Terus Témbongkeun Kanyaah pikeun Nguatkeun Batur
”Kanyaah mah ngawangun.”—1 KOR. 8:1.
1. Hal penting naon nu dibahas ku Yésus jeung murid-muridna dina peuting saacan anjeunna pupus?
DINA peuting saacanna pupus, Yésus ampir 30 kali nyebutkeun kanyaah. Ceuk anjeunna, murid-muridna kudu ”silih pikanyaah”. (Yoh. 15:12, 17) Kanyaah maranéhna bakal katémbong pisan ku batur nepi ka jadi ciri murid-murid Kristus nu sajati. (Yoh. 13:34, 35) Kanyaah nu disebutkeun ku Yésus ieu teu ngan saukur parasaan, tapi sipat nu luar biasa nu teu mentingkeun diri. Ceuk Yésus, ”Kanyaah nu panggedena ti hiji jalma ka sobat-sobatna, nya eta lamun nepi ka iklas ngorbankeun jiwa pikeun ngabelaanana. Maraneh teh sobat-sobat Kami lamun ngalakonan ieu parentah Kami.”—Yoh. 15:13, 14.
2. (a) Umat Yéhuwa kiwari katelah dina hal naon? (b) Pananya naon waé nu bakal dijawab dina artikel ieu?
2 Umat Yéhuwa kiwari ogé katelah ku kanyaahna nu iklas jeung teu mentingkeun diri sarta kasatunggalanana nu kuat. (1 Yoh. 3:10, 11) Ieu téh teu sual bangsana, sélérna, basana, asalna, sarta cara maranéhna digedékeun. Di sakuliah dunya, umat Yéhuwa enya-enya silih pikanyaah. Ku naon kanyaah téh penting pisan kiwari? Kumaha urang dikuatkeun ku kanyaah Yéhuwa jeung Yésus? Sarta kumaha carana némbongkeun kanyaah pikeun ngalilipur jeung nguatkeun batur?—1 Kor. 8:1.
KU NAON KANYAAH TÉH PENTING PISAN KIWARI?
3. Kumaha kaayaan jalma-jalma nu hirup di jaman nu ”loba kasukeran” ieu?
3 Urang hirup dina jaman nu ”loba kasukeran” ”bari ripuh seueur nu karasa”. (2 Tim. 3:1-5; Jab. 90:10) Loba jalma sakitu sangsarana nepi ka hayang nyerah. Unggal taun, aya leuwih ti 800.000 jalma nu maéhan manéh, hiji jalma unggal 40 detik. Hanjakalna, aya sababaraha dulur saiman urang nu nyerah tuluy maéhan manéh.
4. Saha waé tokoh Alkitab nu ngarasa hayang paéh?
4 Dina jaman Alkitab, sababaraha hamba Allah nu satia pernah ngarasa sakitu susahna nepi ka hayang paéh. Misalna Ayub, nu ngarasakeun kanyeri nu kacida, ngomong, ”Abdi pasrah, parantos bosen hirup.” (Ayub 7:16; 14:13) Yunus nu sakitu kuciwana ngomong ka Yéhuwa, ”Ayeuna mah cabut nyawa abdi, langkung sae maot ti batan hirup.” (Yun. 4:3) Nabi Élias nu pegat harepan ngomong, ”Parantos teu kiat, nun PANGERAN, mangga candak nyawa abdi.” (1 Rja. 19:4) Tapi, Yéhuwa mikanyaah maranéhna jeung hayang maranéhna hirup. Yéhuwa teu nyalahkeun maranéhna lantaran boga parasaan siga kitu. Tapi Mantenna ngabantu maranéhna sangkan sumanget deui hirupna, ku kituna bisa tetep satia ngawula Mantenna.
5. Ku naon ayeuna dulur-dulur saiman butuh pisan dipikanyaah ku urang?
5 Ayeuna, loba dulur saiman nyanghareupan kaayaan nu susah jeung butuh dipikanyaah ku urang. Aya nu diléléwé atawa dikaniaya. Aya ogé nu diganggu atawa digosipkeun di tempat gawéna. Atawa maranéhna lungsé lantaran kudu digawé sapoéan atawa strés ku lobana pagawéan. Nu séjén boga masalah kulawarga nu sérius. Bisa jadi batur hirupna teu saiman jeung terus ngiritik. Ku sabab kaayaan ieu jeung tangtangan séjénna, loba nu ngarasa geus teu kuat deui jeung ngarasa euweuh hargaan. Kumaha urang bisa ngabantu maranéhna?
KANYAAH YÉHUWA NGUATKEUN URANG
6. Kumaha kanyaah Yéhuwa nguatkeun hamba-hamba-Na?
6 Yéhuwa ngayakinkeun hamba-hamba-Na yén Mantenna nyaah ka maranéhna ayeuna jeung saterusna. Bayangkeun kumaha parasaan urang Israil waktu Yéhuwa nyarios, ”Maneh teh pupunden Kami, kakasih Kami, sarta ku Kami dibere kamulyaan,” sarta ”Ulah sieun, aya Kami!” (Yes. 43:4, 5) Urang apal yén Yéhuwa ngahargaan urang masing-masing. * (Tingali catetan handap.) Dina Alkitab, aya jangji, ”Maneh tangtu unggul ku pangawasa Mantenna. PANGERAN bakal mikaresep ka maneh.”—Sep. 3:16, 17.
7. Kumaha kanyaah Yéhuwa diibaratkeun saperti indung nu nyusuan orokna? (Tingali gambar dina awal artikel.)
7 Yéhuwa jangji bakal nguatkeun jeung ngalilipur hamba-hamba-Na, teu sual masalah naon nu keur disanghareupan ku maranéhna. Mantenna nyarios, ”Maraneh pijadieun saibarat orok, ku indungna disusuan, diaais, dipikadeudeuh . . . dihegar-hegar kawas budak anu dicombo-combo ku indungna.” (Yes. 66:12, 13) Bayangkeun orok nu ngarasa aman waktu diais atawa dipépéndé ku indungna. Yéhuwa nyaah pisan ka Sadérék jeung hoyong Sadérék ngarasa aman. Sing yakin yén Sadérék dihargaan pisan ku Yéhuwa.—Yer. 31:3.
8, 9. Kumaha kanyaah Yésus bisa nguatkeun urang?
8 Aya alesan séjén nu bisa ngayakinkeun yén Yéhuwa nyaah ka urang, ”Karana kacida mikaasihna Allah ka alam dunya, nepi ka masihkeun Putra tunggal-Na, supaya sakur anu percaya ka Anjeunna ulah binasa, tapi meunang hirup langgeng.” (Yoh. 3:16) Pangorbanan Yésus ngabuktikeun yén anjeunna ogé nyaah ka urang, jeung kanyaahna bakal nguatkeun urang. Ceuk Alkitab, teu aya ”kabalangsakan, atawa panganiayaan . . . anu bisa megatkeun kaasih [Kristus] ka urang”.—Rum 8:35, 38, 39.
9 Sakapeung, urang boga masalah nu matak capé kana awak jeung émosi. Urang jadi teu bungah deui ngawula Yéhuwa. Lamun inget yén Kristus 2 Korinta 5:14, 15.) Kanyaah Yésus bisa nyumangetan urang pikeun terus hirup jeung ngawula Yéhuwa. Éta ngabantu urang sangkan teu nyerah, sanajan ngalaman musibat, kaniaya, hal nu nguciwakeun, atawa rasa guligah.
nyaah pisan ka urang, urang bisa kuat pikeun terus tabah. (BacaDULUR SAIMAN BUTUH DIPIKANYAAH KU URANG
10, 11. Saha nu boga tanggung jawab pikeun nguatkeun sadérék nu leutik haté? Jelaskeun.
10 Yéhuwa nunjukkeun kanyaah-Na ku cara ngagunakeun sidang pikeun nguatkeun urang. Waktu urang mikanyaah dulur saiman, urang ngabuktikeun kanyaah urang ka Yéhuwa. Urang sabisa-bisa ngabantu dulur saiman ngarasa dihargaan jeung dipikanyaah ku Yéhuwa. (1 Yoh. 4:19-21) Rasul Paulus nulis, ”Heug sing terus cara ayeuna, silih tegeran, silih tulungan jeung batur.” (1 Tes. 5:11) Ieu lain ngan tugas kokolot. Urang kabéh bisa nyonto Yéhuwa jeung Yésus ku cara ngalilipur dulur saiman.—Baca Rum 15:1, 2.
11 Sababaraha sadérék nu keuna déprési bisa jadi butuh pangobatan jeung dokter. (Luk. 5:31) Kokolot jeung anggota sidang nyaho yén sanajan maranéhna lain dokter, bantuan jeung panglilipur maranéhna penting pisan. Kabéh bisa ’ngalilipur nu geus pegat pangharepan, negerkeun hatena, ngabelaan nu lemah, jeung sabar’. (1 Tes. 5:14, Sunda Formal [SF]) Urang kudu ngarti kana parasaan dulur-dulur urang jeung sabar. Omongan urang gé kudu ngalilipur ka nu leutik haté. Naha Sadérék osok nguatkeun batur? Naon deui nu bisa dilakukeun pikeun ngalilipur jeung ngagedékeun haté batur?
12. Caritakeun pangalaman saurang sadérék nu dikuatkeun ku kanyaah di sidangna.
12 Saurang sadérék istri di Eropa nyarita, ”Sakapeung abdi hayang maéhan manéh, tapi aya loba nu ngagedékeun haté abdi. Nu nyalametkeun abdi téh sidang. Dulur-dulur saiman nguatkeun jeung nunjukkeun kanyaah. Sanajan ngan saeutik nu apal yén abdi keur déprési, sidang teu weléh mantuan abdi. Aya pasangan salaki pamajikan nu jadi kolot rohani abdi. Maranéhna perhatian pisan ka abdi, siap ngabantu 24 jam sapoé.” Mémang, teu kabéh bisa ngabantu ku cara nu sarua. Tapi, aya loba nu bisa dilakukeun ku urang kabéh pikeun nguatkeun dulur-dulur urang. * (Tingali catetan handap.)
CARANA NGUATKEUN BATUR KU KANYAAH
13. Naon nu kudu dilakukeun ku urang pikeun ngalilipur batur?
13 Regepkeun carita batur. (Yak. 1:19) Urang némbongkeun kanyaah lamun rasrasan waktu ngadéngékeun carita batur. Ku cara nu bijaksana, Sadérék bisa méré pananya sangkan ngarti kumaha parasaanana. Buktikeun yén Sadérék téh bener-bener perhatian, témbongkeun éta dina raray Sadérék. Waktu manéhna keur nyarita, sing sabar, ulah motong caritana. Lamun éta dilakukeun, Sadérék bisa leuwih paham kana parasaanana, manéhna ogé bakal percaya ka Sadérék. Ku kituna, manéhna bisa leuwih ngadéngékeun omongan Sadérék waktu Sadérék rék ngabantu manéhna. Lamun Sadérék bener-bener nyaah ka batur, batur bakal kalilipur.
14. Ku naon urang ulah ngiritik batur?
14 Ulah ngiritik. Lamun urang ngiritik jalma nu keur déprési, urang kalah ka ngabeungbeurat parasaan manéhna. Ku kituna, urang jadi leuwih hésé pikeun mantuan manéhna. ”Omongan anu teu dipikir heula lir pedang nojos, jero ngaraheutanana. Demi omongan anu make akal budi mah jadi tamba.” (Sil. 12:18) Urang moal ngahaja nganyenyeri manéhna, tapi lamun omongan urang teu dipikir heula, urang bisa ngaraheutan haténa. Supaya manéhna gedé haté, kudu kaciri yén urang geus ngupayakeun ngarti kana kaayaan manéhna.—Mat. 7:12.
15. Naon nu bisa digunakeun pikeun ngalilipur batur?
15 Gunakeun Firman Allah pikeun ngalilipur batur. (Baca Rum 15:4, 5.) Alkitab téh asalna ti ”Allah anu iasa nabahkeun jeung ngalilipur hate urang”. Jadi, teu héran lamun dina Alkitab aya loba kekecapan nu ngalilipur haté. Urang gé boga Indeks Publikasi Menara Pengawal jeung Panduan Riset untuk Saksi-Saksi Yehuwa. Éta kabéh bisa ngabantu urang meunangkeun ayat atawa publikasi nu bisa ngalilipur jeung nguatkeun dulur-dulur saiman.
16. Sipat naon nu bisa ngabantu urang nguatkeun jalma nu keur déprési?
2 Korinta 1:3-6; Luk. 1:78; Rum 15:13) Paulus jadi conto nu alus keur urang lantaran manéhna nyonto Yéhuwa. Manéhna nulis, ”Sim kuring sakitu darehdehna ka aranjeun, mani kawas indung rumawat ka anak. Ku nyaah-nyaahna ka aranjeun, sumawonna eta Injil Kasalametan, nyawa oge moal dikoretkeun. Nepi ka kitu kanyaah ka aranjeun teh!” (1 Tes. 2:7, 8) Waktu urang lemah lembut saperti Yéhuwa, bisa waé urang jadi jawaban doa dulur-dulur urang nu hayang dililipur!
16 Sing lemah lembut. Yéhuwa téh ”Rama anu maha welas, sarta anu maparin kategeran hate”. Mantenna gé boga ”sipat welas sipat kurnia”. (Baca17. Sangkan bisa nguatkeun dulur saiman, urang kudu boga pandangan naon?
17 Ulah ngarepkeun kasampurnaan. Sing asup akal. Lamun ngarepkeun kasampurnaan ti dulur saiman, urang bakal kuciwa. (Pan. 7:21, 22) Sing inget yén Yéhuwa téh asup akal ka urang. Jadi, urang kudu sabar ka batur. (Epe. 4:2, 32) Urang moal nyababkeun dulur saiman ngarasa yén upaya maranéhna téh kurang. Urang gé moal ngabanding-bandingkeun maranéhna jeung batur, tapi muji hal-hal hadé nu geus dilampahkeun ku maranéhna. Ku kituna, maranéhna bisa bungah ngawula Yéhuwa.—Gal. 6:4.
18. Ku naon urang hayang nguatkeun batur?
18 Unggal hamba Yéhuwa dihargaan ku Mantenna jeung Yésus. (Gal. 2:20) Urang nyaah pisan ka dulur-dulur saiman, jadi urang kudu lemah lembut ka maranéhna. ”Anu kudu dijieun tujuan teh salilana kudu hal-hal anu matak pirukuneun jeung anu baris bisa dipake silih tunjang pada batur.” (Rum 14:19) Urang ngadago-dago pikeun hirup di Pirdaus, di dinya moal aya deui nu leutik haté! Di Pirdaus gé moal aya panyakit jeung perang. Jalma-jalma moal maot lantaran dosa sarta moal aya nu dikaniaya, nyanghareupan masalah kulawarga, atawa ngarasa kuciwa. Dina ahir sarébu taun, kabéh manusa bakal jadi sampurna. Kabéh nu tetep satia di ujian panungtungan bakal diaku jadi putra Allah di bumi jeung narima ”kamerdikaan kamulyaanana putra-putra Allah”. (Rum 8:21, SF) Mugia urang némbongkeun kanyaah ku cara silih kuatkeun jeung silih tulungan sangkan urang kabéh bisa asup ka dunya anyar Allah nu éndah.
^ par. 6 Tingali pasal 24 buku Mendekatlah kepada Yehuwa.
^ par. 12 Pikeun ngabantu jalma nu hayang maéhan manéh, tingali artikel Sedarlah! ”Buat Apa Hidup?—Tiga Alasan untuk Terus Hidup” (April 2014); ”Bila Anda Merasa Seperti Tidak Mau Hidup Lagi” (Januari 2012); jeung ”Kehidupan Memang Berharga” (22 Oktober 2001).