:5.
14 Jalma nu haténa bersih bisa nyobat jeung Yéhuwa. Ceuk Mantenna, ”Salamet [”Bagja”, NW] jelema anu jubahna geus beunang nyeuseuh beresih.” (Wahyu 22:14) Naon maksudna maranéhna ”nyeuseuh beresih” jubahna? Pikeun urang Kristen nu diistrénan, éta hartina maranéhna dianggap bersih ku Yéhuwa, dipasihan kahirupan sabagé mahluk roh nu teu bisa maot di sawarga, sarta bakal bagja salalanggengna. Pikeun jalma nu kacida lobana nu boga harepan hirup di bumi, éta hartina maranéhna dianggap bener ku Yéhuwa sarta ditarima jadi sobat-Na. Alkitab nyebutkeun, ”Jubahna geus barodas beresih sabab geus diseuseuh ku getih itu Anak Domba.”—Wahyu 7:9, 13, 14.
15, 16. Kumaha jalma nu haténa bersih bisa ”nénjo Allah”?
15 Saur Yéhuwa, ”Moal aya anu kuat nenjo [kami], tangtu tiwas.” (Bud. 33:20) Jadi, kumaha jalma nu haténa bersih bisa ”nénjo Allah”? Dina basa Yunani, kecap ”nénjo” bisa ogé hartina ngabayangkeun, paham, atawa nyaho. Jadi, ”nénjo Allah” hartina paham kana kapribadian Mantenna jeung mikaresep sipat-sipat-Na. (Epe. 1:18) Yésus nyonto sipat-sipat Allah kalawan sampurna, jadi anjeunna bisa ngomong, ”Anu geus nenjo Kami tangtu nenjo ka Rama.”—Yoh. 14:7-9.
16 Salian ti éta, urang ”nénjo Allah” waktu ngalaman sorangan pitulung ti Mantenna. (Ayub 42:5) Urang gé bisa ”nénjo”, atawa mikirkeun, jangji-jangji Allah nu éndah pikeun jalma-jalma nu haténa bersih sarta satia ngawula Mantenna. Kaom nu diistrénan bakal bener-bener nénjo Allah waktu maranéhna dihirupkeun deui ka sawarga.—1 Yoh. 3:2.
URANG BISA TETEP BAGJA SANAJAN LOBA MASALAH
17. Ku naon jalma-jalma nu ngupayakeun karukunan téh bagja?
17 Tuluy Yésus ngomong, ”Bagja jelema anu resep ngupayakeun karukunan.” (Mat. 5:9) Lamun urang boga inisiatif pikeun rukun jeung batur, urang bisa bagja. Yakobus nulis, ”Binih karapihan pelak jalma anu cinta kana karapihan mah buahna teh kahadean.” (Yak. 3:18) Jadi, lamun Sadérék hésé akur jeung hiji jalma di sidang atawa di kulawarga, pénta pitulung ti Yéhuwa supaya Sadérék bisa ngupayakeun karukunan. Yéhuwa pasti masihan roh suci-Na nu mantuan Sadérék pikeun némbongkeun sipat-sipat Kristen. Ku kituna, Sadérék bisa leuwih bagja. Yésus nandeskeun pentingna inisiatif pikeun rukun jeung batur waktu ngomong, ”Lamun maraneh rek nyanggakeun kurban ka Allah dina altar, tuluy inget yen aya anu nyerieun hate ka maraneh, tunda heula pikurbaneun teh hareupeun altar, buru-buru indit menta hampura heula, geus kitu kakara balik deui neruskeun ngurban.”—Mat. 5:23, 24.
Ku roh suci, Sadérék bisa némbongkeun sipat-sipat Kristen jeung leuwih bagja
18, 19. Ku naon urang Kristen tetep bagja sanajan dikaniaya?
18 ”Bagja maraneh lamun dihina-hina, diteungteuinganan, diomongkeun jeung digogoreng dumeh anut ka Kami.” Naon maksud Yésus? Anjeunna nambahkeun, ”Lamun dikitu-kitu sing bagja, sing bungah, sabab geus aya piganjaraneunana anu gede di sawarga. Nabi-nabi anu hirup beh ditueun maraneh oge dikaniaya teh kitu.” (Mat. 5:11, 12) Waktu rasul-rasul digebugan jeung dilarang ngawawar, maranéhna ”kalaluar ti Mahkamah, kalayan senang manah”. Tangtu, éta lain hartina maranéhna resep digebugan. Tapi, maranéhna bagja lantaran ”ngaraos geus dilayakkeun ku Allah kenging panghina ku karana jenengan Yesus”.—Ras. 5:41.
19 Kiwari, umat Yéhuwa gé tabah jeung bungah waktu dikaniaya ku karana jenengan Yesus. (Baca Yakobus 1:2-4.) Saperti para rasul, urang teu hayang sangsara atawa dikaniaya. Tapi, lamun urang satia ka Yéhuwa, Mantenna bakal masihan kawani pikeun tetep tabah. Pék pikirkeun pangalaman Henryk Dornik jeung lanceukna. Dina Agustus 1944, maranéhna diasupkeun ka kamp konséntrasi. Jalma-jalma nu nganiayana ngomong, ”Maranéhna mah moal bisa diolo, mun paéh demi agamana téh justru bungah.” Henryk ngajelaskeun, ”Abdi teu hayang paéh. Tapi, lamun abdi tetep pengkuh, wani, jeung satia ka Yéhuwa waktu nandangan sangsara, abdi ngarasa bagja.” Manéhna nambahkeun, ”Doa nu husu ngaraketkeun abdi ka Yéhuwa. Mantenna teu weléh nulungan abdi.”
20. Ku naon urang bagja ngawula ”Allah nu bagja”?
20 Lamun urang kamanah ku Yéhuwa, ”Allah nu bagja”, urang bakal bagja sanajan dikaniaya, ditentang ku kulawarga, gering, atawa beuki ngolotan. (1 Tim. 1:11, NW) Urang gé bagja lantaran Allah nu ”tara jalir” geus ngajangjikeun hal-hal nu éndah keur urang. (Tit. 1:2) Lamun Yéhuwa geus ngawujudkeun jangji-jangji-Na, urang moal inget deui kana masalah urang ayeuna. Urang moal bisa ngabayangkeun éndahna hirup di Pirdaus jeung sakumaha bagjana engké! Urang ”hirupna [bakal] senang ngahenang-ngahening”.—Jab. 37:11.